3/1/3-3
1. IDENTITAS UKBM
Melalui pembelajaran ini peserta didik dapat menjelaskan, isi, struktur dan aspek
kebahasaan laporan kegiatan, serta mampu menyusun teks laporan kegiatan sesuai
dengan kaidah, ciri-ciri dan struktur laporan dengan baik.
g. Materi Pembelajaran :
Fakta:
• contoh teks laporan kegiatan.
Konsep:
• Wangenan laporan kegiatan
• Ciri-ciri, dan struktur, laporan kegiatan.
Prosedur:
• Langkah-langkah penyusunan teks laporan kegiatan.
• Proses penyajian laporan hasil penyusunan téks laporan kegiatan.
2. PETA KONSEP
MACA TEKS
LAPORAN STRUKTUR EUSI
KAGIATAN (Kasang Tukang, Tujuan,
Waktu dan tempat,
Pamilon, Waragad,
Kagiatan, panutup )
MEDAR
LAPORAN
LAPORAN
KAGIATAN
KAGIATAN
STRUKTUR BAHASA
NYUSUN (Diksi, Aksara Gede)
LAPORAN
KAGIATAN
3. PROSES BELAJR
1. Baca dan pahami beberapa wacana dan bahasan yang ada di UKBM ini.
2. Setelah memahami isi materi, berlatihlah memperluas pengalaman belajar melalui
tugas-tugas atau kegiatan-kegiatan belajar baik yang harus kalian kerjakan sendiri
maupun bersama teman sebangku atau teman lainnya sesuai instruksi guru.
3. Kerjakan tugas-tugas di buku kerja yang sudah kalian siapkan sebelumnya.
4. Apabila kalian yakin sudah paham dan mampu menyelesaikan permasalahan-
permasalahan dalam kegiatan belajar, kalian boleh sendiri atau mengajak teman lain
yang sudah siap untuk mengikuti tes formatif agar kalian dapat belajar ke UKBM
berikutnya (jika belum memenuhi KKM, maka pelajari kembali materi ini kemudian
minta tes lagi sampai memenuhi KKM).
5. Jangan lupa melalui pembelajaran ini kalian dapat mengembangkan sikap jujur,
peduli, dan bertanggung jawab, serta dapat mengembangkan kemampuan berpikir
kritis, komunikasi, kolaborasi, kreativitas.
B. Bubuka (Pendahuluan)
Laporan kagiatan the disusun minangka bukti hiji kagiatan geus dilaksanakeun. Lian ti eta,
laporan kagiatan oge geus bisa dianggap bukti ayana tanggung jawab salasaurang jalma atawa
calagara (panitia) ka nu mere pancen. Pikeun hiji lembaga/ institusi, laporan kagiatan bisa
dijadikeun cecekelan keur nyieun kagiatan atawa program satuluyna.
Laporan teh nya eta ringkesan ngeunaan hiji kagiatan, kaayaan, atawa hal naon bae nu geus
kaalaman atawa kalaksanakeun anu kudu ditepikeun ka pihak anu mere pancen minangka
pertanggungjawaban.
Rupa-rupa laporan
I. Laporan disawang tina cara nepikeunana aya dua nya eta:
a. Laporan lisan
b. Laporan tinulis
2. Laporan disawang tina eusina, aya tilu nya eta:
a. Laporan kagiatan, nya eta laporan hiji kagiatan nu geus dilaksanakeun. Contona:
laporan kagiatan piknik, laporan kagiatan lomba, jst.
b. Laporan keuangan, nya eta laporan anu eusina ngeunaan kaluar asupna duit di hiji
lembaga/pausahan.
c. Laporan jurnalistik (laporan lalampahan), nya eta laporan anu eusina ngeunaan
lalampahan wartawan dina ngaliput hiji peristiwa atawa kagiatan anu dipandang aya
mangpaatna keur batur.
