Anda di halaman 1dari 8

___________________________________

___________________________________
MODUL
___

BAHASA
SUNDA
KELAS XI

2021
NOVEL
1. Perkara Novel
Novel kaasup salah sahiji carita rékaan (fiksi), eusi jeung jalan caritana panjang tur loba bagian-
bagianana, diwangun ku basa lancaran, palaku anu ngalalakonna loba, mangsa anu kacaturna lila.
Sanajan kaasup carita fiksi, palaku , jalan carita, tempat, jeung waktu kajadianana bisa katarima ku
akal, persis siga kajadian anu sabenerna. Eusi novel aya ogé anu didadasaran ku kajadian anu
sabenerna, tapi éta kajadian téh ku pangarangna sok diréka-réka deui.
Dina kamekaran sastra Sunda, novél téh dianggap karya sastra sampeuran tina sastra Walanda.
Novél pangheulana nu medal dina sastra Sunda judulna Baruang ka nu Ngarora karya D.K
Ardiwinata (1914). Leuwih ti heula ti batan novel dina basa Indonesia Azab dan Sengsara karangan
Mérari Sirégar anu mimiti medal dina taun 1920. Dina taun 1927, medal novel Siti Rayati karangan
Muhamad Sanusi. Tuluy medal novel Agan Permas karangan Yuhana (1928) jeung Pangéran Kornél
karangan R.Memed Sastrahadiprawira (1930). Anapon dina taun 1940-an nepi ka taun 19-50 an,
medal dua novel Sunda : Gogoda ka Nu Ngarora karya M.A Salmun jeung Marjanah karya
DuwarsihDjodjo Puspito. Ti taun 2000-1n nepi ka kiwari, loba pisan novel nu medal karya
pangarang Sunda. Aya sawatara novel Sunda katut pangarangna. Geura pék tengetan!
(1) D.K. Ardiwinata: Baruang ka nu Ngarora.
(2) Joehana (sandiasma Ahmad Basyah): Carios Eulis Acih, Carios Agan Permas, Kalepatan Putra
Dosna Ibu Rama, Kasuat ku Duriat, Mugiri, Neng Yaya, Rusiah nu Goreng Patut (jeung Sukria).
(3) R. Memed Sastrahadiprawira: Mantri Jero, Pangeran Kornel, Tresnasena jeung Nyi Putri
Sedihasih (rekaan tina novel basa Walanda, De Roman van Tristan en Isolde).
(4) Muhammad Ambri: Lain Eta, Numbuk di Sue, Munjung.
(5) Muhammad Sanusi: Siti Rayati, Sari fatimah.
(6) Samsu (Sambas jeung Susangka): Laleur Bodas.
Modul Bahasa dan Sulaksana
(7) Marga Sastra Sunda
(Sandiasma R. Iting Partadiredja): Diarah Pati. PKL 2021
(8) M.A. Salmun: Gogoda kanu ngarora.
(9) Yus Rusamsi: Randa Bengsrat, Dedeh, Wilujeng Enjing.
(10) Ki Umbara: Si Bedog Panjang.
(11) Ahmad Bakri: Nu Seungit di Pulang Asih.
(12) Syarif Amin: Manehna.
(13) R.A.F: Pipisahan.
(14) Min Resmana: Neangan bapa.
(15) Aam Amilia: Puputo.
(16) Abdullah Mustapa: Mikung.
(17) Eddy D. Iskandar: Cinta Pabaliut.
(18) Yoseph Iskandar: Rini, Perang Bubat.
(19) Adang S.: Ngepung Kahar Muzakar.
(20) Ningrum Julaeha: Arca, Halimun Mungkur.
(21) Usep Romli HM: Bentang Pasantren.
(22)

2. Nyangkem Unsur Novél


Upama maca novel hidep bakal manggihan nu disebut téma, galur, palaku, latar, judul,
point of view, jeung amanat. Nu kitu téh disebutna unsur atawa struktur intrinsik nu aya novel.
a) Téma nyaéta nu ngatur arah unsur séjénna dina hiji carita. Téma mah loba rupana, tapi téma
biasana moal jauh tina kahirupan nyata.
b) Galur kaasup unsur anu penting dina hiji carita. Lantaran dina galur aya runtuyan kajadian,
méré arah atawa ngatur kajadian naon waé anu kudu diheulakeun atawa dipandeurikeun, sarta

