Anda di halaman 1dari 9

Makalah Carita Pantun Sunda

Nama Kelompok :
1. Ananda Alsa
2. Alma Siwi
Kata Pengantar

Puji sareng syukur mangga kami sanggakeun ka hadirat Allah SWT, alhamdulilah tiasa
ngarengsekeun ieu Makalah dinawaktuna anu di judulan “Carita Apantun Sunda” Saleresna makalah
ieu pasti wae aya kakirangan anu teu disadari kami. Kumargi kitu kami nyuhunkeun kritikan sareng
saran ti Bapa Guru mata pelajaran pikeun nyampurnakeun ieu makalah pikahareupeun. Oge kami
ngaharepkeun ieu makalah teh tiasa manfaat kanggo ngembangkeun pangawanoh para siswa.

i
DAFTAR ISI

COVER
KATA PENGANTAR i
DAFTAR ISI ii
BAB I BUBUKA
A. Kasang Tukang 1
B. Rumusan Masalah 1
C. Tujuan Masalah 1
BAB II BAHASAN
A. Wangenan / Arti carita pantun 2
B. Semebarna carita pantun 2
C. Papasingan / Babagian carita pantun ............................................................3
D. Conto Carita Pantun .....................................................................................4

BAB III PANUTUP


A. Kesimpulan6

ii
BAB I

BUBUKA

1.1  Kasang Tukang

Carita pantun mangrupa karya sastra Sunda buhun (klasik) paninggalan karuhun (nenek moyang) anu


berkembang sacara lisan jeung jadi pimilik masyarakat Sunda. Carita pantun kaasup kana jenis karya
sastra lisan Sunda "asli" kumardi di jero isina relatif tacan kapangaruh sastra Jawa atawa Melayu.
Isina umuna ngagambarkeun kebesaran jeung keagungan karajaan Pajajaran. Iraha ceritera ieu awalna
aya hese diitalungtik sacara pasti. Mung kitu, dumasar tina naskah Sunda Sanghyang Siksa Kanda Ng
Karesian nuditulis dina taun 1440 Caka atawa 1518 carita pantun geus katelah.

Kiwari, naun nu disebut carita pantun sabagian parantos dibukukeun. Saeutikina aya 76 carita pantun
nu parantos dibukukeunn. Salah sahiji diantarana nyaeta Carita Pantun Kembang Panyarikan. Pantun
ieu cukup loba pendukungna utamina di kalangan sesepuh di Kabupaten Kuningan.

1.2 Rumusan Masalah

Identifikasi maslah dina pambahasan ieu diantawisna :

1. Wangenan Carita Pantun.

2.       Sumebarna Carita Pantun.

3.       Papasingan Carita Pantun.

4.      Conto Carita Pantun.

1.3 Tujuan

Tujuan dina pembahasan makalah ieu diantawisna :

1.      Supados ngauningaan perkawis wangenan / arti carita pantun.

2.      Supados ngauningaan perkawis semebarna carita pantun.

3.      Supados ngauningaan perkawis papasingan / babagian carita pantun.

4.      Supados ngauningaan perkawis conto carita pantun.

1
BAB II

BAHASAN

2.1 Wangenan / arti carita pantun

Carita pantun mangrupa hiji seni pintonan carita pitutur / lisan Sastra Sunda bari
ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi. Pantun dipidangkeun ku saurang “juru pantun” nu oge
maenkeun kacapi.

Ajip Rosidi (1966:1) netelakeun, yen nu dimaksud carita pantun nya eta sarupanin sarita rekaan
panjang anu dilalakonkeunana umumna alam Pajajaran jeung alam behditueunana. Ilaharna pgelaran
mantra lumangsung sapeuting jeput ti mimiti bada Isa nepi ka wanci subuh. Carita pantun enya-
enyana  mah media sastra snda buhun nu mangrupa manifestasi jiwa sunda baheula, fungsina
nembongkeun jiwa jeung kepercayaan pakumbuhan nu ngahasilkeunana. Gunana di masyarakat, ceuk
Tatang Sumarsono (1986 : 33), “dina mangsa katukang tukang mah pagelaram carita pantun teh lain
ngan ukur keur hiburan wungkul tapi dianggap pagelaran anu raket patalina jeung kepercayaan,
upama bae dina ngaruat, mere ngaran orok, sunatan. Mitembeyan tandur, mungkas panen”.

