Anda di halaman 1dari 5

DRAMA BAHASA SUNDA

NINI GUMEULIS

KELOMPOK 1
KELAS : IX – B
Anggota :
1. Andini Maharani sebagai Nini Gumeulis
2. M. Tsani F sebagai Asep
3. Akbar Syaibi sebagai Usep
4. Fahira Alya sebagai Victoria
5. Dini Meilani sebagai Gloria
6. Ananda Chelsea sebagai Gameta
7. Linda Apriliani sebagai Narator dan Ceu Ikoh
8. Akmal Putra sebagai Tukang Sayur dan Budak 1
9. M. Fauzan S sebagai Pak RT dan Budak 2
10. Dadan R sebagai Tukang Kredit dan Budak 3

PEMERINTAH KABUPATEN CIAMIS


DINAS PENDIDIKAN
SMP NEGERI 1 CIAMIS

11. Jl. Jendral Sudirman No.6 Telp/Fax (0265)771078 Ciamis 46211


12. Website : www.smpn1ciamis.sch.id Email : nesacis46@gmail.com
“NINI GUMEULIS” kacaritakeun di kampung Bojong, hirup dua jajaka yatim piatu nu ta'at
kana agama. Warga Kampung Bojong resep tur percaya pisan ka Asep sareng Usep, eta
ngaran maranehna.
Mung dasar jelema, aya wae anu resep jeung nu teu resep. Saha nu teu resep ka Asep
sareng Usep? Nu teu resepeun ka maranehna nyaeta kulawarga Nini Gumeulis. Nini
Gumeulis teh ngagaduhan 3 Murangkalih, nu sakabehna awewe , ngaran-ngaranna teh nyaeta
Gloria, Gameta, Victoria maranehna hobi hura-hura, teu resep ibadah, tur sedil ka jelema nu
ta'at agama...
Ba'da Ashar Asep sareng Usep nuju ngaos Al - Qur'an .......... (ngaos bari sila)
Ari Nini Gumeulis jeung Budak-budakna keur dugem di Saung Rangon di gigireun imah
Asep Usep
......... (joged lagu disco)..........
Gloria (Dini): "Ih, Kenapa ieu teh tiba-tiba gerah pisan? hurungkeun atuh AG na!"
Gameta (Chelsea): "Hellooo, AG? AC Keles.... AG mah Angin Gelebug cyinn... "
Victoria (Fahira): "Kumaha atuh make AG mah bisi asup angin?"
Gloria (Dini): "Muhun atuh Mih,Iraha bade meser Ac Teh?"
Nini (Andini): "Cing sabar anaking, Keun engke Mamih ek meuli AC nu sagede panto,
ngarah maraneh teu hareudang bayongyang, Galau tingkat nasional.... "
....... (Kakuping Sora nu Ngaos)
Gloria (Dini): "Aduh Mamih eta sora naon?"
Nini (Andini): " Gehel pisan, eta sora saha ngaganggu wae? hayu urang ontrog!"
...... (Arindit Ka imah Asep sareng Usep nu jarak na teu jauh ti tempat dugem nini gumeulis
sakulawarga)
..... (Panto di gedor)
Asep (Tsani): " Eta saha nya Us gegedor kitu?"
Usep (Akbar): " Duka atuh A, meni garandeng kitu, sanes Assalamualaikum kituh"
Asep (Tsani): "Cik buka heula ku Usep! Aa mah pameng sakedik deui ngaos na"
Usep (Akbar): " Muhun A!"
..... (Indit Muka Panto,Usep Ngajenghok)
Gameta (Chelsea): " Heh ari maraneh keur naraon? meni garandeng pisan. Pan Gue keur
dugem Happy-Happy , ganggu wae"
Usep (Akbar): " Eh saha nu garandeng? Pan Usep sareng Aa nuju ngaos"
Victoria (Fahira): "Maneh garandeng ngaganggu wae."
Nini (Andini): " Maneh geus ngaganggu kana kasenengan anak kuring"
Usep (Akbar): " Usep mah teu ngaganggu da!"
Gloria (Dini) : "Ges jelas maneh teh Ngaganggu arurang keur dugeman."
Victoria (Fahira): " Maneh hayang di tampiling ku urang?"
…..(Tuluy datang tukang sayur)
Tukang sayur(Akmal):”Yur…sayur..bu barade sayur?
....(Ceu Ikoh Ngageroan tukang sayur)
Ceu Ikoh(Linda): "Kang, sayur kang!"
Tukang Sayur (Akmal): "Bade Meser naon ceu?"
Ceu Ikoh (Linda): "Aya kangkung kang?"
Tukang Sayur (Akmal): "Aya ieu ceu ngan nu kamari wios?"
Nini (Andini): "Ieu deuih tukang sayur ngaganggu wae."
Tukang Sayur (Akmal): "Da kuring mah keur dagang ni."
Nini (Andini): "Teu nyaho ieu teh keur naon? Cik Ulah didieu atuh dagang teh!"
....(Leos Mangkat tukang sayur jeung Ceu ikoh teh)
Asep (Tsani): " Aya naon ieu teh meni raribut jiga di pasar? Nyantai atuh jiga di pantai"
Nini (Andini): " Eh maraneh nyaho teu ? Ti baheula oge kuring, nini gumeulis nu cantik
camperenik ciga manik-manik dina keramik tungtungna ke cekik, teu resep ka maraneh
duaan teh sok pipilueun urusan batur..Ih kepo deh"
Asep (Tsani): " Ti baheula oge Asep mah...."
......(Pekteh aya nu datang kadinya, nyaeta dulur na si Asep).......
Nini (Andini): "Ieu barudak keur naraon didieu, ngaganggu wae nu keur battle."
Usep (Akbar): "Eleuh eta bahasa mana kawas nu ngarti wae."
Asep (Tsani): "Lah Aa ge apal atuh betel mah, Nu sok dipake nginum."
Usep (Akbar): "Botol atuh eta mah, Ulah sok ngengera wae atuh A."
Budak 1: "Atuh Botolmah nu tas dicoco ku reungit."
Kabeh: "Bentol atuh etamah!!"
Budak2: "Bentol mah atuh permen."
Kabeh: "Mentol Atuh etamah."
Budak3: "Mentol mah atuh Ball Bekles sok mentol."
Kabeh: " Mantul etamah."
Nini: "Geus Barudakmah kadaritu ieu mah urusan kolot."
..... (Aya Nu Datang Kadinya, nyaeta tukang kredit nu rek nagih storan ka si nini)...
Tukang Kredit (Dadan): "Punttteennn!!."
.... (Nini Reuwas)
Tukang Kredit (Dadan): "Aeh nini kamana wae,tatadi dipilari paingan teu aya wae,pek teh
didieu."
Nini (Andini): "Aya naon nya mang?"
Tukang Kredit (Dadan): "Aeh nini piraku hilap ieu setoreun seeur kieu,bade iraha atuh?"
.... (Nini Api Api Ngodok Pesak)
Tukang Kredit (Dadan): "Wahhh Nini bade nyetoran eumm."
Nini (Andini): "Aduhhh,Hilap loketna teu dicandak dibumi mang."
Asep (Tsani): "Lahhh wadul mang si Nini mah."
Nini (Andini): "Cicing maneh ulah ikut campur."
Asep (Tsani): "Sanes ikut campur, da kanyataanna kitu."
Nini (Andini): "Mang hapunten teu tiasa nyetoran ayeuna."
.....(Tukang kredit Emosi Ngagebrag meja)
Usep (Akbar): "Ehh mang kalem tong emosi didieu."
Tukang Kredit (Dadan): "Hapunten jang mamang teu tiasa nahan emosi, Nini Awas mun
enjing pageto teu mayar, Deleh we."
.....(Nini Nunduk Bari Ngajawab)
Nini (Andini): "Muhun mang."
....(Leoss tukang kredit teh indit)

