Anda di halaman 1dari 4

Artikel sunda tentang Jaipongan

- Jaipongan nya éta hiji wanda seni tari nu lahir tina kréativitas seniman asal Bandung,
Gugum Gumbira. Perhatiannana kana kasenian rahayat nu salasahijina nya éta ketuk tilu
nyababkeun anjeunna wanoh bener-bener kana perbendaharan pola-pola gerak tari tradisi nu
aya dina kiliningan/bajidoran atawa ketuk tilu. Gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun
jeung sababaraha ragem gerak mincid tina sababaraha kasenian di luhur cukup miboga
inspirasi keur ngamekarkeun tari atawa kasenian nu kiwari dipikawanoh minangka jaipongan.
Kiwari jaipongan sering dipaké keur hiburan dina acara kawinan jeung sunatan, utamana di
daérah Subang jeung Karawang.
Sajarah
Saméméh wangun seni pertunjukan ieu mucunghul, aya sababaraha pangaruh nu
ngasangtukangan wangun tari pergaulan ieu. Di Jawa Barat misalna, tari pergaulan
mangrupakeun pangaruh tina Ball Room, nu biasana dina pintonan tari-tari pergaulan teu
leupas tina ayana ronggéng jeung pamogoran. Ronggéng dina tari pergaulan henteu ukur
fungsi keur kagiatan upacara, tapi keur hiburan atawa cara gaul. Ayana ronggéng dina seni
pintonan mibanad daya tarik nu ngondang simpati kaum pamogoran. Misalna dina tari Ketuk
Tilu nu kacida dipikawanohna ku masarakat Sunda, diperkirakeun kasenian ieu kasohor
sakitar taun 1916. Minangka seni pintonan rahayat, kasenian ieu ukur dirojong ku unsur-
unsur basajan, saperti waditra nu ngawengku rebab, kendang, dua siki kulanter, tilu siki
ketuk, jeung goong. Pon nya kitu deui gerak-gerak tarina nu henteu mibanda pola gerak nu
baku, kostum penari nu basajan minangka lambang karahayatan.
Marengan mudarna jenis kasenian di luhur, urut pamogoran (panongton nu aktif aktif
dina seni pintonan Ketuk Tilu/Dogér/Tayub) pindah perhatiannana kana seni pintonan
Kiliningan, nu aya di daerah basisir kaler Jawa Barat (Karawang, Bekasi, Purwakarta,
Indramayu, jeung Subang) katelah Kiliningan Bajidoran nu pola tarina jeung pintonannana
mibanda sasaruaan jeung kasenian samemehna (Ketuk Tilu/Dogér/Tayub). Ayana tarian dina
Topeng Banjet cukup dipikaresep, hususna di Karawang, nu sababaraha pola gerak bajidoran
dicokot tina tarian dina Topeng Banjet ieu. Sacara koreografis tarian ieu masih mintonkeun
pola-pola tradisi (Ketuk Tilu) nu ngandung unsur gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun
jeung sababaraha ragem gerak mincid nu jadi dasar ciptana tari Jaipongan. Sababaraha gerak-
gerak dasar tari Jaipongan lian ti Ketuk Tilu, Ibing Bajidor sarta Topeng Banjet nyaeta
Tayuban jeung Pencak Silat.
Mucunghulna tarian karya Gugum Gumbira awalna disebut Ketuk Tilu kamekaran, nu
memang sabab dasar tarian eta mangrupakeun kamekaran tina Ketuk Tilu. Karya munggaran
Gugum Gumbira kacida kentelna keneh ku kelir ibing Ketuk Tilu, boh tina segi koreografi
atawa iringannana, nu satuluyna tarian ieu jadi populer kalayan sebutan Jaipongan.

Kamekaran

Karya jaipongan munggaran Jaipongan Mojang Priangan nu dipikawanoh ku masarakat


nyaeta tari "Daun Pulus Késér Bojong" jeung "Réndéng Bojong" nu duanana mangrupakeun
jenis tari awewe jeung tari papasangan (lalaki jeung awewe). Tina tarian ieu mucunghul
sababaraha ngaran penari jaipongan nu parigel saperti Tati Saleh, Yeti Mamat, Eli Somali,
jeung Pepen Dedi Kurniadi. Awal mucunghulna ibing ieu kungsi jadi wangkongan, nu isu
sentralna nyaeta gerakan nu erotis tur vulgar. Tapi ku ayana ekspos sababaraha media citak,
ngaran Gugum Gumbira mulai dipikawanoh ku masarakat, komo deui sanggeus tari
Jaipongan dina taun 1980 dipintonkeun dina TVRI stasion puseur Jakarta. Balukar tina
kasohoran ieu nyaeta beuki ningkatna, boh di media televisi, hajatan atawa kariaan nu
diayakeun ku swasta jeung pamarentah.

