Anda di halaman 1dari 11

WANGENAN CARITA PANTUN

Carita pantun nya eta, carita rekaan anu


dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran
ruatan (ritual) nu disebut mantun, sarta
dipagelarkeun kalawan dipirig make kacapi.
Carita pantun kaasup kana sastra lisan.
Turun temurun jeung sumebarna sacara tatalepa
kucara lisan.
Jalma anu magelarkeun carita pantun
disebutna tukang pantun atawa juru pantun.
CIRI-CIRI CARITA PANTUN

• Dipagelarkeun sapeuting jeput


• Ukuran caritana panjang
• Wangun caritana puisi
• Pamohalan
• Kaasup kana sastra lisan,sacara
turun-tumurun
• Ngabogaan pola ngalalakonkeun
lalampahan raja
PETA KONSEP JALAN CARITA PANTUN

Satria
ngalalana

Ngadeg Kajadian anu


Pola carita karandapan
raja
pantun

Ngadahup Satria unggul


ka putri perang
BAGIAN BAGIAN CARITA PANTUN

Rajah
Deskripsi
Narasi
Dialog
Monolog
Rajah pamunah (panutup)
1. RAJAH

Ditembangkeun samemeh mangkat carita,


eusina sanduk-sanduk ka karuhun.
Conto:
Bul kukus mendung ka manggung
Ka manggung neda papayung
Ka dewata neda suka
Ka pohaci neda suci
Kuring rek diajar ngidung
Nya ngidung carita pantun
2. DESKRIPSI

Ngagambarkeun tingkah paripolah hiji tokoh


dina hiji kajadian.
Conto ngagambarkeun satria dangdan
Sabeulit mahi sagolek pangkek
Sacangkreud pageuh
Nyigihkeun calana panji
Sabuk dantun tali anyar
Keris buat mantalan sari
Gogodogna sijulang anom
3. NARASI

Ditepikeun dina hiji mangsa juru pantun


nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna.
conto:
Kacaturkeun ratu di manggung, carita dikahyangan.
Guru minda khyangan,kasep taya papadana.
Tuluy anjeunna ngimpi kagungan bébéne sarupa
jeung ambuna ngalingling ngadeuleu maling.
4. DIALOG

Paguneman antara para palaku.


Conto :
“adi, sia hayang hirup teu?”
“teteh, teu kangkat, teu ngalangkungan
pamalang. Mana hirup ku gustina,teu beunang
dipake hayang jeung embung.”
“Lamun sia hayang hirup, di ditu pienggoneun
sia,di gunung cupu mandala ayu.”
5. MONOLOG

Nya eta nyarita sorangan atawa dina


jero hate. Contona:
Lutung nyarita “ karunya teuing ku aki
panyumpit, gila ku ruksak,dideuleu pakuon,
jleg lain enggon jalma. Rek neneda ka sunan
ambu neda pituduh, ka rama neda papahat,
muga tulus nya pangjurung”.
6. RAJAH PANUTUP

Pun sapun ka Maha Agung


Ka gusti nu welas asih
Gusti pamuntangan beurang
Gusti pamantengan peuting
Sajatining pati hurip
Sajatining kasucian
Lumanggeng di Kahyangan
Ngahiji jeung Maha Suci
Nya Hyang Seda Niskala
Pun sapuuuuuuuuuuuuuun

Anda mungkin juga menyukai