Anda di halaman 1dari 13

Disusun Oleh :

1. ILAH JAMILAH
2. AMELIA
3. NURUL NUR AROFAH
4. NUR AMELIA
5. SYEHAN
6. DINA

Kelas X AP-8

SMK MODEL PATRIOT IV CIAWIGEBANG


Jalan Raya Sidaraja – Ciomas – Ciawigebang – Kuningan 45591
2017

1
PANGJAJAP

Puji sareng syukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Alloh SWT lantaran barkat rahmat-
Na simkuring saparakanca tiasa ngabereskeun ieu karya ilmiah kanggo nuntaskeun pancen ti
Bapa/Ibu Guru anu judulna “ DONGENG”.
Sholawat sareng salam mugi-mugi salamina kacurah limpahkeun ka jungjunan alam nyatana
Nabi Muhammad SAW, teu hilap ka kulawargina sareng ka shahabatna sareng mudah-
mudahan dugi ka urang sadayana.
Medalna ieu makalah dipiharep tiasa ngadeudeul lumangsungna proses di ajar Basa
Sunda hususna di SMK Patriot. Eusi ieu makalah museur kana tujuan supaya mikaweruh
dongeng sunda di tatar sunda anu mangrupakeun kabudayaan luhung urang sunda.
Pangajaran Basa Sunda dumasar kurikulum nu ayeuna langkung nyoko kana aktivitas
murid. Murid dipiharep mampuh jeung nganyahokeun sarta satuluyna bisa ngadongengkeun
dongeng sunda.
Pamungkas, mugia ieu makalah aya mangpaatna kanggo urang husus kanggo sim
kuring saparakanca
umumna kanggo sadayana anu maca ieu makalah. Oge tangtos wae dina ieu makalah masih
seueur keneh kakiranganana, kuayana kitu mugi ulah kirang-kirang ngahapunten.

Kuningan,… Agustus 2017


Penyusun

Kelompok

2
DAFTAR EUSI

PANGJAJAP ………………………………………………………………… i
DAFTAR EUSI ……………………………………………………………… ii
BAB I BUBUKA………………………………………………………… 1
A. Kasang Tukang…………………………………………………… 1
B. Rumusan Masalah………………………………………………... 1
C. Tujuan…………………………………………………………….. 1
BAB II PEDARAN……………………………………………………….. 2
A. Sajarah Kamekaran jeung Sumebarna Dongéng…………………. 2
B. Wangenan Dongéng……………………………………………… 2
C. Unsur-unsur Dongéng……………………………………………. 2
D. Ciri-ciri Dongéng………………………………………………… 3
E. Pungsi Dongéng…………………………………………………. 3
F. Papasingan Dongéng…………………………………………….. 4
G. Tekhnik-tekhnik Ngadongéng…………………………………… 6
H. Conto Dongeng………………………………………………….. 7
BAB III PANUTUP……………………………………………………….. 9
A. Kacindekan………………………………………………………. 9
B. Saran ……………………………………………………………. 9
Daftar Pustaka……………………………………………………………….. 10

BAB I
BUBUKA

A.    Kasang Tukang
Sastra Sunda mangrupa salah sahiji kakayaan budaya Sunda. Sastra sunda teh kacida pisan
lobana, diantarana nyaeta dongeng. Dongeng nyaeta carita anu teu asup akal jeung teu bener-
bener kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian - kajadian zaman baheula. Tapi mun
ningali kaayaaan zaman ayeuna mah barudak teh, khususna anu cicing di Tatar Sunda loba

3
anu teu wanoh- wanoh acan kana dongeng. Kukituna urang salaku kaom muda anu gelar
jeung cicing di Tatar Sunda boga kawajiban ngawanohkeun tur ngajak barudak sangkan resep
kana Sastra Sunda utamana kana dongeng.
Dongeng teh loba pisan rupana diantarana aya fabel, parable, legenda, mite, sage, pamuk
jeung dongeng pieunteungeun.

B.      Rumusan Masalah
Dina makalah ieu, bade dipedarkeun ngeunaan :
a. Kumaha sajarah jeung kamekaran dongeng ?
b. Naon anu dimaksud dongeng ?
c. Naon wae unsur-unsur dongeng ?
d. Naon wae ciri-ciri dongeng ?
e. Naon fungsi dongeng ?
f. Naon wae papasingan dongeng ?

