Anda di halaman 1dari 2

Andra Annisa F

5B / 1700689
Folklor
Tatarucingan
 Aya 3 cakcak, nu dua keur gelut, nu hiji deui keur nonton hungkul, terus nu keur nonton
ujug-ujug murag. Kunaon tah? (Soalna pas tepuk tangan poho nyekelan)
 Mun aya raja maot, anakna jadi naon? (Yatim)
 Mun gajah jadi hayam, kuda jadi hayam, sapi jadi hayam, domba jadi hayam, terus hayam
jadi naon? (Jadi loba)
 Pak Asép meuli hayam 5, isukan dipencit 2, tinggal sabaraha hayamna? (Nya 5 atuh, kan
dipeuncitna isukan)
 Aya 5 cakcak keur ngumpul dina hiji lampu, terus lampuna ujug-ujug pareum, aya
sabaraha cakcak nu aya kénéh deukeut lampu? (Tinggal 4 soalna nu hiji deui indit nyokot
sénter)
 Cing naon sababna buuk superman nu keritingna aya hiji? (Mun keritingna loba mah
ngaranna Supermie)
 Sapi naon anu bisa ngarayap dina tembok? (Sapiderman)
 Naon bédana onta jeung kangkung? (Ari onta mah di Arab, ari kangkung mah di urab)
 Aya monyet naék kana tangkal kai, tinggal naona? (Tinggal turunna)
 Nini-nini naék tangkal kalapa hari naon? (Hariwang)
 Kapas 5 kg, batu 5 kg, lamun ninggang kana suku nyeri mana? (Nyeri suku)
 Kunaon tukang baso nakolan mangkok? (Ku sendok)
 Sirahna dina beteng, Behengna dina beteng, ceulina dina beteng, naon? (Orok nu keur
dikandung ku indungna)
 Palu naon anu bisa pidato? (Pa Lurah)
 Di udag lumpat, ari di dagoan cicing? (Kalangkang)
 Daun naon anu tengahna bolong? (Daunat)
 Gajah ngapung kaciri naonna? (Kaciri wadulna)
 Jari naon anu bisa nyanyi? (Klingking Park)
 Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha? (Euweuh hiji-hiji acan da kaburu hiber)
 Kuda naon anu teu bisa lumpat? (Kuda nu dicangcang)
 Bisa naék teu bisa turun? (Haji)
 Bisa turun teu bisa naék? (Hujan)
 Sato naon anu diwangun ku dua hurup? (U dan G)
 Sato naon anu diwangun ku ngan sahuru? (G ajah, I kan)
 Hurup naon anu ngeunah? (Nya T)
 Sétan naon anu bisa nangtungkeun sepédah? (Sétandar)
 Maké baju lain manusa, maké dudukuy lain patani? (Bebegig)
 Jalma meuli kasur keur naon? (Keur beunta)
 Ari sakintal bisa jadi sapuluh kilo? (Bisa, lamun kiloanana ruksak)
 Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui? (Kari 9 da nu kempes téh
ditiup deui)
 Dicekék beuheungna diéléketek beuteungna? (Gitar)
 Naon sababna ban sapédah anu tukang sok babari dugul? (Sabab capé mikiran kumaha
carana hayang miheulaan ban hareup.)
 Maju éléh, mundur meunang? (Nu keur lomba tarik tambang)
 Kaca naon anu nyeri? (Kacabok)
 Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoé, naon sababna? (Sabab sieun S-
na lééh kapanasan)
 Kasur naon anu matak nyeri? (Kasura)
 Monyet turun naon heula? (Naék heula)
 Bahasa arabna janggot ? (Balagadona)
 Di tengah pasar aya naon? (Aya hurup S)
 Luhureun i mah aya naon? (Luhureun i mah aya titik)
 Perdana mentri Jepang anu lahirna di Jayapura? (Kurasa Takada)
 Bahasa Arabna kopéah? (Wadah hulu)
 Lima kali sabaraha anu eusina 17? (Lima kali solat)
 Ditoél hipu, ditakol ngabelentrang? (Tai kotok napeul dina tihang listrik)
 Sapi naon anu bau? (Sapiténg)
 Sapi naon anu bisa dipaké nulis? (Sapidol)

Anda mungkin juga menyukai