Anda di halaman 1dari 16

WAYANG

Kelompok terahir
Wangenan
Wayang asal kecapna tina bayang, nu hartina nya éta lalakon wangwangan
adeg-pangadegna jelema boh lahirna boh batinna, diwujudkeun ku peta-peta
modél wangwangan jeung dilalakonkeun ku dalang bari dipirig ku gamelan
saléndro, ditanceb-tancebkeun dina gebog cau.

Wayang nyaéta hiji wangun seni pagelaran dina wangun drama nu has, nu
ngawengku seni sora, seni sastra, seni rupa, seni musik, seni tutur, seni lukis
jeung réa-réa deui
Kamekaran Wayang
Wawayangan mimiti muncul sarta jadi kawentar kawas kiwari, teu langsung jadi warisan budaya, tapi rada
lila. Lamun baheula wayang mimiti dipaké ku para karuhun salaku média pikeun ngagero roh atawa arwah
anu ngagem kana kapercayaan animisme jeung dinamisme dina taun 1500 SM, mangka mekar jadi média
dakwah dipangaruhan ku ajaran agama Hindu-Budha (dina abad ka-9 nepi ka abad ka-10 Masehi) sarta ogé
dipaké ku para walisongo.

Kiwari, wayang geus robah jadi média dongéng anu miboga fungsi minangka sarana hiburan atawa hiburan
anu dipilih ku masarakat Indonésia sarta minangka média pikeun ngawanohkeun budaya turun-temurun
dina hal wayang. Lila-lila beuki kentel ciri Sunda jeung Jawa di Indonésia, ngajadikeun seni budaya
wayang ieu mangrupa seni masarakat Sunda jeung Jawa.
Ciri ciri wayang

1. Mangrupakeun carita nu digerakeun ku boneka kai


2. Biasana dipaké kai albasia atawa sengon anu gampang
diukir jang nyieun bonekana
3. Kalangkang atawa cerminan sajumlahing sipat nu
dipiboga ku manusa, contona ambek, sarakah, pelit,
wijaksana, jeung sajabana.
4. Biasana nyokot carita-carita di karajaan sarta
kadangkala ngeunaan kahirupan sapopoe
Rupa Rupa Wayang
1. Wayang golek
Nyaritakeun lalakon Mahabarata jeung Ramayana
2. Wayang Cepak
Nyaritakeun lalakon Amir Hamjah ti tanah Arab
3. Wayang Klitik
Nyaritakeun lalakon prabu Damarwulan jeung Menakjingga
4. Wayan Potéhi
Nyaritakeun lalakon ti nagri Cina
5. Wayang suluh
Nritakeun lalakon sejarah Indonesia pikun penyuluhan
Struktur Carita Wayang
Pambuka (orientasi) Pasulayan (Komplikasi)
Pambuka nya éta bagian anu muka atawa Pasulayan nya éta bagian anu eusina nyaritakeun
nyaritakeun awal carita. Bubuka bisa mangrupa hiji pasualan atawa masalah anu berpuncak kana
titik sawangan jeung bubuka dina alat konflik dina éta carita.
peraga/tokoh carita, suasana jeung kajadian nu
muka carita.
Pangudare Prakara
Koda (panutup) (Resolution)
pangudare prakara nya éta bagian carita anu
Koda mangrupa kacindekan tina carita. mangrupa leyuran ahir konflik dina carita.
Unsur Intrinsik
1. Jejer
2. Palaku&Watek
3. Latar
4. Galur
5. Puseur sawangan

Unsur 6. Amanat
7. Gaya basa

Unsur anu ngabangun wayang Unsur Ekstrinsik


dibedakeun jadi 2, nyaeta unsur 1. Budaya sareng nilai-nilai anu dianut
intrinsik jeung unsur ekstrinsik 2. Tingkat atikan Kaayaan sosial di
masarakat
3. Agama jeung kapercayaan
4. Kaayaan politik, ékonomi, hukum jsb
Wangun Carita Wayang

Wayang nyaéta karya sastra dina wangun lancaran


atawa prosa. Aya 2 rupa karya sastra dina wangun
prosa nyaéta prosa buhun jeung modern. Carita
Wayang kapsul kana prosa buhun
Pagelaran Wayang
Dina pagelaran wayang aya sawatara istilah, di Antarana waé:

1. Marwa nyaeta suluk atawa siloka bubuka pagelaran anu di kawihkeun


ku dalang dina wiwitan caritana.

