Anda di halaman 1dari 13

SU-3-2/4.

2/1/2-2

Dongéng Nini

1. IDENTITAS UKBM

a. Mata Pelajaran : Bahasa Sunda


b. Semester : 1
c. Kompetensi Dasar dan Indikator :
Kompetensi Dasar Indikator Pencapaian Kompetensi
3.2 Membandingkan jenis 3.2.1 Menjelaskan isi dongeng.
dongeng, berdasarkan isi, 3.2.2 Menjelaskan jenis dongeng.
struktur, dan aspek kebahasaan. 3.2.3 Menjelaskan unsur instrinsik dongeng.
3.2.4 Menjelaskan aspek kebahasaan dongeng.
3.2.5 Membedakan jenis, struktur/unsur, dan aspek
kebahasaan dongeng.

4.2 Menampilkan berbagai jenis 4.2.1 Menyesuaikan (berlatih) penyampaian berbagai jenis
dongeng dengan cara dongeng.
ngadongeng, monolog, atau 4.2.2 Menyajikan berbagai jenis dongeng teks dengan cara
dramatisasi. ngadongéng.

d. Materi Pokok : Dongéng


e. Alokasi Waktu : 2 JP X 4 ( 8 X 45’)
f. Tujuan Pembelajaran :
Melalui pembelajaran ini peserta didik dapat menjelaskan dan membedakan isi, jenis, struktur
dan aspek kebahasaan dongeng, serta mampu menyesuaikan (berlatih) dan menyajikan
(maandemonstrasikan) berbagai jenis dongeng melalui kegiatan ngadongéng dengan bahasa
dan teknik penyampaian yang baik.

g. Materi Pembelajaran :

Faktual:
 Teks dongeng
Konseptual:
 Jenis-jenis dongeng
 Struktur isi (unsur instrinsik dongeng)
 Struktur bahasa (aspek kebahasaan dongeng : Diksi, Babasan/Paribasa, Gaya Basa, Undak-
Usuk Basa)
Prosedural:
 Berlatih ngadongéng
 Ngadongéng

Ukbm2- sunda: dongéng 1


SU-3-2/4.2/1/2-2

2. PETA KONSEP

JENIS DONGENG
(Fabel, Mite, Farabel,
Legenda, Sage) STRUKTUR ISI
(Tema, Amanat, Alur,
Palaku, Latar)
DONGENG STRUKTUR DONGENG
STRUKTUR BAHASA
(Diksi, Babasan/
NGADONGENG Paribasa, Gaya Basa,
Undak-Usuk Basa )

3. PROSES BELAJR

A. Petunjuk Umum Penggunaan UKBM

1. Baca dan pahami beberapa wacana dan bahasan yang ada di UKBM ini.
2. Setelah memahami isi materi, berlatihlah memperluas pengalaman belajar melalui tugas-
tugas atau kegiatan-kegiatan belajar baik yang harus kalian kerjakan sendiri maupun
bersama teman sebangku atau teman lainnya sesuai instruksi guru.
3. Kerjakan tugas-tugas di buku kerja yang sudah kalian siapkan sebelumnya.
4. Apabila kalian yakin sudah paham dan mampu menyelesaikan permasalahan-permasalahan
dalam kegiatan belajar, kalian boleh sendiri atau mengajak teman lain yang sudah siap untuk
mengikuti tes formatif agar kalian dapat belajar ke UKBM berikutnya (jika belum memenuhi
KKM, maka pelajari kembali materi ini kemudian minta tes lagi sampai memenuhi KKM).
5. Jangan lupa melalui pembelajaran ini kalian dapat mengembangkan sikap jujur, peduli, dan
bertanggung jawab, serta dapat mengembangkan kemampuan berpikir kritis, komunikasi,
kolaborasi, kreativitas.

B. Bubuka (Pendahuluan)
Salah sahiji hal anu patali jeung kaparigelan basa nyarita nya éta ngadongéng. Ngadongéng
béda jeung pidato, ceramah, komo jeung ngobrol biasa mah. Dina nepikeunana, ngadongéng téh
éstu bisa jadi hiji pidangan anu kagolong pidangan seni. Demi hal anu ditepikeunana mangrupa
carita fiksi/imajinasi kalawan kréasi katut éksprési si juru dongéng.
Dongéng-dongéng anu sumebar di msarakat Sunda éstu loba pisan, boh anu nyampak sacara
asli wedalan Sunda, boh carita/dongéng anu mangrupa bawaan tina tradisi budaya deungeun, tur
ditambah ku dongéng-dongéng kréasi anyar mangsa kiwari. Umumna dongéng-dongéng éta téh
sipatna anonim, nyatana teu dikanyahokeun saha anu ngarangna, ku kituna dongéng mah bisa
disebut sastra tur banda balaréa. Dongéng anu sumebar téh umumna parondok, kalawan téma anu
rupa-rupa, sanajan sacara umum mah biasana nyaritakeun hal-hal anu patali jeung ajén-ajén moral
katut bebeneran.
Dina dongéng mah biasana némbongkeun ayana wawales ka nu mibanda niat tur kalakuan
kurang hadé sarta ganjaran atawa buruhan pikeun anu mibanda sipat/niat/kalakuan anu hadé.
Ngadongéng bisa dilalkukeun dina suasana kumaha baé, utamana dina suasana-suasana anu
sipatna salsé, atawa panyelang tina suasana-suasana serieus, pikeun selingan sangkan teu kaku
atawa teu serieus teuing.

