Anda di halaman 1dari 10

MODUL AJAR BAHASA SUNDA

MATERI CARITA PANTUN


KELAS 12 SMA/SMK/MA/MAK

Oleh:
Dewi Kaniawati, M.Pd.
NIP 199105022022212024
1. Kompetensi Inti
 KI 1: Menghayati dan mengamalkan ajaran agama yang dianutnya.
 KI 2: Menghayati dan mengamalkan perilaku jujur, disiplin, santun, peduli (gotong
royong, kerjasama, toleran, damai), bertanggung jawab, responsif, dan pro-aktif
melalui keteladanan, pemberian nasehat, penguatan, pembiasaan, dan
pengkondisian secara berkesinambungan serta menunjukkan sikap sebagai bagian
dari solusi atas berbagai permasalahan dalam berinteraksi secara efektif dengan
lingkungan sosial dan alam serta dalam menempatkan diri sebagai cerminan bangsa
dalam pergaulan dunia.
 KI 3: Memahami, menerapkan, menganalisis dan mengevaluasi pengetahuan
faktual, konseptual, prosedural, dan metakognitif pada tingkat teknis, spesifik, detil,
dan kompleks berdasarkan rasa ingin tahunya tentang (a) ilmu pengetahuan, (b)
teknologi, (c) seni, (d) budaya, dan (e) humaniora dengan wawasan
kemanusiaan, kebangsaan, kenegaraan, dan peradaban terkait penyebab fenomena
dan kejadian, serta menerapkan pengetahuan pada bidang kajian yang spesifik
sesuai dengan bakat dan minatnya untuk memecahkan masalah.
 KI 4: Menunjukkan keterampilan menalar, mengolah, dan menyaji secara (a) efektif,
(b) kreatif, (c) produktif, (d) kritis, (e) mandiri, (f) kolaboratif, (g) komunikatif,
dan (h) solutif, dalam ranah konkret dan abstrak terkait dengan pengembangan dari
yang dipelajarinya di sekolah, serta mampu menggunakan metode sesuai dengan
kaidah keilmuan.

2. Kompetensi Dasar dan Indikator Pencapaian Kompetensi


Kompetensi Dasar Indikator
3.3 Menganalisis isi, struktur, dan  Menyimak dan atau membaca dengan
aspek kebahasaan petikan seksama contoh petikan carita pantun
carita pantun.. (DENGAN TELITI)
 Mengidentifikasi bentuk carita pantun
 Bertanya jawab isi yang terkandung
pada carita pantun.(DENGAN
SANTUN)
 Menganalisis unsur kebahasaan carita
pantun. (DENGAN CERMAT)

4.3 Mengkreasikan cerita pantun  Ngereasikeun carita pantun sacara lisan /


secara lisan/tulisan ke dalam tulisan (Drama,Carita Pondok, Puisi ) yang
bentuk lain (seperti drama, carita TEPAT.
pondok, puisi) dengan  Melakukan refleksi tentang proses dan
memperhatikan struktur dan hasil belajar. (DENGAN TELITI)
kaidah kebahasaan

3. Tujuan Pembelajaran
Setelah proses pembelajaran carita pantun selesai, peserta didik mampu:
1. Menganalisis isi, struktur dan unsur kebahasaan petikan carita pantun.
2. Mengkreasikan petikan carita pantun secara lisan/tulisan ke dalam bentuk lain (drama,
carita pondok, puisi) dengan memperhatikan struktur dan kaidah kebahasaan.

