Anda di halaman 1dari 26

MAKALAH

CARITA PANTUN LUTUNG KASARUNG

Dijieun Pikeun Nyumponan Salasahiji Pancén


Mata Kuliah Apresiasi Prosa

Dosen :
Dr. Ruswendi Permana, M. Hum.
Dr. Retty Isnendes, S. Pd., M. Hum.

Disusun Ku :

Kelompok : 2 Kelas : 3B

Andra Annisa Febriani 1700689


Astri Khairun Nissa Destriani 1701340
Dangiang Rael Andanawari 1702859
Fazar Muhammad 1704692
Ranty Soeny Paraswati 1704031
Rika Latina laras 1704651
Santiah 1701282
Teguh Purwa Saputra 1703973

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA SUNDA


FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
2018
PANGJAJAP

Puji sinareng sukur panyusun sanggakeun ka Allah SWT, sabab kalawan


rahmat, kurnia, sarta taufik jeung hidayah-Na, panyusun tiasa ngaréngsékeun
makalah ngeunaan Carita Pantun Lutung Kasarung kalawan saé, sanajan seueur
kénéh kakirangan dilebetna.
Panyusun miharep ieu makalah bisa aya gunana pikeun nambihan
pangaweruh sarta élmu panyusun ngeunaan carita pantun Lutung Kasarung.
Panyusun ogé sadar yén ieu makalah téh aya kakirangan jeung jauh ti sampurna.
Ku kituna, panyusun miharep ayana kritik, saran, pikeun ngabenerkeun makalah
nu geus panyusun damel keur kahareupna.
Mugia ieu makalah bisa dipahaman ku saha waé nu macana, sarta aya
mangpaatna pikeun pamaca. Saméméhna, panyusun nyungkeun dihapunten upami
aya kalepatan dina ieu makalah.

Bandung, 01 November 2018

Panyusun

i
DAPTAR EUSI

PANGJAJAP.............................................................................................................i
DAPTAR EUSI........................................................................................................ii
BAB I.......................................................................................................................1
1.1. Kasang Tukang..........................................................................................1
1.2. Rumusan Masalah.....................................................................................2
1.3. Udagan.......................................................................................................2
BAB II......................................................................................................................3
2.1. Tiori Carita Pantun....................................................................................3
2.2. Sinopsis Carita Pantun Lutung Kasarung..................................................5
2.2.1. Unsur Intrinsik Carita Pantun Lutung Kasarung................................7
2.2.2. Unsur Ektrinsik Carita Pantun Lutung Kasarung..............................8
2.3. Apresiasi Tokoh jeung Penokohan Carita Pantun Lutung Kasarung........8
2.4. Carita Pantun Lutung Kasarung jeung Sikep Manusa Jaman Kiwari.....10
2.5. Transformasi Carita Pantun.....................................................................11
2.5.1. Novel................................................................................................11
2.5.2. Carita Pondok...................................................................................15
2.5.3. Dongéng...........................................................................................17
2.5.4. Film..................................................................................................19
2.5.5. Drama Musikal.................................................................................20
2.5.6. Animasi............................................................................................20
2.5.7. Carita Wayang..................................................................................20
2.5.8. Tembang Cianjuran..........................................................................21
2.6. Transformasi Kana Wangun Sajak..........................................................21
BAB III..................................................................................................................22
3.1. Kacindekan..................................................................................................22
3.2. Saran............................................................................................................22
DAPTAR PUSTAKA.............................................................................................23

ii
BAB I
BUBUKA

1.1. Kasang Tukang

Karya sastra geus aya ti jaman karuhun, objek dina karya sastra nyaéta
kanyataan atawa naon waé nu dianggap kanyataan ku pangarang. Dina tradisi
sunda kuno, wangun karya sastra aya rupa-rupa, diantarana carita pantun, carita
wayang, wawacan, jsb. Numutkeun Koentjaraningrat (1993:308) seni
kasusastraan nu pangkolotna nyaéta carita pantun. Carita pantun nyaéta carita
pahlawan-pahlawan karuhun Sunda dina wangun prosa diselang-seling ku
kalimah nu miboga wirahma, dipirig ku kacapi atawa disebut ogé pantun.

Dina carita pantun ngandung unsur-unsur saencan datangna pangaruh Hindu


jeung Budha, ku kituna carita pantun sok dianggap karamat ku masarakat Sunda
jaman baheula. Judul carita pantun nu dianggap karamat diantarana : Lutung
Kasarung, Munding Laya Di Kusumah, jeung Ciung Wanara.

Ti sakabéh carita pantun, Lutung Kasarung nu dianggap pangsakralna diantara


nu séjénna, sabab ayana pernikahan kosmik nyaéta pernikahan antara dunya luhur
(Guru Minda) jeung dunya handap (Purba Sari), éta pernikahan patukang
tonggong jeung kosmologi Sunda kuno (Sumardjo, 2003:50).

Carita pantun Lutung Kasarung miboga lakon penting pikeun nyiptakeun


kahirupan nu harmonis di jaman baheula ku ayana makna-makna dina éta carita
pantun. Sabab carita pantun gelarna basa kabudayaan di daérah Sunda miboga
kabudayaan nu religius, béda jeung kabudayaan modern.

Masarakat Sunda modern réa nu teu nyaho yén Lutung Kasarung nyaéta hiji
carita pantun nu dipikaresep jeung disakralkeun atawa dianggap suci ku masarakat
Sunda jaman baheula, karya sastra carita pantun mangrupa warisan tradisi
karuhun nu kudu dimumulé minangka ciri has masarakat Sunda. Pikeun
ngaronjatkeun pangaweruh masarakat Sunda modern ngeunaan ciri has jeung
kreativitas bangsana, ngawanohkeun carita Lutung Kasarung minangka karya
sastra carita pantun nu miboga ajén moral nu alus keur pamaca penting pisan
pikeun dibahas.

1
1.2. Rumusan Masalah

Rumusan masalah ieu makalah ditilik tina :


a.Kumaha wangenan, ciri, kamekaran carita pantun?
b.Kumaha carita pantun ngeunaan Lutung Kasarung sarta unsur intrinsik jeung
ekstrinsikna?
c.Kumaha apresiasi karakter carita pantun Lutung Kasarung?
d.Kumaha lamun carita pantun Lutung Kasarung dipatalikeun jeung sikep
manusa jaman kiwari?

e.Kumaha transformasi carita pantun Lutung Kasarung dina wangun novel,


carita pondok, dongéng, film, drama musikal, animasi, tembang cianjuran,
jeung sajak?

1.3. Udagan

Makalah ngeunaan carita pantun Lutung Kasarung, dipiharep bisa


numuwuhkeun motivasi pikeun mahasiswa dina mekarkeun karya sastra asli
urang Sunda. Ieu hal ogé bisa jadi jembatan manusa nalika nilik ajaran kahirupan
manusa jaman baheula anu kuduna jadi jembatan pikeun kahirupan jaman kiwari.
2.

2
BAB II
EUSI

2.1. Tiori Carita Pantun

Carita pantun téh sastra sunda anu pangkolotna. Carita pantun nyaéta carita
rékaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan (ritual) anu disebut
mantun. Mantun biasa dipirig ku kacapi indung (pantun) sarta biasana
dihaleuangkeun. Carita pantun biasana dipagelarkeun sapeuting jeput nepi ka
tutug téh dimimitian ti bada isa. Ukuran carita pantun umumna panjang. Dumasar
kana mediana, carita pantun gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu méré
kesan pamohalan.