Bisa jadi eta anggapan teh kiwari ge masih keneh hirup lantaran carita pantun dianggap sacral tea.
Lian ti keur hiburan jeung kagiatan-kagiatan nu raket patalina jeung kepercayaan, kiwari carita pantun
jadi bahan panalngtikan, lantaran ceuk Ajip Rosidi (1983 : 13), carita pantun gede mangfaatna jeung
kajembaran basa jeung sastra sunda. Malah keur widang-widang pangaweuruh sejenna kayaning :
sajarah, antropologi, ethograpi, kaparcayaan. Lian ti eta carita pantun baris mere katerangan ngeunaan
kahirupan-kahirupan urang sunda baheula, baris bisa mere bahan pikeun ngayakeun rekonstruksi
hirup kumbuh sunda buhun. Kulantaran gede manfaatna tea, carita pantun tibeh ditu keneh ges
dikumpulkeun, dibukukeun jeung ditalungtik, Carita Pantun mangrupakeun hiji seni pintonan carita
pitutur atau lisan sastra Sunda kuna bari ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi. Pantun dipidangkeun
ku saurang "juru pantun" nu oge maenkeun kacapi. 

2.2 Sumebarna carita pantun

Carita pantun mangrupa hiji wanda seni nu kawilang geus kolot. Catetan pangkolotna nu
nyebutkeun ngeunaan pantun aya dina naskah kuna “Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian taun
1518nu nyebutkeun ngeunaan carita pantun Langgalarang, Banyakcatra, jeung Siliwangi nu
dipidangkeun ku “prepantun” (juru pantun tea).

2
2.3 Papasingan carita pantun

Seni carita pantun dipidangkeun dina bua bentuk :

1.    Pikeun hiburan :

Dina pidang hiburan, anu sok dicaritakeun teh gumantung ka carita nu dikawasa ku juru pantun, atawa
gumantung nu naggap.

2.    Pikeun ritual :

Sedangkeun dina pidang ritual, anu sok dicaritakeun teh gumantung ka carita nu dikawasa ku juru
pantun, atawa gumantung nu naggap. Misalna, ruwatan, caritana sarua jeung dina pitonan wayang,
Sacara umum, pola pintonan pantun bisa diudar dina susunan kieu :

1.      Nyadiakeun sasajen.

2.      Ngukus menyan.

3.      “Rajah Pamunah”.

4.      Carita ti bubuka nepi ka panutup. Sarta

5.      Ditutup ku “Rajah Pamungkas”.

Carita pantun umumna diwangun ku tilu bagian, nyaeta :

1.      Rajah Pamuka.

2.      Eusi carita. jeung

3.      Rajah Panutup.

2.4 Conto carita pantun


Salah sahiji conto carita pantun nyaeta diantarana carita Ciung Wanara :

Ciung Wanara nya éta tokoh sunda anu kawéntar di tatar sunda ngaliwatan carita pantun anu
nyaritakeun ciung wanara néang indung bapana.

Prabu Barma Wijaya Kusuma maréntah karajaan Galuh anu pohara lega.  Permaisurina 2 jelema, anu
kahiji ngaranna Pohaci Naganingrum sarta anu kadua ngaranna Dewi Pangrenyep,duanana keur
ngandung. Dina bulan ka salapan bulan Dewi Pangrenyep ngababarkeun saurang putra.

Raja pohara bungah kacida sarta sang putra dibéré ngaran Hariang Banga. Hariang Banga geus
umurna 3 bulan, tapi permaisuri Pohaci Naganingrum tacan ogé ngababarkeun. Salempang lamun-
lamun Pohaci ngababarkeun saurang putra anu engké bisa ngarebut kaasih nyaah raja ka Hariang
Banga, Dewi Pangrenyep boga maksud rék nyilakakeun putra Pohaci. Sanggeus bulan ke-13 Pohaci
ogé ngababarkeun, gedé usaha Dewi Pangrenyep teu saurang dayang ogé diidinan nulungan Pohaci,
iwal ti Pangrenyep sorangan.

