Anda di halaman 1dari 16

PANGJAJAP

Puja sinareng syukur sumangga urang ronjatkeun ka Alloh, gusti nu miboga kaagungan. Nu parantos
masihan rahmat sareng karunia ka urang sadaya, oge waktos ka panyusun pikeun nyelesaikeun susunan
makalah basa Sunda nu miboga judul “Carita Pantun”. Teu hilap, panyusun oge ngucapkeun hatur
nuhun ka sadaya pihak anu parantos ngarojong jeung ngabantosan dina panyusunan ieu makalah.

Makalah basa sunda “ Carita Pantun” ieu teh ditujukeun pikeun ngahontal kompetensi dasar
pangajaran basa sunda nu parantos didugikeun ku Guru Pangajaran Basa Sunda SMA Negeri 1 Cililin.

Panyusun oge miharep yen ieu makalah tiasa masihan sumbangsih elmu pangaweruh dina pangajaran
basa

Sunda, boh pikeun siswa, guru, oge ka nu maos ieu makalah.

Tangtos, dina susunan jeung eusi ieu makalah aya kakirangan jeung kalepatan. Ku kituna, kritik oge
talatah nu sipatna tiasa ngalereskeun ieu makalah, panyusun piharep. Sangkan panyusun tiasa
ngembangkeun leuwih alus tur sae deui elmu pangaweruh, utamina dina widang pangajaran basa
Sunda.

Bandung, Februari 2020

Panyusun
BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Carita pantun mangrupa karya sastra Sunda buhun (klasik) paninggalan karuhun (nenek moyang) anu
berkembang sacara lisan jeung jadi pimilik masyarakat Sunda. Carita pantun kaasup kana jenis karya
sastra lisan Sunda "asli" kumardi di jero isina relatif tacan kapangaruh sastra Jawa atawa Melayu. Isina
umuna ngagambarkeun kebesaran jeung keagungan karajaan Pajajaran. Iraha ceritera ieu awalna aya
hese diitalungtik sacara pasti. Mung kitu, dumasar tina naskah Sunda Sanghyang Siksa Kanda Ng
Karesian nuditulis dina taun 1440 Caka atawa 1518 carita pantun geus katelah.

Kiwari, naun nu disebut carita pantun sabagian parantos dibukukeun. Saeutikina aya 76 carita pantun nu
parantos dibukukeunn. Salah sahiji diantarana nyaeta Carita Pantun Kembang Panyarikan. Pantun ieu
cukup loba pendukungna utamina di kalangan sesepuh di Kabupaten Kuningan.

BAB II

PASUALAN

2.1 Rumusan Masalah

Identifikasi maslah dina pambahasan ieu diantawisna :

1 Wangenan Carita Pantun.

2 Sumebarna Carita Pantun.

3 Papasingan Carita Pantun.

4 Conto Carita Pantun.

2.2 Tujuan

Tujuan dina pembahasan makalah ieu diantawisna :

1. Supados ngauningaan perkawis wangenan / arti carita pantun.

2. Supados ngauningaan perkawis semebarna carita pantun.

3. Supados ngauningaan perkawis papasingan / babagian carita pantun.

4. Supados ngauningaan perkawis conto carita pantun.

BAB III

BAHASAN
3.1 Wangenan / arti carita pantun

Carita pantun mangrupa hiji seni pintonan carita pitutur / lisan Sastra Sunda bari ditembangkeun sarta
dipirig ku kacapi. Pantun dipidangkeun ku saurang “juru pantun” nu oge maenkeun kacapi.

Ajip Rosidi (1966:1) netelakeun, yen nu dimaksud carita pantun nya eta sarupanin sarita rekaan panjang
anu dilalakonkeunana umumna alam Pajajaran jeung alam behditueunana. Ilaharna pgelaran mantra
lumangsung sapeuting jeput ti mimiti bada Isa nepi ka wanci subuh. Carita pantun enya-enyana mah
media sastra snda buhun nu mangrupa manifestasi jiwa sunda baheula, fungsina nembongkeun jiwa
jeung kepercayaan pakumbuhan nu ngahasilkeunana. Gunana di masyarakat, ceuk Tatang Sumarsono
(1986 : 33), “dina mangsa katukang tukang mah pagelaram carita pantun teh lain ngan ukur keur
hiburan wungkul tapi dianggap pagelaran anu raket patalina jeung kepercayaan, upama bae dina
ngaruat, mere ngaran orok, sunatan. Mitembeyan tandur, mungkas panen”.

Bisa jadi eta anggapan teh kiwari ge masih keneh hirup lantaran carita pantun dianggap sacral tea. Lian ti
keur hiburan jeung kagiatan-kagiatan nu raket patalina jeung kepercayaan, kiwari carita pantun jadi
bahan panalngtikan, lantaran ceuk Ajip Rosidi (1983 : 13), carita pantun gede mangfaatna jeung
kajembaran basa jeung sastra sunda. Malah keur widang-widang pangaweuruh sejenna kayaning :
sajarah, antropologi, ethograpi, kaparcayaan. Lian ti eta carita pantun baris mere katerangan ngeunaan
kahirupan-kahirupan urang sunda baheula, baris bisa mere bahan pikeun ngayakeun rekonstruksi hirup
kumbuh sunda buhun. Kulantaran gede manfaatna tea, carita pantun tibeh ditu keneh ges
dikumpulkeun, dibukukeun jeung ditalungtik, Carita Pantun mangrupakeun hiji seni pintonan carita
pitutur atau lisan sastra Sunda kuna bari ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi. Pantun dipidangkeun ku
saurang "juru pantun" nu oge maenkeun kacapi.

