Anda di halaman 1dari 19

CARITA PANTUN

BASA SUNDA
YOGI SAPUTRA M.
Medar Carita Pantun

Carita Pantun atawa lalakon pantun nyaeta carita


rekaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran
ruatan ( ritual ) anu disebut mantun. Mantun biasa
dipirig ku kacapi sarta biasana dihaleuangkeun.

ukuran carita pantun umumna paranjang. Dumasar


kana mediana, carita pantu gelar dina lisan, sarta
ngandung hal-hal nu mere kesan pamohalan.
1. Carita pantun teh kaasup sastra
lisan. turun temurunna jeung
sumebarna tatalepa ku cara lisan,dina
kamekaranana timbul sababaraha
versi. Aya pantun Baduy, Bogor,
Priangan.

2. Upama nilik kana eusina, umumna


ngabogaan pola nu sarua, nyaeta
ngalakonkeun lalampahan raja atawa
satria anu keur ngalegaan nagara anyar
atawa neangan pijodoheun.
• Runtuyan carita pantun diwangun ku 3 galur:
A. Galur miang, nyaeta carita nu ngalalakonkeun yen tokoh
utamana kudu ngalalana, boh ka leuweung ka dasar sagara, ka
hiji nagara.
B. Galur ujian, nyaeta carita tokoh nu ngalalana aya halangan-
harungan.
C. Galur mulan, nyaeta carita nu ngalalana lulus ngungkulan
halangan-harungan anu kaalamanana, biasana balik deui ka
nagarana.
Upama nilik jalan caritana : Ciung Wanara ti
Padusunan, gede kawani, nyorog ngadu hayam, ngadep ka
Prabu Ratu. Sapanjang ngalalana loba kajadian anu
karandapan ahirna Ciung Wanara teh unggul ngadu
hayamna tuluy ngadahup ka Prabu Ratu akhirna di waris
duhung sapucuk jeung panday salawe domas, Nagara
Sabeulah Kulon

Upama nilik wangunna, carita pantun teh mangrupa


wangun ugeran(puisi). Dijerona diwangun ku sababaraha
bagian; aya rajah, deskripsi, narasi, dialog jeung monolog
jeung rajah panutup.
1. Rajah

Eusi rajah teh mangrupa sanduk sanduk ka


karuhun lantaran rek ngamimitian mantun. Sanduk
hartina menta idin, menta pangraksa jeung pangriksa ti
nu ngageugeuh eta lembur sangkan saralamet.

Nilik eusina, rajah teh lain bagian tina carita, tapi


bagian penting dina pantun. Rajah ieu ciri utama
ngabedakeun carita pantun jeung seni sastra sejena.

Rajah teh salilana aya di bagian awal carita


pantun. Aya panjang aya nu pondok. Panjang-pondokna
rajah jeung beda bedana henteu gumantung kana carita
nu dilalakoknana tapi leuwih gumantung ka juru pantunna.
Conto rajah pamuka

Bul kukus mendung ka manggung, da puguh galuring tutur, ngembat


ka manggung neda papayung, papatan carita,
ka déwata neda suka, ti mendi papisinieun,
ka pohaci neda suci, ti mana pacaritaeun,
kuring rék diajar ngidung, teuteureuh ti kahiyangan,
nya ngidung carita pantun, ditandéan cupu manik,
ngahudang carita wayang, cupu manik astaginbujaksana,
ku nu rancagé di angen,
nyilokakeun nyukcruk laku,
nyukcruk laku nu bahayu, dibuka patinghaleuang,
mapay lampah nu baheula, nu ménta dilalakonkeun,
lulurung tujuh ngabandung, cag! teundeun di handeuleum
kadalapan keur disorang, sieum,
bisina nerus narutus, tunda di hanjuang siang,
bisina narajang alas, paranti nyokot ninggalkeun.
2. Narasi

ditepikeun dina mangsa juru


pantun nyambungkeun hiji
kajadian kana kajadian saterusna.
Beda jeung katut kajadian
deskripsi, lebah bagian narasi
mah henteu ditembangkeun. Tapi
sanajan kitu angger bae dipirig ku
kacapi najan ukur
digalantangkeun bae oge.
Contoh narasi

Caturkeun ratu di manggung, carita di kahyangan. Guru


Minda kahyangan, anak déwata cikalna, titisan Guru Hyang
Tunggal, seuweu batara di langit, ngabujangga di paradéwata,
kasép taya papadana, keur meujeuhkeun teguh cangcut.

Tuluy ngimpi kagungan bébéné, sarupa jeung Sunan


Ambu; ngalingling ngadeuleu maling. Enggeus nganggo raksukan,
salin jenengan kana Lutung Kasarung; kasarung ku sadulur,
kasimpang ku barayana.

Cedok nyembah, indit ngusap birit, angkat ngusap


sinjang, bisi kawiwirangan keur ngawula
3. Deskripsi
ngagambarkeun tingkah paripolah tokoh
carita dina hiji kajadian, saperti putri
dangdan, lengser lumpat, satria perang, satria
ngapung, hayam diadu jeung sajabana. Juga
ngagambarkeun pangsara hate; sedih,
ngangres, ngenes, ambek sarta ngagambarkeun
kaanyaan.

