Anda di halaman 1dari 15

MAKALAH

UNSUR BUDAYA

SISTIM ORGANISASI KAMASARAKATAN

Dijieun Pikeun Nyumponan Salasahiji Pancén


Mata Kuliah Budaya Sunda

Dosen :
Drs. Dede Kosasih, M.Si.
Ade Sutisna, S.Pd., M.Pd.

Disusun Ku :

Kelompok : 2 Kelas : 4B

Andra Annisa Febriani 1700689


Azi Sastrawan 1703970
Ernawati 1704824
Nida Nuraeni 1700709
Nur Wildah Alfaeni 1703461
Rika Latina Laras 1704651

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA SUNDA


FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
2019
PANGJAJAP
Puji sinareng sukur panyusun sanggakeun ka Allah SWT, sabab kalawan
rahmat, kurnia, sarta taufik jeung hidayah-Na, panyusun tiasa ngaréngsékeun
makalah ngeunaan Unsur Budaya Organisasi Kamasarakatan kalawan saé,
sanajan seueur kénéh kakirangan dilebetna.
Panyusun miharep ieu makalah bisa aya gunana pikeun nambihan
pangaweruh sarta élmu panyusun ngeunaan unsur budaya. Panyusun ogé sadar
yén ieu makalah téh aya kakirangan jeung jauh ti sampurna. Ku kituna, panyusun
miharep ayana kritik, saran, pikeun ngabenerkeun makalah nu geus panyusun
damel keur kahareupna.
Mugia ieu makalah bisa dipahaman ku saha waé nu macana, sarta aya
mangpaatna pikeun pamaca. Saméméhna, panyusun nyungkeun dihapunten upami
aya kalepatan dina ieu makalah.

Bandung, 07 April 2019

Panyusun

i
DAPTAR EUSI

PANGJAJAP ............................................................................................................ i
DAPTAR EUSI ....................................................................................................... ii
BAB I ...................................................................................................................... 1
1.1. Kasang Tukang ......................................................................................... 1
1.2. Rumusan Masalah .................................................................................... 1
1.3. Udagan ...................................................................................................... 1
BAB II ..................................................................................................................... 2
2.1. Sistim Kamasarakatan .............................................................................. 2
2.2. Manusa Salaku Mahluk Sosial ................................................................. 2
2.3. Interaksi Sosial ......................................................................................... 3
2.4. Sistim Organisasi Kamasarakatan ............................................................ 3
2.4.1. Jenis-Jenis Nikah............................................................................... 4
2.4.2. Prinsip Jodo nu Ideal ......................................................................... 4
2.4.3. Adat Netep ........................................................................................ 5
2.5. Sitim Organisasi Masyarakat Tradisional dan Modern ............................ 6
2.5.1 Organisasi Sosial Tradisional ............................................................ 6
2.5.2 Organisasi Sosial Modern ................................................................. 8
2.6. Sistim Organisasi jeung kamasarakatan urang Baduy ............................. 8
2.6.1. Asal Pamarentahan Baduy ................................................................ 9
2.6.2. Struktur Pamaréntahan Kanekes ..................................................... 10
3.1. Kacindekan ............................................................................................. 11
3.2. Saran ....................................................................................................... 11

ii
BAB I
BUBUKA
1.1.Kasang Tukang
Kabudayaan mangrupa faktor anu kawilang penting dina kahirupan manusa.
Sabab kabudayaan méré jalan kana tindakan jeung karya manusa. Kabudayaan nu
geus aya bakal angger lumangsung sok sanajan wujudna bisa robah. Kabudayaan
lain saukur kasenian jeung pakakas budaya, tapi sakabeh aspék dina kahirupan
manusa pikeun nyiptakeun hiji tatanan nu dipihareup.

Tangtuna waé dina kanyataana budaya antara hiji masarakat jeung masarakat
liana béda, teu kauger ku bebedaan karakter séwang-séwangan kelompok
masarakat atawa kabiasaan maranéhna. Realitas nu multi budaya bisa kapanggih
di nagara-nagara nu komposisi wargana miboga rupa-rupa étnis, saperti Indonesia,
Uni Soviet (kiwari mah Rusia), Yugoslavia (kiwari geus jadi sababaraha nagara),
jrrd. Kondisi nagara ku komposisi multi budaya babari meunang konflik jeung
kesenjangan sosial. Bener réa faktor nu ngabalukarkeun kajadian éta, jadi salah
sahiji unsur dasar dina kahirupan sosial, budaya bisa miboga lakon gedé dina
ngadatangkeun konflik.