3.2 Papasingan carita pantun

Seni carita pantun dipidangkeun dina bua bentuk :

1. Pikeun hiburan :

Dina pidang hiburan, anu sok dicaritakeun teh gumantung ka carita nu dikawasa ku juru pantun, atawa
gumantung nu naggap.

2. Pikeun ritual :

Sedangkeun dina pidang ritual, anu sok dicaritakeun teh gumantung ka carita nu dikawasa ku juru
pantun, atawa gumantung nu naggap. Misalna, ruwatan, caritana sarua jeung dina pitonan wayang,
layaning Batara Kala, Kama Salah, atawa Murwakala.

Pintonan pantun biasana dipirigkeun kira jam 02.00-05.00. rajah dina pintonan ruwatan leuwih panjang
sarta katembong sakral batan dina pintonan hiburan nu ilaharna dipintonkeun kira jam 20.00-04.00.
najan dipidangkeun tujuan hiburan pantun, pantun teu bisa kitu bae dianggap. Masyarakat Sunda
nganggap pantun teh masih mibanda watek sakral sarta sok dipatalikeun jeung upacara ngamulyakeun
karuhun. Ku kituna, pintonan pantun biasana sok dibeungkeut dina struktur pintonan baku nu caritana
museur ka kahirupan raja-raja Sunda atawa carita masyarakat Sunda.

Sacara umum, pola pintonan pantun bisa diudar dina susunan kieu :

1. Nyadiakeun sasajen.

2. Ngukus menyan.

3. “Rajah Pamunah”.

4. Carita ti bubuka nepi ka panutup. Sarta

5. Ditutup ku “Rajah Pamungkas”.

Carita pantun umumna diwangun ku tilu bagian, nyaeta :

1. Rajah Pamuka.

2. Eusi carita. jeung

3. Rajah Panutup.

Rajah pamuka guna pikeun sanduk-sanduk ka karuhun sangkah salamet, boh nu mantun boh anu
dipangmantunkeun, katut nu lalajona.

3.3 Sumebarna carita pantun

Carita pantun mangrupa hiji wanda seni nu kawilang geus kolot. Catetan pangkolotna nu nyebutkeun
ngeunaan pantun aya dina naskah kuna “Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian taun 1518nu nyebutkeun
ngeunaan carita pantun Langgalarang, Banyakcatra, jeung Siliwangi nu dipidangkeun ku “prepantun”
(juru pantun tea).

Kamekaran seni carita pantun salajengna dicirikeun ku nambahanana carita-carita pantun nu ajenna
dianggap luhung, kayaning carita Lutung Kasarung, ciung Wanara, Mundinglaya Dikusumah, Dengdeng
Pati Jaya Perang,Ratu Bungsu Kamajaya, Sumur Bandung, Demung Kalangan, jsd. Di “Kanekes” nu
masyarakatna hirup di budaya kuna, seni pantun teh dalit pisan. Anu ilaharna dipidangkeun dina ritual
kaagamaan / adat diantarana carita Langgasari Kolot, Langgasari Ngora, jeung Lutung Kasarung.

Kamekaran carita pantun geus nyatetkeun sababaraha urang juru pantun anu kawentar dina mangsana.
Di Cianjur misalna, aya R. Aria Cikondang (abad ka-17) sarta Aong Jaya Lahiman jeung Jayawireja (abad
ka-19). Awal abad ka-20, di Bandung aya Uce, sedengkeun dina panengahan abad ka-20, nu kawentar
teh Pantun Beton “Wikatmana”.
Salaku kasenian anu hirup di jaman Hindu nepi ka Islam, teu matak aheng mun ungkara jeung ajaran ti
juru pantun teh mangrupa campuran eta dua jaman. Najan aya istighpar (Islam), istilah-istilah
sarupaning “Dewata”, “Pohaci”, “para karuhun”, “buyut”, jsb. Kasenian carita pantun nu mibanda ciri
budaya Sunda, utamana tina hal kapercayaan Sunda Kuna, ngajadikeun carita Pantun beda hambalan
jeung kasenian Sunda lainna. Pikeun urang Sunda mah, pantun teh mangrupa media pikeun
ngararasakeun deui (panineungan) kana mangsa nanjungna kaadaban masyarakatna. Kiwari seni pantun
geus loba nu ninggalkeun. Juru pantun nu aya keneh teh geus kari sababaraha urang.