Ukbm2- sunda: dongéng 2


SU-3-2/4.2/1/2-2
C. Perkara Dongéng
Dongeng teh kaasup kana golongan carita balarea nu sumebarna sacara lisan, tatalepa ti hiji
jalma ka jalma lianna. Eusi dongeng loba nyaritakeun kajadian-kajadian anu pamohalan (teu asup
akal), di antarana waé palakuna atawa nu ngalalakon.
Unsur-unsur nu aya dina dongéng gé teu béda jeung karya sastra wangun séjénna, nya éta
aya nu disebut palaku, alur, latar, amanat, jeung téma.
Alur atawa galur nya éta runtuyan kajadian anu aya dina éta carita. Timbulna kajadian téh
teu lumangsung kitu waé, tapi aya nu nyababkeunana. Dumasar kriteria runtuyan waktu mah alur
téh aya tilu rupa, nya éta alur maju atawa mérélé, mundur, jeung campuran. Alur mérélé mah
carita téh ngaruntuy ti awal nepi ka ahir. Alur mundur mah carita téh teu dimimitian ti awal, tapi ti
bagian ahir heula, kakara ka awal carita. Sedengkeun alur campuran gabungan antara galur
majujeung galur mundur.
Palaku nya éta nu ngalalakon dina dongeng. Aya palaku utama jeung palaku panglengkep
atawa tambahan. Urang bisa nempo karakter, tabiat, atawa pasipatan palaku tina sakur nu
dipigawéna, tina omonganana, tina gambaran pisikna, jeung ngaliwatan pikiran-pikiranana. Palaku
dina dongéng rupa-rupa, aya jalma, aya sato, aya tutuwuhan, aya mahluk lemes, jeung sajabana.
Éta nu ngalalakonna téh sok ngabogaan sipat anu teu lumrah, upamana bisa nerus bumi, bisa
ngaleungit, jeung weduk. Kitu ogé kajadianana, anu kacatur dina dongéng, lamun diukur ku akal
mah aya anu bisa katarimaku akal jeung aya deui anu dianggap pamohalan.
Latar carita bisa mangrupa tempat kajadian, upama waé di leuweung, di kota, di imah, jeung
sajabana. Latar waktu kajadian, upama waé beurang, peuting, isuk-isuk, ayeuna, baheula, jeung
sajabana. Ari latar suasana mah upamana suasana sedih, gumbira, perang, jeung sajabana.
Téma mah nya éta ide dasar anu jadi poko pikiran nu aya dina carita anu diébréhkeun boh
sacara langsung atawa nembrak boh sacara nyamuni atawa nyumput.
Amanat sok disebut ogé pesen ajaran moral anu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu
maca ngaliwatan éta carita.
Aya lima rupa dongéng. Geura urang pedar hiji-hijina.
1. Dongéng sato (fabel) nya éta dongéng sasatoan anu paripolahna dicaritakeun kawas jelema,
upamana waé bisaeun nyarita jeung ngagunakeun akal pikiran. Dongéng-dongéng anu paling
kamashur dina sastra Sunda nya éta dongéng kuya jeung monyét. Ieu dongéng téh diwangun ku
sababaraha judul, di antarana: “Dongéng Kuya jeung Monyét Melak Cau”, “Dongéng Kuya jeung
Monyét Ngala Nangka”, Dongéng Kuya jeung Monyét Maling Cabé”, jeung “Dongéng Kuya
jeung Monyét Ngala Pining”.
2. Dongéng déwa (mithos), nya éta dongéng anu eusina raket jeung kapercayaan masarakat kana
bangsa lelembutan atawa hal-hal gaib. Contona waé dongéng-dongéng ngeunaan munjung,
ngipri, “Dongéng Nyi Roro Kidul” jeung dongéng Siluman”.
3. Dongéng jalma teu lumrah (parabél), nya éta dongéng anu nyaritakeun kahirupan jelema teu
biasa (teu lumrah). Conto anu paling ka mashur dina sastra Sunda nya éta dongéng-dongéng Si
Kabayan. Iéu dongéng téh dianggap sampakan (dongéng anu geus aya dina kasusastraan Sunda).
Sedengkeun dongéng anu dianggap sampeuran (dongéng anu asalna tina kasusastraan séjén),
contona: Abu Nawas (jolna ti nagara Bagdad jaman Pamaréntah Sultan Harun Al-Rasyid).
4. Dongéng sasakala (legénda) nya éta dongéng anu nyaritakeun asal-muasalna kajadian tempat,
barang, sasatoan, atawa tutuwuhan. Contona: “Dongéng Sasakala Situ Bagendit”, “Dongéng
Sasakala Gunung Tampomas”, “Dongéng Sasakala Gunung Tangkuban Parahu”, “Dongéng
Sasakala Paré”, “Dongéng Sasakala Maung Sancang”, “Dongéng Asal Muasal Oa jeung Aul”,
“Dongéng Sasakala Situ Panjalu”, jrrd.

Ukbm2- sunda: dongéng 3


SU-3-2/4.2/1/2-2
5. Dongéng sajarah (sagé), nya éta dongéng anu nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung
unsur sajarah. Contona: “Dongéng Prabu Saliwangi”, “Dongéng Kéan Santang”, “Dongéng Séh
Abdul Muhyi” jeung “Dongéng Dipati Imbanagara”, jrrd.