Unsur-unsur anu mangaruhan kaayaan budaya bisa terus méré arah kumaha
wujud tina kabudayaan pikeun mangsa kahareupna, dina ieu makalah dibahas
ngeunaan unsur-unsur budaya hususna ngeunaan sistim organisasi kamasarakatan.

1.2.Rumusan Masalah

Dina ieu makalah aya sababaraha rumusan masalah :


a. Naon sistim kamasarakatan téh?
b. Kumaha lakon manusa salaku mahluk sosial téh?
c. Naon nu dimaksud interaksi sosial?
d. Kumaha unsur budaya dina sistim organisasi kamasarakatan?

1.3.Udagan

Anapon udagan dina ieu makalah nya éta sangkan pamaca bisa leuwih nyaho
jeung maham kana sistim organisasi kamasarakatan dina unsur budaya.

1
BAB II
EUSI

2.1. Sistim Kamasarakatan

Sistem Organisasi kamasarakatan nyaéta usaha antropologi pikeun maham


kumaha manusa ngawangun masarakat ngaliwatan rupa-rupa kelompok sosial.
Numutkeun Koentjaraningrat unggal kelompok masarakat diatur ku adat istiadat
jeung aturan-aturan ngeunaan rupa-rupa aturan dina lingkungan dimana manéhna
hirup jeung sosialisasi jeung manusa séjénna. Nu paling deukeut sistim sosialna
nyaéta kulawarga inti jeung babaturan di sabudeureunna. Manusa satuluyna
diwincik kana sababaraha golongan nu asup kana tingkatan-tingkatan lokalitas
geografis pikeun ngawangun organisasi sosial dina kahirupanna.

2.2. Manusa Salaku Mahluk Sosial

Salila manusa hirup, manéhna moal bisa leupas ti pangaruh masarakat, di


imah, di sakola, jeung lingkungan nu leuwih gedé, manusa moal bisa leupas ti
manusa séjén. Ku kituna manusa bisa disebut manusa sosial, nya éta mahluk nu
hirupna teu bisa leupas ti pangaruh manusa sején. Manusa disebut mahluk sosial
sabab aya rojongan pikeun ngalakukeun interaksi jeung manusa sején. Aya
kabutuhan sosial pikeun hirup berkelompok jeung manusa sején.

Manusa mikabutuh babaturan. Kabutuhan pikeun babaturan jeung nu sején,


sok didasaran ku kapentingan jeung ciri-ciri nu sarua. Misalna, artis leuwih
condong néangan babaturan artis deui. Ku kituna, bakal ngawangun kelompok-
kelompok sosial di masarakat nu didasaran ku kapentingan atawa ciri nu sarua.
Manusa teu bisa hirup salaku manusa lamun teu hirup ditengah-tengah manusa.
Mulai ti lahir, manusa butuh bantuan manusa séjén. Lamun euweuh bantuan
manusa sején, manusa moal mungkin bisa leumpang, ku cara bantuan ti manusa
sején, manusa bisa dahar ngagunakeun leungeun, bisa ngomong, jeung bisa
ngamekarkeun sakabéh poténsi kamanusaanna.

Colley méré ngaran looking-glass self pikeun nembongkeun yén manusa


dipangaruhan ku manusa sején. Looking-glass self kawangun ngaliwatan tilu
tahap. Tahap kahiji, manusa miboga sawangan ngeunaaan kamandang manusa

2
séjén ka dirina. Tahap kadua, manusa miboga sawangan ngeunaan ajén manusa
sején ngaliwatan tampilanna, tahap katilu, manusa miboga perasaan ka naon naon
nu dirasakeun salaku ajén manusa sején ka dirina.