3.4 Conto carita pantun

Salah sahiji conto carita pantun nyaeta diantarana carita Ciung Wanara, Lutung Kasarung Lutung
Kasarung, Mundinglaya di Kusumah, Aria Munding Jamparing, Banyakcatra, Badak Sangorah, Badak
Singa, Bima Manggala, Bima Wayang, Budak Manjor, Budug Basu atau Sri Sadana atawa Sulanjana,
Bujang Pangalasan, Burung Baok, Buyut Orenyeng, Dalima Wayang, Demung Kalagan, Deugdeug Pati
Jaya Perang atau Raden Deugdeug Pati Jaya Perang Prabu Sandap Pakuan, Gajah Lumantung,
Gantangan Wangi, Hatur Wangi, Jaka Susuruh, Jalu Mantang, Jaya Mangkurat, Kembang Panyarikan
atau Pangeran Ratu Kembang Panyarikan, Kidang Panandri, Kidang Pananjung, Kuda Gandar, Kuda
Lalean, Kuda Malela, Kuda Wangi, Langla Larang, Langga Sari, Langon Sari, Layung Kumendung, Liman
Jaya Mantri, Lutung Leutik atau Ratu Bungsu Karma Jaya, Malang Sari, Manggung Kusuma, Matang Jaya,
Munding Jalingan.

Conto Teks Carita Pantun Kembang Panyarikan

Asyhadu alla ilaha ilallah, wa asyhadu anna muham-madar rasulullah.

Sang pedah putri manik, sap kaen sang pada herang, nang manik geusan tetep, sing araning menyan,
sang limar putih ratna, cur kumancur pangabukti kaula, kang wecan ku-ma ceuk Alloh, ka kawasa, ka
pangeran, ka aulia sanga... karo, ka rasulullah muhammad, sim jisim muhammad, sayi-dina muhammad,
Alloh huma soli ala sayidina, Alloh Alloh sayidina muhammad.

Ya Alloh, sim kuring ngaula pihatur, ngahaturkeun pangabakti, ka wa dalem dingin, ka embah kuwu
sangkan ci-rebon girang, nu asal embah pangeran panjunan, jisim kuring kudu melek, piwarangan ki
ayip, melek papantunan nu digurit, taya lian, jisim kuring rek nyuhunkeun pitulungna, supayadiparengan
berekah salamet, tandang waras waluya, ieu nu rek digurit papantunan, melek ti peuting, marteda ka
gusti nu pasti, ka Alloh nu kawasa, ieu maksud-maksad, ngahaturi pangabakti ka wa dalem dingin,
sabadegana, ka embah kuwu sangkan cirebon girang, nu asal embah pange-ran panjunan, nuhunkeun
idin, ieu dumeh caritaan, bakal ditukil, turunkeuneun ka incu putra, kita mah nyuhunkeun widi, jisim
kuring ngahaturkeun pangabakti, saeutik-eutik-keun ge disuhunkeun, ka wa dalem dingin sunan purba,
ka sunan kalijaga, ka sang ratu dangiang, turunan widadari pa-tang puluh, tuakeun dagang isun, ka
pangeran jurus, ka sangiang ringgit, ka guna kusumah, ka galuh adam babar bu-ana, ka sangiang
rancasan, ka gending sanga gending, sanggakeun hatur pangabakti simkuring.
Ngahaturkeun pangabakti, ka nu boga kemitan, windu ieu, taun ieu, bulan ieu, poe ieu, peuting ieu,
ngahaturkeun pangabakti.

Ngahaturkeun pangabakti, ka indung bumi, ka bapa langit, ka indung tilu, ka bapa opat, ka papat
pangeran, ka opat pangeran dasar bumi.

Ngahaturkeun pangabakti, ka nu boga taun dalapan, bulan duabelas.

Ngahaturkeun pangabakti deui, jisim kuring, ka nu pa-ra dedemit sadaya, para dedemitbandung, nu
cicing di tengah cai, di birit leuwi, di hulu dayeuh, jisim kuring nuhun-keun deui, rek ngahaleur picatur,
mapaykeun caritaan.

Sim kuring ngahatur pangabakti, ka para dedemit sadayana, teu diwiji-wiji, saterasna hatur pangabakti,
ka urang sawerga maniloka, ka para bujangga, para dewata, para pohaci, para widadari, ka ibu, ka rama,
nu aya di sawarga maniloka, nuhunkeunwidi, sim kuring seja ngahaleur pitutur, mapaykeun caritaan.

Saterasna hatur pangabakti, jisim kuring, ngahaturkeun pangabakti, ka para wali, ka para nabi, para
sahabat, ka para malaikat, ka para wali salapan, ka sapuluh walinunggal.

