Anda di halaman 1dari 9

MAKALAH

CARITA BABAD

Disusun ku :

KELOMPOK 3
Virly
Erda
Anggun
Salsabila
Azka
Laurent

PEMERINTAH KOTA BANJAR


DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN
SMA NEGERI 1 BANJAR
Jl. K.H. Mustofa No.1 Tlp.(0265)741192 Fax.(0265)2730889
Kota Banjar 46311 e-mail : sman.sa.bjr@gmail.com
Web. www.smansa1banjar.sch.id
PANGJAJAP

Puji sareng syukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Alloh SWT


lantaran barkat rahmat-Na simkuring saparakanca tiasa ngabereskeun ieu karya
ilmiah kanggo nuntaskeun pancen ti Bapa/Ibu Guru anu judulna “CARITA
BABAD”.
Sholawat sareng salam mugi-mugi salamina kacurah limpahkeun ka
jungjunan alam nyatana Nabi Muhammad SAW, teu hilap ka kulawargina sareng
ka shahabatna sareng mudah-mudahan dugi ka urang sadayana.
Medalna ieu makalah dipiharep tiasa ngadeudeul lumangsungna proses di
ajar Basa Sunda hususna di SMA Negeri 1 Banjar. Eusi ieu makalah museur kana
tujuan supaya mikaweruh carita babad sunda di tatar sunda anu mangrupakeun
kabudayaan luhung urang sunda.
Pamungkas, mugia ieu makalah aya mangpaatna kanggo urang husus
kanggo sim kuring saparakanca umumna kanggo sadayana anu maca ieu makalah.
Oge tangtos wae dina ieu makalah masih seueur keneh kakiranganana, kuayana
kitu mugi ulah kirang-kirang ngahapunten.

Banjar, Januari 2022

Panyusun

i
DAFTAR EUSI

PANGJAJAP.................................................................................................... i
DAFTAR EUSI................................................................................................ ii
BAB I BUBUKA.............................................................................................. 1
A. Kasang Tukang............................................................................... 1
B. Pamedaran....................................................................................... 1
C. Tujuan ............................................................................................ 1
BAB II PEDARAN........................................................................................... 2
A. Harti Carita Babad.......................................................................... 2
B. Struktur Carita Babad..................................................................... 2
C. Ciri-ciri Carita Babad..................................................................... 3
D. Conto Carita Babad......................................................................... 3
BAB III PANUTUP.......................................................................................... 6
A. Kacindeukan................................................................................... 6

ii
BAB I
BUBUKA

A. Kasang Tukang
Babad nyaéta carita nu patali jeung hiji patempatan atawa ilaharna
mah karajaan nu dipercaya minangka sajarah. Patali jeung pangaruh Jawa,
karéréaan babad ditulis dina wangun wawacan, upamana Babad Godog, Babad
Panjalu, Babad Cirebon, Babad Banten, Babad Sumedang, jsb. Ditilik tina
jihat sajarah, babad téh lain bukti nu bisa dijieun sumber sajarah, tapi
sahenteuna bisa dipaké pikeun bahan babandingan dina ngulik sajarah.
Biasana dianalisis heula kalawan kritis, nepi ka meunang hiji kacindekan. Ieu
hal téh dilantarankeun eusi babad salian ti nyaritakeun hal-hal nu patali jeung
sajarah, ogé réa pisan nyaritakeun hal-hal nu pamohalan, sipatna fiktif, saperti
jalma bisa ngapung, jalma sakti, jsté, anu nyampak dina karya-karya sastra.

B. Pamedaran
Dina makalah ieu, bade dipedarkeun ngeunaan :
1. Naon anu dimaksud carita babad ?
2. Naon wae struktur carita babad ?
3. Naon wae ciri-ciri carita babad ?
4. Contoh carita babad

C. Tujuan
1. Mikawanoh tur maham kana carita babad
2. Mikawanoh tur maham kana struktur carita babad
3. Mikawanoh tur maham kana ciri-ciri carita babad
4. Mikawanoh kana contoh carita babad

1
BAB II
PEDARAN

A. Harti Carita Babad


Carita babad nyaeta carita anu eusina ngandung unsur sajarah, atawa
sajarah anu dibungbuan ku unsur carita. Carita babad umumna patalina jeung
hiji patempatan atawa ilaharna mah karajaan anu dipercaya minangka sajarah.
Contona nyaeta carita babad Cadas Pangeran, carita babad Sumedang, carita
babad Cirebon, carita babad Babad Panjalu.
Tapi carita babad teu bisa disaruakeun jeung sajarah. Sajarah, saperti
dihartikeun ku kaelmuan jaman kiwari, kudu didukung ku bukti-bukti tulisan
atawa bisa dibuktikeun kanyataana sacara kaelmuan (ilmiah).