Jadi teu anéh lamun carita pantun di hiji daérah sok béda cara nyaritakeunna
jeung daérah séjén. Sanajan judul tina carita pantun éta sarua. Anu mantunkeun
carita pantun disebut juru pantun. Jaman baheula mah juru pantun téh dikudukeun
lolong lantaran bisi teu kataékan ceunah mah.

Pantun téh tipikal produk pakumbuhan buhun nu arkais : mangrupa-rupa


cabang seni masih babarengan dipintonkeun dina raraga upacara ritual : sastra,
sora, musik, jsb. Pantun diayakeunana dina upacara-upacara nu aya patalina jeung
kahirupan manusa atawa masarakat baé, heunteu meunang sagawayah. (Rosidi,
1983:43)

Carita pantun béda jeung wayang, aya sababaraha ciri anu ngabédakeunna.
Salasahijina dina carita pantun aya rajah. Rajah téh bisa diebut ogé bubuka dina
carita pantun. Eusi dina rajah biasana neda nuhun jeung puji syukur kanu
dipercaya masarakat jaman harita. Boh nu ngajagaan éta patempatan, karuhun,
jsb.

Dina lalakon pantun écés ngagambarkeun falsafah jeung kapercayaan karuhun


urang baheula, nu hirup dina alam agraris. Réréana lalakon pantun nyaritakeun
ménak pajajaran nu lunta ngalalana. Dina carita pantun Ciung Wanara jeung
Lutung Kasarung aya tokoh si Léngsér. Léngsér téh filosofna geus teu nanaon
kunanaon. Léngsér téh kapercayaan raja, panggeuhan ménak nu dipayungan ku
payung ageung, paranti tatanya jalma sanagara. Si Léngsér bijaksana kana naon

3
anu bener jeung naon anu salah. Dina carita pantun Ciung Wanara jeung Lutung
Kasarung Léngsér bisa mantuan nu bener nu dikakaya nepi ka ngelehkeun anu
sarakah tur teu adil.

Pantun ngandung fakta-fakta sajarah anu matak nimbulkeun kapanasaran, teu


bisa dipungkir. Ieu hal nu ngabalukarkeun urang kudu nalungtik carita pantun
sangkan eusi jeung filosofi tina carita pantun bisa kaguar.

Ajén carita-carita pantun diténjo tina jihat élmu sajarah, heunteu kurang tina
ajén-ajén sumber sajarah lianna. Pangpangna kulantaran aya ka inggis ti para juru
pantun pikeun ngayakeun robahan-robahan dina lalakon nu sok dipantukeunana.
Jadi éta lalakon téh, dalah cara-cara jeung susunana turun-tumurun angger
heunteu robah-robah. Geus mangratus-ratus taun angger baé (Rosidi , 1983:45).

Carita pantun anu pangéndahkeun jeung panghadéna sarta anu ajénna


pangluhurna mah nyaéta Lutung Kasarung. Ieu carita disebut kitu, lantaran
nyaritakeun perkara Guru Minda Kahyangan turun ka Buana Panca Tengah
nyamar nganggo raksukan Sanghyang Mega Hideung mangrupa Lutung.

Lutung Kasarung téh mungguhing di antara carita pantun pangkaramatna.


heunteu saban juru pantun wanieun mantunkeun Lutung Kasarung. Nepika ayeuna
can kungsi aya juru pantun nu wanieun mantunkeun Lutung Kasarung. Basana
teu wasa ceunah, da kudu gede pameulina.

Argasasmita, mantri gudang kopi kawunglarang, kungsi nyatétkeun éta


lalakon sacara lengkep. Malah ku C.M. Pleyte mah kungsi dilaténkeun sarta
dimuat dina Verhandelingen van het Bataviaasch Genootschap van kunsten &
Wetenschappen (VBG) jilid LVII, taun 1910 (Rosidi, 1983:54).

Teks anu ditulis ku Argasasmita téh teu aya katerangan lutungna timana.
Sanajan kitu tapi ieu téh jadi hiji – hijina sumber nu ngabahas Lutung Kasarung.

Dina mangsa saméméh perang, aya sababaraha edisi Lutung Kasarung.


Engkawijaya kungsi ngaluarkeun versi wawacan. Sabada perang Rukasah S.
Wirasasmita ngamuat eta lalakon jadi feilleton dina majalah Kiwari ngan teu
kungsi nepi ka tamat, da majalahna kaburu ngoray sinduk kubra teu kaluar deui.
Eta edisi téh dicutat tina edisi F. S. Eringa (nu ngadamel disertasi ngeunaan

4
Lutung Kasarung). Salian ti eta, réa dua versi – versi lianna, antara baé versi
R.T.A Soenarya dina wangun gending karesemen. Atuh dina basa Indonesia aya
versi Sutan Palindih jeung versi Ajip Rosidi (Rosidi, 1983:54).

2.2. Sinopsis Carita Pantun Lutung Kasarung

Sinopsis Lutung Kasarung, numutkeun Ajip Rosidi, dina Proyek Penelitian


Pantun Seri ke-13. Carita ngawitan ti putra raja Pakuan Pajajaran nu indit
ngumbara ka arah wétan rék néangan putri pikeun praméswarina. Ngaranna Prabu
Sutra Kamasan Prabu Lutung Kasarung Guruminda Pakanjala.

Kacaritakeun Prabu Ayah, raja nagara Pasir Batang, dina hiji mangsa nanya ka
batara lima, nyaéta Batara sang Tuha, Batara sang Déwa, Batara sang Tia, Batara
sang Aditia, jeung Batara sang Rajuna, naha maranéhna hayang jadi raja utama.
Batara nu opatan ngedalkeun kahayangna, tapi Batara sang Tuha nolak, sabab
numutkeun pamadeganna teu alus lamun kabéh jadi raja. Ka Batara nu opatan,
Prabu Ayah nitah ngudag panah para wayang. Lamun bisa, bakal dijadikeun raja
utama. Kaopatna langsung ngalakukeun éta paréntah, tapi waktu geus deukeut,
kaopatna kalerab, tuluy jadi hiji, ngaranna Batara Opat. Batara Opat ambek ka
Prabu Ayah sabab ngarasa ditipu. Tapi, Prabu Ayah ngomong “meureun mana kitu
gé kurang tapa”.

Batara Opat tapa deui jeung nyobaan sakali deui ngudag panah para wayang.
Basa éta, manéhna bisa néwak panah para wayang.

Carita pindah ka Dalem Panyumpit nu pamajikanna hayang dahar daging.


Manéhna tuluy indit ka leuweung néangan sato keur diburu. Tapi teu hiji-hiji acan
katingali ku manéhna. Waktu ampir peunggas harepan, manéhna nénjo sang Prabu
Lutung Kasarung. Manéhna nyobaan ngagunakeun sumpitna, tapi teu hasil. Prabu
Lutung Kasarung ngomong méh Dalem Panyumpit ngagunakeun jiret wé pikeun
ngajiretna. Dalem Panyumpit ngarasa héran ngadéngé lutung bisa ngomong.
Tuluy dilakukeun wé pitunjuk lutung téh. Prabu Lutung Kasarung dibawa ka imah
Dalem Panyumpit. Pamajikanna sanajan teu meunang daging, manéhna ngarasa
bungah ku lutung nu bisa ngomong. Tuluy dikadokeun ka putrina nu tujuh urang.