1. Bubuka
Dina raraga milangkala kamerdékaan Indonesia anu ka-73, Karang Taruna Desa Tumaritis
ngayakeun kagiatan Pagelaran Seni Sunda pikeun lingkungan Desa Tumaritis. Ieu kagiatan téh
minangka ngareuah-reuah kana milangkala kamedékaan anu ka-73, sarta salasahiji kasempetan
pikeun némbongkeun kaparigelan jeung karancagéan sakumna masarakat Désa Tumaritis. Salian
ti éta, ieu kagiatan téh pikeun miara tur ngamumulé budaya nu aya di Indonésia. Dina ieu kagiatan
téh bakal mintonkeun sababaraha seni tradisi Sunda, di antarana nyaéta calung, longsér, ibing
penca, réog, tari, jeung rampak kawih.
Ieu kagiatan téh dilaksanakeun dina poé Saptu, 19 Agustus 2018. Jam 19.30 WIB nepi ka
22.00 WIB. Tempatna di Aula Désa Tumaritis, Jalan Tumaritis No. 3 Kota Tumaritis.
4. Waragad
Waragad pikeun ngayakeun ieu kagiatan nu katarima téh nyaéta Rp. 5.000.000,-, anu
sumberna tina anggaran Désa Tumaritis. Éta waragad téh dipaké pikeun rupa-rupa kaperluan
jeung kabutuhan pagelaran.
6. Panutup
Kagiatan Pagelaran Seni téh lumangsung kalawan lungsur-langsar luyu jeung rarancang anu
geus dijieun saméméhna. Unggal pamilon nu midang némbongkeun kaparigelanana sarta bisa
méré kesan anu hadé ka nu nongton. Sanajan kitu, aya saeutik kakurangan dina pasualan téhnis
nataharkeun panggung, pangpangna dékorasi. Éta hal téh lantaran kurangna koordinasi antara
pihak panitiana sorangan. Muga-muga bisa jadi bahan évaluasi pikeun kagiatan ka hareupna.
Pamungkas, panitia ngahaturkeun nuhun ka sukumna pihak anu geus ngarojong kana ieu
kagiatan. Mugia Allah SWT maparinan ganjaran kana kasaéan sadayana. Amin.
Cara midangkeun laporan kagiatan téh bisa ku rupa-rupa cara. Aya anu formal cara conto laporan
ka-1 jeung ka-3, aya ogé anu teu formal maké narasi atawa dicaritakeun wungkul. Tapi, boh anu
formal boh teu formal, struktur laporanana mah teu pati béda. Didadarkeun heula kasang tukang
jeung tujuanana, didadarkeun prosés kagiatanana, sarta dipungkas ku hasil kagiatan.
Geura ilikan laporan kagiatan ieu di handap, anu ditulis maké susunan (struktur) teu formal.
Sanajan ngumbara jauh ka nagri deungeun, tapi teu poho ka lembur sorangan. Kitu nu kaalaman
ku urang Sunda di Kuwait, nu aya dina beungkeutan Paguyunan Pasundan Kuwait (PPK). Éta
pisan anu ngajurung sumanget aranjeunna milu dina kagiatan ngareuah-reuah HUT RI 17 Agustus
2015 nu diayakeun ku KBRI di Kuwait.
Tujuan kagiatan agustusan téh, ceuk Kepala Dubes Kuwait Bapa Tatang Budi Razak nu ogé
teureuh Ciamis, , sangkan urang Indonésia nu di luar negeri tetep teu poho kana sajarahna. Kitu
deui, nurutkeun Ketua PPK Dr. Agus Abdullah, P.hD., milu ngareuah-reuah agustusan nu
dilaksanakeun ku KBRI tzh bisa ngaraketkeun duduluran urang Sunda di Kuwait, ogé keur
némbongkeun préstasi urang Sunda ka sélér séjénna nu aya di Kuwait.
Kagiatan agustusan dilaksanakeun ti tanggal 31 Juli nepi ka puncakna tanggal 7 Juli 2015,
kalawan dibuka ku Kepala Dubes Kuwait di gedung Al Nasser Sports Centre Ishbilya. Sababaraha
jenis kagiatan digelar, di antarana aya lomba futsal déwasa, futsal anak-anak, badminton,
pingpong, catur, karaoké, jeung gapléh.