C.     Tujuan
Tujuan anu dipikaharep bisa dihontal umumna nyaeta pikeun bisa ngeuyeuban pamikiran,
pangaweruh kanu maca, utamana kanu teu wanoh kana karya sastra sunda (dongeng). Aya
oge tujuan hususna nyaeta :
a. Mikawanoh tur maham kana sajarah jeung kamekaran dongeng
b. Mikawanoh tur maham kana wangenan dongeng
c. Mikawanoh tur maham kana unsur-unsur dongeng
d. Mikawanoh tur maham kana ciri-ciri dongeng
e. Mikawanoh tur maham kana fungsi dongeng
f. Mikawanoh tur maham kana conto dongeng
BAB II
PEDARAN

A. Sajarah Kamekaran jeung Sumebarna Dongéng

Gelarna satra lisan di tatar Sunda kira-kira dina zaman buhun anu dicirian ku ayana
pangaruh Hindu. Dina ieu zaman, sastra anu aya, teu kapanggih ngaran pangarangna
(anonim). Teu kawas pantun,  carita-carita mithologia, pabél-pabél, jangjawokan,
asihan, jampé-jampé, kawih, jeung saterusna. Tétéla pisan satra lisan leuwih ti heula ayana
4
tibatan sastra tulis. Sastra tulis aya sanggeus urang Sunda wawuh kana tradisi tulis. Ku
sabab téknologi ayeuna beuki maju, loba dongéng anu dimuat dina majalah jeung surat
kabar. 

B. Wangenan Dongéng

Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian. Dongéng biasana
sok nyaritakeun kajadian - kajadian jaman baheula.
Numutkeun kamus, dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu
kajadian saenyana. Dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur
ukuranana parondok (Budi Rahayu Tamsah).  Dongéng téh mimiti gelarna mangrupa wangun
lisan, nu nyebar ti hiji jalma ka jalma lianna, tur teu kapanggih saha nu ngarangna atawa
anonim.  Lantaran  nyebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit. 
  Dongéng mangrupa salah sahiji golongan carita dina wangun  prosa.   Nilik  kana
wandana jeung patempatana, dongéng biasana sok ngambarkeun kaayaan baheula. Tokoh-
tokoh  dina   dongéng  henteu  manusa  wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk
séjénna. Bisa oge nyaritakeun tempat.

C. Unsur-unsur Dongéng

1. Téma, nyaéta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji
carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca
atawa ngadéngékeun dongéng.
2. Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu
sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita. Galur dihartikeun
runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka
pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya éta galur merélé, galur
mabok tengah, jeung galur campuran. 
3. Tokoh carita atawa palaku nyaéta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.
4. Latar (setting), nyaéta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng. 
5. Amanat, nyaéta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca. Umumna amanat
dina dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa
ngadéngékeun hiji carita nu sagemblengna. 

5
D. Ciri-ciri Dongéng

1. Caritana pondok,  lanjeuran carita dina dongéng biasana basajan jeung pondok. Ari nu
jadi alesanana nyaéta carita dongéng osok didongéngkeun ka barudak, nu tangtuna
waé kamampuh nangkep basa jeung caritana kawatesanan. 
2. Aya bagian anu pamohalan. 
3. Asup kana wangun lancaran jeung ugeran. 
4. Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna. 
5. Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan, protés sosial,
atawa kahayang nu di sidem. Sanajan dongéng ditepikeuna sacara malibir tapi miboga
atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun.
6. Sipatna pralogis, nya éta mibanda logika anu béda jeung logika umum. 
7. Sipatna tradisional, nya éta sumebarna turun-tumurun.
8. Pola ngadongéng sok angger.

E. Pungsi Dongéng

Kalungguhan dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh
tradisi. Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan.
Pungsi dongéng ti jaman ka jaman robah. Dina jaman masarakat buhun, dongéng téh henteu
bisa dipisahkeun tina asal-usul upacara-upacara ritual manusa nu nurutkeun kana
kapercayaan. Dongéng sok dihartikeun alat pikeun ngabobodo budak céngéng. Tapi mun
seug dipaluruh leuwih jero, kalungguhan dongéng téh lain wates keur ngabobodo budak
céngéng hungkul, tapi ngabogaan tujuan séjén lamun nu ditétélakeun ieu di handap:

1. Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan.


2. Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki.
3. Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat.
4. Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh kaayaan alamna boh
kaayaan tali parantina.
5. Ngarah anak incu urang manggih luang tina pangawéan karuhun pikeun bekel
hirupna.
6. Ngarah pagawéan beurat karasa leuwih hampang.