Hadirna Jaipongan mikeun kontribusi anu cukup badag ka para seniman tari pikeun
leuwih aktip deui ngadongkar jenis tarian rahayat anu saméméhna kurang perhatian. Tari
Jaipongan dimangpaatkeun ku para seniman tari pikeun ngayakeun kursus-kursus tari
Jaipongan, dimangpaatkeun ogé ku pangusaha pub-pub peuting pikeun metot sémah, di mana
perkembangan kasempetan usaha sarupa kieu dijieun ku para seniman tari minangka usaha
pemberdayaan ékonomi ngaliwatan ngaran Sanggar Tari atawa grup-grup di sawatara
wewengkon di Jawa Kulon, contona di Subang jeung Jaipongan gaya "kaléran" (kalér).
Ciri Jaipongan gaya kaléran, nyaéta marahmay, érotis, humoris, pinuh sumanget, spontan,
sarta basajan (alami, naon ayana). Hal éta kaeunteung dina pola tari dina pintonanana, aya
anu dibéré pola (Ibing Pola) kawas dina seni Jaipongan anu aya di Bandung, ogé aya ogé
tarian anu henteu dipola (Ibing Saka), contona dina seni Jaipongan Subang sarta Karawang.
Istilah ieu bisa dipanggihan dina Jaipongan gaya kaléran, utamana di wewengkon Subang.
Dina pintonanana, Jaipongan gaya kaléran ieu nyaéta: 1) Tatalu; 2) Kembang Gadung; 3)
Buah Kawung Gopar; 4) Tari Bubuka (Ibing Pola), biasana dipintonkeun ku penari tunggal
atawa Sinden Tatandakan (saurang sinden tapi henteu bisa ngawih nanging ngalagu
sinden/juru kawih); 5) Jeblokan sarta Jabanan, mangrupa bagian pintonan sabot para
panongton (bajidor) sawér duit (jabanan) bari salam témpél. Istilah jeblokan diartikeun
minangka pasangan anu tumetep antara sinden sarta panongton (bajidor).
Perkembangan saterusna tari Jaipongan lumangsung dina taun 1980-1990-an, nalika Gugum
Gumbira nyiptakeun tari séjénna kawas Toka-toka, Sétra Sari, Sonteng, Pencug, Kuntul
Mangut, Iring-iring Daun Puring, Rawayan sarta tari Kawung Anten. Tina tarian-tarian
kasebut mecenghul sawatara penari Jaipongan anu jago contona Iceu Effendi, Yumiati
Teuneung, Miming Mintarsih, Nani, Erna, Mira Tejaningrum, Ine Dinar, Ega, Nuni, Cepy,
Agah, Aa Suryabrata sarta Asep.
Angklung Bahasa Sunda
Angklung nyaeta alat musik tradisional sunda nu diucara di

dina susunan
eundukkeun nadabuku
(awak 2, 3,awi
nepi
naka 4 dina sarigsig)
neunggar unggal ukuranna, boh nu badang
sahingga ngahasilekun atawa
sora nu leutik.
anu ngageter
Kalas (nada) nu dipake angklung tradisional sunda biasana salendro jeung pelog.
Sejarah angklung
Dina kasenian sunda, nu migunakeun alat musik tina awi di antarana angklung jeung calung,
awi nu sok di pake alat musik biasana tina awi wulung (awi anu kelirna hideung) jeung awi
temen (klir bodas). Sada na kalur tina angklung jeung calung asalna sarua, nyaeta tina
solobong awi nu ngalentrung lamun di tabeuh (diadu).
Angklung di pikawanoh ku masyarakat sunda ti jaman kerajaan sunda. Diantarana pikeun
ngagedur keun sumanget dina pangperangan. Fungsi angklung pikeun ngahudangkeun
sumangeut ieu jadi sebab ieu dicaramana ku pamarentah jajahan Hindia Walanda.
Kasenian angklung kiwari leuwih mekar deui, ku ayana unsure ibing laju jeung
kapentingannana, misalna dina upacara ngerak parekan leuit (ngampih pare, Nginabkeun)
jeung dina mangsa mitembeyen melak pare (ngaseuk) pan kitu dui dina mangsa panen jeung
jeung seren taun, nu ilaharna aya acara arak-arakan nu kadang di bareungan oge ku rengkong
jeung dong dang
Rupa-ripa ngklung salah sahijina :
1. Angklung Konekes
2. Angklung Dogdog Lojor
3. Angklung Gobrag

Anda mungkin juga menyukai