Kumaha ari préstasi urang Sunda? Sabada lomba lumangsung, Tim Paguyuban Pasundan Kuwait
nyangking sawatara juara, di antarana juara badminton perorangan nu diwakilan ku Karjan. Kitu
deui olah raga futsal barudak PPK ogé geus némbongkeun préstasina, nyaéta asup juara 3. Keur
PPK, saperti nu ditsebutkeun ku sesepuh/déwan penaséhat Abu Ridwan Nanang Suyono,
nyangking sababaraha préstasi olahraga téh tangtu matak reueus. Lantaran, lian ti bakal mawa
sumanget betah di tempat gawé di Kuwait, ogé bakal tetep nyaah ka Tatar Sunda ku cara miéling
agustusan. ***
1. Kasang Tukang
Ku pangaruh moderenisasi jeung kamajuan jaman, kiwari beuki loba budaya urang anu
kalindih ku budaya deungeun. Para rumaja loba anu henteu apal kana adat kabiasaan urang
Sunda anu mibanda ajen-ajen atikan nu luhung. Eta sababna kudu aya kagiatan anu bisa
ngawanohkeun para rumaja atawa para siswa di sakola kana budaya Sunda nu aya di tatar
Sunda. Dumasar kana kasang tukang pamikiran eta, SMA Sunda Jaya ngayakeun kagiatan
Wisata Budaya ka Kampung Mahmud.
4. Pamilon
Jumlah pamilon 255 urang (250 urang siswa jeung 5 urang guru pangaping).
5. Waragad
Waragad ieu kagiatan the tina iuran para siswa anu gedena Rp 75.000,- saurangna, jeung
dana bantuan ti sakola. Eta waragad the digunakeun pikeun transportasi (ongkos Beus), mayar
karcis di lokasi jeung konsumsi di perjalanan.
6. Kagiatan
Di Kampung Mahmud para siswa ningalian kaayaan lembur, nitenan wangunan imah
panggung sarta nanyakeun adat kabiasaan urang dinya k cara ngawawancara sababaraha
tokoh masarakat. Para siswa oge jarah ka makam Eyang Abdul Manaf, anu mimiti ngadegkeun
Kampung Mahmud.
Hasil tina nitenan kaayaan di Kampung Mahmud, bisa dicindekkeun sawatara ha lieu di
handap:
a. Kampung Mahmud the perenahna di Desa Mekarrahayu, Kacamatan Margaasih, Kabupaten
Bandung. Kaasup kampong anu masih keneh tukuh nyekel adat-istiadat titinggal karuhun.
Dina kahirupan sapopoe aya pantrangan anu teu meunang dirempak ku masarakat di eta
wewengkon.
b. Nurutkeun sajarahna, Kampung Mahmud the diadegkeun ku Eyang Abdul Manaf. Dina
jaman Walanda anjeunna ngamukim di Mekah. Samemeh mulang ka lemah cai, kungsi
ngadu`a sarta munajat ka Alloh di kubah Mhmud nu aya di wewengkon Masjidil Harom.
Anjeunna menta pituduh di mana tempat pamulangan anu moal katincak ku Walandanu
kuda. Nya meunang ilapat, yen tempat anu kudu dijugjug the nyaeta wewengkon ranca. Eta
sababna Eyang Abdul Manaf tuluy ngajugjug ka tanah ranca anu aya di deukeut walungan
Citarum, di pasisian Bandung. Kitu saskalana naon sababna ieu lembur dingaranan
Kampung Mahmud.
c. Di Kampung Mahmud loba keneh wangunan imah panggung. Sawarehna deui imah gedong.
Baheula mah imah the kabeh oge panggung cenah, sabab kitu wasiat ti Eyang Abdul
Manaf, teu meunang imah permanen ku tembok. Di hiji tempat aya makam tempat
panagjarahan. Dina gapurana aya tulisan “makom Mahmud”. Anu dikuburkeun di dinya the
Eyang Abdul manaf jeung karuhun Kampung Mahmud sejenna. Ieu makam sok haneuteun
bae ku anu ngadon jarah ti mana-mana, boh ti Bandung boh ti daerah sejen.
