Anda di halaman 1dari 1

SASAKALA BATU KINYANG CIMERANG

Kapungkur, di Sukabumi aya hiji nagara alit, katelahna Nagara Geger Witung. Ieu Negara kalebet kana wilayah
Kakawasaan Karajaan Pajajaran Waktos Pajajaran digempur musuh, Geger witung ge sami di gempur, nyaeta
ku musuh-musuhna Pajajaran ti palih wetan. Karaton geger witung diburak-barik musuh. Raja katut
kulawargina perlaya. Nu salamet ngen saurang nyaeta Putri Laras Pandan Layung. Kitu soteh pedah we teu nuju
di karaton, anjeunnan nuju ngayonan musuh di alun-alun palih kulon.

Putri Laras Pandan Layung kalintung sedihna, barang uninga yen sepuh katut rayi-rakana tos peralaya. Nagara
karebut musuh. Anjeunna angkat sakaparan-paran nebihan nagara nu di pikacinta. Nyi Putri angkat ka palih
kidul mapay-mapay jalan satapak seja nyumput kanu aman. Dugi kanu lengkob, bluk nyuuh kana tungul, segruk
ahinghak-inghakan, bingung pilampaheun mangkaning di tengah leuweung.

Keur dirungrum kabingung, ngong aya sora:

“Nyi Putri, tong bingung, ayeuna mah geura pilari patapaan Ki Resi Girang Madenda di curug Cimerang nya di
dinya Nyi Putri bakal jadi pangeling-eling balarea, seug geura papay”.

Saenggeus rada leler, bral Nyi Putri miang mapay-mapay alas, nya hiji mangsa Nyi Putri mendakan wahangan
alit tur deet. Caina herang seueur beunteuran. Wahangan dipapay. Akhirna dugi ka hiji curug lebah nu datar
aya saung alit, samar-samar di lebetna katinggal aya nu sila. Hiji Aki-aki ngangge iket, janggotna panjang bodas,
payuneunana aya parukuyan mani ngelun. Nyi Putri nyaketan eta saung. Saatos di piwarang lebet ku si Aki, sup
kalebet, gek calik papayun-payun sareng si Aki. Ku si Aki Nyi Putri di talek.

Saatos Nyi Putri yakin yen eta teh Ki Resi Girang Madenda, atuh Derekdek Nyi Putri nyarioskeun lalakona di
barung ku cisoca ngalembereh teu kaampeuh bakating sedih. Nyi Putri ku Eyang Resi dilelemu,
dibangbalerkeun sarta di pasihan wejangan. Cenah Nyi Putri kedah tatapa dina batu namprak, nu mucunghul
lebah cai ngajumbleng handapeun Curug Cimerang

Akhirna Nyi Putri tatapa, kitu deui Eyang Resi mung anjeuna mah tatapa di saung. Nyi Putri keyeng tatapa,
anjeunna palay dipapag mulang ka sajatining sampurna. Panceg satuan, salira Nyi Putri leungit tanpa lebih ilang
tanpa raratan, dibareung ku dalinding wawangi nyambung di sabudeureun curug. Diluhureun batu tempat
tatapa, benten jimat karajaan milik Nyi Putri ngalumpruk.

Mangsa simana waruga Nyi Putri, Curug Cimerang ngadak-ngadak ngagulidag umpal-umpalan.

Resi Gilang lugay kageureuwahkeun tatapana. Saur Ki Resi:

Geus cunduk, nutug wukuna geus mekas ninggang ruasna Putri Pandan Layung papantunan batu kinyang
baranahan. Cimerang ngadeg babakan malipir di bumi suci ngaheular di buana padang nangtayungan nu ngala
batu, ngaraksa nu ngalah batu permata nu rapang sahunjar Cimerang.

Rengse sasauran kitu les, sang Resi ngiles nu aya saung patilasan tatapa.

Saurna permata kinyang tina tina benten tea baranahan, janten batu harerang. Pabalatak tur singsarelap di
sabudeuran walungan Cimerang. Eta batu-batu teh tiasa dijantenkeun rupi-rupi hiasan, sapertos batu asli
sareng gagantel.

Kadieunakeun, ngadeg lembur ageung nyaeta Lembur Cimerang pernahna nyaeta di antara Sukabumi sareng
Sagaranten, masyarakatna seueur nu mibanda pakasaban ngolah permata-permata Batu Kinyang Cimerang.

Anda mungkin juga menyukai