Anda di halaman 1dari 8

Ngaregepkeun Carita Wayang

MATÉRI POKO:

A. Maca Carita Wayang

GATOTKACA PERLAYA
Perang Bharatayudha tambah ragot. Korban ti dua pihakanana, boh ti pihak Kurawa,
boh ti pihak Pandawa pirang-pirang. Beuki dieu, beuki katara, pihak Pandawa rada unggul.
Utamana sabada Arjuna mingpin langsung peperangan. Ahirna Suyudana, Raja astina,
miwarang Dipati Karna majeng ka mẽdan laga.

“Arjuna lain antepeun. Unggal poẽ rẽbuan prajurit Astina jadi korban panah
Arjuna.Kula miharep salira majeng ka peperangan. Lawanan Arjuna, sakalian ala nyawana,”
cenah.

“Ȇta nu diantos-antos,” tẽmbal Dipati Karna bangun bungah. “Ti kapungkur Akang
panasaran, hoyong ngajajal kasaktẽn Putra Panengah Pandawa,” pokna deui, maksudna ka
Arjuna.

Dipati Karna, Raja Awangga, kasaktiannana henteu ẽlẽh ku Arjuna. Lian ti ahli
mentang Jamparing, pinter maẽn gada jeung tumbak. Anjeunna putra Batara Surya. Ibuna
Dẽwi Kunti, sami sareng Yudistira, Bima katut Arjuna. Namung, iwal Suraya, Kunti sareng
Kresna, teu aya nu terang, ẽta satria nu opat tẽh saleresna dulur saindung. Ari Yudistira,
Bima jeung Arjuna bapana Pandu Dẽwanata.

Pang kresna uninga, lantaran katitisan dewa wisnu. Naon bae kajantenan di alam
dunya, pasti anjena uninga.

Ku batara surya karma dipaparin tumbak sakti ngaranna konta. Upama eta tumbak
dileumpangkeun ulah bangsa manusa, sanajan dewa pasti perlaya ngan hajakal heunteu bisa
dipake sakahayangna.saumur hirup ukur bisa digunakeun sakali. Saterusna konta bakal balik
deui ka sawarga. Mulang kanu bogana nyaeta batyara surya.

Ku pinterna mata-mata pandawa, beja dipati karma bakal jadi pamunggul jurit, bocor
ka pihak musuh. Batara kresna enggal ngempelkeun pandawa lima; yudhistira,bima, arjuna,
nakula, jeung sadewa.

Genepan teras baradanten, kedah kumaha saena mayunan peperangan dinten enjing?
Utamina saha nu kedah nandingan dipati karna? Naha bade tetep arjuna atawa ngajeungkeun
nu sanes?

Hasil babadantenan, saluyu sareung usulan batara kresna sareung raden gatotkaca nu
kedah majeng.

“ Naha Gatot kaca?” cek Arjuna.


Saur Kresna, sakumaha saktina Arjuna, moal kiat mayunan pakarang Konta. Ku
kituna

kapaksa ngorbankeun Gatotkaca, sedengkeun tanaga Arjuna, masih kẽnẽh diperlukeun, ku


sabab perang moal rẽngsẽ tẽrẽh-tẽrẽh.

“Sabada Konta mulang deuika nu boga, nembẽ Karna payunan ku salira,”saur


Kresna ka Arjuna.

Sanajan kacida teu tẽgana, sarẽrẽa ahirna narima usulan Kresna. Kaasup Bima,
ramana Radẽn Gatotkaca. Nya kitu deui Gatotkaca, waktu ditunjuk janten pamingpin
perang, sarta rẽsikona bakal jadi tumbal Konta, anjeunna langsung nampi. Demi kaunggulan
Pandawa, Gatotkaca iklas ngorbankeun jiwa ragana.

Ȇnjingna Gatotkaca majeng, mingpin para prajurit maju ka mẽdan perang. Kawantu
sarua gagah jeung sakti, perang antara Karna jeung Gatotkaca kacida ragotna. Nepi ka
tengah poẽ, can katara saha nu bakal unggul, saha nu bakal ẽlẽh. Lila-lila ku sabab ngarasa
kadesek, Karna kapaksa ngaluarkeun Konta.

