Anda di halaman 1dari 1

MATERI DONGENG

Tradisi dongeng teh aya di mamana. Meh unggal bangsa boga dongeng sewang-sewangan. Eta
dongeng teh diwariskeun turun temurun ti karuhun ka generasi nu leuwih ngora, mangtaun-taun
malah boa mangabad-abad. Dongeng biasana ngawariskeun hiji nasehat, malah mandar jadi
eunteung dina kahirupan. Dongeng nyaeta carita rekaan nu kaasup kana salah sahiji karya sastra
dina wangun lancaran prosa . aya dua rupa wangun prosa nyaeta prosa modern jeung prosa
buhun. Contoh prosa buhun salian ti dongeng nyaeta carita wayang.
Macam-macam dongneg:
1. Dongeng anu nyaritakeun kahirupan jalma di masyarakatna jeung dina sajarahna disebut
parable. Contona para raja, para nabi, para wali jsb.
2. Dongeng nu nyaritakeun kahirupan sasatoan nyaeta disebut dongeng fable. Contona kuya
jeung monyet, sakadang kuya jsb
3. Dongeng anu nyaritakeun asal usul kajadian tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan
disebut dongeng sasakala.
4. Dongeng nu nyiptakeun makhluk khayalan bangsaning jurig jeung siluman disebut
dongeng mitos.

Ciri-ciri dongeng :
a. Dongeng teh aya tokohna, aya jalan caritana, aya tempat jeung waktuna.
b. Dongeng teh henteu kapanggih saha nu ngarangna
c. Dina dongeng sok kapanggih bagian-bagian anu teu kaharti ku akal
d. Miboga nasehat anu hade
e. Sok kapanggih babandingana jeung dongeng sejen di tempat sejen.

Anda mungkin juga menyukai