0% menganggap dokumen ini bermanfaat (0 suara)
995 tayangan7 halaman

Ciri dan Fungsi Dongeng dalam Budaya Sunda

Dokumen tersebut memberikan informasi tentang materi dongeng dalam bahasa Sunda. Dongeng dijelaskan sebagai cerita rekaan yang bersifat anonim dan dituturkan secara lisan. Terdapat beberapa ciri khas dongeng seperti berlatar belakang fiksi, mengandung unsur ajaib, serta bertujuan menanamkan nilai-nilai moral. Juga dijelaskan struktur dasar dan fungsi pendidikan dari dongeng.

Diunggah oleh

Aep Saepudin
Hak Cipta
© © All Rights Reserved
Kami menangani hak cipta konten dengan serius. Jika Anda merasa konten ini milik Anda, ajukan klaim di sini.
Format Tersedia
Unduh sebagai DOCX, PDF, TXT atau baca online di Scribd
0% menganggap dokumen ini bermanfaat (0 suara)
995 tayangan7 halaman

Ciri dan Fungsi Dongeng dalam Budaya Sunda

Dokumen tersebut memberikan informasi tentang materi dongeng dalam bahasa Sunda. Dongeng dijelaskan sebagai cerita rekaan yang bersifat anonim dan dituturkan secara lisan. Terdapat beberapa ciri khas dongeng seperti berlatar belakang fiksi, mengandung unsur ajaib, serta bertujuan menanamkan nilai-nilai moral. Juga dijelaskan struktur dasar dan fungsi pendidikan dari dongeng.

Diunggah oleh

Aep Saepudin
Hak Cipta
© © All Rights Reserved
Kami menangani hak cipta konten dengan serius. Jika Anda merasa konten ini milik Anda, ajukan klaim di sini.
Format Tersedia
Unduh sebagai DOCX, PDF, TXT atau baca online di Scribd

Materi Dongeng

 
 
MATERI DONGENG BASA SUNDA
 
Assalamualaikum wr.wb
Terima kasih sudah berkunjung di blog ini.
Selamat datang di blog https://daftarilmu7.blogspot.com/ dengan MATERI
DONGENG BASA SUNDA, perkenalkan blog ini berisi materi pelajaran bahasa
Indonesia dan basa Sunda untuk jenjang SMP dan SMA, dan di blog ini juga tidak
hanya menyediakan materi saja melainkan ada audio-visual sehingga memudahkan
para pengunjung dalam hal belajar dan mencari wawasan tentang bahasa Indonesia
dan basa Sunda.
 
Kalian bisa berkomentar jika ada pertanyaan seputar materi pembelajaran bahasa
Indonesia dan basa Sunda yang kurang dipahami. Silahkan jangan ragu untuk
mengisi kolom komentar, nanti admin jawab satu persatu.
 
Semoga adanya blog ini dapat membantu kalian semua. 
Selamat belajar...
 
 
 
MATERI DONGENG BASA SUNDA
A. MATERI DONGENG
 
Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok
nyaritakeun kajadian-kajadian jaman baheula. Numutkeun kamus dongéng
téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana anu
mohal jadina. 
Budi Rahayu Tamsah, nétélakeun yén dongéng mangrupa carita rékaan anu méré
kesan pamohalan tur ukuranana parondok. Dongéng mimiti gelar dina wangun lisan,
sumebar ti hiji jalma ka jalma liana, tur teu kapanggih saha nu ngarangna.  Lantaran
sumebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit. Robahna téks
téh alatan aya anu dihaja jeung teu di haja.
 
Lamun dina buku Yayat Sudaryat | Deni Hadiansah "Panggelar Basa Sunda",
dongeng teh nyaeta carita rekaan anu anonimus dina wangun basa lancaran.
Maksudna rekaan teh lantaran dina dongeng mah kalakuan jeung paripolah
palakuna sok pamohalan. Upamana wae, sasatoan bisa nyarita kawas manusa.
Ari anonimus maksudna dongeng mah teu kanyahoan saha nu ngarangna. Najan
kiwari mah dongeng teh geus aya nu di bukukeun. Malah aya nu di dongengkeun
dina radio atawa TV. Juru dongeng Sunda nu kasohor teh upamana wae: Wa kepoh,
Mang Jaya, jeung Mang Barna.
 
Jaman kiwari, dongeng teh lain dipake pikeun mepende atawa nyingsieunan budak
bangor tapi geus dipake media hiburan. Husus keur budak sakola anu resep
ngadongeng, ayeuna mah unggal taun oge sok aya pasanggiri anu diayakeun ku
Dinas Pendidikan, Dinas Kabudayaan & Pariwisata, jeung Jurusan Pendidikan Basa
Sunda UPI Bandung.
 