Dongéng-dongéng nu geus Dibukukeun.


Sok sanajan dongéng téh sumebarna sacara lisan sarta carita-caritana sumebar di masarakat
atawa balaréa, tapi sabada aya percetakan mah loba dongéng nu geus dibukukeun ku para ahli
sastra, boh ku bangsa deungeun boh ku urang Sunda pituin.
Buku-buku dongéng nu geus medal, di antarana:
1. Salawé Dongéng-Dongéng Sunda (1911), dibukukeun ku C.M. Pléyte;
2. Dongéng-Dongéng Sunda (1910), dibukukeun ku D.K. Ardiwinata;
3. Sakadang Peucang, Dongéng-Dongéng Sasakala, jeung Si Congcorang, dibukukeun ku R.
Satjadibrata;
4. Kelenci jeung Ajag, dibukukeun ku M. Partadiredja;
5. Dewi Sri, dibukukeun ku Ki Umbara;
6. Geber-Geber Hihid Aing, dibukukeun ku Wahyu Wibisana;
7. Sakadang Monyet jeung Sakadang Kuya, dibukukeun ku Ami Raksanagara; jsté.

D. Maham Eusi Dongéng

Minangka conto, titénan ieu dongéng di handap!

AKI-AKI HADÉ BUDI

Aya aki-aki padamiasih, mikaresep, lantaran bageur, resep nulung ka nu butuh, nalang ka
nu susah, nganteur ka nu sieun jeung keueung. Nalang ka nu sangsara mun teu ku harta banda,
ku tanaga. Mun teu ku tanaga ku do’a. Éta aki-aki téh hirupna tina buburuh dagang suluh.
Hiji waktu éta aki-aki téh indit ka leuweung rék mulung pangpung keur suluh. Manéhna
mawa kadut (sabangsa kantong tina karung) keur wadah buah kupa, bagikeuneun ka barudak nu
sok maregat di jalan, ari aki-aki balik.
Tapi, naha ari jol téh leuweung geus jadi lautan seuneu, sakuriling kahuru. Seuneu
ngabela-bela gedé. Kari handapeun kupa nu buahan téa baé nu acan téh. Éta gé geus kaputer ku
seuneu.
Basa aki-aki rék ka dinya, horéng aya Oray Kuda keur nyumput nyingkahan seuneu,
sieuneun kahuru awakna. Si Oray Kuda anu salawasna jail sarta galak sok ngahakan jelema, sarta
matih pisan peurahna, lengas-lengis ka Si Aki ménta ditulungan, sieun rénghék kaduruk.
Ceuk aki-aki, “Kumaha bisana nulungan, kula lain teu karunya da andika sakitu gedéna!”
Ceuk Oray Kuda, “Kula bisa ngaleutikan awak nepi ka sagedé oray cai. Éta kadut talian
sing panjang, hég alungkeun ka dieu. Kula rék asup kana kadut. Lamun kula geus di jero, tarik
deui talina ku andika ka dinya, sing panjang sangkan kula kabawa!”
Teu léléda aki-aki téh, da puguh tukang tutulung téa, sakumaha hojahna Oray Kuda
dijalankeun. Oray Kuda salamet tina bahaya seuneu. Ari geus salamet, pudigdig téh Oray Kuda
awakna ngagedéan deui. Sungutna calawak disada hihieuman cara kudu baé. Geus disada tuluy
ngomong ka aki-aki nu nulungan téa.
“Ayeuna kula salamet teu kaduruk. Tapi tadi lila pisan kula lapar, taya hakaneun. Ayeuna
ngan kari manéh di dieu, meureun nya manéh keur sarapan kula téh tina euweuh deui
hakaneun!”.