KELAS XI Kaca 2
nu némbongkeun sabab akibat kajadian dina carita.alur nya éta konflik jeung klimaks. Dina
galur atawa alur téh aya nu disebut Konflik, nyaéta interaksi antara dua karakter atawa leuwih,
atawa interaksi hiji karakter jeung lingkungan sabudeurna. Upama éta konflik geus nepi kana
puncakna disebutna téh Klimaks.
c) Palaku nya éta tokoh nu ngalalakon dina hiji carita. Nilik Jenisna mah aya nu disebut palaku
utama jeung palaku tambahan. Dina guluyuran carita sok ditémbongkeun ogé watek atawa
pasipatan palaku. Aya palaku nu watekna bager, aya ogé nu robah-robah tina alus jadi goréng
atawa sabalikna.
d) Latar nya éta lingkungan sabudeur anu ngurilingan kajadian nu lumangsung dina hiji carita. latar
téh aya dua rupa nya éta latar tempat jeung latar waktu. Latar tempat mangrupa tempat di
mana kajadian dina carita lumangsung sedengkeun latar waktu mangrupa waktu iraha kajadian
dina carita lumangsung.
e) Puseur sawangan atawa point of view ngandung harti (ku saha) dicaritakeunana éta karangan
atawa titik caturan. Aya dua cara nu biasa digunakeun dina fiksi saperti novel, nyaéta
(1). Caturan jalma katilu, nyaéta pangarang aya diluareun carita, para palaku disebut
ngaranna, atawa ngagunakeun kecap sulur “manéhna”, “maranéhna”.
(2) Caturan jalma kahiji, nyaéta juru catur aya di jero carita, sok jadi palaku carita,
ngagunakeun kecap sulur “kuring”.
g) Amanat nyaéta hal-hal anu ditepikeun ku pangarang dina carita novél. Amanat bisa kapanggih
ku nu maca sanggeus neuleuman eusi caritana. Biasana ngandung piwuruk atawa hal-hal anu
bisa ditulad.

3. Maca Sempalan Novel


Pék baca ieu sempalan novel di handap sarta imeutan saha waé palakuna, dimana waé
kajadianana, iraha lumangsungna, kumaha jalan caritana, naon témana, jeung naon amanatna!
Modul Bahasa dan Sastra Sunda Prasasti nu Ngancik dina Ati PKL 2021
(Popon Saadah)
Basa kuring keur ngaderes “Bumi jeung Manusa” di rohang tamu, teu kanyahoan asupna,
nyaho-nyaho Prasasti geus ngajentul diuk hareupeun.
“Éta téh buku énggal?" Tanya manéhna.
“Yup!”
“Iraha mésérna? Teu wartos-wartos!”
“Pamasihan.”
“Pamasihan saha?”
Teu dijawab.
“Ooh pamasihan tamu nu kamari ka dieu téa?”
Manéhna ku kuring ukur dirérét.
“Naha bet masihan cenah? Boa-boa ada udang dibalik buku!”
Kuring cicing. Tuluy pédah ku kuring diantep meureun, diukna pindah ka gigireun.
“Naha teu nyarios ka Pras atuh, Rin peryogi buku nu kitu. Teu burung dipangmésérkeun.”
Manéhna mencrong kénéh.
“Da Rin mah teu nyuhunkeun ka Fauzan ogé. Manéhna ujug-ujug masihan,” kapaksa kuring
némbalan. Gandéng ku tetelepékna.
“Mani perhatian pisan nya Si Manéhna téh geuning!” cenah deui.
“Ya… gitu déh,” ngajawab téh asal engab.
“Sering masihan bukuna?”
“Mun manéhna sering masihan, badé kumaha? Mun manéhna langka masihan, badé kumaha?”
Bari panon mah anteng kana bacaan.
“Ati-ati. Ulah asal nampa kitu waé!”