Bagian deskripsi sok dihaleuangkeun ku


juru pantun, nu matak sok disebut oge
papantunan. Kaasup bagian nu pikareseupan
lantaran umumna juru pantun ngagunakeun
gaya basa babandingan anu lucu tur
karikatural pikeun ngagambarkeun kajadian
atawa kaayaanana.
Conto déskripsi dina pantun Lutung Kasarung,
ngagambarkeun kaayaan Purbasari sanggeus diboréhan kéler
nahun ku Purbararang:

Ludak-lédok diboréhan,
lain teu wuni boboréh,
dipulasan kéler nahun,
nu geulis ngadadak goréng,
hideung batan wadah teuleum,
bangbang awak batan gagak,
ngan sorotna henteu leungit,
sasemu kénéh jeung Ambu,
pakéan jiga kiramay,
karémbong saburubutan,
salindang sariga rambang,
dibahan boboko buntung,
bawaeun linggih di gunung.
4. Dialog

Nyaeta paguneman antara parapalakuna.


Sakumaha umumna dina karya sastra lianna,
dialog teh diantarana pikeun ngagambarkeun
watek atawa karakter palaku, ngalancarkeun
jalan carita sarta nepikeun gagasan.

“Adi, sia hayang hirup ta henteu?” “Tétéh, teu kangkat, teu


ngalangkungan mapalang. Mana hirup ku Gustina, mana mawas ku Sang Widi,
waluya ti kawasana, teu beunang dipaké kahayang kaembung; ing halé kari
kumaha pangersakeun jeneng Si Tétéh”

“Lamun sia hayang awét hirup, di ditu pienggoneun sia, di Gunung


Cupu Mandala Ayu, mandala kasawitan di hulu dayeuh.”
5. Monolog

Monolog teh nyarita sorangan atawa dina jero


hate. Contona monolog Lutung Kasarung.

“Karunya teuing ku Aki Panyumpit, gila ku ruksak, dideuleu


pakuwon, jeg lain enggon jalma. Rék neneda ka Sunan Ambu, ka
Ambu neda pituduh, ka Rama neda papatah, muga tulus nya
pangjurung, muga laksana pangjiad; rék misalin Aki Panyumpit,
peuting ieu”
6. Rajah Panutup

Puun Sapuuuun Hyang Prabu Puun Sapuuuun Hyang Suwargi


Wastu Sang Lumahing
Pangampura anu diseja Nusa Larang Sing langgeng di
Boh bisi langkung nya saur kasucian Lumanggeng di
Boh bisi bahé nya carék Kahyangan
Kami ngan darma mitutur Ngahiji jeung Maha Suci
Lalakon dilalakonkeun Nya Hyang Séda Niskala
Puuuun Sapuuuuuuuuuuuuun
1. Carita pantun teh kaasup kana sastra?
a. Lisan c. Warna e. Uleman
b. Watek d. Pikiran
2. Upama nilik wangunna, carita pantun teh mangrupa
wangun ..
a. Ugeran c. Sastra e. Puisi
b. Pantun d. Biantara

3. Anu teu kaasup kana wangun pantun nyaeta?


a. Deskripsi c. Monolog e. Dialog
b. Prolog d. Rajah Pamuka
4. rekaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina
pagelaran ruatan ( ritual ) disebutna?
a. Manten c. Wedang e. Seserahan
b. Mantun d. Pantun
5 Bagian anu ngagambarkeun tingkah paripolah tokoh
carita dina hiji kajadian disebutna?
a. Rajah Panutup c. Deskripsi e. Dialog
b. Rajah Pamuka d. Monolog

6. Nilik tina alur caritana, aya dua golongan nyaeta galur


leunjeuran jeung?
a. Galur Simpay c. Galur Nitik e. Galur
kucup
b. Galur Muka d. Galur Suka
7. Bul kukus mendung ka manggung,
ka manggung neda papayung,
ka déwata neda suka,
ka pohaci neda suci,
kuring rék diajar ngidung,
nya ngidung carita pantun,
ngahudang carita wayang,
Wangun diatas kaasup ka?
a. Narasi c. Dialog e. Prolog
b. Rajah d.Monolog

8. nyarita sorangan atawa dina jero hate disebutna?


a. Narasi c. Rajah e.Sinom
b. Prolog d. Monolog
9. “Cedok nyembah, indit ngusap birit, angkat ngusap sinjang, bisi
kawiwirangan keur ngawula”
Kaasup kana wangun?
a. Narasi c. Prolog e. deskripsi
b. Dialog d.Monolog
10. paguneman antara parapalakuna disebut?
a. Dialog c. Monolog e. Pantun
b. Prlog d. Narasi

Essay!
1. Hartina carita pantun?
2. Upama nilik tina eusina, carita pantun eusina
ngabogaan pola nu sarua, kunaon?
Hatur
Nuhun

Anda mungkin juga menyukai