( RPP )
A. Tujuan Pembelajaran
Setelah proses menggali informasi melalui berbagai fakta, menanya konsep, berdiskusi
atas fakta dan konsep, menginterpretasi, mengasosiasi dan mengkomunikasikan, peserta
didik dapat:
1. Mensyukuri anugerah tuhan akan keberadaan bahasa sunda dan menggunakannnya
sesuai dengan kaidah dan konteks sosial budaya sebagai sarana komunikasi melaluli
Bahasan budaya Sunda
2. Menunjukkan perilaku jujur, disiplin, peduli, santun, dan proaktif dalam berbahasa
sunda untuk memahami Bahasan dan/atau iklan
3. Menentukan isi bahasan secara garis besar sesuai dengan kaidah-kaidahnya dengan
baik dan benar
4. Menentukan tema bahasan secara tepat dan benar
5. Mendiskusikan amanat bahasan dengan teliti dan benar
6. Menanggapi isi bahasan berdasarkan hasil diskusi dengan baik dan benar.
7. Menyusun karangan bahasan tema seni dan budaya dengan tepat dan benar.
C. Materi Pembelajaran
1. Fakta
Basa, Kasenian, jeung Kahirupan Sunda
Ku ayana kamekaran téknologi internét nu ngarambah nepi ka tepis wiring,
tétéla mawa pangaruh nu kalintang hadé kana kahirupan basa Sunda. Sanajan
téknologi datangna ti deungeun, tapi lain hartina mareuman basa Sunda. Perkara ieu
bisa diimeutan dina sawatara jejaring sosial, saperti facebook. Réa diantarana anu tara
asa-asa deui ngawangkong téh ku basa Sunda tur bisa kabaca ku balaréa. Malah aya
rasa kareueus kana basa Sunda, mangsa bisa ngawangkong ngagunakeun basa indung.
Lebah dieu, bisa dicindekeun yén naon rupa anu jolna ti deungeun téh henteu
salawasna goréng, malah nu hadé ogé kacida réana. Kilang kitu, kalintang gumantung
kana kumaha carana urang ngamangpaatkeunana pikeun kahadéan.
Poé basa indung anu dipiéling saban 21 Fébuari tangtu bakal leuwih
haneuteun ku ayana natrat yén basa indung téh hirup kénéh, dina harti masih diparaké
ku masarakat dina wangkongan sapopoé. Lain baé basa Sunda, da kaasup basa indung
sélér séjénna ogé jadi leuwih hirup ku ayana kamekaran téknologi. Lebah dieu
seukeutna sawangan UNESCO téh, anu antukna netepkeun 21 Fébuari minangka Poé
Basa Indung Internasional.
Héabna sumanget pikeun ngamumulé basa Sunda ogé bisa karasa ti kalangan
rumaja. Contona, dina Féstival Drama Basa Sunda (FDBS) Pelajar anu diayakeun ku
Téater Sunda Kiwari, pesertana bisa ngajaul ngaleuwihan targét panitia. Sabada
pendaptaran FDBS Pelajar ditutup, kacatet 49 grup téater rumaja nu miluan dina éta
féstival. Lain baé patandang ti Jawa Barat, da aya ogé peserta anu jolna ti Banten.
Basa Sunda henteu bisa dipisahkeun ku wilayah administratip. Komo deui Banten
mah kapan sidik Sunda pisan.
Sajabana ti FDBS Pelajar anu digelar ti tanggal 7 nepi ka 27 Fébuari, di
Gedong Kasenian Rumentangsiang ogé maneuh dipidangkeun rupaning kasenian
Sunda, kayaning tari tradisonal, sandiwara Sunda, longsér, jeung sajabana. Beuki
pikabungaheun basa nengetan personilna leuwih réa didominasi ku kaum rumaja.
Sandiwara Sunda mimiti neut-neutan deui, dipidangkeun sacara maneuh di
Rumentangsiang. Grup Sri Murni jeung Ringkang Gumiwang kaasup dua grup
sandiwara nu mindeng ngagelarkeun pintonan di Rumentangsiang.
Ku leuwih hirupna basa Sunda, boh di dunya maya atawa dina kahirupan
sapopoé, dipiharep mawa pangaruh hadé pikeun masarakat. Budaya Sunda tetep bisa
kajaga pikeun ngawangun kahirupan nu silih asah, silih asih, tur silih asuh. Réréongan
dina kahadéan, wanoh jeung baraya katut tatangga, muga leuwih natrat deui. Urang
Sunda bisa ngigelan kamekaran jaman, bari henteu kudu ngaleungitkeun idéntitasna
salaku urang Sunda. Pon kitu deui, taya salahna mikaresep kasenian deungeun
kalayan henteu kudu mopohokeun kasenian banda urang.
