BAHASA SUNDA
KELAS XI SEMESTER 1
MATERI NOVÉL SUNDA
B. Pedaran
Wangenan Novel
Novel teh nyaeta carita rekaan (fiksi) dina wangun prosa anu mere kesan
lir enya-enya kajadian tur ukuranna panjang. Kecap novel asalna tina
basa laten. Asal kecapna nyaeta novus nu hartina anyar, robah jadi
novellus, tuluy robah deui jadi novel. Pangna disebut anyar lantaran dina
kasusastraan barat wangun novel leuwih pandeuri ayana batan wangun
roman. (Sumarto, 1996:2).
Salebaran sakali sok merlukeun balik ka lembur; boh méméhna sakalian ngadon
lebaran riung mungpulung jeung indung jeung dulur, atawa sabadana mun meneran
dian-deg mah kudu lebaran di dayeuh. Unggal bulan dununganana sok ngiriman,
ngabanjel-banjel kaperluan indungna jeung Si Aah. Atuh ku kituna nu di lembur
jongjon, nu ngumbara betah. Teu sumoréang teuing ka nu ditinggalkeun.
Indungna gé jeung Si Aah kungsi dua kali ngalongok bari rébo kikiriman, ka
peuteuy-peuteuy sélong dibawa,hatur lumayan cenah tamba léngoh.Bubuhan lila di
dayeuh, geus leungit wé bulu kampung téh boh kulit atawa réngkak nyeplés urang
dayeuh pituin. Awakna mesat jadi jangkung gedé, kulit lingsig asak omé.
Basa balik ka lembur nu pangpandeurina saréréa padakalinglap, malah réa urut
batur ulinna nu teu wawuheun dina sagokeun mah. Loba nu teu wani ngadeukeutan
mimitina mah, nga- rumasakeun bulukusutan. Tapi Si Uha mah teu pindah
pileumpangan, sabaheula waé adatna téh; babaturanana diraéh, euweuh ieu aing
pinter, ieu aing urang dayeuh. Ngan saurang nu teu beu-nang dideukeutan téh,
nyaéta Si Utay, sakitu saba-baraga kalingahaja dianjangan sakalian ne-pungan
mamangna jeung bibina.
Satamatna ti Kurus Dagang ku dununganana dijeujeuhkeun dipangyiarkeun
pagawé-an. Kabeneran ditarima jadi jurutulis di pabrik tinun. Najan geus
digawé,teu incah bali-lahan, nuturkeun dununganana baé. Kana gawé teu
ngurangan, sabaréto baé cara basa keur sakola kénéh.
Unggal gajihan, duit téh kabéh dipasrahkeun kadununganana, manéhna mah ngan
ukur misahkeun keur kaperluan sautak-saeutik. Atuh dina jero dua taun digawé téh
geus bisa ngoméan imah indungna, sakalian digedéan jeung dipapantes.
Ayeuna mah saenggeus manéhna gedé, geus boga gawé di dayeuh sarta geus
kadeu-leu tapakna, ari pareng balik ka lembur téh ku kolot-kolot ogé diarambeuan
diarajaénan.
Sumawona ari papantaranana mah, boro-boro aya nu wani ngunghak, dipiconggah
gé réa nu popoyongkodan era
Dina teks kadua mah palaku ulama teu loba ngalaman kajadian struktur caritana
oge ngaguluyur unggal paragrap. Teks nu ieu mah disebut sempalan novel atawa
cutatan novel.
1. Tema
2. Latar (setting)
Latar atawa setting nya éta gambaran waktu, kaayaan pajamanan, patempatan,
lingkungan, suasana, jeung saterusna nu ngalantarankeun kajadian carita. Tegesna
mangrupa salah sahiji dina adegan karangan. Merenah henteuna milih latar jeung
ngadeskripsikeunana milu nangtukeun ajén karangan (Iskandarwassid, 1992: 75)
3. Amanat
Pesen anu nyangkaruk dina hiji carita nu haying ditepikeun panulis kanu maca.
Unggal carita, pasti pangarang mibanda maksud atawa hal-hal anu hyng
ditepikeun ka nu maca, éta maksud pangarang téh mangrupa amanat. Amanat aya
anu langsung nembrak karasa ku nu maca, aya anu dibalibirkeun henteu togmol.
Amanat biasana nepikeun hiji ajaran moral, atawa pesen sangkan masarakat
robah kaayaanana, boh kahirupan fisikna boh kahirupan batinna atawa rohanina.
4. Galur/Plot
Runtuyan kajadian atawa kagiatan nu aya dina hiji
carita pangarang ngamiitian carita ngaliwatan hiji kajadian anu matak panasaran
atawa nimbulkeun pananya, atawa suspense. Atawa mungkin baé henteu,
Sanggeus kitu maju kana klimaks, sarta ahirna nepi karéngséna masalah
5. Palaku
Bedana palaku anu ngalakon dina sastra buhun, palaku dina novel mah umumna
manusa. Dumasar kana ilibiungna dina lalakon, palaku dina novel teh bisa dibagi
dua, nyaeta palaku utama jeung palaku panambah. Palaku utama nyaeta anu
nyekel lalakon, sedeng palaku panambah nyaeta anu ngabantuan palaku utama.
Watek palaku anu aya dina novel rupa-rupa aya anu jujur, hianat, sabar, teu
kaopan, bageur jeung sajabana. Watek palaku teh sok di saluyukeun jeung tema
carita.
Nempatkeun panulis jadi bagian pelaku utama atawa jalma lain. Nurutkeun teori
sastra sudut pandang aya dua nya eta sudut pandang jalma kahiji contona kuring
jeung sudut pandang jalma katilu contona manehna
C. Lembar Kerja Peserta Didik
Wasta Kelompok………………………………………
Anggota :1……………………………
2…………………………..
3…………………………..
4…………………………..
5…………………………..
Pancen 1
Imeutan deui teks 1 jeung teks 2. Tulis hasil ulikan hidep kana bagan di handap!
Tèks 1
Tèks 2
Kacindekan:
Teks 1 disebut……………………………..
teks 2 disebut……………………………
Pancen 3
NO A…………………………………………………… B……………………………………………..
1 Tema
2 Palaku
3 Alur
4 Latar
5 Sudut pandang
6 Amanat
Kamus Urang
1. Purah = no sok biasa dititah migawe hiji hal, jsb
2. Ngarumas= ngarasa teu biasa
3. Kadeseh = kasilih
4. Walurat = teu boga nanaon/miskin
5. Dibui = dihukum lanataran milampah salah
6. Ngumbara= indit ka hiji tempat/mengembara
7. Singer = daekan
8. Kalinglap =robah, beda pisan
9. Dayeuh = kota
10. Dunungan= jalma nu mere gawe
Rangkuman
Sabalikna ti Warji. Begu jeung Utun mah beuki gedé téh beuki teu eucreug,
tepi ka ahirna jadi bangsat gerot. Maranéhna nepi ka wani maling munding Pa
Lurah, maling duit ti Haji wasid jeung ti Babah Li Ang.
Sangeus maranéhna hasil ngabangsatna, maranehna nyumput di hiji tempat
bari nyieun durukan. Lila-lila, obrolanana nyabit-nyabit bagi hasil tina ladang
ngabangsat téa. Tapi Utun teu jujur, licik minteran Begu, der paraséa.
Kapanggiheun ku Warji anu kabeneran ngaliwat ka lebah dinya. Duanana tuluy
dicangkalak dipasrahkeun ka kantor kacamatan. Ari warji dipersén hadiah ku Pa
Lurah. Ganjaran keur budak teuneung.
(Budak Teuneung, Samsoedi -2010)
1. Karakter Warji dina cutatan novel di luhur nyaéta….
a. Aral
b. Sabar
c. Sombong
d. jail
2. Karakter Begu jeung Utun dina cutatan novel di luhur nyaéta…
a. Jail
b. Lantip
c. Bageur
d. Sopan
3. Amanat anu hayang ditepikeun ku pangarang dina sempalan novel di luhur
nyaéta…
a. Ganjaran keur budak teuneung
b. Hirup anu pinuh ku ujian
c. Urang kudu sabar dina nyanghareupan cocoba
d. Kahirupanana pinuh ku ujian jeung siksaan
4. Téma anu kapanggih dina sempalan novel di luhur nyaéta….
a. Dua budak anu resep ngajailan babaturanana
b. Anak Pa Lurah anu hade hate
c. Sosobatan barudak lembur
d. Budak yatim anu sabar dina nyanghareupan kahirupanana
Pituduh pikeun soal nomer 5 - 10, ilo masing gemet sempalan novel ieu di
handap!
“Kumaha Kondi, manéh satuju?”
“Asa henteu, Ma. Jaba deuih pan kudu babarempugan heula.” “Babarempugan téh,
babarempugan jeung saha?”
“Nya jeung Kang Odong.”
“Sidik jelemana ogé euweuh,” omong Ema, sorana rada bedas.
Deui-deui kuring teu wani waka némbalan. Kuring geus apal kana adatna, mun
Ema nyaritana geus bedas, éta téh tandana mimiti ambek.
“Yeuh, Kondi, apan ladangna gé lain keur curak-curak, tapi rék dipaké modal
usaha. Heueuh, usaha kolot, ngarah saréréa senang. Kapan lamun geus senang
mah, silaing teu kudu leledokan digawé di pabrik aci. Mantak naon mun milu
dagang jeung bapa manéh.”
“Kuring keukeuh moal mikeun, Ma,” ceuk kuring tatag. “Naha?”
“Ah, moal wéh,” témbal téh.
5. Nilik kana paguneman dina sempalan novel di luhur, suasana anu
digambarkeunana nyaéta….
a. Sedih
b. Gumbira
c. Ambek
d. Nalangsa
6. Tempat kajadian anu disabit-sabit dina sempalan novel di luhur nyaéta…
a. Imah
b. Pabrik aci
c. Lembur
d. Toko
7. Palaku utama dina sempalan novel di luhur nya éta ....
a. Kuring
b. Ema
c. Bapa
d. Kondi
8. Palaku tambahan dina sempalan novel di luhur nyaéta…
a. Kuring
b. Ema
c. Kondi
d. Pagawé pabrik aci
9. Ajén karakter (nilai moral) anu hadé dina sempalan novel di luhur nyaéta….
a. Panceg pamadegan pikeun mélaan kahadéan
b. Lalakon hirup nu kungsi ngawonan
c. Jalma nu hadé tata
d. Adigung kana banda jeung harta
DAPTAR PUSTAKA
Faturohman, Taufik. 2017. Gapura Basa; Pangajaran Basa
Sunda pikeun Murid SMP/MTs. Kelas IX. Bandung. Geger
Sunten.
LBSS. 1985. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung. Penerbit Taraté
Tamsyah, Rahayu,Budi, Drs.1996.PangajaranSastra Sunda.Bandung:Pustaka Setia