Anda di halaman 1dari 14

CARITA WAYANG

Disusun Ku :

Andini Faqhira
Denisa Aulia R
Faitiya Salma
Meitha Suryaningtyas
 Di urang mah carita wayang téh umumna nyebar
ngaliwatan pagelaran wayang golék. Papadaning kitu
aya sawatara buku atawa karangan anu nuliskeun deui
carita wayang, boh mangrupa novel, carita pondok,
dangding boh wawacan, anu eusi caritana biasana mah
sempalan tina carita wayang.
 Di tatar Sunda, carita wayang téh umumna
dipagelarkeun dina pintonan wayang golék. Aya deuih
nu dipagelarkeun dina wayang kulit jeung wayang wong
(wayang jelema) siga di Jawa. Tapi umumna mah
mangrupa sempalan-sempalan téa, lain carita
Ramayana atawa Mahabarata anu gembleng.
CARITA WAYANG
BAHAN AJAR

SAJARAH CARITA

ISTILAH-ISTILAH RUPA GOLEK

SILIH ASAH SILIH ASIH SILIH ASUH


NAON ETA CARITA WAYANG ?
 Carita wayang nyaéta carita anu sok dilalakonkeun dina
pagelaran wayang anu dipaénkeun ku dalang. Carita wayang
mangrupakeun karya sastra wangung lancaran atawa sok
disebut oge prosa, carita wayang kaasup jenis prosa
buhun. Carita wayang téh asalna ti India. Anu nyoko kana
babon (sumber) kitab Mahabarata jeung Ramayana. asup ka
indonesia marengan jeung asupna agama hindu. naon nu jadi
sumber carita wayang? anu jadi sumber carita wayang nyaeta
carita mahabarata jeung carita ramayana. Carita Mahabarata
dianggit/ditulis ku Wiyasa. Dina carita Mahabarata nu nyekel
kaadilan téh Pandawa, sedengkeun anu murka nyaéta Kurawa.
Carita Ramayana dianggit ku Walmiki. Dina carita Ramayana
nu nyekel kaadilanna Batara Rama, sedengkeun anu murkana
Prabu Rahwana atawa Dasamuka
SAJARAH CARITA WAYANG
 Carita Wayang asup ka urang bareng jeung asupna agama
Hindu. Ku para Wali dipake media pikeun nyebarkeun agama
Islam.
 Di tatar sunda wayang mimitina sumebar sacara lisan laju
ditarulis dina naskah kuno jeung wawacan
 Mimitina aya pagelaran wayang kulit (Pangaruh ti jawa), tuluy
urang sunda nyiptakeun wayang golek (gelung)
 Carita wayang dina sumebarna, umpamana di daerah Sunda,
nyaeta ngaliwatan pagelaran wayang golek, jeung sacara tinulis
mangrupa carpon, novel, dangding atawa wawacan. Carita
wayang ditulis ku pangarang anu jelas anu biasana mangrupa
tulisan fragmen atawa bagian-bagian anu dumasar kana carita
Ramayana jeung Mahabarata anu asalna ti India.
CIRI-CIRI CARITA WAYANG
1. Carita nu aya dina carita wayang dumasar kana carita anu geus tetep,
nyaeta carita Ramayana jeung Mahabarata anu asalna ti India anu
mangrupakeun kitab suci umat Hindu. Di Indonesia, carita wayang geus
kapangaruhan ku ajaran agama Islam jeung pangaruh carita lokal sejenna.
2. Carita wayang, caritana bisa pondok atawa bisa oge panjang saperti
novel atawa wawacan anu bisa dibaca nepi ka sapeupeuting atawa
malahan bisa nepi ka mangpoe-poe.
3. Palaku nu aya dina carita wayang, biasana mangrupa jalma, atawa dewa
anu mangrupa jalma.
4. Carita wayang dina sumebarna, umpamana di daerah Sunda, nyaeta
ngaliwatan pagelaran wayang golek, jeung sacara tinulis mangrupa carpon,
novel, dangding atawa wawacan. Carita wayang ditulis ku pangarang anu
jelas anu biasana mangrupa tulisan fragmen atawa bagian-bagian anu
dumasar kana carita Ramayana jeung Mahabarata anu asalna ti India.
5. Eusi carita nu aya dina carita wayang sok siga carita nu aya dina
dongeng, nyaeta dina caritana sok loba carita pamohalan atawa carita
bohong, saperti aya jalma anu bisa ngapung, jeung sajabana.
RUPA RUPA CARITA WAYANG