KELAS XI Kaca 2
Kuring teu ngarti kana maksud éta caritaan. Naon anu dimaksud ku Pras kudu ati-ati téh? Da
Fauzan ogé lain jalma saliwat atuh. Geus dua taun kuring deukeut jeung manéhna téh, najan ukur
reureujeungan di kampus wungkul.
Ada apa denganmu, Pras? cekéng bari neundeun novel nu keur dihanca kana méja, satengah
dialungkeun. Hélok ku sipat manéhna nu poé ieu ngadak-ngadak jadi céréwéd.
“Teu kedah ngiring riweuh kana urusan Rin lah!” kuring keuheul kénéh ku paripolah manéhna
kamari basa panggih jeung Margarét di ondangan. Ku sok nyungkelit nya ieu haté téh. “Ada apa
pula denganmu, Rin? témbal manéhna.
“Pras wajib nyaho kana sagala urusan Rin!” cenah deui bari rada molotot.
“Wajib? Naha make wajib? Jeung diwajibkeun ku saha? Kuring gé jadi hayang molotot.
”Biasana gé kitu pan? Urusan Rin jadi urusan Pras. Tugas-tugas Rin jadi pagawéan Pras!” cenah
asa meunang. Pédah dina sagala hal kuring teu weléh dibantuan ku manéhna. Ka tugas-tugas
kuliah dibantuan ku manéhna. Tapi kapan matak wani ngumaha gé bongan manéhna sok ngahaja
nawarkeun jasa ti heula.
“Éta mah kamari jeung kamarina deui. Mimiti ayeuna teu bisa kitu. Rin hoyong diajar mandiri!”
“Mun aya nanaon ka diri Rin kumaha?” Manéhna molotot kénéh.
“Nanaon naon? Tong melang tong hariwang, dan réréncangan Rin mah sadayana gé balageur,
teu aya nu jahat.”
“Bisa wé mimitina mah bageur!” cenah.
“Bisa wé jalma nu salila ieu katingalina bageur gé, tétéla teu bageur!” bari nyindir kitu téh
kuring muncereng kénéh.
Ari sugan, heueuh wé rék ngajak paséa tingkah téh, boro geus ngawahan. Horéng kakara
dilawan kitu gé kaburu éléh. Manéhna langsung jempé. Tuluy cicing salila-lila, kawas aya nu keur
dipikiran.
Ras inget kana kabélana. Sestina ieu haté kacida sieunna mun Prasasti katutuluyan
ngamusuhan. Mangkaning nya jirim nu ieu pisan nu teu weléh mapaésan impian haté. Nya jirim nu
Modul Bahasa dan Sastra Sunda
ieu pisan anu mawa éndah dunya implengan téh. Gap leungeun katuhuna dirawél, saterusna PKL 2021
diteueulkeun kana tarang sorangan, siga mun salam ka guru kuring baréto baha keur di SMA.
“Pras, hapunten Rin nya, Pras…” Nyarita kitu téh bari ngahaja semu ngahelas, ngarah
ngaherukna teu katutuluyan.
Manéhna nyarita kalawan logat nu karasa asing ceuk ceuli kuring,
“Satikosna ahu sangat sonang tu ha ito malobihi apapun. Boasa ito dang héa mengerti
hatakon?”
Nyél haté téh keuheul. Kuring asa keur digeuhgeuykeun diheureuykeun make basa nu teu
weléh matak teu pikahartieun.
Pok deui deui manéhna nyarita ditompokeun kana ceuli, “Rinéga, boasa ito dang héa mengerti
hatakon? Boasa Rin?" kalawan logat ledok Batak Toba.
“Naon hartina?” tanya kuring. Keur keuheul gé teu burung panasaran kana ma’na kalimah nu
diucapkeun ku manéhna cikénéh téh. Atuda katempo nyarita kituna téh bangun nu bari
dirarasakeun.
“Kedah ngartos atuh, Rin…,” cenah. Leuleuy ayeuna mah, sarta logat nyaritana balik deui kana
lentong Sunda.
“Sing émut, Pras, Rin sanés Margarét!” cekéng, bari sedih. Saha jelemana nu rido disaruakeun
jeung nu séjén bari éta nu séjén téh hij awéwé nu meleng-meleng dianggap sainganana.
“Naha bet nyabit-nyabit waé Margarét? Pras mah geus teu aya hubungan nanaon deui jeung
manéhna téh. Rin kedah terang, Margarét mah carita lawas nu geus laas!” Najan nyaritana tandes,
kuring teu gancang percaya kitu waé. Sabab, haté jelema mah kapan jero alah batan sagara nu
pangjerona.
“Jelas, Rin?" tanya manéhna, sabada nempo kuring ngahuleng salilalila.
“Teu acan.”
“Naonna nu teu acan téh?”