2.3. Interaksi Sosial

Interaksi sosial nya éta proses dimana manusa silih mangaruhan dina pikiran
jeung tindakan. Anapon faktor-faktor nu jadi dasar lumangsungna interaksi sosial,
nya éta :

a. Faktor imitasi, miboga peranan nu kawilang penting dina proses interaksi


sosial. Salah sahiji sisi positifna nya éta imitasi bisa mawa manusa pikeun
tuhu kana kaidah-kaidah nu lumangsung.
b. Faktor sugésti, nu dimaksud sugesti didieu nya éta pangaruh psikis, boh éta nu
datangna ti diri sorangan atawa batur, nu umumna ditarima tanpa aya kritik.
c. Faktor idéntifikasi, idéntifikasi tina psikologi hartina rojongan pikeun jadi
sarua jeung nu lian, boh sacara lahiriah atawa batiniah. Didieu bisa
mikanyaho, yén hubungan sosial nu lumangsung tina idéntifikasi nya éta
leuwih teleb tibatan hubungan nu lumangsung tina proses-prosés sugésti atawa
imitasi.
d. Faktor simpati, simpati nya éta perasaan hiji manusa nu miboga rasa nu sarua
pikeun manusa séjén. Simpati teu aya hubunganna jeung dasar logis rasional,
tapi dumasar panilaian perasaan.

2.4. Sistim Organisasi Kamasarakatan

Sistem Organisasi Kamasarakatan kaasup sistim organisasi kanagaraan jeung


sistim pamaréntahan. Manusa nyaéta mahluk sosial nu teu bisa hirup sorangan.
Interaksi jeung manusa séjén ngahasilkeun cara-cara ngawangun organisasi sosial
nu disapukkan ku sakabéh anggota masarakat. Ieu sistim sosial ngawengku sistim
kamasarakatan (kulawarga) nepi ka organisasi sosial nu leuwih jembar deui,
saperti asosiasi, paguyuban, nu ahirna nepi ka nagara.

Kamasarakatan atawa kulawarga aya pakaitna jeung kawin atawa perkawinan


dina hiji masarakat sabab perkawinana nyaéta inti atawa dasar pikeun ngawangun
hiji komunitas atawa organisasi sosial. Perkawinan atawa nikah dihartikeun salaku

3
media pikeun ngahijikeun dua urang nu béda jenis kelaminna pikeun ngabagi
kahirupan maranéhna séwang-séwangan jadi babarengan. Ti sagigireun éta,
perkawinanatawa nikah bisa di definisikeun leuwih jembar sabab éta aktivitas téh
ngandung sababaraha unsur nu ngalibetkeun dulur atawa kerabat nu loba.

2.4.1. Jenis-Jenis Nikah

Di tilik tina jenisna, Marvin Harris ngelompokeun nikah jadi sababaraha rupa,
diantarana:

a. Monogami, nyaéta nikah jeung saurang hungkul.


b. Poligami, nyaéta hiji lalaki nikah jeung sababaraha urang awéwé.
c. Poliandri,nyaéta hiji awéwé nikah jeung sababaraha lalaki.
d. Poligini, nyaéta hiji lalaki nikah jeung sababaraha urang awéwé.
e. Perkawinan kelompok (group marriage), nyaéta jenis nikahan nu ngabaékeun
lalaki jeung sababaraha awéwé ngalakukeun hubungan seks.
f. Levirat, nyéta nikahna janda jeung dulur lalaki ti salakina nu geus maot.
g. Sororat, nyaéta nikahna duda jeung dulur awéwé ti pamajikanna nu geus maot.

2.4.2. Prinsip Jodo nu Ideal

Dina sistim perkawinan masarakat aya dua jenis dina milih calon pasangan nu
dianggap saluyu hirupna numutkeun adat istiadat, diantarana:

a. Prinsip Endogami, nyaéta milih calon pasangan hirupna ti kerabat atawa


kulawarga manéhna kénéh. Contona milih pasangan hirup ti dulur kénéh. Ieu
hal bisa ditilik ti masarakat Jawa Kuno nu milih dulur sorangan minangka
jodo ideal. Masarakat nu masih kénéh nganut sistim kasta saperti masarakat
Bali, ieu prinsip téh dicangreud pageuh pikeun ngajaga kemurnian darah
kebangsawanan.
b. Prinsip Eksogami, nyaéta milih calon salaki atau pamajikan nu ti luar
kulawargana. Contona masarakat Batak nu ngalarapkeun ieu prinsip kalawan
konsép dalihan na tolu, nya éta nikahkeun budak awéwéna jeung budak lalaki
nu béda margana.