Eta pantrangan-pantrangan the aya pakaitna jeung gentingna kaayaan dina jaman
Walanda harita. Ku sabab Eyang Abdul Manaf hayang ulah kanyahoan ku panjajah, nya
lingkungan lembur oge kudu simpe. Ulah aya s sahora goong atawa soang, sabab bakal
babari kapanggihna ku Walanda. Kitu deui imah oge ulah make kaca ngarah nu ngeusina
teu katenjo ku saha-sahana. Ayeuna mah eta pantrangan the geus loba anu dirempak. Ari
sababna eta pantrangan geus teu saluyu jeung kaayaan jaman.
7. Panutup
Sanggeus nengetan kahirupan urang Kampung Mahmud, tetela yen urang kudu miara
sarta ngajenan kana tradisi titinggal karuhun. Eta tradisi the naha nu mangrupa wangunan
uamana wae imah, paparabotan, jeung sajabana, atawa anu mangrupa adat kabiasaan hirup
sapopoe. Horeng henteu sakabeh pantrangan karuhun teu bisa dirempak. Di Kampung
Mahmud, eta pantrangan the disurahan deui sarta diluyukeun jeung kaayaan jaman kiwari. Ku
nitenan adat kabiasaan urang Sunda sakumaha anu katempo di Kampung Mahmud muga-
maga bae sing jadi pelajaran keur para rumaja atawa para siswa.yen urang kudu ngahargaan
kana banda budaya titinggal karuhun.
Pancén:
Ayeuna hidep latihan nyusun laporan kagiatan. Hidep bisa nagtukeun leuwih ti heula
masalah nu rek dilaporkeun. Samemehna tangtukeun heula rangkay laporanana, tuluy susun
eta rangkay laporan teh dina wangun laporan saperti conto di luhur.
Cara midangkeun laporan kagiatan pilih salahsahiji cara. Aya anu formal cara conto
laporan ka-1 jeung ka-3, aya ogé anu teu formal maké narasi atawa dicaritakeun wungkul cara
conto laporan ka-2. Tapi, boh anu formal boh teu formal, struktur laporanana mah teu pati béda.
Didadarkeun heula kasang tukang jeung tujuanana, didadarkeun prosés kagiatanana, sarta
dipungkas ku hasil kagiatan.
2. Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji dina awal kalimah cutatan langsung.
Contona: Manehna nanya, “Ku naon budak teh ceurik?”
3. Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji dina kecap anu aya patalina jeung hal-
hal kaagamaan, kitab suci, jeung jenengan Allah (kaasup kecap sulur-Na).
Contona: Allah
Nu Mahakawasa
Islam
Qur`an
Mugi Allah nangtayungan ka umat-Na.
4. Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji gelar kahormatan, turunan,
kaagamaan, jeung sesebutan anu dituturkeun ku ngaran macakal atawa jujuluk.
Contona: Raden Memed Sastrahadiprawira
Haji Hasan Mustapa
Si Gegep
5. Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji kahormatan, turunan, jeung
kaagamaan anu dituturkeun ku ngaran macakal.
Contona: Gubernur Jawa Barat
REktor UPI
Laksamana R.E. Martadinata
Lamun teu dituturkeun ku ngaran macakal mah (ngaran jalma, instansi, tempat) ulah
ditulis ku aksra gede.
Contona: Saha gubernur nu dilantik kamari the?
Pangkatna ditaekeun jadi colonel
Lanceukna mah insinyur
7. Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji ngaran bangsa, seler bangsa, jeung
basa.
Contona: bangsa Indonesia
urang Sunda
basa Arab
8. Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji ngaran taun, bulan, poe, hari raya,
jeung kajadian sajarah.
Contona: tauh Hijriah
poe Juma`ah
Proklamasi Kemerdekaan
Ukbm3- sunda: laporan kagiatan 9
SUN-3-3/4.3/1/3-3
9. Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji ngaran macakal dina geografi.