Tumbak Konta ngabelesat ka luhur, ngudag Gatotkaca nu keur kakalayangan di


awang-awang. Teu kungsi lila kadẽngẽ sora ngararasakeun kanyeri. Titis tulis Hyang Widi,
Gatotkaca perlaya dadana katiir pakarang Konta.

Dinten ẽnjingna, giliran Karna kasambut umur, ẽlẽh adu ulin panah ngalawanan
Putra Panengah Pandawa Arjuna.

B. Maham Eusi Bacaan

C. TUGAS 4
Pikeun maham bacaan di luhur, pẽk jawab ieu pananya di handap!
1. Naon sababna bacaan nu tadi dijudulan “Gatotkaca Perlaya”?

2. Perang Bharatayudha tẽh perang antara saha jeung saha?

3. Naha Suyudana marẽntah Dipati Karna maju pikeun ngalayanan Arjuna?

4. Anak saha jeung raja di nagara mana Dipati Karna tẽh?

5. Kira-kira perenah naon Karna ka Arjuna?

6. Ti saha Karna boga pakarang Konta? Naon kaunggulan jeung kalemahanana?

7. Naon sababna Gatotkaca nu kudu ngalayanan Dipati Karna? Sakanyaho hidep, boga
kasaktian naon baẽ Gatotkaca tẽh?

8. Caritakeun peperangan antara Gatotkaca jeung Karna!


9. Naha ahirna Karna ẽlẽh ku Arjuna?

10. Hidep kungsi maca buku Mahabharata? Nyaritakeun naon ẻta buku tẻh?

JAWABAN

1.Sabab nyaritakeun Gatotkaca gugur dina pangperangan

2.Perang antara kaum Pandawa jeung Kurawa

3.Sabab bisa ngagedean hate para kurawa

4.Batara Surya jeung Dewi Kunti

5.Kapi adi

6.Ti Batara Surya. Lamun dilempagkeun mah atawa Dewa Perlaya ngan teu bisa
dipakesakahayang

7.Sabab bakal bisa nandingan Dipati Karna ,boga kasaktian nyaeta otot kawat brajamusti
Jeung bisa ngapung

8.Gatot Kaca eleh ku Konta gagaman Dipati Karna

9.Dipati Karna eleh ku Arjuna

10.nyaéta hiji karya sastra buhun anu cenah ditulis ku Bagawan Abiyasa atawa Vyasa ti India.
Sacara singget, Mahabarata nyaritakeun carita konflik para Pandawa lima jeung baraya misan
maranéhanana nyaéta saratus Kurawa, ngeunaan sengkéta hak pamaréntahan tanah nagara Astina.
Puncakna nyaéta perang Baratayuda di tegal Kurusétra sarta perang lumangsung salila dalapan
belas poé.

D. Maham Kecap

Conto:
Katara = kaciriLila-lila katara Pandawa perangna unggul

TUGAS 5
Jieun saperti conto di luhur! Upamana manggih kecap anu hẽsẽ, tẽangan
hartina tina kamus!
1. Perang =konflik anu dilakukeun ku antara belah pihak ,>Jendral Soedirman teh gugur di
Medan perang gerilya na

2. Prajurit = angkatan Atawa anggota serdadu anu ngilu perang Atawa tantara,>Prajurit
kopassus teh nyaeta pasukan anu paling dipikasieun ku Nagara batur

3. Kasaktẽn =Kasaktian >Gatot kaca teh boga Kasaktẽn nyaeta otot kawat brajamusti Jeung
bisa ngapung
4. Jamparing =Panahan , Baheula mah Aya kaulinan ngarana Jamparing nyaeta nembakkeun
panah Kana tatanan panah Atawa Target

5. Gada = senjata anu Tuntung gagang na Gede atawa beurat>Gada rujapala nyaeta senjata anu
dipake Bima Pandawa Dina Carita Mahabarata

6. Tumbak = senjata(Tombak) >pasukan sparta teh kabehanana Osok make senjata tumbkl
jeung tameng

7. Mata – mata =nenjo atawa panenjo,Mata mata di Indonesia teh Aya kasatuan Atawa bidang
na nyaeta disebut BIN(Badan intelejen Negara)

