Anda di halaman 1dari 10

MAKALAH

APLIKASI BAHAN AJARAN CARITA PANTUN


BAB I BUBUKA
A Kasang Tukang
Sastra sunda mangrupa salah sahiji kakayaan budaya Sunda. Sastra sunda teh kacida pisan
kobana, diantarana nyaeta sastra sunda. Carita pantun lamun ditilik tina wanguna, mangrupa seni
pintoneun anu ditembangkeun ku kecapi.
Carita pantun kiwari ampir tinggal ngaranna malahan mah langka jalma nu apal teu wanoh-
wanoh acan kana carita pantun. Kukituna urang kawajiban ngawanohkeun tur ngajak barudak
sangkan resep kana Sastra Sunda utamana kana carita pantun nu mangrupakeun budaya aheng
anu aya di tatar sunda.

B Rumusan Masalah
Naon hartina carita pantun?
Naon ciri-ciri carita pantun?
Kumaha struktur carita pantun?
Unsur-unsur dina carita pantun?
Aya sabaraha jinis papasingan dina carita pantun?
Kumaha cara mintonkeun carita pantun?
Metodeu pikeun pangajaran carita pantun di sakola?

C Tujuan
Tujuan anu dipikahareup bisa dihontal umumna nyaeta pikeun bisa ngeuyeuban pamikiran,
pangaweruh kanu maca, utamana kanu teu meanoh kana karya sastra sunda carita pantun. Aya
oge hususna nyeta:
Nganyahokeun harti carita pantun
Nganyahokeun ciri-ciri carita pantun
Nganyahokoeun struktur carita pantun
Nganyahokeun Unsur-unsur carita pantun
Nganyahokeun cara mintonkeun carita pantun
Nganyahokeun metodeu pikeun pangajaran carita pantun disakola
3

BAB II PEDARAN

A. Harti Carita Pantun


Carita pantun atawa lalakon pantun nyaeta carita rekaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina
pagelaran ruatan (ritual) anu disebut mantun. Mantun biasa dipirig ku kacapi sarta biasana
dihaleuangkeun. Carita pantun biasanya dipagelarkeun sapeuting jeput nepi ka tutug teh
dimimitian ti bada isa. Ukuran carita pantun umumna paranjang. Dumasar kana mediana, carita
pantun gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu mere kesan pamohalan.
Carita pantun teh kaasup sastra lisan. Turun temurunna jeung sumebarna ku cara lisan.
Munasabah upama dina kamekaranana timbul sabaraha versi. Aya pantun Bogoro, Priangan,
Baduy.
Upama nilik kana eusi, umumna ngabogaa pola nu sarua. Nilik kana alur, nyaeta galur simpay.
Galur leunjeuran nyaeta galur nu ngaleunjeur, lempeng. Kapanggihna tina ni nitenan ruruntuyan
kajadian dina unggal episodena. Dina pungkasan carita, anu ngalakon teh henteu mulang deui ka
nagara asalna.

B. Ciri-ciri
Nu ngabedakeun carita pantun teh nyaeta rajah. Bagian rajah teh biasana sok ditembangkeun ku
juru pantun samemeh mangkat carita. Eusi rajah mangrupa sanduk-sanduk ka karuhun lantaran
rek ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk teh hartina menta idin, menta pangrakarsa jeung
pangriksa ti nu ngageugeuh eta lembur sangkan saralamet. Menta kasalametan teh lain keur nu
dipangmantunkeun bae tapi kaasup nu mantun jeung nu lalajo eta pantun.

Nilik eusina, rajah teh lain mangrupa bagian tina carita. Tapi sanajan kitu, mangrupa bagian
penting dina pantun. Rajah mangrupa salah sahiji ciri utama anu ngabedakeun carita pantun
jeung seni (sastra) sejenna. Nu matak mantes upama aya nu nyarita, lain carita pantun upama
euweuh rajahan.