....(Teu lila Pak RT datang)


Pak RT (Fauzan): "Aya naon ieu teh meuni kadangu ka bumi?"
Nini (Andini): "Tah pak si Asep jeung si usep ngaganggu kasenengan anak anak kuring wae."
Pak RT (Fauzan): "Kasenengan naon atuh ni?"
Nini gumelis (Andini): "Ieu anak anak kuring keur ngadugem diganggu wae ku gandengna."
Asep (Tsani): "Pak da abi sareng Usep teh nembe nuju Ngaos,Sanes ngagandengan."
Victoria (Fahira):”Kieu we atuh ayeuna mah,hayu urang di adu”
Asep(Tsani):”Hayu..Kumaha lamun diadu pantun?
Sadayana:”Satuju”
Usep(Akbar):”Sok dimimitian ku usep”
Dahar apem poe salasa
Ulah dugem eta teh dosa”
Gloria(Dini): “Makan apem 50 kilo
Kami dugem masalah buat loo??”
Usep(Akbar):”Atuh ku basa sunda pantuna, bahasa urang sarerea”
Nini(Andini):”Nya bebas atuh dek bahasa naon ge!”
Usep(Akbar):”Janten Nini eleh atuh...”
Nini(Andini):”Eit can eleh atuh. Siap siap yeuh nini geus les beladiri”
Asep(Tsani):”Eh kan tos satuju dek pantun wae”
.....(Usep siap-siap)

Anda mungkin juga menyukai