8. Gagah =kuat perkasa,Era Mun ninggali tentara teh meni asa gagah katinggal na teh

9. Satria =mangrupa istilah dina seni pagelaran sandiwara dina lalakon babad atawa desik Mun
teu lalakon Dina Carita,>Pasukan Militer Nagara Indonesia meni ciga satria garagah pisan

10.Kasambut =Gugur, pasukan Diponegoro teh gugur di Medan perang kusabab di


bantai ku Walanda di benteng plered

E. CARITA PAWAYANGAN
Salah sahiji kasenian Sunda nu masih kẽnẽh dipikaresep ku masarakat nyaẽta wayang golẽk.
Pagelaran wayang golẽk biasana sok dipintonkeun dina hajatan, ogẽ sok aya dina siaran
televise atawa radio. Salain pikeun hiburan, pagelaran wayang tẽh ngabogaan fungsi pikeun
jadi atikan moral jeung pangajaran kahirupan, sabab carita pawayangan beunghar ku palsapah
nu ngandung tuntunan hirup.

Nitẽnan Unsur-Unsur Pagelaran Wayang


Seni pawayangan mangrupakeun rẽka basa sastra nu dipakẽ para dalang dina hiji pagelaran.
Seni wayang ngawengku genep unsure, nyaẽta murwa, nyandra, antawacana, rumpaka, sora
jeung carita.

1. Murwa
Murwa mangrupa suluk bubuka pagelaran anu dilagukeun ku ki dalang dina mimiti caritana.

2. Nyandra
Nyandra hartina pedaran carita anu mangrupa janturan jeung pocapan, janturan mangrupa
basa prosa dalang pikeun nyaritakeun jejer atawa adegan hiji nagara, kaayaan watek
wayang, nu biasana dipirig ku gamelan. Pocapan nyaẽta cacarita pikeun nganteur kana
caturan wayang.

3. Antawacana
Antawacana nyaẽta caturan wayang dina adegan. Antawacana sarua jeung dialog dina
drama. Bẽdana dialog drama diucapkeun ku lobaan, sedengkeun antawacana dicaturkeun ku
ki dalang sorangan. Dina antawacana dalang kudu bisa ngolah wanda sora sangkan bẽda
dina caturan wayang-wayangna.

4. Rumpaka
Rumpaka nyaẽta kakawihan anu biasa dihaleuangkeun ku juru kawih jeung ku alok.
Sagẽdẽngeun ti ẽta aya ogẽ rumpaka dalang, nyaẽta kakawihan anu dipakẽ ku dalang dina
bodoran. Panakawan biasa sempal kapiguyon jeung kakawihan.

Kakawihan anu dipakẽ dina bodoran loba rupana, mimiti tina kakawihan klasik dugi nepi ka
lagu-lagu modern.

5. Sora
Sora bisa mangrupa aukan, aduhan, lalaran, ogẽ onomatopia. Sora dina pagelaran wayang
jadi leuwih ramẽ lantaran dipirig ku gamelan anu saluyu jeung adeganna.

6. Carita
Carita pawayangan biasana digolongkeun kana tilu rupa: carita pakem, gubahan, jeung
carangan.

a. Carita pakem nyaẽta carita anu saluyu jeung kitab-kitab pawayangan saperti
Mahabarata, Ramayana, Pustaka Rajapurwa;

b. Carita gubahan nyaẽta carita anu dirẽkacipta saluyu jeung jamanna.

c. Carita carangan nyaẽta carita anu wangun atawa anggitanna saluyu jeung carita
padalangan anu anyar.

TUGAS 6
Jawab pananya-pananya di handap ieu!
1. Naon nu dimaksud murwa?

Jawaban:Murwa mangrupa suluk bubuka pagelaran anu dilagukeun ku ki dalang dina mimiti
caritana.

2.Jẽntrẽkeun bẽdana janturan jeung pocapan!

Jawaban:janturan mangrupa basa prosa dalang pikeun nyaritakeun jejer atawa adegan hiji
nagara, kaayaan watek wayang, nu biasana dipirig ku gamelan. Pocapan nyaẽta cacarita
pikeun nganteur kana caturan wayang.

3.Naon nu disebut rumpaka?