Jisim kuring ngahaturkeun pangabakti, saeutik-eutikeun nu disuhunkeun, mugi ulah janten kabenduan,
margi dikota, bilih kurang jungkrang sareatna, saratna, mugi kersa ngahampura, dumeh ieu, lain
ngarajah, lain munah, dumeh cariosan rek ditukil, pikeun pageto, turunkeuneun ka incu putu, ahirjaman,
sakitu pihaturna saeutik, jisim kuring, bilih luput nyebut, salah ngucap, mugi kersa ngahampura, ka
ituna, ka ieuna, ka sadayana bae, disuhunkeun pitulungna, su-paya berekah salamet, waras waluya,
gampang balik, ti laer mandele, mustakil damel jati kaula, bisi deuleu papadang ati, ka ti pati samar,
cocokna cop ka ati, estuning estulah saeutik, aki soleh soteh, nu aran di jero kurungan aing, sumebar
papadang ati, laer barang, narowongan ka ati sun, ti ka ret, sakaol cet recet, ingetan digurat-gurat, timu
deui sing kuring, sing kuring na tungtung biwir, sang karancang na tungtung letah, sang ratu...ratu
gumilang, rasa sajagat, diri sang ratu luhung, sajagat kabeh, saca maruih inten, sarang tumeka ning
badan, kandeg kalangsu, gunung timbal eleh, ka lawe laut, tangkalna ngaheuleut, pepet ka heuleut,
gunung raksa cakrabancana, uklah sieuh beuteung ceurik, geus tueuk ceu-rik, geus pajeng munah bae,
munahan jeung nyebutkeun, hula ilahuma, ijrail, minkail, isropil, jabrail, isun ring kong koncong, kiyen
sadina mangku anggawa nur sakti, isun sakti, kawasa sakti, tak tibakena ciancamaya, wadukan hulu, cit
peujit, darma mangjantenkeun, dipegateun jaman ratu maesa berhala, tipadaleman.

Bul putih ngaraning kukus, tampalirih ngaraning parukuyan, ratna gumilang ngaraning menyan, kukus
aing me-nyan putih, kang ngelun ka manggung, ka sang rumuhun, ka guru putra hyang bayu, guriang tan
katingalan, nu lungguh di lingga wulung, nu herang di lingga omas, nu calik dina lemah putih, putih aing
jeung tarima, aing nginjeum ka sadang kasaktian, keur naon eta diinjeum, da herang dijero raga, nu
putih tunggaling aing, nya aing nu tunggal putih.

Bul kukus aing ka handap, kahandapka sang nugrahan, ka basuka ka basuki, ka betara kabetari, ka betara
naga raja, ka betari naga danti, pangmancatkeun aing ka sang windu-rarang, mangka terus ka nu ngasuh,
mangka datang ka nu wenang, ngenta widi ti nu sakti, mun salah benerkeun aing, mun bener asuhan
aing, ku pohaci windurarang, cacap pangkat disalin deui.

Iring-iring bukit jati, gunung rompang candra lentang, susukan tanjakan bankjaran kembang, nunjang ka
bukit bu-rangrang, nyanghulu ka gunung guruh, cacap pangkat disalin deui.

Ahung ku sang rarawana, rawana huriping beurang, tilu pangkat majar ahung, ahung lungguh tanpa
buana, aci bumi, aci buana, aci tumang balang paksa, nya sia mah nya nurmaya, ret ka manggung, ret
nangkuban, nu hejo awaking, neut malik ti luhur, teu kenging kaluluhuran, teu kenging kalelengkahan,
awaking nu seda sakti, awaking nu seda leuwih, dungkuk aing dungkuk sang yuga, sang yuga sang racik
seda, nya sia mah nya nurmaya, ret ka manggung, hurung batan kanjut ruyung.

Mambrang batan candradita, putih batankembang pacing, ti pakuan renta danti, siliwangi nya pakuan,
siliwangi ti pakuan limbangjaya.

Kocap, cihaliwung nunjang ngidul, cisadane nunjang ngaler, nunjang ka bukit burangrang, nyanghulu ka
gunung guruh, ci peucang ka tebeh wetan, ti tengah cirancamaya, pamuruyan gajah putih, kiruh ti hilir ti
girang, ti tengah cinembarang herang, gunung manik mandala tiga kapanten, eusina dewata dua, dua
sarerah sagala, keur meujeuh nu ngukus muja, nya kudu make parawanten, make dicokotan deui,
ditibakeunna ka tarekate dunia, dalem tapa tarekate nya dunia dalem tapa seuweu ratu nu lalembut,
lembut batan me-rang buuk, badag batan merang henca, nu lembut mah seu-weu ratu, nu badag
seuweu kaula, sup asup kana parungpung buuk, didamaran tengah poe, parandene teu kadeuleu, sang
ku paeh oray buana, ti manggung, sup asup ka pusereun agung, aya di manggung, sang ku paeh oray
buana ti handap, aya di handap, neukteuk beuheung rawana, kula teh megat-keun apus, kumendeng
megat jalan kumarintang, bisina mada-madawi, da aing mada-madawi, tes manetes, maya mas, maya
lenggang kancana, aing nu nangtung si nguwung-ngu-wung, si dengdang si ngawang-ngawang, dingaran
sumangga wenang, nya aing si anggawenang, ratu patanjala seda, aing nu wisesa di buana pancatengah,
basa nyusuk cihaliwung, basa mengkong cisadane, ngababakan di jambudipa, ngadu-dukuh di
jambuluwuk, sang batara susuk tunggal, nya aing katelahna, sang batara susuk tunggal.

Neda agung nya paralun, neda panjang pangampura, ka sang ratu teja gelangan, cacap pangkat disalin
deui.

Ahung buta kasundulan, ahung buta kasunian, hol bumi, hol langit, hol manusa, hol setan, manusa
lawas, setan lawas, pada sirna, salamet ta kula mipir baribis, ulah sindang barang geusan, cacap pangkat
disalin deui.