Contona: Gunung Galunggung
Walungan Cihaliwung
Selat Sunda
10. Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji ngaran resmi badan, lembaga
pemerintahan, katatanagaraan, jeung ngaran dokumen resmi.
Contona: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan
Undang-Undang Dasar 1945
11. Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji kecap-kecap ngaran baku, majalah,
surat kabar, jeung judul karangan iwal kecap partikel (di, ka, ti, pikeun, anu, jsb.) anu lain
dina posisi awal.
Contona: Di Luhureun Jukut Reumis, kumpulan carpon karangan Yus Rusyana.
Dina Majalah Mangle rea sajak nu harade.
12. Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji kecap-kecap judul bab, subbab, jeung
salian ti eta, iwal partikel.
Contona: Bab I Kasang Tukang
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
13. Aksara gede dipake pikeun nuliskeun singgetan gelar jeung sesebutan. Singgetan gelar
salawasna dipungkas ku tanda titik.
Contona: Dr. Doktor
Ir. Insinyur
S.H. Sarjana Hukum
Prof. Profesor
Sdrk. Saderek
14. Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji kecap anu nuduhkeun pancakaki
(saperti bapa, ema, saderek, kakang, emang, jste.) anu dipake pikeun gaganti kecap sulur
atawa sesebutan.
Contona: Iraha Bapa angkat ka Bogor teh?
Kumaha damang, Ma?
Mangga calik, Kang!
15. Aksara gede dipake pikeun nuliskeun aksara kahiji kecap anu nuduhkeun jujuluk.
Contona: Dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet pikaresepeun.
Saha ari Ki Umbara teh?
Anu dileler Si Jalak Harupat teh nyaeta Oto Iskandardinata.
Béré tanda cakra (X) dina pilihan jawaban A, B, C, D, atawa E nu ku hidep dianggap bener!
1. Laporan kagiatan pagelaran seni Sunda Karang Taruna Desa Tumaritis téh diayakeun dina
raraga ....
A. miéling poé basa Indung sadunya
B. milangkala Désa Tumaritis nu ka-100
C. milangkala Kota Tumaritis
D. milangkala kamerdékaan Indonesia
E. milangkala Kepala Désa
2. Dina ngayakeun kagiatan pagelaran seni Sunda, Karang Taruna Désa Tumaritis téh
nyanghareupan sawatara bangbaluh atawa kakurangan, di antarana ....
A. kakurangan dina urusan waragad
B. nataharkeun panggung
C. kakurangan pamilon anu midang
D. ngayayayna waktu kagiatan
E. kurang publikasi kagiatan
3. Salian ti pikeun miéling kamerdékaan Indonesia nu ka-73, kagiatan Pagelaran Seni Sunda téh
diayakeun pikeun...
A. milangkala Désa Tumaritis
B. ngamumulé jeung miara budaya daérah
C. némbongkeun karaméan Désa Tumaritis
D. ngareuah-reuah wali kota Tumaritis nu anyar kapilih
E. nilangkala ngadegna gedung aula Désa Tumaritis
4. Sabada maca laporan kagiatan pagelaran seni Sunda nu diayakeun ku Karang Taruna Désa
Tumaritis, informasi anu katarima ku urang téh nyaéta ....
A. weruh kana struktur lumangsungna kagiatan
B. kagiatan pagelaran seni téh diayakeun pikeun némbongkeun kaparigelan jeung karancagéan
masarakat Désa Tumaritis
C. kagiatan pagelaran seni téh mikabutuh waragad ti sponsor
D. weruh kana wangun laporan kagiatan
E. ngayakeun kagiatan pagelaran seni Sunda téh mikabutuh kasadaran masarakat Désa
Tumaritis
Ukbm3- sunda: laporan kagiatan 11
SUN-3-3/4.3/1/3-3
5. Laporan kagiatan pagelaran seni Sunda nu diayakeun di Désa Tumaritis téh kaasup kana
laporan anu sipatna formal, sabab....