KELAS XI Kaca 2
“Ari basa Batak nu nembé diucapkeun ku Pras naon hartosna?
“Ooh éta…” Manéhna bari jeung gagaro sirah heula.
“Naon?" Rin teu sabar.
“Mmm … hartosna… Iraha-iraha urang ka uleman deui,” cenah bari seuri.
“Bohong ah!” Kuring teu percaya, maenya hartina ukur kitu? Padahal dina ngucapkeunana tadi
manéhna kacirina daria pisan.
“Engké ogé ngartos lah,” cenah. Jung cengkat, tuluy ngaléos ka luar, ngadon asup deui ka
imahna. Sigana ngahaja ngajauhan sangkan kuring teu tatanya papanjangan. Sajongjongan kuring
ngahuleng sosoranganan.
Lain gé Prasasti atuh lamun eusi haté katut sikepna ka kuring salila ieu gampang ditarjamahkeun
mah. Atawa… kuringna waé anu belet, nepi ka can bisa kénéh nyieun kacindekan ngeunaan hal éta.
Jadi ras inget kana Prasasti Kawali. Basa sawatara taun ka tukang jarah ka Kabuyutan Kawali Ciamis,
kuring kacida katajina ku éta batu patilasan, tapi sama sakali teu ngarti naon ma’na di balik aksana
katut basa Sunda kunona.
Tah Prasasti nu ieu gé keur kuring mah teu béda ti prasasti Astana Gedé téa, pinuh ku teka-teki.
Naha kuring bakal mampuh nafsirkeun sikep anjeun, sakumaha arkéolog mampuh nyurahan tulisan
nu kaunggel dina Prasasti Kawali, Pras?

Pancén Mandiri
A. Paluruh unsur-unsur novél di handap ku cara ngajawab pananya ieu di handap!
1. Saha waé nu jadi palaku dina éta novel?
________________________________________________________________________
2. Saha anu jadi palaku utamana?
________________________________________________________________________
3. Kumaha watek unggal palaku dina éta novel?
Modul Bahasa ________________________________________________________________________
dan Sastra Sunda
4. Kumaha hubungan antara palaku dina éta novel?
PKL 2021
________________________________________________________________________
5. Dimana waé kajadian dina éta carita téh lumangsungna?
________________________________________________________________________
6. Iraha kajadianana?
________________________________________________________________________
7. Kumaha suasana?
________________________________________________________________________
8. Ngagunakeun alur naon pangarang dina nyaritakeun éta novel?
________________________________________________________________________
9. Naon téma nu dicaritakeun dina éta novel?
________________________________________________________________________
10. Amanat naon anu hayang ditepikeun ku éta pangarang novel?
________________________________________________________________________
B. Pék ku hidep baca hiji novel basa Sunda séjénna, tuluy laporkeun hasil maca éta novel
téh dina wangun sempalanana jeung tingkesan!