Ukbm2- sunda: dongéng 4


SU-3-2/4.2/1/2-2
Ceuk aki-aki téh, “Euh...naha kitu Sakadang Oray? Kula geus nulungan manéh tina bahaya
seuneu. Mun teu aya kula andika rénghék.”
“Bener manéh téh geus nulungan kami tina bahaya pati ku seuneu. Tapi ayeuna manéh
kudu nulungan deui kami tina bahaya lapar. Sabab kami sarua baé kudu paéh lamun teu nyatu
mah.”
“Eéh...engké heula, asa teu kaharti. Budi kula ka andika nulungan ngajait pati, bet dibales
telenges? Da di kula mah di manusa, kuduna hutang budi bales budi, hutang pati bayar pati,
hutang uyah bayar uyah. Manéh mah hutang budi ka kula, tapi mayarna ku pati!” ceuk aki-aki.
Ceuk Oray Kuda, “Budi-budi kumaha, geuning nyatana mah rék maéhan, rék telenges.
Kula sieun paéh kalaparan lantaran taya hakaneun. Mending paéh kaduruk, tinimbang paéh ku
lapar mah. Hayu padu di hakim gé, moal teu kula nu bener. Tuh tanyakeun ka sapi geura nu
kabeneran liwat!”
Ceuk Sapi, “Bener sakadang Oray! Kudu dipaéhan manusa mah. Omong wungkul hutang
budi bayar budi. Buktina kula keur ngora, sakumaha boa susu kula dialaan ku manusa. Anak kula
mah dikisat nyusuna. Komo anak kula nu jalu mah saharita dijual, matak nyeri haté. Nya anak
dijual, nya susu dialaan. Salaki kula keur ngora dipeleter sina ngawuluku téa, sina ngaronda téa.
Ari geus kolot siga kula ayeuna, bet dijual ka jagal. Kula téh rék dipeuncit isukan, jadi hirup téh
sapoé deui ieu. Mana nyatana ladang budi kula ka manusa téh?” Bener ku Oray ulah sina hirup
lila-lila manusa mah!”
“His”, ceuk aki-aki, “Atuda éta mah bagéan manusa ti Pangéran. Sakur nu kumelip di
dunya, keur manusa. Dibéré hak ti Pangeran dahar daging sapi, susu sapi, ngagawékeun sapi,
munding, kuda.”
Ceuk Oray Kuda, “Kula gé boga hak cara manusa. Da dibéré kabisa macok jeung dibéré
peurah paranti ngala dahareun téh. Sarta Kula gé dibéré wewenang macok saha nu kapanggih,
teu kudu sapi, teu kudu jelema, mana baé nu kapanggih ti heula ari hayang dahar mah!”
Aki-aki teu éléh akal, “Tadi Oray ngajak ka Hakim. Ari Hakim mah teu kaci saksina ngan
saurang, tapi kudu tilu!”
Ceuk Oray Kuda, “Heug atuh, urang néangan deui. Tuh Tangkal Kupa urang Tanya.” Ceuk
Tangkal Kupa, “Bohong manusa mah, hutang jasa dibayar jasa téh!” Buah Kula gé saban taun
dialaan, kitu deui dulur-dulur kula. Pamalesan mah ari kula teu buahan deui, ditutuhan
ditaluaran. Dulur-dulur kula mah kabéh dijieun suluh, kari kula sorangan. Mana pamales ti
manusa? Da buktina malah lara. Pacok wé ka dinyah Oray, tong dilila-lila!”
Ceuk Aki-aki, sanajan kula geus diéléhkeun ku dua saksi, kula can pasrah lamun can ku
tiluan. “Haténa mah aki-aki téh muntang neneda ka Pangéran sangkan aya sih piwelas Gusti anu
Maha Asih, manéhna bisa salamet.
Ceuk Oray Kuda, heug baé, ulah kapalang ari manéh panasaran kénéh mah. Tuh, aya
Peucang ngaliwat!”
Ku aki-aki dicaritakeun ka Peucang ti mimiti nulungan Oray Kuda, tepi ka deuk dihakan.
Ceuk Peucang, “Ah teu nagarti”. Oray sakitu gedéna maké bisa asup kana kadut sakitu leutikna!
Bohong ah... teu, teu percaya kami mah. Da Ki Oray mah sok ngabohong ongkoh. Sakali
ngabohong, tetep mo beunang dipercaya!
“Teu persaya silaing téh, Peucang?” ceuk Oray Kuda.
“Teu...!”Ceuk Peucang bari gogodeg jeba-jebi.
“Mun teu percaya, ténjokeun ku sia!” ceuk Oray Kuda bari pék ngaleutikan deui awakna,
bus kana kadut.
“Kadeuleu ku manéh, Peucang?”
“Katénjo! Tapi eta geuning molongo kadutna?”

Ukbm2- sunda: dongéng 5


SU-3-2/4.2/1/2-2
“Talian deui ku maneh Aki, cara tadi sina kadeuleueun tah ku Si Peot!”, ceuk Oray Kuda
ka aki-aki.
Ret baé ditalian ku aki-aki téh. Barang geus ditalian deui, Peucang ngiceupan bari
ngaharewos, “Alungkeun deui tuh kana seuneu sina rénghék! Da tadi gé manéhna mah rék jadi
parab seuneu!”
Teu kudu dua kali dititah, oray nu dina kadut téh lung baé kana seuneu ruhay, nepi ka
rénghék.
Pitulung Pangéran Nu Maha Asih ka mahlukna anu hadé budi, aki-aki salamet.

Pikeun mahamna, ayeuna urang babarengan ngalenyepan tur nganalisis dongéng di luhur dumasar
pananya kieu.
(1) naon téma jeung amanatna;
(2) saha palaku/tokoh carita;
(3) kumaha galur carita;
(4) kumaha latar caritana? iraha waktuna jeung di mana tempat kajadian caritana? kumaha suasana
caritana?;
(5) mana nu nuduhkeun unsur pamohalanana, nu matak teu kaharti ku akal?
Dumasar kana pananya di luhur, urang bisa ngajawab kieu. Tangtu baé cara ngajawabna
mah rupa-rupa. Anu ditepikeun di dieu mah ngan sakadar contona baé.
Téma anu aya dina dongeng “ Aki-aki Hadé Budi” patali jeung ‘atikan’. Éta téma téh nyoko
kana amanat anu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu macana, nya éta “urang ulah sok males
kana kagorengan batur”. Ari sababna, males kana kagorengan batur téh balukarna bakal malindes
ka diri sorangan, saperti nu kaalamanan ku Oray Kuda, kapan ceuk ajaran agama Islam ogé, ulah
sok males kana kagorengan batur, tapi kudu dibales ku kahadéan, “sakur amal perbuatan boh hadé
boh goreng sok aya wawalesna.”
Tokoh/palaku utama éta dongéng, nya éta Oray Kuda jeung Aki-aki. Ari tokoh/palaku
tambahanana nya éta: Sapi, Tangkal Kupa, jeung Peucang.
Galur carita dina dongéng “Aki-aki Hadé Budi” nya éta maké galur maju. Geura urang
tengetan plot/galur caritana.
o Kacaritakeun Aki-aki indit ka leuweung rék ngala suluh keur jualeun.
o Kasampak leuweung geus béak kaduruk, tinggal tangkal kupa nu nyésa téh.
o Dina tangkal kupa aya Oray Kuda keur gegeroan ménta tulung, awakna téréh kaduruk.
o Aki-aki nulungan Si Oray Kuda.
o Si Oray Kuda teu nganuhun-nuhunkeun acan ka Si Aki-aki, malahan mah rék ngahakan.
o Si Oray Kuda jeung Aki-aki ménta saran ka nu séjén ngeunaan éta pasualan.
o Si Aki menta tilu saksi jang bukti.
o Sapi jeung Tangkal Kupa mah kadon mihak ka Si Oray Kuda, ku sabab cenah jelema mah ngan
omong hungkul mana budi bayar budi téh nu aya mah manusa gé sarua hutang budi bayar pati.
o Aki-aki henteu tarima ku sabab saksi karék aya dua, kabeneran aya Peucang ngaliwat, tuluy
dititah jadi saksi.
o Aki-aki nyaritakeun masalahna timimiti nepika ahir, ku Peucang teu kahartieun hayang langsung
di peragakeun.
o Tuluy Si Oray Kuda ngajalankeun deui naon anu pernah karandapan ku manehna.
o Tungtungna mah kadut nu eusina Oray Kuda téh dialungkeun deui kana seuneu.