5
Tapi putri cikal nepi nu kagenep nolak éta anugerah. Maranéhna ngahina
jeung ngalécéhkeun éta lutung. Ngan Putri Bungsu nu bisa narima éta lutung.
Putri Bungsu jeung Prabu Lutung Kasarung tinggal di Nedang Kamulan.

Kagenep putri nu séjén ngalapor ka Prabu Ayah yén Putri Bungsu nyieun
kotor, sabab lutung téh jorok. Prabu Ayah nitah sang Kuda Léngsér pikeun
meuncit éta lutung. Lamun bauna busuk, hartina bener éta lutung téh salah. Tapi
lamun seungit, éta lutung teu salah. Sang Kuda Léngsér dibéré pisau kuku macan
pikeun ngalakukeun tugasna. Lutung Kasarung siap dipeuncit. Waktu éta hal
dilakukeun ku si Léngsér, seungit meleber, seugit.

Kasebut oge di nagara Nusa Galuh : Pangéran Dumalahu ambek, basa


ngadénge yén Putri Bungsu tinggal jeung Prabu Lutung Kasarung, sabab manéhna
nganggap Putri Bungsu jeung manéhna geus papacangan. Manéhna indit ka
Nedang Kamulan nangtang perang. Dina perang antara Prabu Lutung Kasarung
jeung Pangeran Dumalahu, Prabu Lutung Kasarung jadi Batara Opat nu kacida
kasépna. Pangeran Dumalahu éléh jeung manéhna robah jadi batu lumpang.

Prabu Lutung Kasarung jeung Putri Bungsu ngalangsungkeun pernikahan.


Kagenep putri dulur Putri Bungsu ngadéngé yén salaki adina téh kasép.
Maranéhna datang hayang ningali salaki dulurna, sanggeus ningali kagenep putri
kasima jeung nyatakeun siap ngabdi ka Prabu Lutung Kasarung, sanajan ngan jadi
pembantu.

Ratu Galuh embung ngaku éléh ka Prabu Lutung Kasarung, manéha


kakoncara ku kasaktianna. Prabu Lutung Kasarung hayang nguji Ratu Galuh,
nitah wé ka sang Kuda Léngsér mawa endog ka Ratu Galuh, keur diramal naha
lamun megar éta endog téh bikang atawa jalu. Ratu Galuh ngajawab “Teu tangtu,
meureun jalu meureun bikang”.

Tuluy si Léngsér dititah deui ngirimkeun praméswari nu geus dititah


ngabeungkeut kalapa héjo di raray beuteungna. Ratu Galuh ditanya : “Orok nu
dina kakandungan téh lamun lahir awéwé atawa lalaki?”. Ratu Galuh ngajawab :
“Lain lalaki lain ogé awéwé, sabab eusina kalapa héjo”.

6
Tuluy kadua raja éta perang, euweuh nu meunang euweuh nu éléh, nepi ka
datang Prabu Rama (Prabu Ayah) misahkeun maranéhna terus ngomong : “Tong
paséa jeung sasama dulur. Leuwih alus urus wé karajaan masing-masing”.
Dicokot wé batas Cipamali nu banjir peuting éta, Ratu Galuh ulah indit ka arah
wétan jeung Hariangbanga ulah ka arah kulon (Rosidi, 1973:1-97).

2.2.1. Unsur Intrinsik Carita Pantun Lutung Kasarung

a. Tema : Lika-liku hirup


b. Alur : Maju
c. Latar
- Tempat : Nagara Pasir Batang, leuweung, karajaan, Nedang Kamulan.
Nagara Nusa Galuh
- Waktu : Peuting
- Suasana : Sedih, haru, bungah
d. Tokoh jeung Panokohan :
- Prabu Sutra Kamasan Prabu Lutung Kasarung Guruminda Pakanjala :
Bageur
- Prabu Ayah / Prabu Rama : Adil, wijaksana
- Batara sang Tuha : Wijaksana
- Batara Opat : Pantang mundur
- Dalem Panyumpit : Nurut, bageur
- Kagenep Putri (Purba Rarang, Purba Dewata, Purba Kencana, Purba Manik,
Purba Endah, Purba Leuwih) : Jahat, sombong
- Putri Bungsu (Purba Sari) : Bageur, mikanyaah, teu dengdem, teu sombong.
- Sang Kuda Léngsér : Nurut, satia
- Pangeran Dumalahu : Gedé ambek
- Ratu Galuh : Teu narima kaayaan
e. Amanat : Kudu silih asah, silih asih, silih asuh ka nu jadi dulur, ulah paséa.
Lamun nyanghareupan cocoba, kudu sabar jeung ihlas, sabab
unggal cocoba pasti aya hikmahna.

2.2.2. Unsur Ektrinsik Carita Pantun Lutung Kasarung

a. Budaya : Budaya Sunda


b. Ajén Moral
Ulah miboga niat jahat jeung ulah ngajadikeun ngarasa sirik ka naon nu
ditarima ku batur, sabab jalma nu boga niat jahat pasti bakal meunang balesan
nu sarua jeung nu dilakukeunna, kudu sabar jeung ihlas lamun nyanghareupan
cocoba.
c. Ajén Sosial

7
Kudu bisa narimakeun hasil kaputusan, sanajan éta kaputusan teu luyu jeung
nu dipikahayang ku urang. :

2.3. Apresiasi Tokoh jeung Penokohan Carita Pantun Lutung Kasarung

Ditilik dina buku Purba Sari Ayu Wangi (Ajip Rosidi, 1986: 19-343) tokoh
jeung panokohan carita pantun Lutung Kasarung aya hal anu kudu ditalungtik
ngeunaan sabab sikep dina ngaran tokoh.

a. Lutung Kasarung atawa Guru Minda : digambarkeun miboga sikep wijaksana,


sakti, sabar, tuhu kana parentah ibuna, bageur, jeung tanggung jawab dina
ngalajalankeun kahayangna. Dina ieu carita pantun naha kudu Lutung
Kasarung atawa Guru Minda anu miboga sikep samodel kitu, sabab Guru
Minda mangrupa putra titisan sanghiyang tunggal anu cicingna dikahiyangan.
Ku kituna manéhna kudu miboga sikep anu hadé sangkan jadi conto pikeun
umat manusa.
b. Sunan Ambu : digambarkeun miboga sikep anu bageur, sakti, sabar, jeung
wijaksana. Dina ieu carita pantun naha kudu sunan Ambu anu miboga sikep
samodel kitu sabab sunan ambu mangrupa ratu di kahiyangan.
c. Prabu Purba Negara atawa Prabu Tapa Ageung: digambarkeun miboga sikep
anu adil, wijaksana, ramah, sabar, jeung cerdas dina milih kaputusan. Dina ieu
carita pantun naha kudu Prabu Purba Negara anu miboga sikep samodel kitu,
sabab manéhna saurang raja.
d. Niti Suari : digambarkeun miboga sikep ramah jeung tuhu kana titah salakina.
Dina ieu carita pantun naha Niti Suari anu kudu miboga sikep samodel kitu,
sabab manéhna saurang istri raja anu nyaho aturan adat yén pamajikan kudu
tuhu kana parentahna salaki pikeun jadi picontoeun keur rakyatna.
e. Nyi Mas Purba Rarang : digambarkeun miboga sikep egois, angkuh, pinter,
jeung kasar. Dina ieu carita naha Nyi Mas Purba Rarang anu miboga sikep
kitu, sabab manéhna putri kahiji anu baheula sok dimanja ku raja jeung ratu
nalika karjaan mulai ngadeg.
f. Nyi Mas Purba Endah : digambarkeun miboga sikep anu teu boga pendirian,
jeung ijid ka Purba Sari. Dina ieu carita naha Nyi Mas Purba Endah anu
miboga sikep samodel kitu, sabab manéhna dekeut jeung Purba Rarang.
g. Nyi Mas Purba Dewata : digambarkeun miboga sikep anu teu boga pendirian,
jeung ijid ka Purba Sari. Dina ieu carita naha Nyi Mas Purba Dewata anu