Rajah teh salilana aya dibagian awal carita pantun. Aya nu panjang, aya nu pondok deuih.
Panjang-pondokna rajah jeung beda-bedana rajah henteu gumantung ka juru pantunna. Sanajan
caritana beda, upama dilalakonkeun ku juru pantun anu sarua, bisa jadi rajahna oge heunteu
beda.

C. Struktur Carita Pantun

Nilik kana eusina, carita pantun teh umumna ngabogaan pola nu sarua, nyaeta ngalalakonkeun
lalampahan raja-raja atawa satria teureuh prabu siliwangi, raja pajajaran anu keur ngalegaan
nagara anyar, atawa neangan pijodoeun.
Ari pola jalan carita pantun umumna teh kieu : satria ngalalana, upamana bae lantaran neangan
putri piprameswarieun. Sapanjang ngalalana, loba kajadian anu karandapan saperti peperangan
jeung musuh. Ahirna satria padjajaran the unggul perangna, tuluy ngadahup ka putri, sarta
ngadeg raja.

Nilik kana alur caritana, aya dua golongan nyaeta, galur leunjeuran jeung galur simpay:
 Galur leunjeuran nyaeta galur carita anu ngaleunjeur, lempeng. Kapanggihna tina nitenan
ruruntuyan kajadian dina unggal episodeuna. Dina pungkasan caritana, anu ngalalakon
the henteu kacatur mulang deui ka nagara asalna. Sabada ngelehkeun sababaraha nagara
the tuluy tumetep ngaheuyeuk nagara patalukan nu pangahirna.
 Dina galur simpay, palaku utama the ahirna bisa mulang deui ka nagara asalna sanggeus
ngalalana meunang rupa-rupa dodoja, cocoba, sarta pribadina beuki punjul. Conto galur
simpay nyaeta pantun ciung wanara, lutung kasarung, jeung munding laya dikusumah.
Nilik kana wangunna, carita pantun the mangrupa wangun ugeran (puisi) dijerona diwangun ku
sababaraha bagian nyaeta :

1. Rajah Pantun

Bagian rajah teh biasana sok ditembangkeun ku juru pantun samemeh mangkat carita. Eusi rajah
mangrupa sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rek ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk teh
hartina menta idin, menta pangraksa jeung pangriksa ti nu ngageugeuh eta lembur sangkan
saralamet. Menta kasalametan teh lain keur nu dipangmantunkeun bae tapi kaasup nu mantun
jeung nu lalajo eta pantun.
Nilik eusina, rajah teh lain mangrupa bagian tina carita. Tapi sanajan kitu, mangrupa bagian
penting dina pantun. Rajah mangrupa salah sahiji ciri utama anu ngabedakeun carita pantun
jeung seni (sastra) sejenna. Nu matak mantes upama aya nu nyarita, lain carita pantun upama
euweuh rajahan.
Rajah teh salilana aya dibagian awal carita pantun. Aya nu panjang, aya nu pondok deuih.
Panjang-pondokna rajah jeung beda-bedana rajah henteu gumantung ka juru pantunna. Sanajan
caritana beda, upama dilalakonkeun ku juru pantun anu sarua, bisa jadi rajahna oge heunteu
beda.

2. Narasi Pantun
Bagian narasi atawa nyaritekeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji
kajadian kana kajadian saterusna. Beda jeung rajah katut kajadian deskripsi (papantunan), lebah
bagian narasi mah henteu ditembangkeun. Tapi sanajan kitu angger bae dipirig ku kacapi najan
ukur digalantangkeun bae oge.

3. Deskripsi Pantun

Bagian deskripsi nyaeta bagian anu ngagambarkeun tingkah paripolah tokoh carita dina hiji
kajadian, saperti putri dangdan, lengser lumpat, satria perang, satria ngapung, hayam diadu jeung
sajabana. Salian ti eta, bagian deskripsi te ngagambarkeun oge pangrasa hate saperti sedih,
ngangres, ngenes, ambek, hareneg, jeung sajabana; sarta ngagambarkeun kaayaan.