Ahung guruh limanputih lalakina, ahung guru sang seda malela, ahung guru sang seda tunggal, sang
tunggal sang rajah punah, sang punah sang darma jati, tanah lemah tukuh bumi, tukuh buana, dat
musna sirna, ilang tanpa ka-rana, mulya kara-kara ista, ora bayane, cacap pangkat disalin deui.

Ahung guru pucuk hyang bayu, sang pamunahing rajah, hyang nu seda mah puguh bae, maha mulya,
pangmu-nahkeun aing itu, pangmunahkeun aing ieu, hyang wisesa, ratu wisesa, aing nu wisesa di buana
pancatengah, langit munah, bumi munah, ka punah kapara wisesa, kawisesa ku awaking, sumuwuh
pamunah ratu, ngabalungbung tampa puhun, cacap pangkat disalin deui.

Hurip nu ngarajah, mangka hurip nu dilalakonkeun, hurip jaya di buana, hurip jaya di kurungan, asup
sukma bayu ka kurunganana, hurip jaya di buana, hurip jaya di kurungan, kantun neda mulus rahayuna,
sadayana, marteda ka nu kawasa, agung kula nya paralun,neda panjang pangam-pura, cacap pangkat
disalin deui.

Raden Panji arummangu, raden palawiru, raden kian santang, isun jaluk sora sia, sunda becik, sunda
ngawih, sunda babut, iku teka gustine raratu galuh, cacap pangkat disalin deui.

Kun paya kun, babu awah, bapa adam, usik nyaring sari nu kasih, neut hudang sarinu rarang, kula mung
neda ngaapal, pangaitkeun aing kacapi, mangkana tanghi ti peuting, mangkana hudang ti beurang, mana
usik ku pamilih, mana hudang ku tarima, mangka harus batan calung, mangka ngear batan gangsa, roh
betan kaula, ngaler-ngetan sora nu reh, sora daek jeung kacapi, nya kacapi nya awaking.

Agung kula nya peralun, neda panjang da pangampura.

Caturkeun, urang cuang caritakeun, cuang diajar mupulihkeun nu bihari, mopoyakeun nu baheula,
diguratkeun, diguritkeun, kana pucuk gebang pondok lontar, ecekan guguluntungan, sabeulit tamba
pamali, sakecap tamba buagan, tamba lebur pituturan, tambailang kalagian, bising aya jurig anu
nyiliwuri, bising aya setan anu ngewa-ngewa, tamba sepi nu di bumi, tamba rehe nu dibale, tamba
euwah-euwah da-tang, palias kula ngadatangkeun mah, da teu nerus narutus, narajang alas, da puguh
lungguhing galuring pantun, ngahudang ngaraga wayang, ngembat papatan caritana nu ba-heula, neda
agung kaula nya paralun, neda panjang pangam-pura, bakalan kajenggut tuang kukuncung, kajambak
tuang paparas, kacokot tuang jojompong, kahudangkeun tihang panggung, kakipaskeun taken wayang, ti
mendi picaritaeun, ti citeres, ti kahiangan, citeres ti kahiangan.

Cupu dicupuan deui, diwadahan ku cupu manik, eh.. astagina, dituruban ku mandepun, ditilaman ku
sarat tangan, sok teundeun di handeuleum sieup, tunda eta di hanjuang siang, paranti neundeun carita.

Nyokot bari ninggalkeun, palias ditunda dinya, diteundeun di jalan gede, handapeun caringinkurung,
dibuka ku nu maliwat, gebyar, ku nu sakti tan kabudi, ku nu seda tan kabuka, ku nu bisa ngabujangga, nu
rancage di angenna, weruh-weruh wijaksana, suksila raja betara, agung kula nya paralun, neda panjang
da pangampura, eusina mustika jalma, tambahan ti citeresan, ti citeres, ti kahiangan, di ngaran panji
haleuang, pating derengdeng, pating haleuang, nu menta dilalakonkeunana, eusina putra patutan, putra
patimu jeung ratu.

Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah wetan, watekna mah bising perang tampa sangkan,
merangan geger landesan, niat kaula megatkeun ka tampa laranganana.

Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah kidul, watekna mah bilih perang tampa puhun, merangan
geger landesan, niat kaula megatkeun ka tampa laranganana.
Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah kaler, watekna mah bilih perang tampa seler, merangan
geger landesan, niat kaula megatkeun ka tampa laranganana.

Palias kula munnyaturkeun menak ti sabeulah luhur, watekna mah bilih perang tampa pulur, merangan
geger landesan, niat kaula megatkeun ka tampa laranganana.

Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah handap, watekna mah bilih perang tampa sadap,
merangan geger landesan, megatkeun kaula ka tampa laranganana.

Seja kula rek diajar, nyukcruk seuweu ratu nu bahayu, rek mapaykeun seuweu raja nu baheula, anu tuhu
urang caturkeun,anu gelar urang caritakeun, pan luput kula ba-yuan, mun salah kula pagahan, mun
bener kula asuhan, pindingan, neda agung nya paralun, neda panjang pangampura, ka sadaya nubakal
dicarioskeun.