4. Konsep
A. Konsep Dasar “Carita Pantun”
a. Mikawanoh Carita Pantun
Dina sastra Sunda, carita pantun téh gelarna saméméh abad ka-14. Buktina
dina naskah Sunda kuno Sanghyang siksa Kandang Karesyian (1518 M), ngeunaan
carita pantun téh geus disabit-sabit. Ku kituna Carita Pantun dianggap karya asli
(pituin) urang Sunda.
Carita pantun téh nya éta carita rékaan anu ukuranna paranjang, gelarna dina
lisan, sarta ngandung hal-hal anu méré kesan pamohalan, anu ditepikeun ku juru
pantun, dipirig ku kacapi. Biasana sapeuting jeput nepi ka tutug téh, dimimitian ti
bada isa. Carita pantun kaasup sastra lisan. Turun tumurunna jeung sumebarna
tatalépa ku cara lisan.
Nilik kana eusina, carita pantun téh lolobana nyaritakeun lalampahan para
sinatria putra raja nu keur ngalaksanakeun papancén (tugas). Salila ngalaksanakeun
pancénna, biasana nyanghareupan halangan-halangan saperti gelut, adu jajatén, jeung
perang. Sanggeus réngsé ngalaksanakeun papancén, tuluy balik deui ka nagarana,
dikawinkeun ka putri geulis, bari dijenengkeun jadi raja. Ari palakuna lolobana téh
pangéran atawa putra Prabu Siliwangi ti Karajaan Pajajaran. Waktu jeung tempat anu
dicaritakeun lolobana dina mangsa Karajaan Pajajaran atawa Karajaan Galuh, kira-
kira abad ka-8 nepi ka abad ka-13.
Ari runtuyan carita pantun téh biasana diwangun ku galur miang, ujian, jeung
mulang. Miang nya éta bagéan carita nu ngalalakonkeun yén tokoh utamana téh kudu
ngalalana, boh ka leuweung, ka dasar sagara, boh ka hiji nagara. Nalika tokoh keur
ngalalana, biasana so kaya halangan-harungan ti musuhna. Malah sok nepi ka gelut,
ngadu jajatén, jeung nepi ka perang. Éta bagian carita téh disebutna “ujian”. Sanggeus
tokoh lulus tur bisa ngungkulan halangan-harungan anu kaalamanana, biasana balik
deui ka nagarana. Geus kitu tuluy dikawinkeun ka para putri geulis jeung
dijenengkeun jadi raja. Galur carita ieu disebutna bagéan mulang.
Jelema anu biasa macakeun atawa mawakeun ieu carita pantun disebutna juru
pantun. Ilaharna juru pantun tapis pisan dina macakeun pantunna. Dina bagéan
nyaritakeun, biasana mah sorana datar, ari dina bagán paguneman, juru pantun téh
ngarobah sora jeung lentongna.

b. Struktur Carita Pantun


Nilik kana strukturna Carita Pantun téh diwangun ku unsur rajah, narasi,
dialog (paguneman), jeung monolog (nyarita sorangan; ngahaleuang).
1. Rajah nya éta ciri mangkatna carita nu eusina sanduk-sanduk ka nu
Kawasa, sangkan salila mantun téh lancar. Bagéan rajah dihaleuangkeun
ku juru pantun. Titénan geura bagéan rajah carita pantun ieu di handap!

Rajah
Bul kukus mendung ka manggung,
ka manggu neda papayung,
ka déwata neda suka,
ka pohaci neda suci,
kurik rék diajar ngidung,
nya ngidung carita pantun,
ngahudang carita wayang,
nyilokakeun nyukcruk laku,
nyukcruk laku nu kapungkur,
mapay lampah nu baheula,
lulurung tujuh ngabandung,
kadalapan keur disorang,
bisina nerus narutus,
bisina naratas alas,
da puguh galuring tutur,
ngembat papaya carita…..

2. Narasi
Narasi nya éta bagéan carita anu ditepikeun ku juru pantun keur
ngagambarkeun kaayaan atawa kajadian dina carita. Dina nepikeun narasi,
juru pantun téh aya nu digoroloangkeun aya ogé nu dihaleuangkeun.
Titénan deui bagéan narasi tina carita pantun ieu di handap!

Narasi
Kacarita patih dua sakembaran, Patih Purawesi, Patih
Puragading, sejana ka pasamoan, bawana hayam sahiji, patepung di
alun-alun jeung Ciung Wanara.

3. Dialog
Dialog nya éta guneman antara hiji tokoh jeung tokoh séjénna.
Titénan dialog carita pantun ieu di handap!

Dialog
Lajeng baé dipariksa, saurna, “Ari manéh urang mana?”
Ciung Wanara ngawalon, “Abdi urang Geger Sunten.”
“ Saha nya ngaran?”
“Abdi téh Ciung Wanara.”
“Rék naon seja téh datang ka dieu?”.

4. Monolog
Monolog nya éta guneman hiji tokoh ka dirina sorangan. Biasana
bagéan monolog mah sok dihaleuangkeun. Titénan deui bagéan monolog
tina carita pantun ieu di handap!

Monolog (Dihaleuangkeun)

Itu teuneung ieu ludeung,


Wani sarua daékna,
Hayam téh prak baé abar,
Silih pacok ku pamatuk,
Silih gitik ku jangjangna,
Silih peupeuh ku sukuna,
Hayam sarua bedasna.

c. Info Singget ngeunaan Carita Pantun


Satuluyna perlu ditétélakeun yén carita pantun téh baheula mah dianggap
mibanda kakuatan goib (sakral). Ku kituna, dina magelarkeunana gé teu
sagawayah. Kudu ditataharkeun heula ti anggalna. Malah baheula mah mun rék
magelarkeuna carita pantun, kudu nyayagikeun sasajén heula. Kitu deui juru
pantuna, biasanna mah jalma lolong. Atuh carita pantun nu dicaritakeun ku juru
pantun gé. sagemblengna sok ditalar (teu maca naskah). Carita pantun téh baheula
mah ditanggap mun aya acara ruwatan, sukuran, jeung salametan.
d. Conto Carita Pantun
CARITA PANTUN BUDAK MANJOR
Judul Carita Pantun : Carita Budak Manjor
Juru Pantun : Ki Atjeng Tamadipura
Penerbit : Departemen Pendidikan dan Kebudayaan Proyek
Pernerbitan Buku Sastra Indonesia dan Daerah
Taun Terbit : 1987
Ukuran Buku :
Kandel Buku : 221 kaca
Warna Karangan : Kisahan
Wangun Karangan : Puisi
Sifat Karangan : Rékaan/fiksional
Ukuran Karangan : Panjang
Wujud Karangan : Sastra lisan
Kesan Keterjadian : Pamohalan
Ringkesan Carita :
Kacaturkeun Sunan Ambu nyiptakeun hiji kembang jaksi, éta kembang téh
robah wujud jadi dua budak, lalaki jeung awéwé, tapi duanana téh goréng patut.
Nu lalaki tulang dadana maju ka hareup, sedengkeun nu awéwé tarangna nu maju.
Budak lalaki téh disebut Budak Manjor, budak awéwéna mah disebut Si Genjru.
Hiji mangsa dua budak éta téh dititah turun ka buana pancatengah pikeun
nulungan Aki jeung Nini Panyumpit. Aki jeung Nini Panyumpit téh dititah ku
Raden Patih Gajah Halang, raja nagara Kuta Haralang néangan dua puluh tujuh
daging lutung, dua puluh lima daging monyét, jeung genep puluh jaralang. Lamun
éta paréntah teu ditedunan, maranéhna baris dihukum pati.
Saacan nulungan, Budak Manjor ngajukeun sarat, lamun geus meunang
lutung, monyét, jeung jaralang, kudu dibikeun masing-masing hiji ka Budak
Manjor. Aki jeung Nini Panyumpit narima sarat nu diajukeun ku Budak Manjor,
tapi sanggeus beubeunangan, Aki jeung Nini Panyumpit teu nyumponan jangjina.
Teu panjang carita, Aki jeung Nini Panyumpit ngadeuheus ka Raden Patih
Gajah Halang pikeun nedunan kahayang adina, Agan Aci Haralang. Waktu koja
déngdék poé dibuka. lutung, monyét jeung jaralang téh kurang hiji. Aki jeung nini
Panyumpit reuwas pisan, manéhna yakin pisan tadi téh teu salah ngitung. Aki
panyumpit tuluy ngomong ka raja yén éta téh kalakuan budak manjor. Patih
Badak Pamalang jeung Ki Léngsér tuluy dititah mawa Budak Manjor jeung adina
ka Karaton. Budak Manjor nétélakeun yén leungitna lutung, monyét, jeung
jaralang téh balukar tina aki jeung nini Panyumpit anu teu nedunan janji.
Bakating ku keuheul raja tuluy ngahukum Budak Manjor jeung si Gejru.
Si Gejru dititah nutu pare bari sukuna diranté, sedengkeun Budak Manjor dititah
ngaberesihan taman. Budak Manjor gancang ngalaksanakeun paréntah raja, tapi
taman téh lain diberesihan kalahka sakabéh kembang jeung tatangkalanna
dibabad. Raja ambeuk pisan. Tapi ki Léngsér nétélakeun yén raja nu salah méré
paréntah kuduna nitahna ngoréd taman lain ngaberesihan taman. Satuluyna raja
nitah Budak Manjor keur nyapuan gedong kosong, pék téh Budak Manjor kalahka
ngeusian sakabéh gedong ku sapu. Raja sadar yén manéhna salah méré paréntah.
Raja tuluy nitah Budak Manjor jadi pamingpin barudak nu sok ngarangon. Tapi,
lamun satona geus diangon barudak natéh diajak ulin jadi satona ngaruksak kebon
jeung tatangkalan warga. Dibarung ku rasa keuheul anu kacida raja antukna
ngubur Budak Manjor.
Kacaturkeun di Nagara Kuta Tandingan nu diparéntah ku Raden Patih
Dipati Layung Kumendung, manéhna boga adi nu pohara geulisna, ngaranna
Agan Sumur Agung. Sakabéh raja hayang ngajadikeun manéhna pamajikan.
Timimiti Radén Patih Heulang Sangara nepika Radén Patih Kidang Lumayung.
Sakabéh Raja euweuh nu sanggup nyumponan sarat ti nyi Putri anu hayang calon
salakina tapa tujuh taun di handapeun kiara jingkang dopang malang.
Kacaritakeun di Dayeuh Manggung pasanggrahan wétan nu diparéntah ku
Radén Patih Gajah Ngambung, aya putra Mahkota nu jenenganna Radén Patih
Kuda Pamekas, manéhna nanyaan Sumur Agung sarta sanggup nyumponan
sakabéh saratna. Sanggeus Kuda Pamekas indit tapa, Ratu Sungging Gilang
Mantri Sekesengngeh Ranggalawé Aria Mangku Nagara anakna Banyakwide
Ciung Manara Aria Rangga Sunten Prabu Ratu Galuh hayang nanyaan ka Sumur
agung tapi éta kahayang téh dihalangan ku kolotna sabab baris jadi mamala lamun
nanyaan awéwé nu geus dicangcang ku batur. Ratu Sungging keukeuh hayang ka
Sumur Agung nepika manéhna kabur ti karajaan. Sunan Ambu nu apal éta
kaayaan tuluy nitah Budak Manjor nulungan Ratu Sungging. Budak Manjor nu
geus hudang deui tina kubur tuluy nyiapkeun siasat. Manéhna ngiwat Sumur
Agung nepika raja Kuta Tandingan nyieun saémbara yén saha waé nu manggihan
adina baris dikawinkeun jeung Sumur Agung sarta dijadikeun calon raja. Antukna
Sumur Agung jeung Ratu Sungging kawin. Iber éta téh kadéngé ku raja-raja
saacana nu ditolak ku Sumur Agung . maranéhna tuluy merangan Ratu Sungging.
Lantaran dibantuan ku Budak Manjor, Ratu Sungging menang waé nepika
wilayah kakawasaana tuluy ngalegaan.
Kuda Pamekas tungtungna apal yén Sumur Agung geus kawin jeung batur,
manéhna karasa kanyenyerian sabab saacana Sumur Agung geus jadi
papancanganna. Karajaan Dayeuh Manggung tuluy nyerang ku tatandingan tapi
Budak Manjor kacida saktina nepika Karajaan Dayeuh Manggung éléh.
Teu lila Budak Manjor tuluy nyalametkeun si Genjru ti Karajaan Kuta
Haralang, tuluy maranéhna ngadeuheus ka Sunan ambu, ménta sangkan awakna
diganti. Sanggeus dilakot dina timah, jasa, puningan, perunggu, beusi, baja, perak,
suasa, emas, jeung inten Budak Manjor jeung adina salin rupa. Budak Manjor jadi
satria anu kasép sarta dibéré ngaran Radén Patih Sutra Kalang Penggung Aria
Mangku Negara, sedengkeun si Genjru salin rupa jadi putri geulis anu jenenganna
Nyimas Aci Wangi Mayang Sunda Purba Ratna Kembang. Duanana tuluy balik
deui ka buana Pancatengah, tuluy Budak Manjor kawin jeung Agan Aci Haralang
ti Kuta Haralang.
DAFTAR PUSTAKA

Sudaryat, Yayat & Déni Hadiansah. (2017). Panggelar Bahasa Sunda pikeun
Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas XII. Bandung: Penerbit Erlangga.
Tamadipura Ki Atjeng. (1987). Carita Budak Manjor. Departemen Pendidikan
dan Kebudayaan Proyek Pernerbitan Buku Sastra Indonesia dan Daerah

Anda mungkin juga menyukai