Anda di halaman 1dari 4

NASKAH DONGENG

SULING SAKADANG KUYA

INRI SAFITRI
SULING SAKADANG KUYA
INRI SAFITRI

Kacaritakeun di hiji leuweung aya sakadang kuya ngabogaan hiji suling anu kacida hadean.
Sakadang kuya kacida banggana miboga eta suling, beurang peuting kumaranehna teu weleh
ditiup, tah kieu sorana.
“Suling aing tulang maung ditroktrokan ku caladi diliangan kubangbara torotot heong, torotot
heong”. Kitu jeung kitu we pagawean sakadang kuya teh.
“Suling aing tulang maung ditroktrokan ku caladi diliangan kubangbara torotot heong, torotot
heong”. Keur anteng sakadang kuya niup suling torojol datang sakadang monyet. Bari pinuh
panasaran nanya sakadang kuya “Sakadang kuya keur naon maneh, eta sora suling meuni
hade kitu meunang timana euy?”.
“Puguh we hade mah pan ieu teh suling pamere sakadang bangbara”
“Coba atuh sadakeun kuring haying ngadenge deui”
“Tah kieu yeuh “Suling aing tulang maung ditroktrokan ku caladi diliangan kubangbara
torotot heong, torotot heong”.
“Sakadang kuya meunang teu kuring nginjeum sakeudeung weh!”
“Entong ah maneh mah sok tara dipulangkeun!”
“Moal sakadang kuya swearrr lahh, pasti dipulangkeun sakeudeung we”
“Heug wae sakeudeung mah asal pulangkeunnya!”
Tuluy kusakadang monyet ditiup bari igel-igelan
“Suling aing tulang maung ditroktokan ku caladi diliangan kubangbara torotot heong, torotot
heong”. Teu lila gajleng sakadang monyet naek kana tangkal kai bari mawa eta suling.
Ninggali kitu sakadang kuya ngahuleng we. Teu lila hing we ceurik.
Keur kitu datang sakadang bangbara bari nanya ka sakadang kuya
“Sakadang kuya kunaon maneh ceurik?”
“Sakadang bangbara suling timaneh tea dipaok ku sakadang monyet, dibawa ka tangkal kai
hu…hu…hu”.
“Tenanglah sakadang kuya, keun urang warah eta sakadang monyet teh.”
Dina tangkal kai, monyet keur anteng niup suling bari igel-igelan, manehna teu nyahoeun aya
sakadang bangbara keur nungguan bongohna sakadang monyet. Sakadang monyet terus we
niup suling.
“Suling aing tulang maung ditroktrokan ku caladi diliangan ku bangbara torotot heong,
torotot heong”.
Teu antaparah deuh sakadang bangbara geleubeur cleb panon sakadang monyet di seureud ku
sakadang bangbara.
“Aduh…aduh…nyeuri…nyeuriiii.” Panon monyet getihan. Bluk weh murag sulingna gep
disanggap ku sakadang bangbara.
Tuluy dibikeun ka sakadang kuya, kacida nganuhunkeuna sakadang kuya teh.
“Nuhun sakadang bangbara suling kuring geus balik deui”.
“Heug tah tiup eta suling.”
Tuluy suling teh ditiup ku sakadang kura bari igel-igelan “Suling aing tulang maung
ditroktrokan ku caladi diliangan kubangbara torotot heong, torotot heong”.
Tah dulur-dulur mantak oge mun nginjeum barang batur kudu dipulangkeun, ulah sok puak-
paok.
Mung sakitu dongeng ti simkuring. Hatur nuhun

Wassalamualaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai