Anda di halaman 1dari 5

Modul NOVEL

3
Tim Penyusun
MGMP B. Sunda B. Sunda IX
KBB 2 X Pertemuan

PANGAJARAN III

NOVÉL

Standar Inti
3. Memahami pengetahuan (faktual, konseptual, dan prosedural) berdasarkan rasa
ingin tahunya tentang ilmu pengetahuan, teknologi, seni, budaya terkait
fenomena dan kejadian tampak mata.
4. Mencoba, mengolah dan menyaji dalam ranah konkret
(menggunakan,menguari, memodifikasi, dan membuat) dan ranah abstrak
(menulis, membaca, menghitung, menggambar, dan mengarang) sesuai dengan
yang dipelajari di sekolah dan sumber lain yang sama dalam sudut
pandang/teori.

Kompeténsi Dasar Pengetahuan Kompetensi Dasar Keterampilan.


3.4. Mengidentifikasi unsur intrinsik 4.1 Mengekspresikan isi ringkasan
dalam ringkasan novel remaja novel remaja dengan
dengan memperhatikan fungsi sosial, memperhatikan fungsi sosial,
struktur, dan unsur kabahasaan yang struktur teks dan unsur kebahasaan
benar dan sesuai konteks. yang benar dan sesuai konteks.

TUJUAN PEMBELAJARAN

Melalui pembelajaran dari rumah, peserta didik dapat:


1. Memahami wangenan (definisi) novel dengan baik.
2. Memahami papasingan (klasifikasi) novel dengan baik.
3. Menunjukan conto novel berdasarkan papasingan (klasifikasi) novel dengan
tepat.
4. Memahami unsur intrinsik novel.
5. Menganalisis novel berdasarkan unsur intrinsiknya dengan benar

PERTEMUAN 1

A) Conto Sempalan Novel

HADIAH PIKEUN KEBON BINATANG


(Sempalan novel Si Paser karangan Tatang Sumarsono)

…Mulangna Si Paser ti leuweung teh jadi obrolan urang Cikonéng. Babaturan


Eson daratang, rék narénjo Si Paser. Saréréa ogé taya anu teu ngarasa héran, duméh éta
sato téh balik deui ka dununganana.
“Sabaraha poé nya Si Paser aya di leuweung téh?” ceuk Tia.
“Ampir dua minggu,” témbal Eson. Harita babaturanana keur ngarariung di
kandang Si Paser, malah Pa Guru ogé aya. Sakalian ngalayad Eson, saurna.
“Jadi rada begang ayeuna mah nya, Son?” ceuk Usep.
“Enya. Padahal di leuweung téh tangtuna ogé réa hakaneun,” ceuk Ahid.
“Lain sual aya jeung euweuhna hakaneun, tapi Si Paser teu bisa nyaluyukeun diri
jeung kaayaan di leuweung. Ari di dieu mah pan dikandangan, tur parabna ogé geus
disadiakeun. Jadi, geus kitu kabiasaanana téh. Tangtu waé di leuweung téh moal
betaheun,” Saur Pa Guru.
“Kumaha atuh sakedahna, Pa?” Eson nanya.
“Kuduna mah Si Paser téh ulah langsung dileupaskeun ka leuweung, sabab moal
betaheun. Alusna mah seutik-saeutik diwanohkeun heula jeung lingkungan nu anyar,”
waler Pa Guru.
“Ayeuna rék kumaha atuh, Son?”
“Teuing atuh, masih kénéh bingung. Ari rék terus dipiara di dieu, apanan jelas teu
meunang, sabab ieu sato ditangtayungan ku undang-undang. Ari rék dileupaskeun deui ka
leuweung, geuning ayeuna ogé kalah balik deui,” témbal Eson.
“Kumaha atuh lamun kieu, Son,” saur Pa Guru. “Ari ceuk Bapa mah Si Paser téh
mending dikakebonbinatangkeun.”
“Engké teras kumaha, Pa?”
“Nya, bakal teras dipiara di ditu. Éta tangtu bakal leuwih hadé batan Si Paser
dikukut di dieu. Di kebon binatang mah tangtu bakal aya baturna. Salian ti éta, urang geus
nyumbang pikeun kapentingan umum.”
“Enya, mending kénéh kitu, Son.” Ceuk Usep. “Lamun aya di kebon binatang mah
pan urang babari ari rék ngalongok Si Paser téh.”
Eson ngahuleng, bari nimbang-nimbang saran Pa Guru.
“Kumaha, Son, geus kapikir acan?”
Eson teu buru-buru ngajawab. Sanggeus lila, kakara pok ngomong, “Sumuhun, saé
kitu waé, Pa. Si Paser téh urang pasihkeun waé ka kebon binatang.”
“Enya, alus pisan ari kitu mah.”
“Iraha nya, Pa, saéna dianteurkeun ka kebon binatangna?” Tia nanya.
“Engké waé lamun Eson enggeus enya-enya cageur. Ulah gurung gusuh, sabab
saméméhna urang kudu méré nyaho heula ka pangurus kebon binatang yén urang rék
masrahkeun Si Paser.”
“Urang anteurkeun waé atuh, Pa,” ceuk Usep.
“Alusna mah kitu, Ti dieuna urang ngabring bari sakalian piknik ka kebon
binatang,” saur Pa Guru….
(Dicutat tina Pangajaran Sastra Sunda; Drs. Budi Rahayu Tamsyah spk.;
1996; Bandung; Pustaka Setia)