Ukbm2- sunda: dongéng 6


SU-3-2/4.2/1/2-2
Dongéng nu judulna “Aki-aki Hadé Budi” mibanda latar waktu, tempat, jeung suasana carita kieu.
a. Waktu kajadianana, isuk-isuk waktu Aki-aki rek ngala suluh.
b. Tempat kajadianana, di Leuweung.
c. Suasana Carita, nuduhkeun awal nu pikaseudiheun, tapi ahirna pikabungaheun. Anu matak
pikaseudiheunana nya éta Aki-aki rék dihakan ku Oray Kuda. Ari ahirna pikabungaheun, sabab
Aki-aki bebas ti Oray Kuda anu jahat.
Anu jadi unsur pamohalan dina dongén “Aki-aki Hadé Budi” di antarana nya éta:
1. Oray Kuda, Sapi jeung Tangkal Kupa bisa ngomong cara manusa.
2. Oray Kuda bisa ngagedéan jeung bisa ngaleutikan awakna.

Pancén 1 :

a. Téangan/pilih hiji dongéng (bisa tina buku/majalah, internét atawa sumber langsung)!
b. Tulis/prin atawa poto kopi éta téks dongéng sakumaha aslina!
c. Jawab/réngsékeun ieu patalékan:
1. Éta dongéng téh kaasup kana wanda (jenis) dongéng naon? Sebutkeun alesanana?
2. Naon téma jeung amanatna?
3. Sebutkeun palaku/tokoh carita?
4. Kumaha galur carita? (Jieun runtuyan poko-poko carita cara dina conto di luhur)
5. Kumaha latar caritana, iraha waktuna jeung di mana tempat kajadian caritana? Kumaha
suasana caritana?
6. Mana nu nuduhkeun unsur pamohalanana, nu matak teu kaharti ku akal?

E. Aspék Basa (Paribasa) dina Dongéng

Perhatikeun ieu cutatan dongéng di handap!


“Eéh...engké heula, asa teu kaharti. Budi kula ka andika nulungan ngajait pati, bet dibales
telenges? Da di kula mah di manusa, kuduna hutang budi bales budi, hutang pati bayar pati,
hutang uyah bayar uyah. Manéh mah hutang budi ka kaula, tapi mayarna ku pati!” ceuk aki-aki.
Ceuk Oray-Kuda, “Budi-budi kumaha, geuning nyatana mah rék maéhan, rék telenges ... Kula sieun
paéh kalaparan lantaran taya hakaneun. Mending paéh kaduruk, tinimbang paéh ku lapar mah.
Hayu padu di hakim gé, moal teu kula nu bener. Tuh, tanyakeun ka sapi geura nu kabeneran liwat!”
Dina cutatan di luhur aya kekecapan anu unina, “Kuduna hutang budi bales budi, hutang pati
bayar pati, hutang uyah bayar uyah”, ungkara basa model kitu téh kaasup kana paribasa anu
ngandung harti sakur amal perbuatan boh hadé boh goreng sok aya wawalesna.
Geura ilikan jeung tengetan conto pribasa sejenna ieu di handap!
1. Hutang hatong
Hartina: satengah heureuy nyaritakeun harta (boga) hutang daék mayar, henteu entong.
2. Kahutanagan budi
Hartina: geus narima kahadean ti batur, ditulungan dina keur susah.
3. Bodo aléwoh
Hartina: bodo tapi bari daék tatanya
4. Bodo katotoloyoh
Hartina: bodo bari tara daék tatanya
Ukbm2- sunda: dongéng 7
SU-3-2/4.2/1/2-2
5. Biwir nyiru rombéngeun
Hartina: resep nyaritakeun cécék bocék nu saenyana kudu dirahasiahkeun.
6. Jadi sabiwir hiji
Hartina: padangalem, padamuji kahadéanana.
7. Ateul biwir
Hartina: geus hayang pok nyarita ngedalkeun kakeuheul atawa nyarékan
8. Abong biwir teu diwengku létah teu tulangan
Hartina: sagala dicaritakeun bari teu jeung jeujeuhan
9. Banda tatalang raga
Hartina: leuwih hadé ngorbankeun banda batan cilaka awak
10. Banda sasampiran nyawa gagaduhan
Hartina: boh banda boh nyawa Pangéran nu kagungan.