8
miboga sikep samodel kitu, sabab manéhna dekeut jeung Purba Rarang sarta
sieuneun ku sikep Purba Rarang anu angkuh.
h. Nyi Mas Purba Kencana : digambarkeun miboga sikep anu teu boga pendirian,
jeung ijid ka Purba Sari. Dina ieu carita naha Nyi Mas Purba Kencana anu
miboga sikep samodel kitu, sabab manéhna tuhu kana paréntah Purba Rarang
anu salaku putri kahiji.
i. Nyi Mas Purba Manik : digambarkeun miboga sikep anu ngadukung kajahatan
Purba Rarang. Dina ieu carita naha Nyi Mas Purba Manik anu miboga sikep
samodel kitu, sabab manéhna embung nasibna siga Purba Sari.
j. Nyi Mas Purba Leuwih : digambarkeun miboga sikep anu bageur tapi na teu
bisa ngaberontak. Dina ieu carita naha Nyi Mas Purba Leuwih anu miboga
sikep samodel kitu, sabab manéhna nyaaheun ka Purba Sari salaku adi na, tapi
manéhna ogé teu bisa walakaya ku anceman Purba Rarang.
k. Nyi Mas Purba Sari Ayu Wangi : digambarkeun miboga sikep anu sabar,
tawakal, wijaksana, bageur, ramah, sopan, wanian, putri anu panggeulisna ti
genep rakana, putri anu paling dipikanyaah ku ratu jeung raja. Dina ieu carita
naha kudu Nyi Mas Purba Sari Ayu Wangi anu miboga sikep samodel kitu,
sabab manéhna saurang putri bungsu anu engké na bakal jadi ratu karajaan
Nagara Pasir Batang Anu Girang.
l. Lengser : digambarkeun miboga sikep tuhu kana parentah pamimpin karajaan,
amanah, jeung sabar. Dina ieu carita naha kudu Lengser anu miboga sikep
samodel kitu, sabab manéh na saurang pangabdi karajaan.
m. Aki Panyumpit : digambarkeun miboga sikep tuhu kana paréntah raja jeung
apal budi. Dina ieu carita naha aki panyumpit anu miboga sikep samodel kitu,
sabab manéhna saurang rakyat biasa anu kabisana saukur ngaboro sato
n. Nini Panyumpit : digambarkeun miboga sikep anu ramah, bageur, ngabakti ka
salaki jeung demokratis. Dina ieu carita naha kudu Nini panyumpit anu
miboga sikep samodel kitu, sabab manéhna ngan rakyat biasa anu kudu ramah
jeung bageur salaku sikep dasarna, manéhna ogé apal yén sagala kaputusan
kudu dimusyawarahkeun sangkan hade pikeun kahareupna.
o. Inderajaya : digambarkeun miboga sikep anu sombong. Dina carita naha kudu
Inderajaya anu miboga sikep kitu, sabab manéhna miboga raray anu kasep,
hayang jadi raja sabab kabogohna Purba Rarang anu salaku putri di karajaan,
jadi manéhna ngarasa boga tahta.

9
p. Para Pohaci : digambarkeun miboga sikep anu bageur, ramah, sopan, jeung
sakti. Naha kudu para Pohaci anu miboga sikep samodel kitu, sabab manéhna
pangabdi awéwé di kahiyangan anu kudu nurunkeun ajén kahadean pikeun
sakabeh mahluk sarta nulungan na ku cara kasaktianana, sarta pikeun
ngabantuan Guru Minda nyalametkeun Purba Sari.

q. Para Bujangga : digamabarkeun miboga sikep bageur, ramah, sopan, sakti


jeung kuat. Naha kudu Para Bujangga anu miboga sikep samodel kitu, sabab
manéhna pangabdi lalaki di kahiyangan anu miboga tugas pikeun ngajaga
kahiyangan sarta ngabantuan paréntah Guru Minda pikeun nyalametkeun
Purba sari anu keur disiksa kahirupanna.

2.4. Carita Pantun Lutung Kasarung jeung Sikep Manusa Jaman Kiwari

a. Dina carita pantun Lutung Kasarung ngeunaan kajahatan manusa nalika


ngabeubeutkeun kajujuran (ngabohong) tangtu bakal meunang lamun
dilawanna ku kabeneran mah. (dina kahirupan jaman kiwari tangtu aya
patalina ajén atikan ngeunaan kajujuran anu mangkin lila mangkin ipis dina
kahirupan manusa téh, tapi sanajan kitu ieu hal bakal aya solusina nalika
diusut ku jelema anu bener).
b. Dina carita pantun Lutung Kasarung aya adat istiadat nanén paré atawa
palawija. (dina jaman kiwari masih kénéh aya prosés nanén pare anu hadé siga
kumaha, tapi ngan saeutik budak ngora anu apal cara nanén anu hadé. Solusi
jaman kiwari kucara ayana sakola pertanian sangkan adat istiadat atau tatacara
nanén paré teu punah).
c. Adat nyeupah daun seureuh dina carita pantun Lutung Kasarung. (dina jaman
kiwari geus teu pasti dipaké, sabab geus aya odol pikeun ngabersihkeun huntu
mah).
d. Dina carita pantun Lutung Kasarung geus diajarkeun ngeunaan demokrasi
buktina nalika nini sumpit ménta persetujuan kaluwargana pikeun ngangkat
lutung salaku anak. (dina jaman kiwari demokrasi mangkin mekar, lain ngan
saukur dina ngajieun kaputusan urusan kaluwarga tapi urusan politik pikeun
kahadéan nagara).

2.5. Transformasi Carita Pantun

10
Carita pantun Lutung Kasarung ditalungtik ku Ajip Rosidi ngaliwatan
panalungtikanna anu dipantunkeun ki Sadjin, tuluy ieu carita pantun téh
ditransformasi ku para panulis. Transformasi buku atawa transformasi anu geus
sumebar dina carita pantun Lutung Kasarung diantarana nyaéta :

2.5.1. Novel

Dina ieu novel Purba Sari Ayu Wangi (Rosidi, 1986: 19-343) dicaritakeun deui
eusi carita pantun ku cara maké basa sapopoé dina jaman kiwari, sangkan pamaca
babari maham kana eusi carita pantun Lutung Kasarung. Sinopsis carita Lutung
Kasarung dina novel nyaéta :

Kacaritakeun jaman baheula, aya karajaan anu ngaranna karajaan Negara Pasir
Batang Anu Girang. Ieu karajaan téh dipingpin ku saurang raja anu ngaranna
Prabu Purba Negara. Karajaan Negara Pasir Batang Anu Girang téh karajaan anu
subur, adil, tengtrem, aman (raharja gemah ripah loh jinawi).