2. Nyandra nyaéta deskripsi adegan maké basa prosés parkiran wayang.

3. Kakawén mangrupa basa kawih titiron nu sok di pake mamanis Atawa


panmantes dina ngadalang, 4. Antawacana nyaéta caturan wayang dina
adegan.
Wangenan
Struktur Pagelaran wayang mangrupa adumanis
(kolaborasi) antara sastra nu mangrupa
carita wayang jeung tèater rayat
(pagelaran), anu biasana dipirig ku gamelan
Dina ngalalakon carita wayang, struktur
salèndro, anu diwangun ku dua saron,
pagelaran diwangun ku sababaraha bagian.
peking, selentem, boning, boning rincik,
Upamana waè:
kenong, kempul jeung goong, kendang
1.kakawèn
indung jeung tilu kulanter, sarta gambang
2.murwa
jeung rebab.
3.Nyandra
4.antawacana
Struktur
Kakawèn, nya èta kawih dalang dina pagelaran wayang golèk, anu
ngagunakeun basa Kawi (Jawa Kuno), anu sok disebut suluk, eusina mangrupa
papatah, piwuruk, atawa saran ka nu ngadangukeun lalakon.

Murwa, nya èta kekecapan anu dipakè bubuka ku dalang wayang sabada
kakawèn, sok ngagunakeun basa Kawi (Jawa kuno). Najan kitu, dalang wayang
golèk di Tatar Sunda rèa anu ngagunakeun basa Sunda. Biasana
digalantangkeun tur dipirig ku hawar-hawar sora gamelan. Eusina sok
ngagambarkeun kaayaan adegan carita anu keur dilalakonkeun
Struktur
Nyandra, nya èta prolog anu digalantangkeun ku dalang sabada murwa.
Eusina ngagambarkeun kaayaan karajaan, kaluhungan raja, kautamaan
(watek jeung pakènana) bari dipirig ku gamelan.

Anta-wacana, nya èta paguneman dina pagelaran wayang. Unggal tokoh


wayang boga warna sewing-sèwangan, nepi ka nu lalajo mikawanoh
saha anu keur nyaritatina ngadèngè sorana wungkul.
Lakonan
Lalakon-lalakon pikeun pagelaran wayang nyumber kana
carita babon atawa pakem (sumber). Satuluyna ditepikeun
sempalanana, galur atawa carangan. Lalakon dina carita
wayang anu dijadikeun sumber ku para dalang Sunda, nya
èta:

1. Babad Loka Pala/ Arjuna Sasrabahu


Caritana nyambungkeun lalampahan Rahwana kana carita
Ramayana, sok sanajan bèda alur caturna.
Lakonan
2. Ramayana 3. Mahabarata
Eusina nyaritakeun Rama jeung Sinta. Tuluy Carita Mahabarata disusun dina wangun
aya paperangan lantaran Sinta diculik ku puisi, anu rèana 24000 pada. Aslina mah
Rahwana. Aya lima jilid tina carita disusun dina basa India kira-kira 500 taun
Ramayana, nya èta samèmèh masèhi. Silsilah Mahabarata
1.Rama medal dimimitian. Dina Mahabarata anu nyekel
2.Rama Gandrung kaadilan tèh Pandawa, ari anu murka nya
3.rama Tambak èta Kurawa
4.Rama Yuda
5.Rama Kondur
Lakonan
4. Carita Wayang Madya
Mangrupa carita turunan Pandawa jeung
Kurawa
Di handap ieu aya bagan pancakaki Pandawa
jeung Kurawa
Hatur Nuhun!
Kana perhatosanana, mudah-mudahan
materi anu didugikeun tiasa mangfaat
kanggo urang sadaya, aamiin

Anda mungkin juga menyukai