Anda di halaman 1dari 4

BAHASAN TRADISI SUNDA (PEDARAN)

KOMPETENSI DASAR
3.1. Menganalisis isi, struktur, dan unsur kebahasaan teks bahasan tradisi Sunda.
4.1. Membuat dan menyajikan bahasan tentang tradisi Sunda dalam bentuk karangan,
infografi, atau film dokumenter sederhana dengan memperhatikan kaidah bahasa Sunda.

TUJUAN PEMBELAJARAN
Setelah selesai mempelajari materi pada bagian ini, peserta didik diharapkan dapat
menjelaskan isi, struktur, dan unsur kebahasaan teks bahasan tradisi Sunda, serta mampu
membuat dan menyajikan bahasan tentang tradisi Sunda dalam bentuk karangan, infografi,
atau film dokumenter sederhana dengan memperhatikan kaidah bahasa Sunda.

A. PEDARAN
1. Bagbagan Bahasan
Bahasan atawa pedaran téh nyaéta tulisan anu medar rupa-rupa informasi, kalawan
dilengkepan ku fakta-fakta séjénna. Boh pedaran hasil panalungtikan, boh pedaran
pangalaman sorangan. Tangtuna, méré pangaweruh anyar anu gedé mangpaatna keur anu
maca.
Biasana dina bahasan mah lain baé medar pamanggih hiji tokoh, tapi dumasar kana
pangalaman pribadi. Éta dua hal téh kacida pentingna dina tulisan bahasan mah. Pamanggih
hiji tokoh bisa disebut penting, lantaran teu sagawayah. Bisa dibuktikeun ku hasil
panalungtikan di lapangan, sarta dilengkepan ku sumber tulisan séjénna (buku, koran, atawa
majalah).
Istilah séjén pikeun karangan bahasan téh disebutna éséy. Sabenerna, bahasan méh
sarua jeung artikel, boh cara nulisna boh eusina. Tapi, bahasan mah medar hiji hal kalawan
nyosok jero (objéktif), jeung bisa dibaca iraha baé teu kasengker ku waktu. Ari artikel mah
leuwih tandes némbongkeun pamanggih anu nulisna (subjéktif), jeung kasengker waktu
lantaran medar hal-hal anu anyar (aktual).
Bahasan tradisi Sunda téh medar ngeunaan sagala rupa unak-anik tradisi Sunda anu
hirup di lingkungan urang Sunda. Tradisi téh adat kabiasaan anu turun tumurun dilakonan ku
masarakat sarta diwariskeun ti generasi ka generasi kalawan tatalépa, boh ku lisan boh ku
paripolah.
Teu sakabéh kabiasaan disebut tradisi, lantaran ari tradisi mah boga ciri-cirina. Ari
ciri-ciri tradisi téh di antarana dilaksanakeun dina waktu anu geus maneuh, boga tujuan anu
tangtu, kapanggihna di hiji lingkungan masarakat, patalina jeung kapercayaan (réligi), jeung
diwariskeunana kalawan turun tumurun.

a. Jenis Tradisi Sunda


Tradisi Sunda téh rupa-rupa jenisna. Aya tradisi anu patalina jeung siklus kahirupan,
ti mimiti lahir nepi ka maot. Contona adat ngariksa anu nyiram, adat ngariksa anu reuneuh
(kaasup tradisi opat bulanan jeung tradisi tujuh bulanan atawa tingkeban), adat ngariksa anu
ngajuru, adat ngariksa orok (kaasup tradisi ékahan jeung méré ngaran budak), adat mulasara
bali, adat nyundatan pikeun budak lalaki jeung gusaran pikeun budak awéwé, adat
ngawinkeun, jeung adat kapapaténan (tradisi miéling jalma anu geus maot ti mimiti tiluna,
tujuhna, saratus poéna, jeung sataun maotna atawa mendak).
Aya tradisi anu patalina jeung kaagamaan (réligi), pangpangna dina bulan-bulan anu
tangtu. Contona dina bulan Mulud aya tradisi Muludan (miéling lahirna Kangjeng Nabi

1
Muhammad saw.), dina bulan Rajab aya tradisi Rajaban (miéling Isro Mi’raj Kangjeng Nabi
Muhammad saw.), dina bulan Muharam aya tradisi Muharaman (mapag taun anyar Islam),
dina bulan Romadon aya tradisi salila ngalakonan ibadah puasa (munggah, ngabuburit,
mamaleman, nganteuran, nyieun kupat, nepi ka lebaran), dina bulan Rayagung aya tradisi
ngawinkeun lantaran ieu bulan dianggap hadé pikeun ngalaksankeun nikah, jeung sajabana.
Aya tradisi anu patalina jeung adat anu mandiri di hiji kelompok atawa komunitas
masarakat adat. Contona tradisi ngolah sampeu jadi kadaharan poko di Kampung Cireundeu
(Cimahi), tradisi Jaroh ka makam luluhur di Kampung Dukuh (Garut), tradisi ngajaga
kaberesihan jeung tempat susuci di Kampung Naga (Tasikmalaya), jeung sajabana.
Aya ogé tradisi anu patalina jeung peristiwa alam atawa kajadian penting, contona
tradisi Cingcowong atawa tradisi ménta hujan di Luragung (Kuningan), tradisi hajat bumi
atawa salametan lembur, tradisi ruwatan bumi atawa tulak bala pikeun kasalametan sarta
nyinglar rupa-rupa bahla, jeung réa-réa deui.

b. Wangun Tradisi Sunda


Ari wangun tradisi Sunda téh aya tilu rupa, nyaéta tradisi dina wangun upacara adat
(sérémoni), tradisi dina wangun norma hirup (kaasup hukum, aturan, larangan, pacaduan,
jeung kapamalian), sarta tradisi dina wangun palsapah hirup (perlambang atawa simbol).
Tradisi dina wangun upacara adat téh nyaéta tradisi ritual budaya di hiji lingkungan
masarakat anu waktuna geus maneuh. Tujuanana pikeun ngébréhkeun rasa sukur ka Gusti
Anu Maha Suci. Contona tradisi Sérén Taun di Kampung Ciptagelar (Sukabumi), tradisi
Ngalaksa di Rancakalong (Sumedang), tradisi Séba di Kanékés Baduy (Banten), tradisi Hajat
Laut di Cirebon, tradisi Moros di Kampung Dukuh (Garut), tradisi Nyangku di Panjalu
(Ciamis), jeung sajabana.
Tradisi dina wangun norma hirup mah nyaéta aturan anu kudu dipilampah jeung
diéstokeun ku hiji lingkungan masarakat anu tangtu. Contona pacaduan teu meunang
ngaruksak leuweung di Kampung Naga (Tasikmalaya), teu meunang ngawangun imah
témbok di Kampung Mahmud (Bandung), teu meunang nabeuh goong di Kampung Pulo
(Garut), jeung sajabana.
Ari tradisi dina wangun palsapah hirup mah nyaéta tradisi anu mangrupa wujud
barang, jenis, itungan, jeung warna anu tangtu, di hiji lingkungan masarakat anu kudu
disurahan atawa ditapsiran. Éta wujud barang téh minangka perlambang atawa simbol anu
pinuh ku ajén-inajén. Contona imah di Kampung Pulo (Garut) anu jumlahna kudu genep
suhunan ditambahan ku hiji masjid, rupa-rupa bentuk suhunan imah di kampung adat, rupa-
rupa motif tur beulitan iket, jeung sajabana.

c. Mangpaat Tradisi Sunda


Tradisi téh bagian tina budaya. Ari unsur budaya téh aya tujuh nyaéta basa anu
digunakeun, pangaweruh, sistem kamasarakatan atawa organisasi sosial, pakakas jeung
téknologi tradisional, pakasaban atawa pagawéan, kaagamaan, jeung kasenian.
Cindekna, mangpaat diajar tradisi Sunda téh urang bakal apal kana éta tujuh unsur
budaya anu pinuh ku ajén-inajén (kaarifan lokal), anu teu kapanggih di masarakat modéren.
Upamana baé ajén silaturahmi, silih hargaan jeung sasama, tuhu kana aturan jeung hormat ka
pamingpin, sarta miara hubungan manusa jeung alam.
Tradisi ogé lain ukur pikeun kaperluan ritual atawa kapercayaan. Kiwari
tradisi téh diamangpaatkeun pikeun kagiatan wisata jeung ngaronjatkeun ékonomi kréatif.
Upamana baé urang bisa nyonto ka Bali, anu tradisina geus jadi komoditi pariwisata keur
ngaraharjakeun masarakatna sarta ngadatangkeun dévisa nagara.