Pancén 2:
1. Larapkeun/gunakeun paribasa-paribasa di luhur dina wangun kalimah!
2. Téangan deui paribasa séjén nu aya dina dongéng “Aki-Aki Hadé Budi” sarta sebutkeun naon
maksudna!

F. Prak-prakan Ngadongéng
Ari ngadongéng téh bisa langsung digalantangkeun, bisa maca bedas dongéng. Ngadongéng
digalantangkeun mah sarua baé jeung nyarita atawa cacarita di hareupeun balarea. Kitu deui, maca
bedas dongéng ogé dina prinsipna mah ngadongéng, ngan dongéngna dibaca tina buku, majalah,
atawa koran.
Aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun lamun urang rék ngadongéng atawa maca
bedas hiji dongéng, di antarana:
(1) apalkeun heula dongéng atawa baca heula dina jero haté;
(2) tengetan saha baé para palakuna jeung kumaha watek-watekna;
(3) apalkeun galur caritana;
(4) bédakeun mana bagian bubuka (prolog), babagian eusi, jeung bagian panutup (épilog);
(5) kudu puguh lentong jeung volumeu sorana;
(6) maca dongéngna ulah aga-eugeu, saperti nu kakara diajar maca; jeung
(7) mun bisa, lebah ngagalantangkeun atawa macakeun dongéng, sora-sora ti unggal palaku aya
bedana. Lamun henteu bisa, cukup ku ngabédakeun lentong, volumeu sora, atawa randegan
(jeda) omongan. Kudu ngagambarkeun deuih, kumaha nada omongan biasa, ambek, kumaha
nada omongan gumbira atawa sedih, jsté.

Pancén 3:
Dongéng anu dipilih (dina pancén 1) téa satuluyna lisankeun (pintonkeun) di hareupeun kelas
luyu jeung padika (panduan) di luhur!

Ukbm2- sunda: dongéng 8


SU-3-2/4.2/1/2-2

4. LATIHAN TES FORMATIF

Tengetan ieu dongéng!

Hiji mangsa di hiji balong anu méh saat kagaringan, lauk-lauk karumpul dina hiji lombang keur
ngayakeun gempungan. Ari anu mingpinna nya éta Sakadang Jaér. Ari Sakadang Jaér di dinya kaasup
lauk anu panggagahna, lantaran boga pamatil minangka pakarang pangseukeutna di saantéro lauk.
“Batur-batur” Sakadang Jaér mimiti cacarita. “Danget ieu urang geus méh tujuh bulan nguat-
nguat manéh cicing di ieu tempat. Lombang beunang nyieun kuring beuki orot baé caina. Duka sabaraha
poé deui urang kuat hirup di dieu. Urang ayeuna kari ngadago-dago wanci nu mustari, maot alatan
béakeun cai. Urang moal mangapulia deui.”
Lauk-lauk séjénna ngareluk bangun nu sedih pisan. Lauk Emas, Beunteur, Tampélé, Tawés, Nilem,
kabéh ngabigeu, ngan paromanna baé katémbong ngalalimba.
“Cikan kula rék nanya, sugan saha nu boga pamanggih ngakalan sangkan urang bisa salamet. Da
ngagago-dago hujan mah pimanaeun gancang-gancang turun.”
Lauk-lauk séjén angger jarempé. Antukna Sakadang Jaér ogé ngahuleng banget bingung kumaha
nya pilampaheun.”
Sabot kitu, kurumuy, géboy-géboy…… tina leutak nu méh garing aya lauk hideung nyampeurkeun,
awakna nu taya sisitan leucir ku leuleueur.
“Aéh Sakadang Lélé!” lauk-lauk séjénna caruringhak.
“Hampura kuring elat, tapi kuring téh mawa béja pikabungaheun”, Ceuk Sakadang Lélé sanggeus
aya di satengehing riungan.
“Cing pék béjakeun!” Sakadang Jaér témbong marahmay, kitu deui lauk-lauk séjénna.
Derekdek Sakadang Lélé nepikeun pamanggihna, yén manéhna ngadéngé sora cai ngocor béh
ditueun galengan balong. Sarta manéhna yakin yén di béh ditueun galengan téh aya susukan anu caina
tara saat-saat.
Sakadang Lélé anu kawéntar kuat ngambekkan sanajan dina leutak nu geus tuus, nyanggupan
pikeun ngocorkeun éta cai. Ngan manéhna aya paménta, sangkan leuwih gampang dina ngalaksanakeun
pancénna, hayang dibahanan pakarang anu kacida seukeutna. Demi pakarang anu dipimaksud téh taya
lian nyatana pamatil anu dipibanda ku Sakadanng Jaér téa.
Lauk-lauk gancang baradami, antukna Sakadang Jaér sadia nginjeumkeun pamatilna ka Sakadang
Lélé, pikeun dipaké nugar galengan téa.
Kacaturkeun bari jeung dibobotohan ku lauk-lauk séjénna, Sakadang Lélé mimiti ngarayap mapay-
mapay leutak nu tuus muru galengan, geus kitu manéhna mimiti nyieun liang pikeun jalan cai téa.
Sanggeus sababaraha lilana, galengan téh geus molongo jero. Gecruk-gecruk, golontor cai hérang
pisan ngocor ti beulah ditu. Sakadang Lélé gé ngahaja milu papalidan bari surak. Lauk-lauk nu nyaksian
ogé ger ngilu surak bakating ku bungah.
Teu kungsi sapoé, cai balong téh geus pinuh deui. Sakadang Jaér gancang ngumpulkeun deui lauk-
lauk sakabéhna. Dina éta riungan Sakadang Jaér cacarita, pokna, “Dulur-dulur, urang sararéa ngarasa
kahutangan budi ku Sakadang Lélé. Atuh Kaula pribadi ngarasa éra pisan ku arandika téh. Saméméhna
Kaula ngarasa gagah boga pamatil. Tapi geuning dina waktuna dipentés mah éta pamatil téh leuwih
guna kénéh aya di Sakadang Lélé. Ku kituna, ti mimiti danget ieu pisan, Kaula teu ngaboga-boga deui éta
pamatil. Minangka pamales budi ti kaula pék kaula masrahkeun éta pamatil keur Sakadang Lélé.”
Ger lauk-lauk téh Surak bawaning ku panuju. Nya ti danget harita nepikeun ka kiwari Sakadang
Lélé téh mibanda pamatil anu pohara seukeutna.