Dongeng nyaeta carita rekaan anu dikarang dina wangn basa lancaran kalayan
sumebarna sacara lisan, nyaeta tatalepa ti hiji jalma ka jalma sejenna. Ku kituna,
pangarangna tara ieuh kanyahoan, malah ti iraha mimiti sumebarna oge, tara
kapaluruh, hese diteangan laratanana, alatan ukur dicaritakeun ti hiji riuangan ka
riuangan sejenna. Ukuran cari dongeng ilaharna parondok sarua jeung carpon.
 
B. CIRI-CIRI DONGENG
 
Ku kituna, bisa disebutkeun yen ciri-ciri dongeng teh, diantarana wae;
1. Sumebarna sacara lisan
2. Teu kanyahoan saha nu ngarangna (Anonim)
3. Ngagunakeun basa lancaran
4. Eusi caritana mangrupa rekaan malah rea ku pamohalan
5. Ukuranana ilaharna pondok
Tah eta, ciri-ciri dongeng teh ngan aya 5 rupa nu dipikaapal ku jalma balarea.
 
Aya deui ku kituna ciri-ciri dongeng anu sejen, nyaeta;
1. Caritana pondok.
2. Aya bagian anu pamohalan.
3. Asup kana wangun lancaran jeung ugeran.
4. Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.
5. Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan, protés
sosial, atawa kahayang nu di sidem.Sanajan dongéng ditepkeuna sacara
malibir tapi miboga atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung
pieunteungeun.
6. Sipatna pralogis, nyaéta mibanda logika anu béda jeung logika umum.
7. Sipatna tradisional, nyaéta sumebarna turun-tumurun.
8. Pola ngadongéng sok angger
 
Lian ti eta, aya deui ciri-ciri dongeng anu sejenna nyaeta dongeng mah sok
ngandung ajen atikan, pangpangna anu patali jeung akal budi. Nu daleka jeung
culika, biasana sok cilaka. Ari nu sabar jeung tawakal, pananggih bagja.
 
C. STRUKTUR DONGENG
 
Unsur-unsur pangwangun dongéng
1. Téma, tema nyaéta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku
pangarang dina hiji carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca
atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadéngékeun dongéng.
2. Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian
anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun
carita. Galur dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu
dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur
bisa dibagi jadi tilu rupa nyaéta galur merélé, galur mabok tengah, jeung
galur campuran.
3. Tokoh carita atawa palaku nyaéta jalma atawa pihak anu ngalalakon
dina hiji carita.
4. Latar (setting), nyaéta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng.
5. Amanat, nyaéta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka
pamaca. Umumna amanat dina dongéng mah tara nembrak, tapi karasa
sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji carita nu
sagemblengna.
 
D. PUNGSI DONGENG

Kalungguhan dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel
pageuh tradisi. Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritual manusa
nurutkeun kapercayaan. Pungsi dongéng ti jaman ka jaman robah. Dina jaman
masarakat buhun, dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina asal-usul upacara-
upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan. Dongéng sok dihartikeun alat pikeun
ngabobodo budak céngéng. Tapi mun seug dipaluruh leuwih jero, kalungguhan
dongéng téh lain wates keur ngabobodo budak céngng hungkul, tapi mibanda tujuan
séjén lamun ditétélakeun di handap:

Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan.

1. Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki.


2. Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat.
3. Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh kaayaan alamna boh
kaayaan tali parantina.[20]
4. Ngarah anak incu urang manggih luang tina pangawéan karuhun pikeun
bekel hirupna.
5. Ngarah pagawéan beurat karasa leuwih hampang.

Dumasar kana hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Bambang Sudarmoyo dina


taun 1975 tétéla yén dongéng mampuh ngaronjatkeun Itelegence Question (I.Q)
budak. Budak kakeunaan ku Virus n Ach (need for Achievement) nyaéta virus nu
ngamotipasin budak sangkan miboga cara mikir jeung paripolah anu leuwih épisién
pikeun ngahontal hasil nu leuwih alus ti saméméhna tur salawasna bisa ngahontal
préstasi kalayan optimal. Panalungtikan séjén nu ngébréhkeun yén dongéng bisa
méré kani'matan, kasugemaan batin jeung ngaronjatkeun kacerdasan pikeun nu
macana. Éta hal dibuktikeun ku panalungtikan di Amerika, anu nétélakeun yén
barudak turunan Asia di Amérika leuwih cerdas ti batan barudak turunan urang
Amérika, sabab warga Asia nu cicing di Amérika teu ninggalkeun tradisi karuhunna,
utamana macakeun dongéng-dongéng ngeunaan karuhun ka budakna.