6
Dumasar kana hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Bambang Sudarmoyo dina taun 1975,
yén dongéng mampuh ngaronjatkeun Intelegence Question (I.Q) budak. Budak kakeunaan
ku Virus Ach (need for Achievement) nyaéta virus nu ngamotipasi budak sangkan miboga
cara mikir jeung paripolah anu leuwih épisién pikeun ngahontal hasil nu leuwih alus ti
saméméhna tur salawasna bisa ngahontal préstasi kalayan optimal. Panalungtikan séjén nu
ngébréhkeun yén dongéng bisa méré kani'matan, kasugemaan batin jeung ngaronjatkeun
kacerdasan pikeun nu macana. Éta hal dibuktikeun ku panalungtikan di Amérika, anu
nétélakeun yén barudak turunan Asia di Amérika leuwih cerdas tibatan barudak turunan
urang Amérika, sabab warga Asia nu cicing di Amérika teu ninggalkeun tradisi karuhunna,
utamana macakeun dongéng-dongéng ngeunaan karuhun ka budakna.

F. Papasingan Dongéng

1. Dongéng Sasatoan (Fabél)
Dongéng Fabél nyaéta dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa
atikan budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi manusa, tapi
diperankeun ku sato. Ilaharna dongéng sato (Fabél) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna
kawas manusa, upama baé bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung
pikiran.  Dongéng sato biasana watek palakuna geus dipola. Contona  carita Sakadang
Kuya jeung Sakadang Monyet.
Dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet téh mangrupa dongéng sasatoan asli ti
Sunda. Bénteun jeung dongéng anu palakuna sato séjén. Contona dongéng Sakadang
Peucang, hirupna dina sastra téh mangrupa pangaruh ti sastra Jawa.

2. Dongéng Babad (sage)


Dongéng Sagé nyaéta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kajadian atawa jelema
anu ngandung unsur sajarah. Sagé mangrupa carita peperangan di jaman baheula, umumna
nyaritakeun tokoh nu légendaris sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa
lalampahan nu pikaseurieun. Contona Prabu Siliwangi, Dipati Ukur, Séh Abdul Muhyi,jrrd.
3. Dongéng Kahirupan Jalma Biasa (Parabél)
Dongéng Parabél nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap
mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan. Conto anu
7
pangsohorna dina sastra Sunda nya éta dongéng-dongéng Si Kabayan. Lian ti éta, aya ogé
dongéng saduran tina sastra deungeun, upamana dongéng Abu Nawas, Nasarudin, Si
Congcorang,jjrd.
4. Dongéng Mite
Dongéng mité nya éta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap karamat
ku masarakat.  Umumna dongéng mite téh raket patalina jeung  kepercayaan masarakat kana
alam gaib. Carita dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung
ayana nu maot. Aya ogé mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun
topografi, jeung tanda-tanda alam. saperti sangu, jagong,jsté. Contona : Dongeng Dewi
Sri, Dongéng Nyi Roro Kidul, Dongéng Munjung, Dongéng Maung Kajajadén,
jeung Dongéng Ngipri.
5. Dongéng Pieunteungan
Dongéng Pieunteungeun nyaéta dongéng anu eusina mangrupa tauladan
pikeun kahirupan manusa. Bisa dongéng jalma biasa atawa sasatoan. Contona Cikaracak
Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok.
6. Dongéng Pamuk
Dongéng pamuk nya éta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma tur
biasana aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Conto carita pamuk
di wewengkon Sunda bisa ditingali dina carita ''Prabu Siliwangi'', Prabu Siliwangi nya éta
tokoh anu kaitung sakral di daérah Jawa Barat. Sakumaha nu dipikawanoh, Prabu Siliwangi
téh nya éta hiji raja nu pernah maréntah wewengkon Pasundan.
7. Dongéng Légénda
Dongéng légénda nyaéta dongéng anu nyaritakeun asal-usul hiji tempat, barang, sasatoan,
atawa tutuwuhan. Dongéng sasakala mangrupa golongan carita anu geus turun tumurun, anu
geus jadi milik sagolongan masarakat. Palaku utama dina legenda jalma biasa. 
Papasingan Legenda :
1. Legenda Agama nyaéta legenda jalma-jalam suci saperti para wali agama
islam. Legenda nu geus dikumpulkeun diantarana:Syéh Siti Jenar di Muka Pengdilan
Agama, Sunan Geseng, Syéh Abdul Muhyi, Ki Pandan Arang dari Tembayat, jste.
2. Legenda Alam gaib nya éta carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma ngeunan
mhluk-mahluk nu gaib.
3. Legenda tokah jalma nya éta carita ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu dianggap kungsi
aya kajadianana.

8
4. Legenda tempat atawa legenda wewengkon nya éta carita anu aya patalina jeung hiji
tempat, ngaran wewengkon sarta wangun topografi, upamana ayana gunung, pasir-
pasir, jurang, jsb. Contona nyaeta saperti Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ
Patenggang, Sasakala Maribaya. 