Jawaban:Rumpaka nyaẽta kakawihan anu biasa dihaleuangkeun ku juru kawih jeung ku


alok. Sagẽdẽngeun ti ẽta aya ogẽ rumpaka dalang, nyaẽta kakawihan anu dipakẽ ku dalang
dina bodoran. Panakawan biasa sempal kapiguyon jeung kakawihan.
4.Rumpaka tẽh biasa sok dihaleuangkeun ku saha?

Jawaban:Juru kawih Jeung ku alok

5.Carita pawayangan digolongkeun kana tilu rupa. Sebutkeun katilu golongan ẽta carita
wayang tẽh, sarta jelaskeun hartina!

Jawaban:Aya 3 Nyaeta

a. Carita pakem nyaẽta carita anu saluyu jeung kitab-kitab pawayangan saperti
Mahabarata, Ramayana, Pustaka Rajapurwa;

b. Carita gubahan nyaẽta carita anu dirẽkacipta saluyu jeung jamanna.

c. Carita carangan nyaẽta carita anu wangun atawa anggitanna saluyu jeung
carita padalangan anu anyar.

Paham kana Pedaran Wayang


Pedaran mangrupa tulisan nu ngabahas hiji karya, kaayaan, kawijaksanaan, jeung
sajabana. Eusina bisa pamanggih nu dibarengan ku fakta, kadang-kadang ogẽ dijerona aya
pujian atawa kritik.

Titẽnan conto pedaran wayang di handap!


Wayang golẽk salah sahiji kasenian Sunda anu pohara dipikaresepna ku masarakat.
Lamun aya anu hajat nanggap wayang golẽk, ti samẽmẽhna ogẽ geus geunjleung
nyaritakeun wayang anu rẽk dipintonkeun, boh ngeunaan katapisan dalang jeung nayagana
boh ngeunaan juru sindẽn nu halimpu sorana. Atuh dina derna pintonan tẽh nu lalajo mani
noyẽk heurin usik, daratang ti mana mendi.

Bisa jadi anu ngalantarankeun kasenian wayang golẽk dipikaresep tẽh dumẽh
mangrupa kasenian anu lengkep, gabungan tina kasenian karawitan gending, karawitan
sekar, seni tari jeung seni sastra. Carita pawayangan beunghar ku palasipah anu ngandung
tungtunan hirup. Sipat-sipat tokoh pawayangan anu ngalalakon, kayaning anu nyatria, jujur,
gorẽng hatẽ atawa banyol, jadi panarik pikeun sakumna nu micinta pintonan wayang golẽk.
Komo lamun waktuna panakawan ti tegal Karangtumaritis kaluar mah, nu lalajo tẽh ẽak-
ẽakan bẽak karep bawaning resep ngabandungan bojẽgan anak Semar, nyaẽta Cẽpot,
Dawala, jeung Garẽng.

Ditulis ku R. Hidayat Suryalaga.


Bacaan di luhur mangrupa conto pedaran, nyaẽta perkara wayang golẽk. Luyu jeung
pasipatan tina hiji pedaran, conto di luhur dieusi ku pamanggih-pamanggih nu nulisna.
Sipatna pamanggih bisa bener atawa salah. Ku sabab kitu, pamanggihna ẽta ku nu nulisna
dituturkeun ku sajumlah fakta. Tujuanna supaya nu maca leuwih jelas tur yakin kana
pamanggihna ẽta.

1. Pamanggih
a. Wayang golẽk salah sahiji kasenian Sunda anu pohara dipikaresepna ku masarakat.

b. Carita pawayangan beunghar ku palasipah anu ngandung tungtunan hirup.

2. Fakta
a. Lamun aya anu hajat nanggap wayang golẽk, ti samẽmẽhna ogẽ geus geunjleung
nyaritakeun wayang anu rẽk dipintonkeun, boh ngeunaan katapisan dalang jeung
nayagana boh ngeunaan juru sindẽn nu halimpu sorana.

b. Atuh dina derna pintonan tẽh nu lalajo mani noyẽk heurin usik, daratang ti mana
mendi.

c. Sipat-sipat tokoh pawayangan anu ngalalakon, kayaning anu nyatria, jujur, gorẽng
hatẽ atawa banyol, jadi panarik pikeun sakumna nu micinta pintonan wayang golẽk.

d. Komo lamun waktuna panakawan ti tegal Karangtumaritis kaluar mah, nu lalajo tẽh
ẽak-ẽakan bẽak karep bawaning resep ngabandungan bojẽgan anak Semar, nyaẽta
Cẽpot, Dawala, jeung Garẽng.

e. Eusi pedaran di luhur pinuh ku pamuji. Kacindekanana wayang golẽk tẽh mangrupa
kasenian Sunda anu hadẽ: dipikaresep ku balarẽa tur mangrupa kasenian anu
lengkep.