WAWACAN

KELAS XI Kaca 2
Karya sastra wangun wawacan téh baheula mah ngabogaan fungsi jeung kalungguhan anu
kawilang penting dina kahirupan urang Sunda. Wawacan téh karangan panjang lantaran suasana
carita anu béda-béda tur ngagunakeun patokan pupuh. Lebah midangkeunana, wawacan téh
sok dibaca heula terus ditembangkeun (dibelukkeun). Nu matak pagelaran maca wawacan téh sok
disebut ogé pintonan beluk.
Malah di sawatara tempat mah pintonan beluk téh aya nu nyebut pintonan gaok. Ari pintonan
wawacan sok ditanggap pikeun kapentingan salametan (ritual) jeung kalangenan (hiburan). Malah
geus jadi kalumbrahan lamun umur orok geus manjing 40 poé sok disalametkeun ku cara nanggap
wawacan. Kitu deui pikeun salametan imah, tulak bala lembur, sok nanggap wawacan deuih.
Lian ti pikeun salametan, wawacan ogé sok dijadikeun pidangan mandiri (pikeun hiburan). Kapan
masarakat jaman harita mah can ceuyah sarana hiburan cara kiwari, hayang meunang hiburan ku
cara ngabandungan eusi (jejer) carita ku cara dipangmacakeun, lantaran harita mah jalma nu
mampuh maca téh kawilang saeutik. Kiwari mah pagelaran maca wawacan (beluk) téh bisa
disebutkeun geus carang pisan lantaran ceuyahna ku rupa-rupa hiburan nu antukna ngagésér
kalungguhan wawacan.
Tah dina ieu pangajaran hidep baris diwanohkeun kana wangun jeung struktur wawacan. Hidep
ogé kudu bisa ngaidentifi kasi jeung mikapaham eusi carita wawacan nu dibaca sarta méré
tanggapan (aprésiasi) kana karya wawacan. Ieu di handap kapidangkeun conto wawacan.
Ieu bacaan anu aya di handap téh mangrupa cutatan tina wawacan. Pék ku hidep titénan jeung
ilo cutatan tina Wawacan Panji Wulung ieu di handap!!
Cutatan tina Wawacan Panji Wulung
Asmarandana . . . .
Modul Bahasa
SambatnadanNyi Sastra Sunda
Tunjung PKL 2021
Sari, ku raja henteu dimanah, enggeus dimeureunkeun baé, tangtu nampik
kana dosa, jeung lumbrah manusa, di mana nu maling ngaku, enggeus kudu nampik dosa.
Nya kitu deui Panolih, sasambatna teu paédah, caturkeun geus nepi baé, ka pakuwon kapatihan, Ki
Patih langkung susah, tina watirna kalangkung, ka éta Nyi Tunjung téa.
Ku Ki Patih geus kajudi, yén dijerum ku maruna, sanajan Ajar gé bohong, ku Ki Patih geus katingal,
enggeus meunang dongdonan, nu matak Ajar sakitu, diupah ku Praméswara. . . . .
Kinanti . . . .
Laju lampah Panji Wulung, diiring ku Jayapati, Ki Janggali Ki Janggala, jeung baturna Jayapati,
ngaran Ki Kebo Manggala, kalima Kebo Rarangin. Turun gunung unggah gunung, nyorang lebak
nyukang pasir, ngaliwat kana bubulak, sampalan badak jeung sapi, jauh cunduk anggang datang,
sumping damping ka basisir.
Radén ngantosan parahu, calikna dina kikisik, disasarap dangdaunan, daun bakung jeung badori,
tamba kesel sasauran, nyaritakeun Ajar tadi. Radén Panji Wulung nyaur, kula inget omong tadi,
baréto paman bébéja, lampahna ajar nu tadi, basana dihaturanan, ka Sokadana ku Gusti.
Keur norah seliran ratu, nu dituding pajar julig, selir téh saha ngaranna, jeung saha lawanna julig,
Jayapati ngawalonan, sumuhun kanyaho kuring. Eukeur caturing pitutur, ngaranna Nyi Tunjungsari,
asal urang Balangbangan, lalakina pun Panolih, cariosna dipaéhan, malah katut pun Panolih.
Pangkur
Seja nyaba ngalalana, ngitung lembur ngajajah milangan kori, henteu puguh nu dijugjug, balik
Paman sadayana, nu ti mana tiluan semu rarusuh, lurah bégal ngawalonan, aing ngaran Jayapati.
Cikénéh mentas dibégal, tujuh jalma modar taya nu ngari, bangkéna tujuh patumpuk, balik manéh
ayeuna, lamun masih kénéh manéh hayang hirup, kadieukeun banda sia, ku aing moal dipeuncit.

KELAS XI Kaca 2
Rahadén Panji ngandika, bari mésem Paman takabur teuing, pati batur diganggu, mangké caralik
heula, ieu catang nu malang sumangga panggul, lamun kapanggul ku paman, kaula sumeja ngiring.
Jeung nyanggakeun babandaan, tapi lamun ku paman teu kaindit, ku kula meureun dipanggul, éta
minangka tanda, jadi éléh saha nu teu kuat manggul, melengek ki lurah bégal, pikirna geus rada
risi.
Neuleu catang nu malang, gedé pisan tangtu moal kaindit, maksakeun manéh pék nangtung,
catang tuluy dipundak, teu kabawa késangna datang ka ngucur, henteu obah-obah acan, mésem
leleb Radén Panji.
Ki Jayapati nyentak, manéh ogé moal enya kaindit, lamun ku manéh kajungjung, kami seja
kumawula, rék nuturkeun ka mana anu dijugjug, ngadeg Radén Panji dangdan, catang dipanggul
kaindit.
(Dicutat tina Wawacan Panji Wulung, R.H. Muhammad Musa)
Sabada niténan sempalan wawacan di luhur, pék ku hidep téangan kekecapan anu teu
dipikaharti, tuluy tuliskeun jeung hartina dina tabél ieu di handap!