Salian ti ratu kulon, lamun kulon kadi katon.

Tanjak barat ka pajajaran, nu ngujur dina pangambung, nu salat dina pangucap, nu ngancik dina panitih,
seler patih ranggalawe, nu calik dina panitih, nu seler ti ranggalawe, nu tirih ti siliwangi, pencaring ti
mundingwangi, pencaring ti mundingwangi, diseuweuan da ratu agung, nu agung di gunung bubut, nu
muter di karantenan, nu calik di gajah depa, pangcalikanana ku kuningan, kuningan direka munding,
tambaga direka kuda, emas direkakeun gajah, panjangna sadeupa mider, direkakeun gajah depa,
eukeurna kumpul mungpulung, sacekan sareanana.

Ngariung para nu jangkung, ngajajar …

Ujaring cinarios, lampah ratu kembang panyarikan, "mas ratu!, nam buru-buru urang bisi kalepasan,
cundukkeun ka ratu, sebakeun ka nu jadi raja".

"Kakang bakal sim kuringmah, ti tadi ge moal daek cunduk ka ratu, moal daek seba ka raja, sebab lengoh
ka-lempohan, kadar mawa puyuh sahiji, ngerakeun ku deu-ngeun-deungeun, wirang temen ku
deungeun-deungeun, tinimbang ka ratu, terus ka raja, urang cuang pulang deui bae, ka nagara urang."

"Beu..ana kitu, temen maneh hayang mawa, naon nu dibawa?"

"Kakang bakal sim kuring mah, daek-daek dicunduk-keun ka ratu, disebakeun ka menak, ulah peuting,
ulah beu-rang peuting ge mangga, lamun mawa anjung-anjung wesi jimat, eusinamunding bulu hiris,
kuda bulu landak, embe bulu songket, kalicangket jangjang mayang, papatong jang-jang salaka, jeung
bokor salongo, eta kaula daek, lamun mawa barang eta, cunduk ka ratu seba ka menak..mangga."

"Beu..payung agung gelang gading, ari ngucap sok sembarangan, di mendi atuh nu kitu ayana?, si kakang
sapanjang namgtung bumi, nunjang lemah..kakara ngadenge, anjung wesi bagbagan wesi jimat."

"Inggih duka ayana mah dimana..kakang bakal, da kaula ge teu terang, ngan bae numutkeun ari aya
ngaranna mah, kudu aya banda barangna."
"Bener ceuk pangucap mah gampang, biwir handap jeung nu luhur, tapi nu enya di endi ayana eta?,
perkara jimat anjung wesi bagbagan wesi."

"Teu langkung sakumaha pangersa sampean, kakang bakal, lamun bae keresa maha, mangga ilari,teu
kersa mah sawios, mangga urang cuang pulang deui bae, ka nagara urang."

Ditinimbang ku raden, "tinimbang kami teu tepung deui jeung ratu, teu tepang deui jeung raja, kajeun
teuing te-lat di jalanan.

Peklamun maneh tetela, hayang dibelakeun ku si ka-kang, mangka daek ngantian di dieu, di mega
malang!"

"Inggih..mangga kakang bakal, kula ngantosan, ulah samarganing taun..bulan, najan windu kula moal
welwh ngantos, di dieu di mega malang."

"Pek ulah undur kalayuan, ulah leumpang kalayatan, yen kakana teu acan datang, cirining teu acan hasil
pamak-sadan."

"Inggih mangga kang bakal, kula sanggem ngantosan", "tutug timus perele panteg, kakang ayeuna
widian..bayi, sar-ta dungakeun."

"Mangga..rek angkat, muga-muga salamet sampean nu angkat, nu dikantun kula, muga-muga diparinan
salamet, sarta muga-muga sing laksana paneda, sing hasil nya pa-maksadan."

Kacarios ratukembang panyarikan, gadang ngantun-keun saderek, payung agung gelang gading, di mega
malang.

"Permisi mas ratu", "mangga launan..leuleuyan, sam-pean kang bakal".

Kcarios, ratu kembang panyarikan, ti mega malang, kolear..., kolear..., kolear..., kamana nya ragrag?,
kacarios buana pancatengah kaliwat, bening kesit mudunna, paralak, kolear..., gejlig.

Ka mana raden nya mudun?, kacarios mudunna raden, ka nagara buana larang, handapeun buana
tengah, kuda ramenantak gajah ramenantak, nu kasebat.

Sasumpingna raden ka nagara buanan larang, langlang-lingling, kumis baplang sangga dulang, jalma nu
taya ka-inggis karisi, taya karempan taya kasieun, ratu kembang pa-nyarikan.

"Adi..kuda ramenantak!, gajah ramenantak!, dewek datang teu dihormat adi!"

"Ieung..pangampura..lanceuk, pamugi-mugi hampura, kana kaluput-lepat kula, bagea sampean!", "neda


adi!", "Tas ti mana sampean?", rek ka mana..raka?

"Dewek nu matak ka dieu datang, rek namyakeun kamaneh, coba-coba dewek menta anjung wesi,
bagbagan we-si, eusina kuda bulu landak, munding bulu hiris.
Embe bulu songket, kalicangket jangjang wayang, papatong jangjang salaka, jeung bokor salongo,
sok..lamun gableg, sia serahkeun ka dewek, lamun teu gableg, ancur lemburna, bebas nagara disambut,
diwuluku digagacek… diurus ku dewek!"