B) Wangenan Novél
Novel téh carita anu panjang dina wangun lancaran. Jalan caritana loba
babagianana. Kitu deui palakuna loba. Atuh mangsa anu kacaturkeunana ogé lila. Dina
novél mah langka aya hal anu pamohalan. Palaku, jalan carita, tempat, jeung waktu
kajadian téh kaayaanana bisa ditarima ku akal.
Novel Sunda medal dina awal abad ka-20. Dina taun 1914 medal novel munggaran
nu judulna Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata. Dibandingkeun jeung
novél mungaran dina sastra Indonésia Azab dan Sengsara karangan Mérari Sirégar anu
kaluar dina taun 1920, novél Sunda genep taun leuwih ti heula.
Nepi ka kiwari, geus loba novel-novel sunda nu medal hasil para pangarang nu
gedé katineungna kana kahirupan novél basa Sunda. Di antara novél nu medal, aya nu
kungsi meunang hadiah rancagé, di antaranan Nu kaul Lagu Kaléon beunang RAF,
Demung Janggala beunang Tatang Sumarsono, Tanjeurna Juritan Jaya di Buana beunang
Yosep Iskandar, Galuring Gending beunang Tatang Sumarsono, Pangantén beunang
Dédén Abdul Ajis.

C) Papasingan Novel
Novel Sunda téh bisa dipasing-pasing jadi sababraha golongan, dumasar jejer
caritana nya éta:
a. Novel barudak; nya éta novel anu diajangkeun pikeun bacaeun barudak. Masalah
anu dicaritakeunana raket patalina jeung kahirupan barudak, sarta dina nyinghareupan
masalahna ogé luyu jeung jalan pikiran katut jiwa barudak. Biasana palaku utamana
ogé barudak deuih. Conto novel barudak di antarana:
Budak Teuneung beunang Samsudi, Si Paser beunang Tatang Sumarsono, Guha
Karang Legok Pari beunang Hidayat Susanto, jeung sajabana.

b. Novel rumaja; nya éta novel anu eusina nyaritakeun masalah-masalah rumaja. Kitu
deui palaku utamana ogé para rumaja. Sok sanajan teu loba, nu bisa dijadikeun conto
novel rumaja nya eta di anatana: Cinta Pabaliut beunang Eddy D. Iskandar, Rini
beunang Yoséph Iskandar, Lalangsé beunangna Aam Amalia, jeung sajabana.

c. Novel Déwasa; nya éta novel anu diajangkeun pikeun bacaeun anu geus déwasa.
Eusina ogé nyaritakeun masala-masalah jalma nau geus déwasa, palakuna utamana
ogé jalma anu geus déwasa. Conto novel golongan ieu di anatarana: Rasiah nu
Goréng Patut beunangna Yuhana, Lain Éta beunangna Moh Ambri, Asamara Murka
jeung Bedog si Rajapati beunangna Ahmad Bakri, jeung sajabana.

Dumasar kana téma jeung masalah nu dicaritakeunana, novel Sunda téh bisa
dipasing-pasing jadi:
a. Novel Silihasih; nya éta novel anu eusina nyaritakeun cinta asmara palaku utamana.
Contona nonel Lain Éta karangan Moh Ambri, Cinta Pabaliut karangan Eddy D.
Iskandar, Lalangsé karangan Aam Amalia, Mikung karangan Abdulah Mustafa,
Manéhna karangan Syarif Amin, jeung sajabana.

b. Novel Kulawarga; nya éta novel anu nyaritakeun masalah kulawarga palaku
utamana, contona novel Pipisahan karangan RAF, Puputon karangan Aam Amalia,
jeung sajabana.

c. Novel Sosial; nya éta novel anu eusina nyoko kana masalah-masalah sosial, saperti
kateuadilan, kateureugeujeugan, atawa gejolak sosial dina hiji mangsa, contona
novel Lembur Singkur Abdullah Mustappa.

d. Novel Mistéri; nya éta novel anu eusina nyaritakeun hal-hal nu ngandung rusiah,
anu biasana kabuka dina bagian ahir éta novel, contona: novel Laleur Bodas
beunang Samsu (sandi asma tina Sambas jeung Susanka), Si Bedog Panjang
beunang Ki Umbara, Mayit dina Dahan Jéngkol, Rajapati di Pananjung, jeung
Bedog Si rajapati beunangna Ahmad bakri, Rusiah geulang Rantay beunangna
Margasulaksana, jeung Kalajengking beunangna Anna Mustikaati (sandi asmana
Aam Amalia).

e. Novel Sajarah; nya éta novelanu eusi caritana ngandung unsur-unsur sajarah. Boh
palaku utamana boh kajadianana nyoko kana sajarah, contona Novel Pangéran
Kornél jeung Mantri Jero karangan R. Méméd sastrahadiprawira, Perang Bubat,
Tanjeur di Juritan Jaya di Buanma jeung Putri Subanglarang beunangna Yoseph
Iskandar.

f. Novel Jiwa; nya éta novel anu eusina nyaritakeun hal-hal anu patali jeung jiwa
palaku utamana, contona novel Arca beunangna Ningrum Julaéha.

D. Unsur Intrinsik Novél


Unsur intrinsik novél téh ngawengku:
a. Téma, nya éta inti pikiran anu ngajiwaan carita atawa jadi dadasar carita, sipatna bisa
nembrak bisa ogé nyamuni.

b. Palaku, nya éta tokoh atawa ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalalakon
dina carita. Dumasar kalunnguhanana palaku bisa dibagi jadi tilu, nya éta:
a) Palaku Utama, nya éta palaku anu nyekel peran tokoh ti awal tug nepi ka
tungtung carita.
b) Palaku Tambahan, nya éta palaku anu marengan atawa mantuan palaku
utama atawa anu jadi lawan palaku utama.
Sedengkeun dumasar kana peran atawa sipatna, palaku téh bisa dipasing-pasing
jadi :
a) Palaku Protagonis, nya éta palaku nu mibanda pasipatan anu hadé
b) Palaku Antagonis, nya éta palaku anu mibanda pasipatan goréng tur bisa jadi
lawan pikeun palaku protagonis.
c. Latar / Setting, nya éta gambaran kasang tukang waktu, tempat, kaayaan,
pajamanan, lingkungan, suasana, jste., anu ngalantarankeun lumangsungna kajadian
dina carita.

d. Galur, nya éta runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita, umumna diwangun ku
bubuka → muncul pasualan → pasualan museur → ngaréngsékeun
a) Galur Mérélé, nya éta galur carita anu ngaguluyur ti bagian ka bagian, ti mimiti
bubuka nepi ka pungkasan carita.
b) Galur Mobok Tengah, nya éta carita anu langsung asup ka bagian tengah
lalakon sarta umumna tara maké bubuka.
c) Galur Mundur, nya éta galur carita anu dimimitian ku nyaritakeun bagian
pamungkas terus malikan deui ka bagian awal, asup ka bagian tengah sarta balik
deui ka bagian pamungkas.

e. Amanat, nya éta talatah ti pangarang nu ditepikeun ngaliwatan karyana pikeun nu


maca atawa nu ngaregepkeun.

E. Latihan Soal-Soal

PANCEN 1

Sabada niténan tur merhatikeun conto jeung pedaran ngeunaan novel di luhur, cing
pék jawab ieu papatalékan di handap
1. Sebutkeun papasingaan novel!
2. Béré conto masing-masing hiji judul novel barudak, novel kulawarga, jeung novel
déwasa!
3. Sebutkeun unsur intrinsik novel!
4. Naon nu ngabédakeun novel jeung carita pondok?
5. Sebutkeun tilu judul novel nu kungsi meunang hadiah Sastra Rancagé ti yayasan
Rancagé!

PERTEMUAN KA-2

F Pangaweruh Kandaga Kecap

PANCEN 2

Baca sempalan novel anu dicontokeun di luhur sing taliti, terus tuliskeun 10
kecap anu teu kaharti ku hidep sarta téangan hartina tina kamus atawa google.

PERTEMUAN KA-3

PANCÉN 3

Téangan sarta baca sing daria hiji novel Sunda nu mangrupa buku atawa tina
internet, sanggeus paham bener prak jieun laporan hasil macana anu formatna
saperti kieu:
1. Judul Novel: ..................................................................................................
2. Pangarang: .............................................................................................
3. Penerbit jeung taun terbit: .............................................................................
4. Jumlah kaca: ..............................................................................................
5. Analisis Unsur Intrinsik:
5.1. Téma: .............................................................................................…….
5.2. Palaku jeung Karakterna: ..............................................................……..
5.3. Sétting: ........................................................................................………
5.4. Galur: ...........................................................................................…....
5.5. Amanat: ........................................................................................……..
5.6. Tingkesan Caritana: .....................................................................……..
WILUJENG DIAJAR
TIM PENULIS MODUL BASA SUNDA
MUSYAWARAH GURU MATA PELAJARAN BASA SUNDA
KABUPATEN BANDUNG BARAT
2020 - 2021

Anda mungkin juga menyukai