Dina mangsa globalisasi kiwari, taya deui pilihan iwal ti kudu wani aub tarung
dina persaingan. Urang Sunda kudu siap tandang makalangan sangkan henteu jadi
galandangan di lembur sorangan. Pangpangna mah nurutkeun data statistik, di lembur
sorangan ogé tétéla urang Sunda méh kaléléd ku para pendatang. Widang ékonomi,
pulitik, katut kasenian, ulah nepi ka kajadian jati kasilih ku junti. Urang Sunda kudu
bisa hirup kalayan walagri di lemah cai Sunda. Ironis kabina-bina mangsa nyaksian
urang Sunda nu teu kabagéan pacabakan tur teu mampuh mibanda pangiuhan. Di sisi
séjén, réa nu hirupna medah-meduh, malah ngarasa bingung kudu kumaha méakeun
raja kaya.
Dina kaayaan sarupa kitu, naha kamana atuh palsapah “silih asih” téh jeung
sasama téh? Naha urang bet téga ngantepkeun baraya nu katalangsara di sarakan
sorangan? Ku kituna, lain baé ngamumulé basana jeung kasenianna, tapi nu leuwih
utama mah miara ajén inajén jeung saripati kalinuhungan budayana pikeun
dipraktékeun dina kahirupan sapopoé. Lamun “silih asah, silih asih, jeung silih asuh”
geus bisa diterapkeun dina kahirupan sapopoé, tangtu beuki éndah Sunda téh. Éndah
alamna, éndah kahirupanana. Hirup basana, hirup kasenianna, tur hirup budayana.
Apan harti “Sunda” téh éndah. Rék ditarjamahkeun kana basa naon ogé, “Sunda” mah
salawasna éndah tur reumbeuy kahadéan
2. Konsep
Artikel atawa bahasan, nya éta karya tulis nu mangrupa bahasan hiji pasualan, nu
ilahar dimuat dina media massa. Artikel boga tujuan pikeun ngawawarkeun
(informatif), mangaruhan jeung ngayakinkeun (pérsuasif-arguméntatif), atawa
ngahibur (rékréatif). Artikel disebut ogé karangan mandiri lantaran bisa ditulis ku
saha waé tur topik naon waé. Waktu jeung tempat dijieunna bisa iraha waé jeung
dimana waé.
3. Prinsip
Wangun bahasan atawa artikel ngawengku tilu bagian, nya éta:
1. Bubuka, mangrupa dadaran atawa katerangan ngeunaan eusi artikel.
2. Eusi atawa pedaran, mangrupa inti tina naon-naon nu dicaritakeun atawa dipedar
ngeunaan hiji jejer (topik).
3. Panutup, mangrupa bagian artikel anu nyindekkeun atawa nyimpulkeun eusi
artikel.
4. Prosedur
Awi: Sakral jeung Fungsional
Ku Moch. Ilham Anshory
Bubuka bahasan
Kacida mangpaatna ngajaga tutuwuhan anu aya di sabudeureun urang teh, hususna awi.
Lantaran awi teh mibanda ajen budaya nu di anggap sakral jeung pohara rea mangpaatna
pikeun wawangunan. Awi teh tutuwuhan anu kaitung sakral jeung gede mangpaatna
pikeun kahirupan manusa.
Keur ngungkab asal muasal awi, pantun sri sadana atawa sulandjana anu dipantunkeun ku
ki Atjeng Tamadipura ti Situraja, Sumedang, bisa dipake. Eta carita pantun teh di
bukukeun ku Ajip Rosidi (1970:78). Dina eta pantun diebrehkeun awi teh asalna tina
bagian bagian awak Sri pohaci sabada tilar dunya. Indung leungeuna ngajadi tamiang
pugur
Curuk ngajadi haur cucuk
Cingir ngajadi haur kuning
Pingping jadi awi surat
Bitis jadi awi btung
Ramo suku jadi awi tali nu gede nu leutik
...
Eusi bahasan
Ieu cutatan teh netelakeun pikeun masarakat Sunda mah awi teh tutuwuhan nu di anggap
sakral. Kasakralan awi leuwih eces katangen ku ayana kebon awi di Siti Ciburuy. Eta situ
ayana di Kampung Ciburuy, Desa Pamalayan, Kacamatan Bayongbong, Kabupaten
Garut. Baheulana, eta tempat teh skriptorium dina jaman pra islam. Situs kabuyutan
Ciburuy teh geus ngarekam miara, ngajaga, sarta ngariksa budaya karuhun urang baheula
dina mangsana.