D. PAPASINGAN DONGENG

Tina sajumlahing anu sumebar di masarakat, bisa di pasing-pasing sawatara bagian,


nyaeta;

1. Dongéng Fabél nyaéta dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun
moral atawa atikan budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan,
waték, jeung budi manusa. Ilaharna dongéng sato (Fabél) nyaritakeun
sasatoan anu paripolahna dicaritakeun kawas manusa, upama baé bisaeun
nyarita ogé ngagunakeun akal jeung pikiran. Dongéng sato biasana watek
palakuna geus dipola. Dina kasusastraan Sunda, dongéng sato téh pohara
lobana.
2. Dongéng Sagé nyaéta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun
kahirupan manusa di masarakat jeung dina sajarahna. Sagé mangrupa carita
peperangan di jaman baheula, umumna nyaritakeun tokoh nu légendaris
sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa lalampahan nu
pikaseurieun. Contona Prabu Siliwangi.
3. Dongéng Parabél nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji
jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun tapi
ngandung hiji atikan. Conto anu pangsohorna dina sastra Sunda nyaéta
dongéng-dongéng Si Kabayan.
4. Dongéng Mité nyaéta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu
dianggap aramat ku masarakat. Umumna dongéng mite téh raket patalina
jeung kepercayaan masarakat kana alam gaib.Carita dina mite umumna
ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana maot. Aya ogé
mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, tanda-tanda alam,
jsté. 
5. Dongéng Pieunteungeunnyaéta dongéng anu eusina mangrupa tauladan
pikeun kahirupan manusa. Contona Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi
Legok.
6. Dongéng Pamuk nyaéta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa
kasaktén hiji jalma tur bisa aya patalina jeung tokoh atawa kajadian
sajarah. Conto carita pamuk di wewengkon Sunda bisa ditingali dina
carita ''Prabu Siliwangi'', Prabu Siliwangi nyaéta tokoh anu kaitung sakral di
daérah Jawa barat.
7. Dongéng légénda nyaéta carita rayat anu dianggap (ku nu boga caritana)
minangka hji kajadian nu bener-bener kungsi aya. Lumangsungna éta
kajadian dina waktu nu can pati lila, sarta tempatna di lingkungan nu geus
dipikawanoh ku urang ayeuna.Dongéng sasakala mngrupa golongan carita
anu geus turun tumurun, sumebar sarta ku balaréa dianggap mibanda dasar
kasajarahan atawa sakumna carita wandal kitu anu geus jadi milik
sagolongan masarakat. Palaku utama dina legenda jalma biasa. Dongéng
legenda biasana nyaritakeun asal-muasalna kajadian. Kajadian hiji
tempat, tutuwuhan,sato, atawa bara.

D. KAEDAH BASA DONGENG


Dongéng oge mibanda kaedah basana diantara wae, nyaeta;

1. Kalimah panitah, nyaeta kalimah anu dipake pikeun maksa batur sangkan
migawe hiji pagawean. Contona; Cing pangmawakeun ember kadieu!
2. Kalimah pangajak, nyaeta kalimah anu dipake pikeun ngajak batur sangkan
migawe hiji pagawean. Contona; Hayu urang mersihan kelas!
3. Kalimah pangharepan, nyaeta kalimah anu eusina ngebrehkeun harepan
atawa kahayang. Contona; Mugia wae kapalay saderek tinekanan!
4. Kalimah panyarek, nyaeta kalimah anu dipake pikeun nyarek batur sangkan
migawe hiji pagawean. Contona; Ulah ulin sisi jalan bisi katabrak!
5. Kalimah pangwawadi, nyaeta kalimah anu dipake pikeun nganjurkeun batur
sangkan migawe hiji pagawean. Contona; Sawadina saderek kedah lapor ka
RT heula!
6. Kalimah pangjurung, nyaeta kalimah anu dipake pikeun ngajurungkeun batur
sangkan migawe hiji pagawean. Contona; Gancang atuh geura mandi ari rek
milu mah!
7. Kalimah panggeuri, nyaeta kalimah anu eusina ngebrehkeun pamenta anu
lumengis sangkan batur karunyaeun. Contona; Emh, wayahna Nyai sing daek
prihatin!

Mung sakitu materi dongeng basa Sunda, sing tiasa nyandak elmu sareng hikmahna
urang sadayana diajar basa Sunda.
 

Anda mungkin juga menyukai