2
2. Struktur Bahasan
Struktur tulisan bahasan diwangun ku tilu bagian, nyaéta bubuka, eusi, jeung panutup.
Geura tengetan pedaranana di handap.
a. Bubuka
Bagian bubuka nerangkeun naon-naon nu rék dipedar, atawa nyaritakeun perkara
séjén anu patalina jeung bahasan pikeun babandingan.
b. Eusi
Bagian eusi nyaritakeun inti bahasan kalawan gemet, jelas, jeung dilengkepan ku
data-data (faktual). Leuwih hadé dirojong ku référénsi bacaan, pamanggih hiji tokoh, jeung
potrét objék tulisan bahasan.
c. Panutup
Bagian panutup mah minangka pungkasan tulisan bahasan. Bisa ku kacindekan,
harepan ka hareupna, jeung nyaritakeun kaayaan kiwari.

3. Wangun Bahasan
Nurutkeun eusina, wangun tulisan bahasan téh aya opat rupa, anu sok disebut
PADÉN (Pérsuasi, Arguméntasi, Déskripsi, Éksposisi, jeung Narasi). Sangkan leuwih
paham, tengetan pedaranana di handap.
a. Pérsuasi
Pérsuasi téh tulisan anu eusina uar pangajak nepi ka bisa dipercaya, sarta ngahudang
kasadaran anu maca pikeun milampah hiji pagawéan anu dianggap aya mangpaatna.
b. Argumentasi
Argumentasi téh tulisan anu nerangkeun bener henteuna hiji perkara anu dirojong ku
alesan-alesan anu kuat, bari diwuwuhan ku opini (sawangan atawa pamadegan) pribadi,
dumasar data jeung fakta sangkan katarima ku anu maca.
c. Déskripsi
Déskripsi téh tulisan anu ngagambarkeun objék, tempat, atawa kajadian kalawan
jéntré luyu jeung kanyataan, nepi ka anu maca bisa ngarasakeun langsung éta kajadian anu
digambarkeun dina tulisan.
d. Éksposisi
Éksposisi téh tulisan anu eusina ngajéntrékeun tur medar hiji objék, prosésna,
léngkah-léngkahna, tujuanana, jeung mangpaatna.
e. Narasi
Narasi téh tulisan anu nyaritakeun situasi atawa kaayaan ti mangsa ka mangsa
kalawan ngaruntuy (kronologis), boh dumasar kana runtuyan waktu boh dumasar kana
runtuyan kajadian.

4. Nulis Bahasan
Nurutkeun Hér Suganda, wartawan senior anu ahli nulis bahasan, lamun hayang tapis
nulis bahasan urang kudu réa maca, tatanya ka ahlina, jeung prakna nulis. Beuki réa maca
kalawarta atawa buku, bakal beuki réa ogé inspirasi jeung kabeungharan kecap anu
kacangkem. Tong poho dibarengan ku muka Kamus Basa Sunda sangkan henteu salah harti
jeung bener nuliskeun kekecapanana.
Sangkan hidep babari dina ngamimitian nulisna, ieu aya léngkah-léngkah nulis
bahasan. Geura tengetan pedaranana di handap.
a. Nangtukeun téma
Tangtukeun téma anu dipikaresep, pedaranana henteu lega teuing, sarta sumber jeung
bahan bacaan babari dipaluruh. Upamana, nulis bahasan ngeunaan tradisi anu aya di
sabudeureun hidep.
b. Nangtukeun tujuan

3
Tangtukeun tujuan tulisan bahasan sangkan puguh jeung mangpaat pikeun anu maca.
Upamana, tujuan tulisan téh pikeun méré informasi, nambahan pangaweruh, méré solusi kana
hiji masalah, ngawanohkeun atawa promosi budaya, jeung sajabana.
c. Ngumpulkeun bahan
Kumpulkeun bahan atawa informasi anu ngarojong tulisan. Carana mah bisa
ngaliwatan wawancara ka narasumber, maca buku, majalah, koran, atawa internét. Hadéna
dilengkepan ogé ku potrét, boh potrét narasumber, boh potrét objék tulisan bahasan.
d. Nyusun rangkay tulisan
Susun rangkay tulisan dumasar kana struktur tulisan bahasan (bubuka, eusi, jeung
panutup) katut bahan anu geus dikumpulkeun.
e. Nulis tulisan bahasan
Prak éta rangkay tulisan téh mekarkeun jadi tulisan bahasan anu lengkep, gunakeun
basa anu komunikatif, jeung eusina matak ngirut.
f. Nuliskeun judul
Tuliskeun judul anu sakirana matak ngirut jeung ngahudang kapanasaran. Judul téh
kudu ngawadahan téma tulisan, singget henteu panjang teuing (spésifik), jeung henteu
matak nimbulkeun masalah (provokatif).

Anda mungkin juga menyukai