Bagian deskripsi teh sok dihaleuangkeun ku juru pantun, nu matak sok disebut oge papantunan.
Kaasup bagian nu pikareuseupeun, lantaran umumna juru pantun ngagunakeun gaya basa
babandingan anu lucu tur karikatural pikeun ngagambarkeun kajadian atawa kaayaanana.

4. Dialog

Bagian dialog atawa paguneman nyaeta paguneman antara parapalakuna. Sakumaha umuna dina
karya sastra lainna, dialog teh di antarana pikeun ngagambarkeun watek atawa karakter palaku,
ngalancarkeun jalan carita, sarta nepikeun gagasan-gagasan.

5. Monolog

Monolog teh nyarita sorangan atawa nyarita dina jero hate. Contona monolog Lutung Kasarung
dina pantun Lutung Kasarung,

6. Rajah Panutup

Pengertian rajah panutup teh hampir sarua jeung pengertian rajah dilihur. Ngan ari rajah panutup
mah dihaleuangkeunana pas diakhir carita pantun.
D. Unsur-unsur Carita Pantun

Unsur Intrinsik:

a. Tema
b. Alur
c. Latar (Tempat,waktu, suasana)
d. Tokoh jeung panokohan
e. Amanat

Unsur Ektrinsik

a. Budaya
b. Ajen moral
c. Ajen sosial

E. Papasingan carita pantun

Seni carita pantun dipidangkeun dina bua bentuk :

1. Pikeun hiburan :

Dina pidang hiburan, anu sok dicaritakeun teh gumantung ka carita nu dikawasa ku juru pantun,
atawa gumantung nu naggap.

2. Pikeun ritual :

Sedangkeun dina pidang ritual, anu sok dicaritakeun teh gumantung ka carita nu dikawasa ku
juru pantun, atawa gumantung nu naggap. Misalna, ruwatan, caritana sarua jeung dina pitonan
wayang, layaning Batara Kala, Kama Salah, atawa Murwakala.Pintonan pantun biasana
dipirigkeun kira jam 02.00-05.00. rajah dina pintonan ruwatan leuwih panjang sarta katembong
sakral batan dina pintonan hiburan nu ilaharna dipintonkeun kira jam 20.00-04.00. najan
dipidangkeun tujuan hiburan pantun, pantun teu bisa kitu bae dianggap. Masyarakat Sunda
nganggap pantun teh masih mibanda watek sakral sarta sok dipatalikeun jeung upacara
ngamulyakeun karuhun. Ku kituna, pintonan pantun biasana sok dibeungkeut dina struktur
pintonan

baku nu caritana museur ka kahirupan raja-raja Sunda atawa carita masyarakat Sunda.

F. Cara Mintonkeun Carita Pantun


Seni carita pantun dipidangkeun dina dua bentuk :
1. Pikeun hiburan :
Dina pidang hiburan, anu sok dicaritakeun teh gumantung ka carita nu dikawasa ku juru pantun,
atawa gumantung nu naggap.
2. Pikeun ritual :
Sedangkeun dina pidang ritual, anu sok dicaritakeun teh gumantung ka carita nu dikawasa ku
juru pantun, atawa gumantung nu naggap. Misalna, ruwatan, caritana sarua jeung dina pitonan
wayang, layaning Batara Kala, Kama Salah, atawa Murwakala.
Pintonan pantun biasana dipirigkeun kira jam 02.00-05.00. rajah dina pintonan ruwatan leuwih
panjang sarta katembong sakral batan dina pintonan hiburan nu ilaharna dipintonkeun kira jam
20.00-04.00. najan dipidangkeun tujuan hiburan pantun, pantun teu bisa kitu bae dianggap.
Masyarakat Sunda nganggap pantun teh masih mibanda watek sakral sarta sok dipatalikeun
jeung upacara ngamulyakeun karuhun. Ku kituna, pintonan pantun biasana sok dibeungkeut dina
struktur pintonan baku nu caritana museur ka kahirupan raja-raja Sunda atawa carita masyarakat
Sunda.
Sacara umum, pola pintonan pantun bisa diudar dina susunan kieu :
1. Nyadiakeun sasajen.
2. Ngukus menyan.
3. “Rajah Pamunah”.
4. Carita ti bubuka nepi ka panutup. Sarta
5. Ditutup ku “Rajah Pamungkas”.
Carita pantun umumna diwangun ku tilu bagian, nyaeta :
1. Rajah Pamuka.
2. Eusi carita. jeung
3. Rajah Panutup.
Rajah pamuka guna pikeun sanduk-sanduk ka karuhun sangkah salamet, boh nu mantun boh anu
dipangmantunkeun, katut nu lalajona.
G. Metode Pembelajaran Carita Pantun