Pola perkawinan saperti diluhur masih kénéh dianut ku masarakat satempat nu


ngalarapkeunna sanajan arus modernisasi geus ngaganti kabiasaan éta. Contona

4
waé, masarakat Jawa geus ninggalkeun kabiasaan néangan jodo ideal nu asalna ti
kulawargana jeung néangan jodo di luar kulawargana sorangan. Parobahan ajén
jeung norma masarakat sarta kamekaran zaman ngarobah prinsip kamasarakatan
dina perkawinan.

Prinsip keturunan dina kamasarakatan patali jeung masalah perkawinan. Aya


jenis kamasarakatan nu nganut prinsip patrilineal atawa nganut garis keturunan
bapa atawa pihak lalaki jeung matrilinral atawa nganut garis keturunan ti pihak
indung atawa awéwé sarta prinsip-prinsip kombinasi saperti kamasarakatan
ambilineal jeung bilineal. Masarakat nu sipatna patriarkal bisa katingali di rupa-
rupa daérah kusabab lolobana masarakat ngalarapkeun prinsip ieu katurunan.
Masarakat Jawa nya éta conto nu pangkongkritna dina ngalarapkeun prinsip
patrilineal. Sabalikna, masarakat Minangkabau ngalarapkeun prinsip katurunan
matrilineal nu jarang pisan dipaké di masarakatséjén.

2.4.3. Adat Netep

Adat netep saenggeus nikah ogé kaasup tina bahasan ngeunaan


kamasarakatan. Dina panalungtikan antropologi Koentjaraningrat nétélakeun aya
tujuh rupa adat netep saenggeus nikah, diantarana :

a. Untrolokal, nyaéta adat nu ngabebaskeun rék cicing dimana waé boh éta di
sabudeuereun kulawarga awéwé atawa lalaki.
b. Virilokal, nyaéta adat nu nekenkeun sangkan panganten kudu cicing
disabudeureun imah kulawarga imah salaki.
c. Uxorilokal, nyaéta adat nu nekenkeun panganten sangkan cicing di
sabudeureun kulawarga pamajikanna.
d. Bilokal, nyaéta adat nu nekenkeun panganten sangkan cicing di sabudeureun
kulawarga lalaki atawa awéwé sacara silih genti.
e. Avunlokal, nyaéta adat nu nekenkeun panganten kudu cicing di sabudeureun
kulawarga lalaki ti salaki ibu.
f. Natolokal, nyaéta adat nu nekenkeun panganten pikeun cicing papisah jeung
salaki jeung salaki kudu cicing di imah dulurna.
g. Neolokal, nyaéta adat nekenkeun panganten kudud cicing di imah anyar nu
jauh ti imah kulawargana sewang-sewangan.

5
2.5. Sitim Organisasi Masyarakat Tradisional dan Modern

Sistim kekerabatan anu dipaké ku masarakat sunda nyaéta: Parental atawa


bilateral.parental nyaéta nurut kana garis turunan ti sepuhna (bapa sareng ibuna).
Dina kagiatan nikahan urang sunda henteu boga pantrangan kanggo nikah sareng
turunan mana waé asalkan henteu ngarobah tatanan agama. Dina kagiatan
nikahan, panganten biasana bakal cicing di bumi sepuhna pangantén istri atawa
paméget. Tapi seuseurna mah aya anu langsung misah bumi.

Ditinggal dina turunan, masarakat sunda apal kana ngaran-nganran 7 generasi


kalutur: (1) Sepuhna, (2) aki sareng nini, (3) Uyut, (4) Bao, (5) janggawaréng, (6)
udeg-udeg, (7) gantung siwur. Salian turunan generasi kaluhur, masarakat sunda
ogé apal kana generasi turunan kahandapna nyaéta: (1) anak, (2) Incu, (3) buyut
(4) bao, (5) janggawaréng, (6) udeg-udeg, (7) gantung siwur.