Pikeun nandeskeun kasakralan awi, urang bisa tingali di baduy. Taun 2008 kuring
minangka mahasiswa program study sastra Sunda Unipversitas Padjadjaran, miang
pikeun kuliah kerja laopangan (KKL) di baduy. Harita kabeneran bisa ningali upacara
ngubaran pare. Ieu upacara teh mibanda tujuan pikeun ngajauhkeun tatanen tina
panarajang hama. Ieu upacara digelarna wanci peuting. Angklung jadi musik pamirig nu
utama.
Urang terang angklung teh alat musik nu dijieun tina awi. Angklung anu aya di Baduy
beda jeung angklung pintonan nu sering katingali sapopoe, saperti di Saung Angklung
Udjo. Angklung baduy mah di luhurna teh di rarawisan ku daun hoe. Di baduy mah urang
teh ngan bisa ningali pintonan angklung dina waktu waktu nu geus di tangtunkeun bae,
diantarana waktu upacara adat. Sapopoe mah tara aya pintonan angklung.
Salian ti tutuwuhan nu di anggap sakral, awi ge bisa jadi pakakas fungsional anu luhur
ajenna. Salah sahijina awi teh biasa dimangpaatkeun pikeun jambatan atawa sasak. Sasak
awi sangkan kuat ditalian ku injuk, sasak awi mindeng ka panggih di pilemburan.
Panutup bahasan
Kacida mangpaatna ngajaga tutuwuhan anu aya di sabudeureun urang hususna awi.
Lantaran awi teh mibanda ajen budaya nu dianggap sakral jeung rea mangpaatnapikeun
wawangunan, sarta nilik deui kana kearifan lokal nu bisa dilarapkeun dina kahirupan
jaman kiwari jeung nu bakal datang.
Nu nulis, mahasiswa Program Studi Sastra Sunda Unpad, nganjrek di Garut.
D. Metode Pembelajaran
Pendekatan : scientific
Model : problem based learning
Metode : diskusi
Penilaian : penilaian kinerja, diskusi
E. Kegiatan Pembelajaran
F. Alat/Media/Sumber Pembelajaran
1. Media : lembar latihan, lembar penilaian
2. Sumber : Naskah bahasan dari internet
Instrumen
1. Naon ari bahasan teh?
2. Naon wae lengkah-lengkah dina nyien bahasan?
3. Tuliskeun komentar hidep kana basa nu dipakena dina bahasan
Basa,Kasenian,jeung Kahirupan Sunda.
Naha hese kaharti, babari kahartina, loba salahna, atawa samasakali teu kaharti
jeung teu nyaho lebah mana nu salahna?
4. Kumaha cara nepikeun (sistematika ) eusi dina bahasan Basa, Kasenian, jeung
Kahirupan Sunda,ngaguluyur (runtun ) atawa henteu? Cing tuduhkeun contona!
5. Merenah henteu judul eta bahasan teh? Upama teu merenah pek ganti,tapi
tuliskeun naon alesan hidep!
Jawaban:
No. Alternatif jawaban Skor
Artikel atawa bahasan, nya éta karya tulis nu mangrupa
1. bahasan hiji pasualan, nu ilahar dimuat dina media massa 2
Bubuka
2. Eusi 2
Panutup
3. Bebas kumaha kamandang siswa sewang-sewangan 3
4. Gumantung siswa 2
5. Gumantung siswa 1
Tes Keterampilan:
Pek jieun hiji artikel bahasan Budaya anu aya di Jawa Barat hususna di kota Bandung
pidangkeun cing rapih ketik dina kertas A4!
Indikator terampil menerapkan konsep/prinsip dan strategi pemecahan masalah yang relevan
yang berkaitan dengan bahasan budaya.
1. Kurangterampiljika sama sekali tidak dapat menganalisis teks bahasan budaya .
2. Terampiljika menunjukkan sudah dapat menganalisis teks bahasan budaya tetapi belum
tepat.
3. Sangat terampill,jika menunjukkan dapat menganalisis teks bahasan budaya kemudian
dapat menyajikan satu bahasan budaya karyanya sendiri.
Bubuhkan tanda √ pada kolom-kolom sesuai hasil pengamatan.
No Keterampilan
Menerapkan konsep/prinsip dan
Nama Siswa
strategi pemecahan masalah
(NPR) (NPJ) (NPO)
1
2
3
4
5
Keterangan:
NPR : Nilai Praktik
NPJ : Nilai Projek
NPO : Nilai Portofolio