Raja miboga tujuh putri anu gareulis. Putri anu kahiji, Nyi Mas Purba Rarang
anu miboga sikep egois, angkuh jeung kasar. Putri kadua, Nyi Mas Purba Endah
anu miboga sikep teu boga pendirian, jeung ijid ka Purba Sari. Putri katilu Nyi
Mas Purba Dewata. Putri kaopat, Nyi Mas Purba Kencana. Putri kalima Nyi Mas
Purba Manik. Putri kagenep Nyi Mas Purba Leuwih. Putri katujuh, Nyi Mas
Purba Sari Ayu Wangi anu miboga raray panggeulisna dibandingkeun jeung raka-
rakana, manéhna dipikanyaah pisan ku kolotna sabab miboga sikep anu ramah,
wijaksana, sopan, jeung miboga wibawa anu ngajadikeun beda jeung putri-putri
anu séjénna.

Hiji mangsa raja Prabu Purba Negara kudu tapa di gunung, sabab manéhna
geus kolot jeung geus waktuna karajaan téh dipasrahkeun ka nu ngora. Tapi, raja
bingung sabab manéhna teu apal putri anu mana anu bakal cocog ngagantikeun
manéhna. Tidinya raja sok merhatikeun sakabéh putri-putrina.

Ahirna Nyi Mas Purba Sari anu kapilih pikeun dijadikeun panggantina. Ti
saprak harita Purba Rarang ngarasa ambek tur ngarasa teu adil. Tapi kusabab
umur Purba Sari can déwasa. Tahta karajaan dipasraheun heula ka Purba Rarang
pikeun jadi walina nungguan Purba Sari déwasa.

11
Nalika bapana ngalakukeun tapa Purba Rarang masih kénéh ijid jeung sirik
kana kageulisan Purba Sari. Ahirna Purba Sari sakabéh awakna dipakékeun areng
anu geus nahun ku Purba Rarang, anu moal bisa kahapus ku cai anu hartina
permanén, tidinya Purba Sari téh jadi buruk rupa kulitna jadi hideung siga areng.
Tuluy Purba Rarang maréntahkeun Léngsér pikeun nganteurkeun Purba Sari ka
Gunung Cupu Mandala Ayu anu mangrupa leuwung jeung loba sato anu baruas.
Purba Sari dititah cicing digubug anu geus réod nepi ka manéhna déwasa.

Di kahiyangan aya putra sunan Ambu anu mangrupa titisan sang hiang tunggal
anu ngaranna Guru Minda. Manéhna mimpi panggih jeung awéwé anu mirip
indungna. Tuluy manéhna ménta widi ka indungna pikeun turun ka bumi atawa
Buana Pancatengah. Indungna ngawidian malah mah ngadukung, tapi kusabab
Guru Minda ngalanggar pantrangan, yén haram bogoh ka awéwé anu mirip jeung
indung, ku kituna Guru Minda kudu dihukum. Jadi, salian néang pipamajikeunana
manéhna ogé kudu nyebarkeun ajaran ka manusa samodél nanén paré jeung
negeskeun kaadilan pikeun katengtreman hirup manusa. Nalika turun ka bumi
manéhna ogé kudu maké paéean sang hiang mega hideung anu engkéna
nyarupaan siga lutung sarta dibekelan keris pusaka kahiyangan. Guru Minda téh
ahirna teu bisa nolak, tuluy ngalajeungkeun paréntah indungna.

Dina hiji mangsa, raja Prabu Purba Negara atawa Prabu Tapa Agung hayang
daging lutung. Tuluy nitah ka Léngsér sangkan dibejakeun ka anakna Purba
Rarang. Tidinya Aki Panyumpit anu biasana ngaboro sasatoan téh dititah ku Purba
Rarang anu maké sarat lamun teu kapanggih nepi ka burit, kaluarga Aki
Panyumpit bakal dipenggal.

Ahirna Aki Panyumpit meunang lutung anu bisa ngomong, tuluy éta lutung
téh ditewak. Nalika balik ka imah nini meni atoh pisan ningali lutung anu bisa
ngomong sarta nepi ka éta lutung téh dianggap anak. Tapi kusabab ancaman éta
Aki Panyumpit kapaksa masrahkeun lutung ka Purba Rarang.

Lutung dianterkeun ka tempat patapaan ku lengser sabab rék dipeuncit. Tapi


ieu hal téh gagal sabab da lain salutung lutungna. Tuluy ieu lutung téh ku Prabu
dititah dibawa ka Purba Rarang sabab bisa ngomong. Nalika nepi di istana lutung

12
téh bedegong ka sakabeh putri karjaan. Ahirna Purba Rarang nitah Léngsér pikeun
mawa lutung ka Purba Sari.

Purba Sari resepeun pisan ka éta lutung téh sabab manéhna jadi boga batur.
Tapi, lutung héran sabab putri anu diimpénna teu sarua jeung anu dipanggihan
ayeuna. Tapi, manéhna ogé yakin yén Purba Sari téh awéwé anu salila ieu
diteangan, sabab katinggali dina seuri jeung sorotan panonna.

Lutung Kasarung maca ajian sirep ka Purba Sari sangkan saré, manéhna boga
kasempetan pikeun muka pakéan lutungna pikeun bébéja ka indungna di
kahiyangan yén anjeuna reuwas nalika ninggali Purba Sari jeung ménta sangkan
dibalikeun deui kageulisanna sarta tempat cicingna sangkan jadi tempat anu layak
dicicingan. Indungna ngabulkeun paménta anakna.

Isukna Purba Sari hudang, manéhna héran ninggali imah gubug jadi istana.
Tuluy Purba Sari dititah mandi ku lutung ka jamban, nalika beres mandi awakna
beresih deui sakumaha awalna.

Kajadian ieu nepi kadéngé ku Purba Rarang, Purba Rarang ambek, manéhna
nitah ka lengser pikeun nepikeun pesen ka Purba Sari sangkan ngajieun Parakan
Baranang Siang Lubuk Sipatahunan dina waktu sapeuting, lamun teu jadi
hukuman na dipenggal. Eta titah téh disanggupan sanajan manéhna ogé bingung
kudu kumaha, tuluy lutung maca ajian sirep deui sangkan Purba Sari saré,
manéhna ménta bantuan deui kahiyangan nyaéta ka bujangga pikeun ngabantuan
titah ti Purba Rarang. Tuluy éta paréntah téh kalaksana.

Kusabab teu puas Purba Rarang méré deui titah ka Léngsér sangkan
nyiapkeun 7 bukit anu tandus jeung loba sasatoan buas pikeun Purba Sari tatanén
paré jeung palawija, jeung nyiapkeun 7 bukit anu subur jeung aman pikeun Purba
Rarang. Sanggeus kitu anjeuna ngajieun taroan ka Purba Sari. Lamun tatanénna
hadé mangka tahta karajaan bakal dibikeun ka Purba Sari, tapi lamun Purba Sari
éléh mangka Purba Sari jeung lutung bakal dipenggal. Tidinya Purba Sari leuwih
unggul, ahirna meunang. Tapi, Purba Rarang teu narima. Manéhna ngajieun sarat
lain nyaéta lamun masakan Purba Sari ngeunah bakal dibikeun tahta karajaanna,
tapi lamun éléh penggal hukumanna. Dina tantangan ieu ogé Purba Sari Meunang.

13
Purba Rarang masih kénéh teu puas, manéhna méré sarat deui lamun Purba
Sari tenunanna leuwih alus jeung jumlahna leuwih loba dibadandingkeun anu
Purba Rarang mangka manéhna bakal masrahkeun tahta karajaan, tapi lamun
gagal penggalan hukumanna. Ahirna Purba Sari meunang sabab dibantuan ogé ku
Para Pohaci anu dititah ku Sunan Ambu.