1. Lauk-lauk dina balong nu méh saat nu dipingpin ku Sakadang Jaér, keur ngayakeun …….
a. gabungan
b. guneman
c. gempungan
d. golongan
e. gangguan
Ukbm2- sunda: dongéng 9
SU-3-2/4.2/1/2-2
2. Pamatil téh minangka pakarang nu dipibanda ku sato sabangsa lauk, biasana ngagunakeuna téh ku
cara….
a. ngagibegkeun huluna
b. ngagebugkeun buntutna
c. nyalangapkeun sungutna
d. murakeun sarupa cai tina sungutna
e. ngegelkeun huntuna tarik pisan
3. Lamun di bangsa lauk boga pamatil, bangsa hayam mah mibanda pakarang ……
a. tanduk
b. peurah
c. siih
d. jamparing
e. balati
4. Lauk Emas, Beunteur, Tampélé, Tawés, Nilem, kabéh ngabigeu,……..
Nu dimaksud “ngabigeu” téh nyatana .....
a. sedih pisan
b. kumpul di hiji tempat
c. teu bisa cacarita
d. teu narimakeun kana kaayaan
e. ngarasa sieun
5. Lauk nu mibanda ciri jiga lélé, nyatana awakna nu taya sisitan nya éta …….
a. beunteur
b. nilem
c. bogo
d. belut
e. tampélé
6. Kecap “ngalalimba” (par.3) nuduhkeun kaayaan anu patali jeung anggahota awak …..
a. irung
b. ceuli
c. biwir
d. tarang
e. panon
7. Dina wacana tadi aya kalimah “Sakadang Lélé anu kawéntar kuat ngambekan …….“
Kecap “ngambekan” sarua jeung …….
a. molotot
b. napsu
c. maju/leumpang
d. ngaliang
e. ngarénghap
8. “…….. bari jeung dibobotohan ku lauk-lauk séjénna, Sakadang Lélé mimiti……”
Dibobotohan dina éta kalimah ngandung harti…..
a. dabaturan
b. dibantuan
c. disumangetan
d. dapangmeunangkeun
e. dalalajoan
9. “…….ngadéngé sora cai ngocor béh ditueun galengan balong.”
Kecap anu saharti jeung kecap galengan ……
a. walungan
b. wahangan
c. tambakan
d. kobokan
e. sampalan

Ukbm2- sunda: dongéng 10


SU-3-2/4.2/1/2-2
10. Disawang tina kajadianana, carita tadi téh kagolong kana dongéng warna/ jenis naon?
a. fabel/sasatoan
b. farabel
c. miteu/mitos
d. sasakala
e. sage
11. “…… geuning dina waktuna dipentés mah……”
Kecap nu samaksud jeung istilah “dipentes”, nya éta …….
a. ditukerkeun
b. disaruakeun
c. ditatanyakeun
d. dibutuhkeun
e. dimangpaatkeun
12. Ajén atikan éta carita di antarana, iwal…..!
a. salilana urang kudu tetep usaha, teu meunang putus asa
b. musawarah mangrupa hiji jalan pikeun ngagampangkeun kaluar tina pasualan
c. hiji pamingpin kudu wijaksana tur narima kana kakurangan dirina
d. urang kudu bisa méré/mikeun hiji hal ka anu bener-bener mampuh ngamangpaatkeunana
e. teu meunang tumarima kana naon anu tumiba ka diri urang
13. “Atuh Kaula pribadi ngarasa éra pisan ku arandika téh….”
Anu disebut “kaula” dina éta kalimah téh saharti jeung kecap ....... iwal?
a. kami
b. kuring
c. anjeun
d. abdi
e. sim kuring
14. Ieu di handap mangrupa ciri-ciri dongéng, iwal .....
a. sumebarna sacara lisan
b. kajadianana loba nu pamohalan
c. tara niténan unsur éstétika sastra
d. biasana tara dipikawanoh pangarangna
e. umumna wangunna parondok
15. Dongéng ngeunaan jurig/dedemit kaasup kana......
a. miteu
b. sasakala
c. pamuk
d. farabel
e. sage
16. Amanat nu bisa kapaluruh tina sempalan dongéng “Aki-Aki Hadé Budi” téh, iwal .......
a. urang kudu bisa mulang-tarima kana kahadéan ti batur
b. teu meunang nyamaratakeun kagoréngan ka saha baé
c. urang kudu wiijaksana dina ngamangpaat- keun alam
d. kudu ati-ati dina nangtukeun kaputusan
e. teu meunang ngamangpaatkeun kakayaan alam
17. Nu dimaksud ku ungkara ”hutang budi bayar budi” dina dongéng “Aki-Aki Hadé Budi” nya éta ....
a. kahadéan dibales ku kahadéan deui
b. ngalakukeun kahadéan ulah hayang kapuji
c. nu hadé teu salawasna hasilna hadé deui
d. urang kudu bisa milih pibatureun hirup
e. lamun ngalakukeun kagoréngan kudu tanggung jawab.