B. Struktur Carita Babad


Anu perlu dilakukeun pikeun bisa nyebutkeun sacara bener struktur
carita babad nyaeta perlu mikawanoh heula naon anu disebut carita babad teh.
Carita Babad nyaeta carita anu patali jeung hiji petempatan anu dipercaya
mangrupa sajarah. Dina sastra Sunda carita babad bisa mangrupa karya sastra
dina wangun lancaran atawa prosa nyaeta dongeng, atawa bisa oge mangrupa
karya sastra dina wangun ugera atawa puisi nyaeta wawacan.  
Sanajan carita babad teh bisa mangrupa karya sastra dina wangun
puisi, tapi unsur atawa struktur nu aya dina carita babad nyaeta sarua jeung
unsur atawa struktur nu aya dina karya sastra wangung prosa. Struktur carita
babad nyaeta:
1. Jejer atawa tema, nyaeta ide poko nu aya dina carita babad
2. Latar, nyaeta latar waktu jeung latar tempat
3. Galur atawa alur carita babad, aya tilu rupa galur nyaeta Galur maju,
Galur mundur jeung Galur maju - mundur
4. Palaku atawa tokoh nu aya dina carita babad
5. Amanat atawa pesen dina carita babad
Carita babad nu aya dina dongeng sok disebut oge sage. Sedengkeun
carita babad nu aya dina wawacan wangun kalimahna kaiket ku aturan, nyaeta

2
aturan pupuh. Aya 17 rupa pupuh anu dibagi jadi dua kelompok nyaeta Sekar
Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh.
Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Wawacan biasa ngagunakuen
pupuh nu aya dina Sekar Ageung nyaeta pupuh kinanti, sinom, asamarandana,
dangdanggula (KSAD).

C. Ciri-ciri Carita Babad


Ciri-ciri carita babad nyaeta carita anu ngabogaan unsur-unsur carita
sajarah, anu nyaritakeun kawanian, kapahlawanan, kasaktian sarta kaajaiban
hiji jalma. Carita babad biasana mangrupa carita ngeunaan peperangan di
jaman baheula, anu umumna eusi caritana panjang jeung nyaritakeun
kapahlawanan, jalma sohor anu legendaris. Conto carita babad nyaeta saperti
dongeng Prabu Siliwangi jeung Dipati Ukur.
Carita babad mangrupa salah sahiji rupa dongeng. Aya sawatara rupa
dongeng, nyaeta dongeng fabel, parabel, mite, legenda jeung sage atawa
babad. Dongeng nyaeta karya sastra dina wangun prosa. Dongeng kaasupna
kana prosa buhun. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa
modern. Conto prosa buhun lianna salian ti dongeng nyaeta carita wayang.
Sedengkeun conto prosa modern nyaeta novel jeung carita pondok atawa
carpon.

D. Conto Carita Babad

KÉAN SANTANG
Kéan Santang téh putra Prabu Siliwangi anu katelah gagah tur
sakti. Di Pajajaran, malah di Pulo Jawa teu aya hiji ogé jalma anu bisa
nandingan kasakténna.
Dina hiji waktu Kéan Santang ngadeuheus ka ramana, unjuk-
kan yén dirina hayang ningali getih sorangan. Hayang tarung ngadu
jajatén, tapi teu aya nu bisa nandingan.
Ngadangu kasauran putrana kitu, Prabu Siliwangi geuwat baé
nyauran para ahli nujum karajaan. Ménta bongbolongan, sugan aya

3
jalma anu bisa nandingan kasaktén Kéan Santang. Ditanya kitu, para
ahli nujum téh kabéhanana ngabigeu teu aya nu némbal. Ngan teu lila
ujug-ujug aya aki-aki anu nyampeurkeun ka Kanjeng Prabu.
“Kanjeng Prabu, kaula bisa nuduhkeun saha jalma anu bisa
nandingan kasaktén tuang putra. Jauh pisan éta jalma téh, ayana di
nagri Mekah, ngaranna Bagénda Ali.”
“Saha kira-kirana anu bakal unggul lamun anak kaula tarung
jeung Bagénda Ali?” Kanjeng Prabu ,alik naor.
Anéh pisan, saméméh ngajawab éta aki-aki téh geus ngaleungit,
duka ka mana ngilesna.
Ti harita Kéan Santang teu genah cicing. Hayang geura gok
patepung jeung jalma nu ngaran Bagénda Ali. Hayang geura tarung
ngadu jajatén.
Hiji waktu Kéan Santang pamitan ka ramana Prabu Siliwangi,
seja miang ka nagri Mekah, rék nepungan Bagénda Ali. Sanggeus
diwidian ku ramana, gejlig baé anjeunna angkat ti Pajajaran. Leumpang
ngulon, muru ka lebah panonpoé surup. Bubuhan jalma sakti,
leumpangna téh napak kancang, nyaéta leumpang dina kulit cai, nyéak
gancang ka ditu ka kulonkeun.
Barang nepi ka nagri Mekah, Kéan Santang patepung jeung aki-
aki anu keur ngiuhan handapeun tangkal korma. Pok Kéan Santang
nanya.
“Ki, cing tuduhkeun di mana ayana Bagénda Ali téh?” Éta aki-
aki téh ukur melong, neges-neges ka nu anyar datang.
“Saha Ujang téh?” pokna kalah malik nanya.
“Kaula téh Kéan Santang ti Pulo Jawa. Kaula hayang tepung
jeung Bagénda Ali. Cenah anjeunna téh jalma sakti, kaula hayang
ngadu jajatén.”
“Euh, kitu. Yu atuh tuturkuen Aki!” ceuk éta aki-aki ngajak
indit ti dinya. Kéan Santang nuturkeun. Tapi kakara ogé sababaraha
léngkah, aki-aki téh pok nyarita, “Aéh, iteuk Aki tinggaleun. Cing
pangnyokotkeun, Ujang!” Kéan Santang geuwat balik deui, maksud rék