Ku pangabisa Pangrenyep, putra Pohaci digantian kalayan sabuntut anjing, disebutkeunana yén
Pohaci geus ngababarkeun sabuntut anjing tuluy orok Pohaci diasupkeun dina kandaga emas
dibiruyungan endog kotok sarta dipalidkeun ka walungan Citandui.

Alatan aib anu dibawa Pohaci Naganingrum anu geus ngababarkeun sabuntut anjing, raja pohara
murka sarta ngajurung Si Lengser (pagawé karaton) pikeun maéhan Pohaci tapi Si Lengser henteu
nepi ka hatéan ngalaksanakeun paréntah raja ka Pohaci, permaisuri junjunganna. Tuluy waé Pohaci
dianteurkeun ka désa tempat kalahiranana, tapi dilaporkeunana geus dibunuh. Nya éta saurang Aki
babarengan pamajikanana, Nini Balangantrang, cicing di désa Geger Sunten , Geus lila maranéhanana
nikah, tapi tacan boga budak . Hiji peuting Niningimpi kalagragan bulan purnama, ngimpi éta
diceritakeun ka salaki sarta salakina nyaho harti ngimpi éta, yén maranéhanana baris meunang rezeki.

Peuting éta ogé Aki indit ka walungan mawa jala pikeun néwak lauk. Kacida reuwasna sarta atoh
manéhna meunangkeun kandaga emas anu eusina orok reujeung endog kotok. Tuluy waé éta orok
diasuh kalayan sabar sarta pinuh kaasih. Endog kotok éta ogé tulul jadi hayam anu dipiara nepi ka jadi
sabuntut kotok jalu anu ajaib sarta perkasa.

Anak angkat éta maranéhanana béré ngaran Ciung Wanara. Sanggeus badag Ciung Wanara nanya ka
indung sarta bapa angkatna, tuluy Aki sarta Nini nyaritakeun ngeunaan asal-usul Ciung Wanara.
Sabada ngadéngé carita nini jeung aki, Ciung Wanaranyaho jati dirina. Singket carita hiji poé Ciung
Wanara pamit pikeun ngadu hayamna jeung hayam kotok raja, alatan raja miboga kalangenan ngadu
hayam. Ciung wanara nawaran ka raja lamun manéhna éléh, manéhna daék paéh pikeun raja tapi
lamun raja anu éléh raja kudu ngangkat manéhna jadi budakna. Saméméh hayam ciung wanara diadu
jeung hayam raja , hayam kotok Ciung Wanara nyora kalayan ahéngna, ngagambarkeun kajadian
baheula ngeunaan permaisuri anu dihukum paéh sarta kandaga emas anu eusina orok anu dipalidkeun.
Raja henteu nyadar hal éta, tapi sabalikna Si Lengser pohara kana hal éta.

Komo manéhna nyadar ayeuna Ciung Wanara anu aya di hareupeunana nyaéta putra raja sorangan.
Sabada bérés ngadu hayam, kotok raja éléh sarta kotok Ciung Wanara meunang. Tuluy raja
ngajadikeun Ciung Wanara jadi putra makuta.  Dina pesta pengangkatan putra makuta, raja ngabagi 2
karajaan pikeun Ciung Wanara sarta Hariang Banga. Réngsé pesta pengangkatan putra makuta Si
Lengser nyaritakeun ka raja ngeunaan hal anu saéstuna ngeunaan permaisuri Pohaci Naganingrum
sarta Ciung Wanara. Ngadéngé carita éta raja maréntahkeun ponggawa ambéh Dewi Pehgrenyep
ditéwak.

Balukarna timbul goréng antara Hariang Banga jeung Ciung Wanara. Hariang Banga dialungkeun ka
peuntas walungan Cipamali anu keur caah badag. Saprak éta pisan karajaan Galuh dibagi jadi 2
bagian jeung wates walungan Cipamali.  Di bagian kulon diparéntah ku Hariang Banga.

BAB III
PANUTUP

Alhamdulillah, makalah Carita Pantun anu kami kasanggakeun. kami susun kanggo  langkung


paham Wangenan Carita Pantun, Papasingan (babagianana) Carita Pantun, Sumebar (sajarahna)
Carita Pantun sareng Conto Carita Pantun.

Mudah-mudahan makalah ieu ngajantenkeun inspirasi tur manfaat kanggo kami hususna oge
pembaca pada umumna. Amin.

Anda mungkin juga menyukai