Anda di halaman 1dari 2

Artikel Tentang Kesenian Wayang Golek Bahasa

Sunda

Artikel tentang kesenian wayang golek bahasa sunda - Dibawah ini adalah artikel yang akan membahas
secara singkat seputar kesenian budaya wayang golek yang akan dituliskan ke dalam bahasa sunda, yang
mudah-mudahan dapat bermanfaat sebagai bahan pelajaran maupun untuk menambah wawasan
seputar tentang kesenian budaya sunda.

Karna sebagai orang sunda, tentu saja kita harus ikut menjaga serta melestarikan kesenian wayang golek
ini, agar tetap terus lestari dan disukai oleh masyarakat khususnya di jawa barat, tanah pasundan.

KASENIAN WAYANG GOLEK

Salah sahiji kasenian Sunda anu populer di masarakat urang kiwari nyaeta wayang golek. Komo sanggeus
bisa disiarkeun dina radio jeung televisi, wayang golek beuki dipikaresep bae ku balarea, boh di kota boh
di pilemburan. Lamun sakalieun aya nu hajat nanggap wayang golek, nu lalajo teh ilaharna sok tumplek
ti mana-mendi.

Atuh tokoh-tokoh dina pawayangan apan geus dipikawanoh pisan ku masarakat urang, upamana bae
Gatotgaca, Arjuna, Bima, Dorna, Semar, Si Cepot, jeung sajabana. Ieu hiji bukti yen kasenian wayang
golek teh geus raket pisan jeung batin urang Sunda.

Wayang golek teh hiji pagelaran anu mangrupa gabungan sababaraha unsur kasenian, nyaeta seni sastra
(lalakon), seni karawitan (gamelan) seni swara (sinden), jeung seni gerak atawa tari (gerak-gerik wayang)
Anu jadi lulugu dina pagelaran wayang golek nyaeta dalang anu pancenna ngalalakonkeun carita.
Kamaheran dalang dina ngaguar carita, ngigelkeun wayang, nepikeun palasipah atawa ngabodor,
ilaharna jadi takeran dipikaresep henteuna hiji pagelaran wayang ku nu lalajo. Ku lantaran kitu, dalang
teh diperedih pisan kamaheranana dina rupa-rupa widang.

Asep Sunandar Sunarya upamana, dalang anu kiwari kamashur, kalandep ku balarea teh lantaran
kamaheranana dina rupa-rupa widang kasenian sarta bisa ngasongkeun hal anu anyar.

Salian ti ngigelkeun wayang, dalang oge ngagunakeun parabot sejen nyaeta campala jeung kecrek.
Campala teh sabangsa palu anu sok ditakolkeun, pikeun ngantebkeun hiji omongan atawa hiji peristiwa
anu keur dilalakonkeun. Ari kecrek pikeun ngantebkeun suasana, utamana dina adegan-adegan perang
tanding.

Di sagedengeun dalang, nayaga oge nyekel kalungguhan anu penting. Apan para nayaga pisan anu
nabeuh gamelan teh. Waditra kasenian anu ilahar digunakeun dina wayang golek diantarana: kendang,
goong, saron, bonang, jengglong, gambang, jeung rebab.

Carita anu keur dilalakonkeun ku dalang, sok diselang-seling ku sinden, nyaeta juru kawih (tukang
ngawih) anu nembangkeun lalaguan. Ilaharna lagu anu ditembangkeun ku sinden luyu jeung peristiwa
anu keur dilalakonkeun, upamana bae dina peristiwa pikasediheun sinden nembangkeun lalaguan anu
sedih, jsb.

Carita wayang teh asalna mah ti India, babonna tina buku Mahabarata karangan Wiyasa jeung
Ramayana karangan Walmiki. Mahabarata nyaritakeun turunan Pandawa jeung Kurawa anu
marebutkeun nagara warisan karuhunna, tepi ka ahirna perang campuh di Tegal Kuruseta anu kawentar
Perang Baratayuda.

Ari Ramayana nyaritakeun Rama jeung Sinta. Dina Ramayana aya sempalan carita anu ngalalakonkeun
Sinta diculik ku Rahwana, raja nagara Alengka. Sabada peperangan, Sinta bisa dipimilik deui ku Rama
sarta dititah labuh geni (ngaduruk maneh) pikeun ngabuktikeun kasucian dirina.

Sanajan asalna ti India, wayang teh geus jadi banda budaya Sunda. Ku lantaran kitu, salaku urang Sunda
tangtu bae urang kudu milu ngariksa sangkan wayang golek tetep langgeng dipikaresep ku balarea.
Sakurang-kurangna urang kudu wanoh sarta mikaresep kasenian wayang golek.

Anda mungkin juga menyukai