4
mangnyokotkeun iteuk. Ari iteuk si aki téa nanceb deukeut tangkal
korma.
Barang éta iteuk dicabut, karasa bet pageuh. Kéan Santang
nyabut deui beuki bedas, angger baé teu kacabut. Kéan Santang
mapatkeun ajian, nyabut deui éta iteuk sataker tanaga. Ané pisan. Lain
iteuk anu kacabut téh, tapi kalah sukuna ambles kana taneuh. Kitu
jeung kitu baé, unggal manéhna nyabut, sukuna kalah beuki mebes.
Kéan Santang geus ngoprot késang. Iteuk angger teu bisa
kacabut. Manéhna mimiti boga curiga yén aki-aki nu boga éta iteuk téh
tangtu lain jalma samanéa. Keur kitu, aki-aki téh geus aya gigireun.
“Saha saenyana andika téh, Ki?” ceuk Kéan Santang semu
lungsé. Si Aki ukur seuri ditanya kitu téh.
“Nya kaula anu ditéangan ku andika téh. Kaula Bagénda Ali!”
Ngadéngé kitu, rumpuyuk baé Kéan Santang nyuuh kana sampéan
Bagénda Ali. Manéhna taluk, sadar yén kasaktén dirina ukur satungtung
buuk upama dibandingkeun jeung élmu kawedukan Bagénda Ali.
“Kaula taluk, sumerah diri hoyong guguru ka Kanjeng
Bagénda,” ceuk Kéan Santang.
“Heug, tapi andika kudu ngucapkeun sahadat heula, asup agama
Islam,” walon Bagénda Ali
Ti harita Kéan Santang asup agama Islam sarta terus guguru,
ngulik bagbagan agama Islam di Nagri Mekah.
Sanggeus ngarasa cukup ngalap élmu, Kéan Santang pamitan
hayang mulang deui ka nagrina, Pajajaran. Ku Bagénda Ali diwidian
kalayan dibéré pancén yén Kéan Santang kudu nyebarkeun agama
Islam di Pulo Jawa. Aya dua rupa barang anu dibekelkeun ku Bagénda
Ali nyaéta tasbéh jeung kitab Al-Qur’an.
Kéan Santang mulang deui ka Pajajaran, nyebarkeun agama
Islam. Teu saeutik rahayat Pajajaran anu tuluy ngagem agama Islam.
Ari ramana, Prabu Siliwangi, teu kersaeun ngagem agama Islam.
Dibarengan ku sawatara prajuritna, Prabu Siliwangi ninggalkeun
karaton, ngungsi ka hiji tempat di pakidulan Garut. Ceuk sakaol, di
dinya anjeunna ‘nghiyang’, ngaleungit tanpa wujud. Ari para prajuritna
minda rupa jadi maung.

5
BAB III
PANUTUP

A. Kacindeukan
Carita babad bisa mangrupa karya sastra dina wangun puisi, tapi unsur
atawa struktur nu aya dina carita babad nyaeta sarua jeung unsur atawa
struktur nu aya dina karya sastra wangung prosa. Struktur carita babad nyaeta :
1. Jejer atawa tema, nyaeta ide poko nu aya dina carita babad
2. Latar, nyaeta latar waktu jeung latar tempat
3. Galur atawa alur carita babad, aya tilu rupa galur nyaeta Galur maju, Galur
mundur jeung Galur maju - mundur
4. Palaku atawa tokoh nu aya dina carita babad
5. Amanat atawa pesen dina carita babad

Anda mungkin juga menyukai