G. Tekhnik-tekhnik Ngadongéng

1) Maca langsung tina buku


2) Tekhnik ieu anu paling éféktif lamun guru ngabogaan buku dongéng anu
pikareseupeun nu cocok di bacakeun ka murid. Cirining yén dongéng bisa dipahami
ku barudak nyaéta pesen nu didugikeun bisa diserep tur paham yén kalakuan dina
dongéng téh bener atawa salah.
3) Ngadongéng ngagunakeun ilustrasi tina gambar
4) Teknhik ieu éféktif lamun dongéng anu didugikeun dibarengan ku ilustrasi gambar
tina buku anu pikaresepeun budak. Nyaritakeun dongéng maké ilustrasi gambar téh,
maksudna pikeun ngajelaskeun pesen-pesen anu aya dina caritaan.
5) Nyaritakeun dongéng sacara langsung
6) Tekhnik ieu éféktif digunakeun lamun guru nyadiakeun dongéng anu bisa narik
karesep siswa. Teknik ieu mangrupakeun teknik anu paling simpel, sabab teu
mikabutuh kana média anu séjénna.
7) Ngadogéng ngagunakeun papan flannel
8) Cara ngajieun papan flannel nyaéta ku cara ngalapisan papan ku kaén flannel nu
warnana netral, terus gambar tokoh-tokoh anu ngawakilan watak dina dongéng éta
digunting polana dina kertas, terus ditémpelkeun dina papan éta.
9) Ngadongéng ngagunakeun bonéka
10) Biasana métode ieu mah disesuaikeun jeung umur sarta pangalaman barudak, biasana
barudak bakal resep pisan lamun dongéng dibacakeun bari make bonéka.
H. Conto Dongeng Legenda

Asal Usul Gunung Tangkuban Perahu


Di Jawa Barat tepatnya di Kabupaten Bandung terdapat sebuah tempat rekreasi yang sangat
indah yaitu Gunung Tangkuban Perahu. Tangkuban Perahu artinya adalah perahu yang
terbalik. Diberi nama seperti karena bentuknya memang menyerupai perahu yang terbalik.