Wawacan Panji Wulung


Kecap Hartina
…………………………. ……………………………………………
…………………………. ……………………………………………
…………………………. ……………………………………………
…………………………. ……………………………………………
…………………………. ……………………………………………
…………………………. ……………………………………………
Modul Bahasa dan Sastra Sunda PKL 2021
Medar Struktur Carita Wawacan
Wawacan téh mangrupa carita anu didangding, ditulis dina wangun puisi pupuh. Bédana jeung
guguritan, wawacan mah mangrupa lalakon. Pupuh anu dipakéna ogé henteu hiji baé, tapi
gunta-ganti, tur loba. Nurutkeun para ahli gelarna wawacan dina sastra Sunda téh lantaran
pangaruh tina sastra Jawa. Asupna kana sastra Sunda kira-kiradina mangsa kadua abad ka-19.
Harita tatar Sunda dieréh ku karajan Mataram (Islam). Parabupati Sunda, utamana anu aya di
wewengkon Priangan, wajib séba ka Mataram. Ayana di Mataram téh tara sakeudeungsakeudeung.
Balikna mawa sawatara adat-cahara di ditu ka tatar Sunda. Salian ti éta, teu saeutik deuih
pangagung urang Mataram anu ditempatkeun di urang.

Éta kaayaan téh beuki nguatan adat-cahara anyar para ménak Sunda. Pangaruhna dina widang
sastra, urang Sunda mimiti wanoh kana guguritan jeung wawacan. Lain para ménak baé deuih anu
gedé andilna asupna wawacan kana sastra Sunda téh. Paraulama ogé gedé andilna. Kalolobaan
ulama atawa ajengan anu boga pasantrén di urang, saméméhna kungsi masantrén di Wétan. Teu
béda ti parabupati, balikna mawa adat cahara ti ditu. Nya di antarana mawa wangun guguritan
jeung wawacan. Malah nerekabna para ajengan. Salah sahiji buktina, nepi ka kiwari masih kénéh
kapanggih wawacan-wawacan anu ditulis ku aksara Arab (Pégon) di pilemburan. Eusina mangrupa
da’wah Islamiyah.

KELAS XI Kaca 2
Mekarna wawacan di urang téh ngaliwatan sababaraha tahap. Dina tahap kahiji lalakon-lalakon
wawacan tina sastra Jawa téh langsung disalin, henteu disundakeun, mangrupa naskah. Tahap
kadua, témbong usaha narjamahkeun (nyalin) kana basa Sunda, sangkan eusina kaharti ku balaréa.
Tahap katilu, lain narjamahkeun, tapi nyipta carita-carita nu geus nyampak ti baheula dina wangun
wawacan, saperti tina dongéng, hikayat, jeung babad. Tahap kaopat, sabada aya téknologi citak,
wawacan anu tadina mangrupa naskah téh réa anu diterbitkeun mangrupa buku; dibarengan ku
ciptaan-ciptaan anyar, sarta wandana ogé anyar.
Karya sastra wangun wawacan umumna ngabogaan unsur struktur nu maneuh, nyaéta
manggalasastra (alofon), eusi, jeung panutup atawa kolofon.
1. Manggalasastra eusina sanduk-sanduk papalaku (ménta idin) ka Nu Maha Kawasa jeung ka
karuhun, sarta ménta panghampura kana kahéngkéran nu nulis atawa nu nyusun éta wawacan.
2. Panutup (kolofon) kauni dina akhir carita nu eusina titimangsa ditulis atawa disalinna éta
wawacan, bari sakalian ménta panghampura nu nulis kana sagala katunaanana. Umumna nu
nulis wawacan sok dépé-dépé tur ngarumasakeun.
Conto manggalasastra jeung kolofon wawacan.
Manggalasastra:
Kasmaran kaula muji, ka Gusti Ajawajala, nu murah ka mahluk kabéh, jeung muji utusanana,
Kangjeng Nabi Muhammad, nyaéta Nabi panutup, miwah muji sahabatna
(Wawacan Rengganis)
Kolofon:
Tamatna kaula ngarang Pukul tujuh malem Kemis di tanggal tujuh welasna, kaleresan bulan April,
taun Kangjeng Maséhi, saréwu dalapan ratus, jeung genep puluh dua, marengan hijrahna Nabi,
Modul Bahasa
saréwudan Sastra
dua ratus Sunda
tujuh puluh dalapan PKL 2021
(Wawacan Panji Wulung)
Wawacan téh ditepikeun ku cara ditembangkeun nga-gunakeun sora anu ngelewung tarik pisan nu
disebut beluk atawa gaok. Seni beluk biasana dipintonkeun dina acara salametan, upamana dina
acara salametan orok, khitanan, gusaran, kawinan, jeung salametan sabada panén.

KELAS XI Kaca 2

Anda mungkin juga menyukai