Merankeun Carita Wayang


Rupa-rupa pagelaran wayang, salian ti ngagunakeun bonẽka kayu nu ilahar disebut
wayang golẽk, aya nu disebut wayang orang, nyaẽta tokoh-tokoh dina ẽta carita pawayangan
tẽh diperankeun langsung ku jalma. Wayang orang sarua jeung seni tẽater ngan caritana
husus nyokot tina carita pawayangan.

Pikeun merankeun carita wayang, urang kudu paham kana pasipatan tokoh-tokohna,
watek jeung paripolahna ẽta wayang. Teuleuman watek tokoh nu baris diperankeun.Conto
lamun urang kapeto jadi Arjuna, bayangkeun diri urang jadi ẽta tokoh: omongan, rẽngkak
paripolah, jeung pasipatan sẽjẽnna kudu bisa nyaruaan ẽta tokoh.

Nyieun Pedaran dina Pasualan Pawayangan


Di sagigireun pangalaman sorangan, pangaweruh hidep dina pasualan pawayangan
ayeuna tinangtu geus nambahan. Pedaran kaasup carita pawayangan di luhur, saeutik lobana
mẽrẽ wawasan anyar nu aya patula-patalina jeung pasualan pawayangan, boh dina tehnik
pagelaran, eusi carita, mangpaat, katut sikep masarakat Sunda sorangan kana ẽta kasenian.

Kaasup diri urang, tinangtu miboga pamanggih atawa pamadegan sorangan patali
jeung ẽta pasualan, naon waẽ pikeun nambahan pangaweruh nu leuwih jembar, hidep kudu
maca buku atawa sumber-sumber sẽjẽnna. Leuwih alus deui urang ngayakeun wawancara
jeung para tokoh Sunda patalina jeung ẽta pasualan, misalna budayawan, dalang, jeung
pihak-pihak sẽjẽnna.

KABEUNGHARAN KECAP
Suluk : tembang anu ditembangkeunana dipirig ku gamelan atawa ku dalang lamun
dina wayang;

Janturan : nanceb-nancebkeun wayang dina gebog bari diatur;

Dipirig : dibarengan;

Lalaran : sora anu diulang-ulang sababaraha kali;

Anggit : nyieun carita nu bẽrẽs ditulis;

Dumẽh : pẽdah, lantaran;

Golẽk : bonẽka nu dijieunna tina kai;

Katut : jeung

Sempal kapiguyonan : ngobrolkeun rupa-rupa carita pikaseurieun.

F. Wayang Golẽk
Wayang Golẽk tẽh hiji seni pintonan wayang nu mangrupa bonẽka tina kai nu
dipaẽnkeun ku dalang, nu kawẽntar tur populẽr pisan di Tatar Sunda. Wayang mangrupa
bentuk tẽater rahayat nu populẽr pisan.

Wayang golẽk aya dua rupa: wayang golẽk papak (cepak) jeung wayang golẽk purwa.
Iwal ti wayang wong, pintonan wayang dimaẽnkeun ku dalang nu mingpin pintonan sakaligus
ngalagukeun suluk, nyorakeun antawacana, ngatur gamelan, ngatur lagu jeung sajabana.

Dina pintonan wayang golẽk, lalakon nu ilahar dipintonkeun nyaẽta lalakon carangan,
lalakon galur mah teu pati mindeng. Ieu bisa dijadikeun cicirẽn kaparigelan dalang dina
nyiptakeun lalakon carangan nu alus tur matak dipikaresep. Dalang wayang golẽk nu kawẽntar
di antarana Tarkim, R.U. Partasuanda, Abẽng Sunarya, Entah Tirayana, Apek, Asẽp Sunandar
Sunarya, Cẽcẽp Supriadi.

Sumber: http://su.wikipedia.org/wiki/Wayang_Golek

Anda mungkin juga menyukai