1. Pendekatan (pengenalan), ngenalkeun Carita Pantun ka parasiswa, kucara nyiapkeun bahan


pangajarannana.
2. Nyiapkeun media pembelajaran anu cocog, sangkan parasiswa henteu rumaos bosen tapi dina
proses pembelajaranana.
3. Para siswa diajar nganalisis unsur-unsur anu aya dina eusi, struktur sareng unsur carita pantun
4. Para siswa diajar mengkreasikan Cerita pantun sacara lisan atanapi tulisan sapertos (drama, carpon,
puisi) Ku merhatikeun kaidah kebahasaannana.
BAB III
PANUTUP
A. Kacindekan
Carita pantun mangrupikeun jenis puisi Sunda anu eusina aya dina bentuk carita. Conto sanés puisi
Sunda anu eusina carita nyaéta wawacan.
Sedengkeun conto-conto puisi Sundana anu eusina henteu dina bentuk carita saperti Sisindiran,
mantra, gugur, kawih, kakawihan sareng rima. Pantun Carita bénten sareng sajak dina sastra
Indonesia. Dina literatur Sunda, bentuk puisi anu sami sareng bentuk pantun dina sastra Indonésia
nyaéta Sisindiran. Janten carita pantun mangrupikeun bentuk puisi anu ngandung carita, sedengkeun
Sisindiran (anu sami sareng pantun dina literatur Indonésia) mangrupikeun bentuk puisi anu henteu
ngandung carita.
Sanaos carita pantun sami sareng wawacan, anu mangrupikeun wujud puisi Sundana anu eusina dina
carita, carita carita pantun benten sareng wawacan nalika ditingali tina bentuk kecap. Carita pantun
mangrupikeun bentuk puisi Sunda anu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun wawacan
mangrupikeun hiji bentuk puisi Sunda anu kaiket ku aturan, nyaéta aturan anu aya dina pupuh.
Aturan anu aya dina pupuh disebut salaku "guru lagu" sareng "guru wilangan". Sajak Carita
ngagaduhan unsur struktural sapertos bagian rajah, bagian narasi, bagian déskripsi, bagian dialog,
bagian monolog sareng bagian diagram panutupan.
Carita pantun mangrupikeun bagian tina folklore-jenis mitos. Carita pantun mangrupikeun karya
sastra buhun 'klasik'. Carita pantun oge mangrupikeun warisan karuhun anu mimitina
dikembangkeun sacara lisan di masarakat.
ngajelaskeun folklore mangrupikeun bagian tina budaya hiji kelompok masarakat, anu sumebar
sareng diturunkeun sacara turun-tumurun. Maka, penting pikeun urang ngajaga salaku salah sahiji
budaya daérah anu kedah dilestarikeun.
DAFTAR PUSTAKA
Google.com.https://www.academia.edu/35804359/Carita_pantun
Google.com.https://tanaman-hijau.com/
Google.com.https://id.scribd.com/document/377850024/MAKALAH-CARITA-PANTUN-docx

Anda mungkin juga menyukai