Purba Rarang masih kénéh acan puas, manéhna ngajukeun deui sarat nyaéta
kabogoh saha anu leuwih kasep, Inderajaya anu mangrupa kabogoh Purba Rarang
atawa Lutung anu mangrupa kabogoh Purba Sari. Tidinya Purba Sari ambek sabab
kahiji, lanceukna geus teu boga sikep anu nyerminkeun yén dirina putri. Kadua,
manéhna geus ngarendahkeun dirina. Ahirna Purba Sari dibawa pikeun dipenggal
sabab lutung acan ngarobah wujud sabab paréntah indung. Nalika Purba Sari rék
dipenggal, lutung teu kawasa nahan dirina, tuluy mawa Purba Sari anu pingsan ka
luar rohangan penggalan, tidinya Lutung Kasarung muka pakéan mega hideung.
Kasaksian ku sakabéh jalma kakasepanana. Nalika Purba Sari hudang langsung
diungkarakeun saha dirina. Inderajaya ngarasa kasaingan manéhna ngajak gelut
tapi teu diladénan ku Guru Minda. Inderajaya ninju tonggongna Guru Minda.
Sanajan teu dilawan inderajaya tetep éléh da puguh ogé putra kahiyangan.

Sanggeus kajadian éta Purba sari ahirna meunangkeun tahta anu memang geus
jadi takdirna. Tuluy Purba Rarang ménta hampura sabab kasima ku kakasepna
Guru Minda jeung lanceuk-lanceuk anu séjéna ogé ménta hampura. Tapi, kusabab
geus kaleuleuwihi maranéhna meunang hukuman iwal ti Purba Leuwih, sabab
Purba Sari apal manéhna sok ngabela Purba Sari sanajan tara aya hasilna.

Ahirna Purba Sari nikah jeung Guru Minda. Nalika geus jadi raja robah
ngaranan na jadi Guru Patanjala Seda. Di ieu karajaan diajarkeun cara nanén paré
jeung palawija sarta nerapkeun sistem kaadilan sangkanckahirupan dikarajaan
aman, tengtrem jeung bagja.

Kacindekan dina sinopsis novel, nyaéta kahiji, dina nulis novel ngagunakeun
basa anu modern atawa tulisan jaman kiwari (ieu dilakukeun sangkan pamaca
babari paham kana eusi carita novel). Kadua, eusi novel ogé teu saukur carita anu
dianggap asup logika, tapi ogé caritana dipatalikeun jeung kagiatan manusa urang
sunda jaman harita boh dina kapercayaan atawa adat istiadat. Katilu, ditilik tina

14
endingna CP Lutung Kasarung, éta lutung téh dipeuncit tuluy robah jadi Batara
Opat, tapi dina carita novel, éta lutung téh can dipeuncit sabab nulungan Purba
Sari anu rék dipenggal ku algojo, tuluy karék wé robah jadi Guru Minda. Kaopat,
dina ieu novel carita téh leuwih nyoko ngeunaan ka Purba Sari, ku kituna dina ieu
carita téh judulna lain Lutung Kasarung tapi Purba Sari Ayu Wangi.

2.5.2. Carita Pondok

Jaman baheula, di Tatar Pasundan aya hiji karajaan nu dipingpin ku saurang


raja wijaksana, ngaranna nyaéta Prabu Tapak Agung. Prabu Tapak Agung
ngagaduhan dua budak awéwé nu geulis, ngaranna Purbararang sarta adina
Purbasari. Dina ahir hirupna, raja Prabu Tapak Agung nunjuk Purbasari, putri
bungsuna pikeun ngagentosan jabatana. “Abdi atos sepuh teuing, waktuna abdi
turun tahta." Ceuk raja Prabu. Tapi, Purbararang, nu mangrupa lanceukna
Purbasari manéhna teu panuju adina diangkat ngagantikeun Bapana. “Abdi putri
anu kedah bapa pilih, kuduna abdi anu ngagantikeunna.” ceuk Purbararang
naroskeun ka tunanganna, nu namina Indrajaya. Kusabab sirik, Purbararang boga
niat goréng ka Purbasari. Manéhna manggihan saurang nini sihir kanggé
nyilakakeun Purbasari. Éta nini sihir nyieun Purbasari kulitna robah jadi totol-
totol hideung. Sangeus kitu, Purbararang jadi boga alesan pikeun ngusir adina.
“Jalma nu dikutuk siga manéh, henteu pantes jadi saurang Ratu!” ceuk
Purbararang. Saterusna, manehna nitah saurang Patih kanggé ngasingkeun
Purbasari ka hiji leuweung. Satepina di leuweung, éta patih ngarasa karunyaeun
ka purbasari, anjeuna ngajieun hiji pondok kanggé Purbasari. Anjeuna oge méré
papagah ka Purbasari,“Sing Tabah Tuan Putri. Cocobi ieu tangtos pasti lekasan,
Anu Maha Kawasa sareng Putri”. "Hatur nuhun” waler Purbasari.

Salila di leuweung, Purbasari ngagaduhan seueur rerencangan nu mangrupa


sasatoan anu balageur ka manehna. Diantara sasatoan, aya hiji monyet anu buluan
hideung nu misterius namina nyaéta Lutung Kasarung. Eta monyét téh perhatian
pisan ka Purbasari. Lutung Kasarung terus ngahibur Purbasari, masihan
kekembangan anu éndah sarta buah-buahan. Dina peuting bulan purnama, Lutung
Kasarung leumpang ka tempat anu sepi teras anjeuna ngalakukeun semedi.
Manehna menta hiji hal ka Déwata. Ieu ngabuktikeun yén Lutung Kasarung téh

15
sanés makhluk biasa. Dina éta semedi, taneuh nu aya di dekeut Lutung Kasarung
robah jadi hiji talaga leutik, caina hérang kacida. Caina ngandung ubar anu
seungit pisan.

Poé isukna, Lutung Kasarung manggihan Purbasari sarta nitah Purbasari


mandi di éta talaga. “Naon mangpaatna pikeun abdi?” Pikir Purbasari. Tapi,
anjeuna nurutkeun wae. Teu lami sanggeus manéhna nyeburkeun awakna. Kulitna
robah jadi beresih sarta geulis deui. Purbasari rewas pisan ogé atoh sabot manéhna
ngaca di éta talaga, kulitna bisa mulus deui.

Di karajaan, Purbararang mutuskeun rék nempo adina nu aya di leuweung.


Manéhna mangkat sareng tunanganna Indrajaya sarta para pangawalna. Satepina
di leuweung, Purbararang manggihan adina si Purbasari. Purbararang teu percaya
ningali adina geus jadi geulis deui. Purbararang embung éléh, anjeuna ngajak
Purbasari ngadu papanjang-panjang buuk. “Saha anu paling panjang buukna,
manehna anu meunang!” Saur Purbararang. Mimitina Purbasari nolak, ngan
purbararang terus maksa. Pas ditingali, buuk Purbasari malah nu lewih panjang ti
Purbararang. “Kajeun ayeuna abdi éléh, nanging ayeuna hayu urang paganteng-
ganteng tunangan, tah ieu tunangan abdi”, saur Purbararang sabari nyampeurkeun
ka Indrajaya. Purbasari mimitina gelisah da lantaran kabingungan. Ahirna,
Purbasari narik panangan Lutung Kasarung. Lutung Kasarung ajol-ajolan kawas
mangmenangkeun Purbasari. Purbararang seuri nyalakatak ngabahak-bahak. “Jadi
lutung éta tunangan maneh?" Saur Purbararang. Dina wanci éta ogé, Lutung
Kasarung semedi, sarta robah jadi lalaki anu kasép kacida, leuwih kasép ti
Indrajaya. Sadaya nu aya didinya kacida reuwaseun ningali éta kajadian.
Purbararang ahirna ngaku manéhna éléh, sarta ménta hampura ka Purbasari.