"Ieung..raka ari sampean, sok ngaget-ngaget ka kula, bujeng-bujeng kula ngagaduhan nu kitu, ngaranna
ge kula kakara nyaho, anjung wesi bagbag jimat."

"Sok adi serahkeun ka dewek, ulah bobad ula goro, serahkeunadi!"

"Inggih kula teu ngagaduhan, bilih sampean teu percanteun mah, mangga ilari di patempatan kula,
goletrak teu aya naon-naon."

"Maneh diperih pati, dipalar modar ku dewek, ayeuna luput teu bisa nyerenkeun buktina, anjung wesi
bagbagan wesi, menta beja di mana nu aya, bejakeun ka awak sok!"

"Ieung..kaula nu matak ge teu ngadenge-denge, bejana nu bogaeun."

"Sok bejakeun ka dewek!, ulah bohong ulah bobad, ramenantek!, lamun teu mere barangna, teu mere
bejana, ancur leburna, bebas nagarana disambut, diwuluku… digagacek, diurus ku dewek!"

"Ieung..inggih kula mah, da teu ngadenge-denge beja-na."

"Piraku adi?, sok bejakeun ka dewek..sok!"

Kuda ramenantak gajah ramenantak, bakating ku sieun, dumeh aya ponggawa kitu petana, kapaksa.

"Ieung..raka!, tapi sampean poma-poma, lamun sampe bisa laksana, ulah bebeja meunang kabar ti
awak."

"Moal adi!, sok bejakeun!, sok! sok!"

"Kula ari terang mah henteu, ngan ngadenge beja wungkul, eta nubogaeun anjung wesi, bagbagan wesi
jimat saeusina, kajaba di nagara buananyungcung, kasebat nu bo-gana, kasebat tumenggung rangga
walian..raka."

"La-la-la..ari buana nyungcung, lebah mendi adi?", "ieu handapeun buana kula, salapis deui", "beu..naha
handapeun negara maneh, aya deui buana?"

"Inggih ceuk beja mah aya, hiji nagara galendor, anu gaduhna enjang buana, kaduana buana nyuncung,
nu gaduh-na tumenggung rangga walian."

"Ceuk beja di dieu nu boga?", "enggih leres..raka, ngan sampean upami datang ka sampe bisa, eta
nyandak jimat, peupeujeuh ulah bebeja, yen meunang beja ti awak".

"Na hade..adi?", "aduh..sing heman, sebab eta tu-menggung rangga walian, kocapna gagah, teuas tulang
liat kulit, totosa bojana kulit, alamat sieun dirurug nagara ku-la..raka!"
"Beu..kitu adi?", "enggih..leres", "ayeuna dewek permisi adi!", "rek ka mana raka?, alon heula masing
tetela, masing nyata", "dewek rek ka nagara buana nyungcung.. adi!"

"Inggih leres alon heula, tapi eta perkara di nagara buana nyungcung, tumenggung rangga walian,
tohaga perkawis nu jaga negara, pagerna ge paripaos lain awi,lain kayu, lain batu, lain waja, lain beusi",
"kutan? ku naon pagerna..adi?".

"Kacarita kupara ponggawa bae, saputer karaton nyi-ger, matana lir mata simeut, sadaya pada batoton,
nyandak pedang jeung tumbak, gada racak, nyiger saputer karaton, sampean kinten-kinten sanggup?"

"Jah..sagala sapira sipil!", "lian ti eta aya deui raka!", "naon adi?", "kacarios aya oray laki, sagede catang
kalapa, sampean moal sieun?", "ah..sapala-sapira-sipil!","aya deui raka!", "naon adi?", "tiwuan ge
sagede hayam bibit, sampean kinten-kintenna moal sieun?", "ah..sapala-sapira-sipil!", "aya deui raka!",
"naon adi!", "waliwis putih sagede tampir, sampean moal sieun?", "sapala-apira-sipil!", "lian ti dinya aya
deui raka!", "naon adi!", "hileud sagede gulungan kasur!, sampean moal sieun?", "ah..sapala-sapira-
sipil!", "aya deui raka!", "naon adi?", "kacaraios ietuk jimat kabuyutan, ngagolang di tengah jalan!",
"sapala-sapira-sipil!", "aya deui raka!", "naon adi!", "kampaan beusi ngahalangan jalan, nutup muka ku
manehna, sampean kira-kira bisa ngarepeh-keunnana?", "ah..sapala-sapira-sipil!"

"Tah ku kituna raka, lamun sanggem sampean, jeung eta perkawis nu jagana, ponggawa saputer
karaton, sakuriling bangking, pada nyandak pakarang, sampean moal si-eun..raka?"

"Ah..sapala-sapira-sipil!", ceuk kuda ramenantak, jero atina,"beu..ieu jalma, kitu sipilkieu sipil, kumaha
carana, atawakumaha ieu jalma kanyahona?", aneh kuda ramenan-tak.