Ditilik dina sejarah, organisasi sosial anu hirup dimasarakat sunda, utamina
mah anu dipadesaan aya anu sipatna tradisional (organisasi sosial tradisional),
jeung anu sipatna modern (organisasi Sosial Modern).

2.5.1 Organisasi Sosial Tradisional


Organisasi tradisional lahir ti masarakat desa anu dianggap hasil tina inisiatif
sareng kreatif masarakat desa anu di dorong ku pangabutuh masarakat dina
matotoskeun pasualan-pasualan anu dirandapan ku unggal jelema.
Kacindekana lahirna organisasi tradisional nyaéta jaaban kanggo masarakat
desa dina nyanghareupan pasualan-pasulana anu rek dirandapan. Organisasi
sosial Tradisional dibagi jadi sababara wangun nyaéta:
a. Dumasar kana umur
Salah sahiji pengelompokan sosial di masarakat sunda nyaéta dumasar
kana umur. Dumasarkana umur masarakat sunda bisa dibedakeu jadi opat,
nyaéta:
(1) Kelompok barudak, cirina umurna mimiti ti 1 – 15 taun.
(2) Kelompok pamuda (jajaka jeung mojang), cirina umurna ti 15 – 25
taun.
(3) kelompok dewasa (sawawa), cirina umurna ti 25 – 50 taun.
(4) Kelompok kolot (orangtua/sepuh), cirina umurna ti 50 kaluhur.

b. Dumasar kana jenis kelamin


Dumasar kan jenis kelamin, masarakat sunda dibagi jadi dua, nyaéta:
pameget sareng istri.
(1) Pameget (lalaki)
Kaum pameget (salaki) miboga tugas pikeun jadi kepala keluarga anu
miboga tanggung jawab kanggo milarian nafkah kanggo kulawargana.
(2) Istri

6
Sedengkeun kanggo kaum istri miboga kawajiban pikeun ngurus
kahirupan kulawargana sarta ngurus barudakna. Di masarakat sunda
teu boga pantangan pikeun kaum stri di damel pikeun mantuan
salakina, mung pagawean anu di gawéana teu berat-berat. Di
masarakat tradisional biasa istri miboga padamelan sapertos: mersihan
jukut anu aya di sawah (menyiangi sawah), numbuk padi sareng
sajabana. Tapi di jaman modern ayeuna kaum istri tos seueur anu
damel leuwih modern, sapertos: janten pagawé negeri, didamel di
pabrik. Tapi nalika istri miboga padamelan di luar, tapi kawajibanan di
bumi henteu ditinggalkeun.
Tapi di jaman globalisasi anu beuki maju kaum istri seueur ogé anu
miwarang batur kanggo ngalaksanakeun kawajiban di bumi. Sapertos:
ngasuk budakna, mersihan bumi.
c. Dumasar kana kekerabatan
Sacara umum masarakat sunda nganut sistim kekerabatan anu sipatna
parental. Parental hartosna urang sunda ngaku kana hubungan
kekerabatan, ti garis turunan bapa sareng garis turunan ibuna. Cindekna
masarakat sunda miboga hubungan anu alus boh ti kulawarga bapa atawa
ti kaluwarga ibu.
Sistim kekerabatan masarakat sunda di wangun ku dua faktor nyaéta:
(1) faktor turunan
faktor turunan dumasar kana hubungan darah anu aya dina kulawarba.
Khususna mah hubungan sareng keluarga inti. Anu di wangun ku:
bapa, ibu, budak.
(2) faktor perkawinan
faktor perkawinan sanes hungkul hubungan antara salaki jeung
pamajikan hungkul, tapina aya hubungan kekerabatan antara keluarga
besar anu aya ti pihak salaki sareng istri. Tingkat hubungan
kekerabatan di tangtukeun ku faktor lingkungan kulawarga sewang-
sewangan.

d. Dumasar kasta sosial (Pelapisan sosial)


Numutkeun Alisjahbana (dina ekadjati, 1995:219), yén kasta sosial
masarakat desa, di daérah priangan di bagi jadi lima, nyaéta:
(1) Tanam paksa
Anu miboga pakaitna sareng tanam paksa di bagi jadi 3 kelompok
nyaéta:
(a) Pribumi (cacah), nyaéta turuna ti kaluarga-kaluarga anu
ngadegkeun desa. Kagolong kana penduduk desa anu inti.
(b) Buybud, (batur atawa anu ngilu cicing) nyaéta masarakat anu
ngan saukur boga imah di wilayah desa.

