Anda di halaman 1dari 2

MODUL BAHASA SUNDA

KELAS XII

PANGAJARAN 1
BAHASAN
KOMPETENSI DASAR
3.1 Menganalisis isi, sruktur dan unsur kebahasaan teks bahasan tradisi sunda
4.1 Membuat dan menyajikan bahasan tentang tradisi Sunda dalam bentuk karangan, infografik atau
film dokumenter sederhana dengan memperhatikan kaidah bahasa Sunda.
TUJUAN PEMBELAJARAN
Setelah selesai mempelajari materi pada bagian ini, peserta didik diharapkan dapat menjelaskan isi sruktur
dan unsur kebahasaan teks bahasan serta dapat membuat dan menyajikan bahasan tentang tradisi sunda
dalam bentuk karangan, infografik atau film dokumenter sederhana dengan memperhatikan kaidah bahasa
Sunda.
1. Mikawanoh Bahasan Budaya
A. Maca
KASENIAN WAYANG GOLEK

Salah sahiji. Lamun sakalieun aya nu hajat nanggap wayang golek, nu lalajo teh ilaharna
sok tumplek kasenian Sunda anu populer di masarakat urang kiwari nyaeta wayang golek. Komo
sanggeus bisa disiarkeun dina radio jeung televisi, wayang golek beuki dipikaresep bae ku
balarea, boh di kota boh di pilemburanti mana-mendi.
Atuh tokoh-tokoh dina pawayangan apan geus dipikawanoh pisan ku masarakat urang,
upamana bae Gatotgaca, Arjuna, Bima, Dorna, Semar, Si Cepot, jeung sajabana. Ieu hiji bukti
yen kasenian wayang golek teh geus raket pisan jeung batin urang Sunda.
Wayang golek teh hiji pagelaran anu mangrupa gabungan sababaraha unsur kasenian, nyaeta seni
sastra (lalakon), seni karawitan (gamelan) seni swara (sinden), jeung seni gerak atawa tari (gerak-
gerik wayang) Anu jadi lulugu dina pagelaran wayang golek nyaeta dalang anu pancenna
ngalalakonkeun carita.
Kamaheran dalang dina ngaguar carita, ngigelkeun wayang, nepikeun palasipah atawa
ngabodor, ilaharna jadi takeran dipikaresep henteuna hiji pagelaran wayang ku nu lalajo. Ku
lantaran kitu, dalang teh diperedih pisan kamaheranana dina rupa-rupa widang.
Asep Sunandar Sunarya upamana, dalang anu kiwari kamashur, kalandep ku balarea teh
lantaran kamaheranana dina rupa-rupa widang kasenian sarta bisa ngasongkeun hal anu anyar.
Salian ti ngigelkeun wayang, dalang oge ngagunakeun parabot sejen nyaeta campala
jeung kecrek. Campala teh sabangsa palu anu sok ditakolkeun, pikeun ngantebkeun hiji omongan
atawa hiji peristiwa anu keur dilalakonkeun. Ari kecrek pikeun ngantebkeun suasana, utamana
dina adegan-adegan perang tanding.
Di sagedengeun dalang, nayaga oge nyekel kalungguhan anu penting. Apan para nayaga
pisan anu nabeuh gamelan teh. Waditra kasenian anu ilahar digunakeun dina wayang golek
diantarana: kendang, goong, saron, bonang, jengglong, gambang, jeung rebab.

Carita anu keur dilalakonkeun ku dalang, sok diselang-seling ku sinden, nyaeta juru
kawih (tukang ngawih) anu nembangkeun lalaguan. Ilaharna lagu anu ditembangkeun ku sinden
luyu jeung peristiwa anu keur dilalakonkeun, upamana bae dina peristiwa pikasediheun sinden
nembangkeun lalaguan anu sedih, jsb.
Carita wayang teh asalna mah ti India, babonna tina buku Mahabarata karangan Wiyasa
jeung Ramayana karangan Walmiki. Mahabarata nyaritakeun turunan Pandawa jeung Kurawa
anu marebutkeun nagara warisan karuhunna, tepi ka ahirna perang campuh di Tegal Kuruseta
anu kawentar Perang Baratayuda.
Ari Ramayana nyaritakeun Rama jeung Sinta. Dina Ramayana aya sempalan carita anu
ngalalakonkeun Sinta diculik ku Rahwana, raja nagara Alengka. Sabada peperangan, Sinta bisa
dipimilik deui ku Rama sarta dititah labuh geni (ngaduruk maneh) pikeun ngabuktikeun kasucian
dirina.

Sanajan asalna ti India, wayang teh geus jadi banda budaya Sunda. Ku lantaran kitu, salaku urang
Sunda tangtu bae urang kudu milu ngariksa sangkan wayang golek tetep langgeng dipikaresep ku
balarea. Sakurang-kurangna urang kudu wanoh sarta mikaresep kasenian wayang golek.
Thanks__ https://basasunda.com/wp-content/uploads/2017/09/wgolek.jpg

B. Pedaran
Hidep tos maca ngeunaan bahasan budaya sunda. Kecap bahasan pasti tos teu aneh deui kango
hidep, dina kahirupan sapopoe urang pasti sok aya bahasan. Bahasan sok disebut oge pedara, nyaeta
karangan basa lancaran anu eusina ngaguar, medar, ngabahas, atawa ngadadarkeun hiji perkara. Anu
dipihareup sangkan anu maca meunang katerangan (informasi) anu tetela ngeunaan hiji perkara. Dina
istilah tatabasa, bahasan kaasup kana prosa eksposisi.
Ku kituna, bahasan teh kudu:
1. Puguh entep-sereuhna (sistematis).
2. Ngawincik sarta mertelakeun kalawan tetela,
3. Ngagunakeun basa anu sahinasna ( lugas), saujratna, sarta teu loba raehan, jeung
4. Ngagunakeun istilah – istilah anu geus maneh.

Pasti loba kecap anu teu pati kaharti ku haridep. Sok pilarian harti/ masukna kecap-
kecap nu teu ngarti, bisa nanya ka emak, bapak, embah, solmet, atawa ka embah
google.

Ari kecap “budaya” asalna tina bahasa Sangsakerta anu ngandung harti “pikiran, akal,
pangaweruh”. Coba ku haridep teangan harti budaya ceuk para ahli bisa asup kan link

https://www.seputarpengetahuan.co,id

Sacara jembar, budaya ngawengku unsur – unsur:


1. Kasenian
2. Tehnologi jeung pakakas
3. Tata cara hidup kumbuh di masarakat
4. Basa
5. Pangapu jiwa jeung ekonomi
6. Elmu pangaweruh
7. Kapercayaan

C. Bagian anu pang dihareupkeun nyaeta Pancen 1!


Pancenna didamel dina kertas hvs atawa kertas salembar!
1. Sebutkeun 5 objek wisata budaya anu aya di kabupaten Bogor!
2. Rupa-rupa waditra kesenian Sunda anu dijieunna tina awi jeung cara maenkeunna!

Anda mungkin juga menyukai