"Aya deui adi?", "enggeus sakaterang kula sakitu, cek bejana bae, da kula terang mah henteu",
"ah..ayeuna dewek permisi..adi!", "rek ka mana sampean?", "rek ka buana nyungcung!",
"inggih..mangga raka, tapi poma-poma upama sampe dugi ka hasilna, ulah nyebatkeun meunang beja ti
awak..raka!", "moal adi!", "sebaba kula sieun dirurug, ku urang nagara buana nyungcung, anu katelah
rangga walian", "moal adi!"

Kacarios, ratu kembang panyarikan, tutug timus parele panteg, meunang kabar beja, ti kuda ramenantak
gajah rame-nantak, lajeng matek ajian panerus bumi, dilalarkeun kalimahna, byar.

Ngemplang narawangan, copong molongpong, siga anu mere jalan ka handap, ti nagara buana rarang,
lajeng raden teh mudun, ti buana rarang, kolear..., kolear...

Kacarios, nyorang ka nagara galendor, nu gaduhna enjang buana.

"Wah..ieu ponggawa endi?, ka wani-waningambah ka nagara dieu, kapan kula kabawah perentah, ku
tumenggung rangga walian..gih, aya terus kalakuan pan balik!, kon ba-lik!"

Kacarios teu diitung najan buta sagedena, bakat kesit, ratu kembang panyarikan mudunna, disepak buta,
jeblag!, blak nangkarak, lajeng raden mudun terus, kolear...

"Wakadalah..ponggawa, kan maksa-maksa, maksa-maksa temene sabodo..ponggawa!"


Kacarios raden, launa mudun terus, kolear..., kolear..., gemblung.

Datang kanagara, kasebat nagara buana nyngcung, handapeun nagara, nagara buana pancatengah.

Raden rut-ret ningali, kulon wetan, kaler kidul, barang ningali ka karaton, nyata wadya bala ponggawa,
saputer karaton nyiger, matana lir mata simeut bae, pada batoton, nyangking keris, nyandak pedang
reujeung tumbak, jeung gadana.

"Beu..tetela nyata, teu salah cek beja..yeuh!", teu ana paran solonong, oray sagede catang kalapa!", "o-
o-lakada-lah", "kok! kok!", "teu salah ceuk beja, oray sagede catang kalapa!"

Raden sanggeus patepang jeung oray, ditonjok oray, jebot!, goletak modar, "wah teu sapira
kadigjayaanana oray!"

Aya welis sagede tampir, riab cekot, riab, riab, riab..., ditampiling welis, jeblag!, goletak mati, "wah teu
sapira kadigjayaan!"

Aya tiwuan sagede-gede hayam bibit, ngong!, ngong!, diteunggeul ku peureup, jebot!, goletak modar,
"tiwuan teu sapira mati!"

BAB IV

KASIMPULAN

Numutkeun bahasan carita pantun anu parantos di uningakeun ka khalayak dina presentasi makalah ieu.
Urang janten tiasa nyandak titi mangsana yen diantawisna :

Anu dimaksud carita pantun teh nya eta mangrupa hiji seni pintonan carita pitutur / lisan dina wangun
Sastra Sunda, bari ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi. Pantun dipdangkeun ku saurang “Juru Pantun”
nu oge maenkeun kacapi.

Papasingan carita pantun

Seni carita pantun dipidangkeun dina bua bentuk :

Pikeun hiburan :

Dina pidang hiburan, anu sok dicaritakeun teh gumantung ka carita nu dikawasa ku juru pantun, atawa
gumantung nu naggap.

Pikeun ritual :
Sedangkeun dina pidang ritual, anu sok dicaritakeun teh gumantung ka carita nu dikawasa ku juru
pantun, atawa gumantung nu naggap. Misalna, ruwatan, caritana sarua jeung dina pitonan wayang,
layaning Batara Kala, Kama Salah, atawa Murwakala.

Sumebarna nyaeta di kalangan masyarakat urang Sunda ti jaman Karajaan Hindu nepi ka karajaan Islam,
dumeh kiwari oge masih dikenal, naming parantos tara dui di talungtik, atanapi dikaji sacara serius.

BAB V

PANUTUP

Alhamdulillah, makalah Carita Pantun anu ku simkuring kasanggakeun. Panulis susun kanggo langkung
paham Wangenan Carita Pantun, Papasingan (babagianana) Carita Pantun, Sumebar (sajarahna) Carita
Pantun sareng Conto Carita Pantun.

Mudah-mudahan makalah ieu ngajantenkeun inspirasi tur manfaat kanggo panulis hususna oge
pembaca pada umumna. Amin.

Cianjur, Desember 2010

DAFTAR REFERENSI

Basa & Sastra Sunda (Dr. Hj. Iis Ristiani, S.Pd, M.Pd)
Purnama, Yuzar.2006. “Analisa Struktural dan Nilai Cerita Pantun Kembang Panyarikan dari Kabupaten
Ciamis” (Laporan Hasil Penelitian Balai Kajian Sejarah dan Nilai Tradisional Bandung, 2005)

http://uun-halimah.blogspot.com/2008/06/carita-pantun-kembang-panyarikan-jawa.html

Anda mungkin juga menyukai