Manehna ménta dihampurakeun sagala kasalahanana ka Purbasari, sarta éenta


supados henteu dihukum. Purbasari anu bageur, langsung ngahampurakeun sagala
kasalahan lanceukna Purbararang. Sanggeus éta kajadian, ahirna Purbasari jeung
Purbararang balik ka karajaan. Purbasari ahirna jadi ratu, di réndengan ku saurang
lalaki idamana. Eta lalaki teu lain anu salila ieu maturan Purbasari salami
dileweung, nyaéta Lutung Kasarung (Pramesty, 2012).

2.5.3. Dongéng

16
Jaman baheula aya hiji karajaan di Tatar Pasundan anu dipingpin ku raja anu
wijaksana nyaéta Prabu Tapak Agung. Prabu Tapak Agung téh miboga dua anak
awéwé nu ngaranna Purbararang sarta adina Purbasari. Dina wanci ngadeukeutan
ahir hayatna Prabu Tapak Agung téh milih Purbasari pikeun ngagantikeun
manéhna jadi Raja di éta karajaan. “Bapa tos sepuh teuing geulis, waktuna bapa
léngsér pikeun mingpin ieu karajaan” ceuk raja Prabu .

Disisi lain Purbararang teu narima kahayang bapana téh da ceunah manéhna
anu leuwih pantes mingpin éta karajaan téh tibatan adina Purbasari mah. “Abdi
putri anu kedah bapa pilih, kuduna abdi anu ngagantikeunana lain Purbasari” ceuk
Purbararang ngomong ka Indrajaya tunanganana .

Kusabab sirik Purbararang téh miboga niat joré ka Purbasari, manéhna


manggihan tukang sihir pikeun nyihir Purbasari. Tukang sihir éta nyieun kulit
Purbasari jadi totol totol hideung. Purbasari téh jadi barobah jadi teu geulis deui
jiga baheula.

Sanggeus kitu Purbararang aya alesan pikeun ngusir Purbasari ti éta karajaan
“Jalma anu dikutuk siga manéh teu pantes mingpin ieu karajaan!” ceuk
Purbararang. Saterusna manéhna nitah salsahiji patih pikeun ngasingkeun
Purbasari ka hiji leuweung.

Satepina di leuweung patih éta nyieun hiji sasaungan keur Purbasari, sabab
patih téh ngarasa karunya pisan ka Purbasari. Manéhna ogé méré peupeujeh “Sing
tabah tuan Putri, ieu cocoba téh tangtu aya hikmahn, anu Maha Kawasa sareng
Putri”. “Hatur nuhun” bales Purbasari .

Salila dileuweung Purbasari miboga loba babaturan nu mangrupa sasatoan anu


balageur ka manéhna. Diantarana aya lutung anu gedé buluan hideung nu
misterius, ngarana téh Lutung Kasarung. Nanging Lutung Kasarung éta anu
pangbageurna ka Purbasari anu sok méréan bungbuahan, kekembangan anu éndah
sarta anu sok ngahibur Purbasari.

Dina hiji wanci unggal peuting di bulan purnama, Lutung Kasarung indit ka
tempat anu sepi keur tatapa ka dewata. Manéhna menta hiji hal ka Déwata. Ieu
ngabuktikeun yén Lutung Kasarung téh monyét anu misterius. Dina semedi éta¸

17
taneuh anu sabudeureun Lutung Kasarung téh barobah jadi hiji talaga anu caina
téh seungit pisan sarta ngandung ubar.

Poé isukna Lutung Kasarung manggihan Purbasari sarta nitah Purbasari mandi
di éta talaga. “Naon mangpaatna pikeun abdi?”. Pikir Purbasari. Tapi manéhna
nurut waé, sanggeus nepi ka éta talaga Purbasari téh nyeburkeun awakna mandi di
éta talaga. Sanggeus bérés mandina kulitna barobah jadi jiga harita deui, jadi
Purbasari anu geulis. Purbasari reuwas pisan kacampur atoh sabot manéhna ngaca
di éta talaga kulitna bisa mulus deui.

Dina hiji waktu di karajaan Purbararang hayang ningali Purbasari anu


diasingkeun di leuweung. Manéhna indit jeung tunanganana Indrajaya sarta para
pangawalna. Satepina di leuweung, Purbararang manggihan adina Purbasari,
Purbararang teu percayaeun yén éta téh Purbasari sabab kulitna geus barobah jadi
Purbasari anu geulis kos harita.

Purbararang embung éléh, tuluy manéhna ngajak Purbasari nitah ngadu


papanjang pang buuk. “Saha anu buukna paling Panjang éta anu menangna!” ceuk
Purbararang. Mimitina Purbasari embungeun, tapi Purbararang tuluy ngadesek
Purbasari sangkan daék ngadu papanjang Panjang buuk. Ahirna Purbasari téh
daék, pas dibuka kondéna buuk Purbasari anu leuwih Panjang ti Purbararang.

“Kajeun ayeuna urang nu éléh, tapi hayu ayeuna urang pakasep-kasep


tunangan, tah ieu tunangan abdi”nceuk Purbararang bari nyamperkeun ka
Indrajaya. Purbasari mimitina gelisah lantaran kabingungan da manéhna teu boga
tunangan. Ahirna Purbasari nungtun Lutung Kasarung. Lutung Kasarung ajol-
ajolan kawas mangmeunangkeun Purbasari. “Jadi monyét éta tunangan manéh?
hahahha” ceuk Purbasari bari seuseurian ningali tunangan Purbasari.

Dina waktu éta ogé Lutung Kasarung langsung tatapa ka Déwata, langsung
Lutung Kasarung téh barobah jadi lalaki anu pangkasepna leuwih-leuwih ti
Indrajaya. Sakabeh nu aya didinya rarewaseun ningali kajadian éta. Purbararang
ngaku dirina anu éleh sarta menta hampura ka Purbasari pikeun kasalahanana
salila ieu ka Purbasari.

18
Purbasari anu bageur langsung ngahampura lanceukna Purbararang. Sanggeus
kajadian éta, ahirna maranéhna sadaya balik ka karajaan. Purbasari ahirna anu jadi
Ratu di éta karajaan téh, dibarengan ku saurang lalaki idamanana. Lalaki éta teu
lain anu maturan Purbasari salila dileuweung, nyaéta Lutung Kasarung (Kustian,
2015)..