A. lantaran disusun ngaguluyur
B. lantaran disusun maké narasi
C. lantaran disusun maké struktur bab
D. lantaran disusun dumasar wangun artikel berita
E. lantaran bisa ditulis ku saha baé
6. Laporan kagiatan “Wisata Budaya ka Kampung Mahmud “ teh temana nyaéta ....
A. ngamumulé budaya Sunda kiwari ku barudak sakola
B. mikawanoh adat kabiasaan hiji wewengkon di tatar Sunda
C. minangka upaya pikeun nanjeurkeun budaya Sunda
D. ngamumulé budaya Sunda di Kampung Mahmud
E. pikeun nyangking préstasi dina widang tradisi
7. Hal-hal atawa aktivitas anu dipilampah ku urang dina hiji waktu di tempat anu tangtu
disebutna….
A. diajar
B. kagiatan
C. kajadian
D. peristiwa
E. pangalaman
9. Anu ’teu kaasup’ kana struktur nyusun laporan kagiatan téh nyaéta ....
A. kasang tukang
B. tujuan kagiatanana
C. prosés kagiatanana
D. hasil kagiatan
E. bangbaluh
10. Laporan kagiatan anu eusina ngeunaa lalampahan wartawan dina ngaliput hiji peristiwa atawa
kagiatan anu dipandang aya mangpaatna keur batur disebut laporan ….
A. lisan
B. tinulis
C. jurnalistik
D. kagiatan
E. kauangan
Konci Jawaban
1. Pilihan Ganda
1. D 6. B
2. B 7. B
3. B 8. D
4. B 9. E
5. C 10. C
2. Uraian
1. Laporan kagiatan téh intina mah minangka bukti yén éta kagiatan téh geus lumangsung, anu
eusina mangrupa sagala informasi anu patalina jeung kagiatan anu geus lumangsung téa.
2. Ari anu formal mah maké struktur bab, ari anu teu formal maké narasi, mangrupa artikel warta.
3. a. Kasang tukang
b. tujuan kagiatanana
c. prosés kagiatanana
d. hasil kagiatan
4. Lantaran ngalaporkeun kagiatan téh kaasup kana kagiatan formal. Ari basa Sunda dina
kagiatan-kagiatan formal téh ilaharna mah ngagunakeun basa loma.
5. Gumantung kaparigelan siswa
Lajuning Laku
Sanggeus hidep neuleuman matéri di luhur, sangkan leuwih paham jeung ngawasa éta matéri pék
baca buku anu aya patalina jeung laporan kagiatan. Di antarana bisa dibacaan dina référénsi nu
dibéréndélkeun di handap.
Kagiatan kaparigelan (prakték) dina ieu modul omat laksanakeun, sarta ngalaksanakeunana
hadéna babarengan jeung babaturan sakelompok. Sagédéngeun éta, hasil nyusun laporan
kagiatan téh kudu dikumpulkeun ka guru/tutor. Upama aya matéri nu teu dipikaharti, boh matéri
pangajaran boh pituduh dina nganalisis struktur laporan kagiatan, tanyakeun sarta diskusikeun
(konsultasi) jeung guru bina.
5. PENUTUP
Setelah kalian belajar bertahap dan berlanjut melalui kegiatan telaah, analisis dan
penyelesaian pancén-pancén (tugas), isilah tabel berikut untuk mengukur diri kalian terhadap
materi yang telah kalian pelajari. Jawablah sejujurnya terkait dengan penguasaan materipada
UKBM ini.
Jika menjawab “TIDAK” pada salah satu pertanyaan di atas, maka pelajarilah kembali
materi tersebut dan pelajari ulang kegiatan belajar 1 dan 2, yang sekiranya perlu kalian ulang
dengan bimbingan Guru atau teman sejawat. Jangan putus asa untuk mengulang lagi!.
Dan apabila kalian menjawab “YA” pada semua pertanyaan, maka lanjut ke berikutnya.
Agar dapat dipastikan bahwa kalian telah menguasai materi “Narjamahkeun”, maka kerjakanlah
soal berikut secara mandiri di buku kerja kalian.
6. DAFTAR PUSTAKA