Anda di halaman 1dari 7

MAKALAH

PRESENTASI CARITA BABAD


Guru Pangajar:
Hilda Oktaviani.s.pd

KELOMPOK 04 :
1. Anandita Khoerunnisa
2. Andika Adil Nasution
3. Andira Rahmadistiyar
4. Falya Nabila
5. Livia Sholeha Nurrizki
6. Muhammad Faza Fauzan Azima
7. Naisya Ramadhan
8. Rangga Navesya
9. Tika Rizki Apriliani

SMAN 1 LEUWILIANG
KATA PANGANTER

Alhamdulillahi robbil ‘alamin, sanggakeun puji sinareng sukur ka Allah parantos


maparinan kaimanan, kaislaman, kasehatan, sareng kasempatan dugi ka panulis tiasa
nyeratmakalah ieu kalayanleres. Laporan anu mangrupakeun tugas ti mata pelajaran
Basa Sunda.
Panyusunan makalah ieu teu tiasa dipisahkeun tina campur tangan kalompok abdi anu
parantos maksimal. Ku kituna hatur nuhun. Najan kitu, nu nulis yakin masih keneh
loba nu kudu dironjatkeun dina panyusunan ieu makalah, boh tina segi tata basa boh
tada baca. Kitu nu dipiharep krtik jeung saran ti pamirsa oge bahan pikeun evaluasi
pangarang.
Ku kituna, nu nulis miharep sangkan ieu makalah bisa jadi lomba ngabuktikeun hiji
bebeneran.

Bogor, 25 Februari 2023

Kalompok 04
BAB I PENDAHULUAN

1.1 Latar Belakang


Carita babad beuki kaanginan di kalangan barudak, rumaja nepi ka Dewasa kiwari
lumangsung alatan parobahan budaya. Asup ka jaman téhnologi informasi
ngarobah pola pikir barudak jeung rumaja tina pola pikir konvensional kana pola
pikir digital.Carita babad minangka warisan budaya saleresna kedah diwanohkeun
ka generasi penerus supados eksistensina dipertahankeun, pikeun éta urang peryogi
média anu efektif dina nepikeun carita babad. Parobahan média pangajaran tina
buku kana média digital kudu dipaké pikeun ngajaga ayana carita babad. Carita
babad lain ngan saukur carita biasa nu ukur ditujukeun ngahibur, tapi ogé ngandung
ajén-inajén kahirupan, moral, émosional, basa, agama, sosial budaya jeung
sajabana. Unggal bangsa boga folklor masing - masing, ngaliwatan carita folklor
loba nu bisa dipikawanoh tradisi tradisional, kitu ogé budaya anu dimekarkeun di
sagala rupa tempat.

1.2 Rumusan Masalah


a. Naon nu dimaksud Carita babad?
b. Contoh carita babad.
c. Naon wae struktur carita babad?
d. Aya sabaraha macem galur?

1.3 Tujuan
a. Paham kana pangartian carita babad.
b. Paham kana struktur carita babad.
c. Paham kana teknik rek ngadongeng.
d. Paham kana macem-macem galur.
BAB II PEMBAHASAN

C. PEDARAN CARITA BABAD


Numutkeun kamus umum basa Sunda (KUBS) di tetelakeun yen babad teh
nyaeta dongeng anu ngandung unsur sejarah. Najan kitu Dina carita babad mah nu di
maksud sejarah teh henteu jelas unsur-unsur kasajarahanana, tapi masih kudu di
talungtik deui ajen bebeneran sajarahna.
Ari anu disebut sejarah lokal teh nyaeta sajarah nua aya patalina jeung
wewengkon tempat dimana urang cicing. Carita babad teh biasana sok ditulis atawa
dijadikeun sumber sajarah lokal. Naha carita babad asup kana dongeng? sabab Dina
carita nama nagndung hal hal anu pamohalan, umpamana Dina galurna, palaku atawa
waktu kajadianana.
Dongeng teh kaasup kana golongan carita, umuma mah carita anu parondok.
Dongeng babad di wangun make basa lancaran (prosa). Dongeng oge sumeber secara
lisan,tatalepa ti hiji jalma ka jalma sejenna. Hal ieu oge anu katak ngajadikeun babad
kaasup kana dongeng.
Carita babad aya anu ditulis Dina wangun wawacan jeung aya nu ditulis Dina
wangun basa lancaran (prosa). Conto carita babad diantarana:
- Babad Cikundul
- Babad Sumedang
- Babad Galuh
- Babad Panjalu
- Babad Sukapura

Struktur dongeng babad,diantarana:


1.Tema/jejer, nyaeta inti pikiran atawa puseur implengan nu aya dina carita.
2.Palaku, nyaeta tokoh carita, atawa nu ngalalakon boh jalma atawa sasatoan.
3.Latar, nyaeta waktu jeung tempat lumangsungna hiji carita.
4.Galur atawa plot, nyaeta runtuyan pirang pirang kajadian nu ngawangun hiji
carita. Galur ilaharna di wangun ku sababaraha unsur, nyaeta:
a) bubuka
b) konflik
c) Klimaks
d) jeung pungkasan carita.
Galur dibagi tilu nyaeta,
1).Galur melere
2).Galur mobok
3).jeung galur mundur
5.Amanat, nyaeta ajen atikan anu ditepikeun ka pamaca dina hiji carita.

D. NYARITAKEUN EUSI CARITA BABAD


Aya sababaraha lengkah nu kudu di larapkeun samemeh ngadongengkeun carita babad,
nyaeta:
1. Dengekeun/baca sababaraha kali carita babad ni rek dicaritakeun ti awal nepi ka ahir.
2. Tulis sarta inget-inget tema carita, tokoh, pasipatann, oge latar caritana.
3. Tulis galur carita jeung kajadian-kajadian nu aya dina jero Carita sacara gurat
badagna hungkul.
4. Tulis deui eusi dongeng ku bahasa sorangan kalayan luyu jeung tema, galur, tokoh,
oge latar carita.
5. Caritakeun sacara lisan eusi Carita babad nu di tulis ku bahasa sorangan.

•> Ngalarapkeun sakur tehnik di handap ieu mun bade ngadongeng, diantarana:
1. Bisa jadi aktor anu nembongkeun karakter tokoh nu ngalalakon.
2. Bisa ngolah tehnik pokal, bisa ngarorobah sora jeung cara nyarita keur
ngagambarkeun tokoh jeung suasana.
3. Mibanda kamampu dina ngaekspresikeun dongeng anu ngawengku dina pasemon,
artikulasi, intonasi, lentong, rengkak, jeung peta.
4. Bisa nyiptakeun suasana nu komutatif jeung nu ngabarandunganana.
BAB III PANUTUP

A. KACINDEKAN
Carita Babad nyaeta dongeng anu ngandung unsur sajarah. carita babad aya nu
ditulis dina wangun wawacam jeung lancaran (prosa). Struktur dongeng babad
diantarana: tema/jejer,; palaku; latar; galur atawa plot. Lengkah nu kudu
dilarapkeun nyaeta, dengekeun; tulis sarta inget-inget tema carita; tulis galur
carita jeung usi dongeng kubasa sorangan; caritakeun sacara lisan.

B. SARAN
Tinangtos dina nyusun ieu makalah masih keneh seueur kakirangan margi si
kuring sadayana masih keneh diajar, kuayana kitu mihareup ti Bapa/Ibu Guru
sayana komentar sareng kanggo langkung saena dina nyusun makalah Basa
Sunda.

Anda mungkin juga menyukai