1. Wayang Golek : Nyaritakeun lalakon


Mahabarata jeung Ramayana
2. Wayang Cepak : Nyaritakeun lalakon Amir
Hamjah ti tanah Arab
3. Wayang Klitik (Krusil) : Nyaritakeun lalakon ti
nagri Cina.
4. Wayang Suluh : Nyaritakeun lalakon sajarah
Indonesia
Urang

SAJARAH GOLEK ngadangukeun


heula kawih yu
ah!

Asalna tina kecap BAYANG


Bukti sajarah (wayang kulit):
Prasasti tembaga (840M),prasasti
urgasena (896M), prasasti balitung
(907M),Carita Jawa (939M),Kakawin
Arjunawiwaha (abad 11)
wayang Golek:
 Nu nyiptakeun: Sunan Kudus (abad 16)
carita raja menak
 R.A.A. Wiranatakusumah III (carita
Mahabrata)
 R.A.A. Wiranatakusuma Iv (golek ku
basa Sunda)
CARITA WAYANG GOLEK:

 buku mahabrata: karangan


Wiyasa, lobana 200.000
baris.nyaritakeun perang sadulur
antara pandawa jeung Kurawa
 buku Ramayana: karangan
Walmiki, 48.000 baris.
Nyaritakeun perang antara Sri
Rama ngalawan Rahwana nu
ngiwat pamajikan Rama nya eta
Dewi Sinta.

Hubungan pancakaki
pandawa jeung kurawa
Golek Yudistira,
dina mahabrta
PAGELARAN
WAYANG GOLEK

ERAWAN PALASTRA

BOBODORAN SI CEPOT
 Dina sajarah padalangan sunda, carita wayang
ngaliwatan pagelaran wayang golek, rea
dipopulerkeu ku dalang kasohor diantarana
Parta Suwanda ( Nu mimiti nyipatakeun wayang
golek modern), Abeng Sunarya (Naratas
‘dinasti’ Giri harja nu ngalahirkeun dalang
dalang kasohor). R. Tjepjep Supriadi, Ade
Kosasih Sunarya, Dede Amung Sutarya, Asep
Sunandar Sunarya ( Dalang Pangsohorna
nepika mancanagara)
NAON PANGNA CARITA WAYANG POPULER?

 kusabab carita wayang ngandung rupa rupa


atikan jeng hikmah nu bisa dipake eunteung
kahirupan. soalnya nyampak kaarifan,
kawijaksanaan, paripolah hade goreng, serta
rupa rupa pasipatan keur tuladeun.
ISTILAH-ISTILAH

Kakawen, murwa, antawacana, nyandra, bagedor,


gugunungan, campala, campurit, sinden, dalang, nayaga,
jurualok,
 Kakawén asalna tina kecap kakawian nyaéta lagu dina
basa Kawi nu sok dihaleuangkeun ku dalang.
 Murwa nyaéta dalang ngamimitian ngawayang.
 Nyandra nyaéta nataan wayang nu keur dipaénkeun.
 Garap nyaéta cara ngigel atawa merangkeun wayang.
 Antawacana nyaéta caritaan dalang.
 Suluk nyaéta ngagambarkeun hiji hal ku cara
dihaleuangkeun/ dinyanyikeun ku dalang.
Wangenan istilah-istilah

Sareundeuk saigel sabobot sapihanean


CARITA WAYANG JEUNG DONGENG
 Dina carita wayang boh dina carita dongeng
sakapeng aya hal hal anu pamohalan atawa teu
masuk akal. umpamana loba tokoh carita wayang
nu kacida saktina. gatotgaca umpamana bisa
ngapung, rama nu boga kasaktoan nyagerkeun
jalama, jeng sajabana. lian ti eta boh carita
wayang boh dina dongeng sok kapangih babagian
carita anu alus pikeun pienteung nu maca atawa
nu ngadengekeun.

Anda mungkin juga menyukai