9
Konon menurut cerita rakyat parahyangan gunung itu memang merupakan perahu yang
terbalik. Berikut ini ceritanya.
Beribu-ribu tahun yang lalu, tanah Parahyangan dipimpin oleh seorang raja dan seorang ratu
yang hanya mempunyai seorang putri. Putri itu bernama Dayang Sumbi. Dia sangat cantik
dan cerdas, sayangnya dia sangat manja. Pada suatu hari saat sedang menenun di beranda
istana, Dayang Sumbi merasa lemas dan pusing. Dia menjatuhkan pintalan benangnya ke
lantai berkali-kali. Saat pintalannya jatuh untuk kesekian kalinya Dayang Sumbi menjadi
marah lalu bersumpah, dia akan menikahi siapapun yang mau mengambilkan pintalannya itu.
Tepat setelah kata-kata sumpah itu diucapkan, datang seekor anjing sakti yang bernama
Tumang dan menyerahkan pintalan itu ke tangan Dayang Sumbi. Maka mau tak mau, sesuai
dengan sumpahnya, Dayang Sumbi harus menikahi Anjing tersebut.
Dayang Sumbi dan Tumang hidup berbahagia hingga mereka dikaruniai seorang anak yang
berupa anak manusia tapi memiliki kekuatan sakti seperti ayahnya. Anak ini diberi nama
Sangkuriang. Dalam masa pertumbuhannya, Sangkuring se lalu ditemani bermain oleh seekor
anjing yang bernama Tumang yang dia ketahui hanya sebagai anjing yang setia, bukan
sebagai ayahnya. Sangkuriang tumbuh menjadi seorang pemuda yang tampan dan gagah
perkasa.
Pada suatu hari Dayang Sumbi menyuruh anaknya pergi bersama anjingnya untuk berburu
rusa untuk keperluan suatu pesta. Setelah beberapa lama mencari tanpa hasil, Sangkuriang
merasa putus asa, tapi dia tidak ingin mengecewakan ibunya. Maka dengan sangat terpaksa
dia mengambil sebatang panah dan mengarahkannya pada Tumang. Setibanya di rumah dia
menyerahkan daging Tumang pada ibunya. dayanng Sumbi yang mengira daging itu adalah
daging rusa, merasa gembira atas keberhasilan anaknya.
Segera setelah pesta usai Dayang Sumbi teringat pada Tumang dan bertanya pada pada
anaknya dimana Tumang berada. Pada mulanya Sangkuriang merasa takut, tapa akhirnya dia
mengatakan apa yang telah terjadi pada ibunya. Dayang Sumbi menjadi sangat murka, dalam
kemarahannya dia memukul Sangkuriang hingga pingsan tepat di keningnya. Atas
perbuatannya itu Dayang Sumbi diusir keluar dari kerajaan oleh ayahnya. Untungnya
Sangkuriang sadar kembali tapi pukulan ibunya meninggalkan bekas luka yang sangat lebar
di keningnya.Setelah dewasa, Sangkuriang pun pergi mengembara untuk mengetahui keadaan
dunia luar.
Beberapa tahun kemudian, Sangkuriang bertemu dengan seorang wanita yang sangat cantik.
Segera saja dia jatuh cinta pada wanita tersebut. Wanita itu adalah ibunya sendiri, tapi mereka
tidak saling mengenali satu sama lainnya. Sangkuriang melamarnya, Dayang Sumbi pun
10
menerima dengan senang hati. Sehari sebelum hari pernikahan, saat sedang mengelus rambut
tunangannya, Dayang Sumbi melihat bekas luka yang lebar di dahi Sangkuriang, akhirnya dia
menyadari bahwa dia hampir menikahi putranya sendiri. Mengetahui hal tersebut Dayang
Sumbi berusaha menggagalkan pernikahannya. Setelah berpikir keras dia akhirnya
memutuskan untuk mengajukan syarat perkawinan yang tak mungkin dikabulkan oleh
Sangkuriang. Syaratnya adalah: Sangkuriang harus membuat sebuah bendungan yang bisa
menutupi seluruh bukit lalu membuat sebuah perahu untuk menyusuri bendungan tersebut.
Semua itu harus sudah selesai sebelum fajar menyingsing.
Sangkuriang mulai bekerja. Cintanya yang begitu besar pada Sangkuriang memberinya suatu
kekuatan aneh. Tak lupa dia juga menggunakan kekuatan yang dia dapat dari ayahnya untuk
memanggil jin-jin dan membantunya. Dengan lumpur dan tanah mereka membendung air
dari sungai dan mata air. Beberapa saat sebelum fajar, Sangkuriang menebang sebatang
pohon besar untuk membuat sebuah perahu. Ketika Dayang Sumbi melihat bahwa
Sangkuriang hampir menyelesaikan pekerjaannya, dia berdoa pada dewa-dewa untuk
merintangi pekerjaan anaknya dan mempercepat datangnya pagi.
Ayam jantan berkokok, matahari terbit lebih cepat dari biasanya dan Sangkuriang menyadari
bahwa dia telah ditipu. Dengan sangat marah dia mengutuk Dayang Sumbi dan menendang
perahu buatannya yang hampir jadi ke tengah hutan. Perahu itu berada disana dalam keadaan
terbalik, dan membentuk Gunung Tangkuban Perahu(perahu yang menelungkub). Tidak jauh
dari tempat itu terdapat tunggul pohon sisa dari tebangan Sangkuriang, sekarang kita
mengenalnya sebagai Bukit Tunggul. Bendungan yang dibuat Sangkuriang menyebabkan
seluruh bukit dipenuhi air dan membentuk sebuah danau dimana Sangkuriang dan Dayang
Sumbi menenggelamkan diri dan tidak terdengar lagi kabarnya hingga kini.

BAB III
PANUTUP

A. Kacindekan

Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun
kajadian - kajadian jaman baheula. Dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih
11
kénéh nyekel pageuh tradisi. Dongeng bisa dipaké pikeun ngadugikeun pesen saperti pesen
moral. Kusabab kitu bisa di peka pangajaran ogé di sakola

B. Saran
Tinangtos dina nyusun ieu makalah masih keneh seueur kakirangan margi rumaos si kuring
sadayana masih keneh diajar, kuayana kitu miharep ti rerencangan sadayana komentar sareng
saran kanggo langkung saena dina nyusun makalah basa sunda.

DAPTAR PUSTAKA

Yayat, Sudaryat, Spk. 2007. Makaya Basa. Bandung : Sonagar Press.


Yudithea. Cara Menceritakan Dongeng dari Buku. http://yudithea.blogspot.com [13
Nopember 2012].diunggah ping 18 Agustus 2014
Eukaristia Victorique. Metode Dongeng sebagai Salah Satu Layanan BK di SD.
http://animenekoi.blogspot.com [13 Nopember 2012]. Diunggah ping 18 Agustus 2014
12
http://ariobima-bima.blogspot.com/2011/10/kumpulan-dongeng-bahasa-sunda.html

13

Anda mungkin juga menyukai