Carita dina dongeng béda jeung dina novel, dina dongeng mah geus di ringkes
deui jadi caritana leuwih pondok jeung carita dina dongeng mah nyaritakeun heula
kaayaan dikarajaraan, anu nyaritakeun Purbararang jeung Purbasari tuluy
nyaritakeun Lutung Kasarung. Tangtuna baé dina dongeng mah caritana heunteu
jentré pisan teu siga dina novel anu di caritakeun sagemblengna

2.5.4. Film

Film Lutung Kasarung mangrupa film mimiti nu diproduksi di Indonesia. Film


bisu ieu dirilis taun 1926 ku NV Javq Fi Company disutradaraan ku dua urang
Belanda, G.Krauger jeung L.Heuveldorp, dilakonkeun ku aktor jeing aktris
pribumi. Mimiti diputer di Kota Bandung ti tanggal 13 Desember 1926 nepika 6
Januari 1927 di dua bioskop nu kasohor nyaeta Bioskop Metropole jeung
Majestic. Film Lutung Kasarung kacatet pernah dijieun ulang nyaeta dina taun
1952 jeung 1983.

Film ieu sorangan mangrupa hiji tranformasi tina wangun carita pantun kana
wangun film.

2.5.5. Drama Musikal

Taun 2012 carita Lutung Kasarung di transformasi kana wangun drama


musikal, pagelaran ieu mangrupa pagelaran anu diayakeun ngahaja pikeun mapag
taun anyar 2012. Pagelaran drama musikal Lutung Kasarung ieu mangrupa
salahsahiji pagelaran gedé di Jawa Barat, ieu pagelaran diayakeun di Sasana
Budaya Ganesa (Sabuga).

Ieu pagelaran di sutradaraan ku Alm. Didi Petet, lumangsungna pagelaran


kana 2 jamna, anu digelarkeun kurang leuwih 150 pamaén téater.

19
Saliwat, jalan carita pagelaran drama musikal Lutung Kasarung. Lutung
Kasarung (nu nyasab) manehna nu nyaritakeun lalampahan sanghyang Guruminda
ti kahiyangan anu di turunkeun ka buana panca tengah (bumi) ku jirim lutung
(kera), dina lalampahanna di bumi, Lutung Kasarung néangan wanoja dambaan
haténa anu sihoréng téh nyaéta sosok Purbasari Ayu Wangi. Purbasari téh nyaéta
putri anu pibakaleun ngawarisan tahta tapi diusir ku dulurna sorangan,
Purbararang

2.5.6. Animasi

Lian ti kolot, Carita Lutung Kasarung ogé di piwanoh ku barudak. Nu matak,


ningali ku kaayaan éta bijil wangun anyar nyaéta animasi. Animasi sorangan
dijieun pikeun nyaluyukeum jeung naon anu dipikaresep ku barudak nyaéta
kartun. Ku kituna ieu carita pantun Lutung Kasarung téh dijieun dina wangun
animasi. Ogé dina wangun animasi mah caritana ringkes sangkan barudak bisa
nyangkem kana naon anu dicaritakeun dina eta carita.

2.5.7. Carita Wayang

Carita Lutung Kasarung dina wangun wayang, kungsi digelarkeun di acara tv


nasional, nyaéta di NET TV dina acara Bukan Sekedar Wayang – 19 November

2015, ku dalang Dadang putra Alm. Asep Sunandar Sunarya.

Dina ieu pagelaran, carita Lutung Kasarung geus teu murni tapi geus
dibarengan ku bodor, gending pamirig caritana ogé geus make musik modern, tapi
teu kituna eusi carita Lutung Kasarungna mah nepi ka urang salaku pamiarsa dina
pagelaran wayang éta.

2.5.8. Tembang Cianjuran

Kamekaran carita pantun Lutung Kasarung teu ngan dina film, drama, animasi
jsb. Carita pantun Lurung Kasarung ogé ditransformasi kana wangun Tembang
Cianjuran, anu digarap ku Pancaniti.

2.6. Transformasi Kana Wangun Sajak

(Kaasih Guru Minda) Ku : Santiah

20
Rasa kaasih kahiyangan Guru Minda
Ngajugjug Buana Pancatengah

Robah sajabaning hiang mega hideung

Purba Sari awéwé anu dipentana


Sangsara hirupna
Ditincak, dirampas hakna

Ku kakanda Purba Rarang

Sanghiyang anu jadi pitulung


Tawakal anu jadi konci

Kabagjaan hirup sugema

Rupa lain anu utama


Haté anu bersih leuwih utama
Rasa asih anu sugema
Lutung robah wujudna
Nyangdingan Purba Sari

Marengan ngajaga karajaanna

BAB III
PANUTUP

3.1. Kacindekan

Dina carita pantun kaasup karya sastra wangun prosa, sabab eusi carita pantun
ngungkarakeun ngeunaan rajah, wawacan. Carita pantun, nyaéta carita anu
mimitina karya sastra lisan, tuluy ieu carita téh dijeun ngaliwatan naskah. Dina
carita pantun katelah ngeunaan magelarkeunana ku cara dipantunkeun, nalika
mantunkeun pamantun teu meunang ninggali teks atawa naskah (ditalar),
saméméh ngalakukeun mantun pamantun kudu maca rajah heula sabab pikeun
bukti hormat ka luluhur atawa karuhun. Carita pantun dipagelarkeunana sapeuting
jeput sarta kudu maké sasajén pikeun karuhun.

Carita pantun aya anu dianggap paling karamat, nyaéta Lutung Kasarung.
Dina carita Lutung Kasarung ngeunaan kahirupan manusa anu kudu dibenerkeun

21
ngeunaan kaadilan jeung kakacauan di alam dunya anu ngajadikeun Guru Minda
kudu turun pikeun méré ajaran anu hadé ka sakabéh umat manusa.

Carita pantun bisa ditransformasi ngaliwatan sastrawan atanapi manusa anu


resep nulis, transformasi ieu bisa mangrupa novel, carita pondok, dongéng, film,
drama musikal, animasi, carita wayang, jeung tembang cianjuran.

Dina carita pantun Lutung Kasarung ogé ditransformasikeun deui ku


kelompok panyusun ngaliwatan sajak

3.2. Saran

Hasil ieu makalah bakal ngagampangkeun mahasiswa pikeun mikawanoh


ngeunaan carita pantun. Jadi, ieu makalah bisa jadi bahan kapanasaran sangkan
ditalungtik deui ku nu maca.

Makalah carita pantun Lutung Kasarung ogé nyarankeun ka mahasiswa


sangkan leuwih teuleum deui ngaprésiasi sastra asli urang Sunda, sangkan bisa
numuwuhkeun rasa sumanget pikeun mekarkeun karya sastra buhun

22
DAPTAR PUSTAKA

Koentjaraningrat. 1993. Manusia dan Kebudayaan di Indonesia. Jakarta:


Djambatan.
Kustian. 2015. Cerita Dongéng Lutung Kasarung. [Online] Aya di :
https://www.basasunda.com/2015/12/cerita-sasakala-lutung-kasarung-
bahasa.html. [Diaksés 03 November 2018].

Pramesty, Gyan. 2012. Cerita Rakyat Lutung Kasarung. [Online] Aya di :


https://www.lokerseni.web.id/2012/01/cerita-rakyat-lutung-kasarung.html.
[Diaksés 03 November 2018].

Rosidi, Ajip. 1973. Carita Lutung Kasarung, Dipantunkeun ku : Ki Sajin.


Bandung: Proyek Penelitian Pantun Seri ke-13.
Rosidi, Ajip. 1986. Purba Sari Ayu Wangi Lutung Kasarung. Jakarta: Pustaka
Jaya.
Rosidi, Ajip. 1983. Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Jakarta: PT. Dunia Pustaka
Jaya.
Sumardjo, Jacob. 2003. Simbol-Simbol Artefak Budaya Sunda. Bandung: Kelir.
.

23

Anda mungkin juga menyukai