Ukbm2- sunda: dongéng 11


SU-3-2/4.2/1/2-2
18. “Hirup mah ulah sok ngarasa agul ku payung butut.”
Maksud “agul ku payung butut” nya éta ....
a. reueus kana kapangkatan kolot nu kiwari keur kaalaman
b. teu narimakeun kana kanyaah kolot
c. reueus kana kamampuh sorangan bari teu narima kana pangasih batur
d. ngagul-ngagul kasohoran karuhun (moyang) nu geus teu aya pangaruhna nanaon
e. agul kana kakayaan atawa kabeungharan banda nu aya di batur
19. Ieu di handap mangrupa ciri-ciri babasan jeung paribasa, iwal .....
a. ungkara/ucapanana geus matok
b. mibanda harti injeuman/babandingan
c. saeutik patri
d. hésé kahartina
e. kekecapanana teu bisa dilemeskeun
20. Nu dimaksud ku paribasa Abong biwir teu diwengku, létah teu tulangan nya éta …….
a. Nyarita nu pinuh ku kasopanan
b. Resep ngomongkeun kagoréngan batur
c. Nyarita rusuh nepi ka teu kaharti ku batur
d. Lamun teu ditanya tara daék cacarita
e. Nyarita nu matak nganyerikeun hate batur

5. PENUTUP

Setelah kalian belajar bertahap dan berlanjut melalui kegiatan telaah, analisis dan penyelesaian
pancén-pancén (tugas), isilah tabel berikut untuk mengukur diri kalian terhadap materi yang telah kalian
pelajari. Jawablah sejujurnya terkait dengan penguasaan materipada UKBM ini.

Tabel Refleksi Diri Pemahaman Materi


NO PERNYATAAN YA TIDAK
Apakah kalian sudah mengerti dan mampu menjelaskan tentang isi
1
dongeng?
Apakah kalian sudah mengerti dan mampu menjelaskan tentang jenis-jenis
2
dongeng?
Apakah kalian sudah mengerti dan mampu menjelaskan tentang struktur isi
3
(unsur instrinsik) dongeng?
Apakah kalian sudah mengerti dan mampu menjelaskan tentang aspek
4
kebahasaan (paribasa) pada dongeng?
Apakah kalian sudah mampu menyesuaikan (berlatih) cara penyampaian
5
dongeng?
Apakah kalian sudah mampu penyampaian dongeng dengan teknik yang
6
baik?

Jika menjawab “TIDAK” pada salah satu pertanyaan di atas, maka pelajarilah kembali materi tersebut
dan pelajari ulang kegiatan yang sekiranya perlu kalian ulang dengan bimbingan guru atau teman
sejawat. Jangan malas dan malu untuk mengulang lagi!. Dan apabila kalian menjawab “YA” pada
semua pertanyaan, maka lanjut ke UKBM berikutnya.

Ukbm2- sunda: dongéng 12


SU-3-2/4.2/1/2-2

6. DAFTAR PUSTAKA

Faturohman, Taufik. 1982. Tatabasa Sunda.Bandung. Jatnika,


Hadi, Ahmad. 1991. Peperenian. Bandung. Geger Sunten.
Hidayat, Rachmat Taufiq, spk. 2005. Peperenian Urang Sunda. Bandung. Kiblat Buku Utama.
Iskandarwassid. 1992. Kamus Istilah Sastra. Bandung Geger Sunten.
Jurusan Basa jeung Sastra Sunda FPBS UPI. 1990. Palanggeran Éjahan Basa Sunda. Bandung. Rahmat
Cijulang.
Lembaga Basa jeung Sasatra Sunda. 1995. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung. Tarate.
Satjadibrata, R. 2005. Kamus Basa Sunda. Bandung. Kiblat Buku Utama.
Sudaryat, Yayat. 1997. Pedaran Basa Sunda. Bandung. Geger Sunten.
----------- t.t. Waruga Basa “Pangajaran Kompetensi Basa Sunda pikeun Murid SMA/K Kelas X”. Bandung.
Karya Iptek.
Sumarsono, Tatang. 1983. Pedaran Sastra Sunda. Bandung. Medal Agung.
Wirakusumah, R. Momon, 1978. Babaran Undak Usuk Basa. Bandung. LBSS.
Wirakusumah, R. Momon, R.I. Buldan Jayawiguna. 1969. Kandaga Tata Basa. Bandung. Ganeco.

Wilujeng midamel !!!

Ukbm2- sunda: dongéng 13

Anda mungkin juga menyukai