7
(c) bujang (nyusup), nyaéta masarakat anu miboga imah mung ayana
di tanah anu boga batur.

(2) Anu boga tanah (pemilih tanah)


Nilik kana peneglompokan di wilayah jawa barat dumasar kana anu
boga tanah di bagi jadi:
(a) Sikep, nyaéta anu miboga hak kanggo ngagunakeun tanah desa.
(b) Tangkong, nyaéta masarakat desa anu miboga bumi ssarta tanah,
tapi te miboga faktor sikep.

(3) Pendidikan
(a) Masarakat anu teu sakola (buta huruf), nyaéta masarakat anu teu
bisa nulis, maca hurup latin
(b) Masarakat anu sakola, nyaéta masarakat anu apal kana maca sareng
nulis.

(4) Kedudukan dina pamarentahan desa


(5) Agama
Masukna agama islam ka tatar jawa barat, mangaruhan pisan kana
agama anu dianut ku msrkat sund. Pengelompokana bisa di tilik dina
pangaweruh agamana, taat kana agamana, sarta kagiatana agama anu
nangtukeun status elmu agama masarakat.

e. Dumasar kana tulung-tinulung (tolong menolong)


Organisasi sosial anu pakait pisan nyaéta kagiatan tulung-tinulung nu aya
di masarakat sunda. Anu di kelompokkeun jadi tilu, nyaéta:
(1) Hiras, nyaéta aktivitas dimana nulungan batur, tapi teu aya buruhna,
tapi mung meunang imbalan dahareun.
(2) Liliuran, nyaéta silih tuker tanaga.
(3) Silih anteuran

2.5.2 Organisasi Sosial Modern


Organisasi modern lahir ngahaja di bentuk. Sacara umum, inisiatif dina
nyieun prganisasi modern datangna ti masarakat luar desa. Organisasi di
resmikeun sacra resmi sarta ayana anggaran dasar jeung anggaran rumah
tangga anu di resmikeun sacara tinulis.

2.6. Sistim Organisasi jeung kamasarakatan urang Baduy


Masarakat Kanekes sacara umum kabagi jadi tilu kelompok,
nyaéta : tangtu, panamping, jeung dangka. Kelompok tangtu nyaéta
kelompok nu disebut Baduy Jero, nu cicing di tilu desa nyaéta, Cibeo,

8
Cikartawana, jeung Cikeusik. Kelompok-kelompok masarakat
pandamping nyaéta nu sok disebut Baduy luar, nu cicing disababaraha
desa sabudeureun wilayah Baduy Jero saperti Cikadu, Kaduketuk,
Kadukolot, Gajeboh, Cisagu, jeung sajabana. Lamun Baduy Jero jeung
Badung Luar cicing di darah Kanekes, sedengkeun Baduy Dangka mah
cicingna di Padawaras (Cibengkung) jeung Sirahdayeuh (Cihandam).
Pungsi Kampung Dangka nyaéta pikeun buffer zone tina pangaruh ti luar
(Permana, 2001).
Aya 3 bagian di daerah tangtu ( daerah bagian jero ), nyaéta
Cibeo, Cikeusek, jeung Cikartawa. Unggal daerah miboga puunna
sewang-sewangan, nu sacara adat miboga pancen husus pikeun ngayakeun
hubungan jeung sababaraha daerah séjén ogé ngayakeun hubungan jeung
daerah di Dangka ( daerah Baduy luar ).
Unggal daerah Baduy luar miboga puun nu disebut Jaro. Sakabeh ieu
organisasi téh disebut “Masarakat Tilu Tangtu jeung Tujuh Jaro”. Aya ogé
nu disebut panamping atawa pajaroan, nyaéta tempat cicing urang Baduy
nu cicing diluar tata susun resmi.

2.6.1. Asal Pamarentahan Baduy


Di Baduy aya sababaraha sesebutan pikeun pingpinan dina susunan
pamarentahana ( jaro, girang serat, tangkesan kokolotan, kokolot, jeung
baresan), nu sakabeh asalna ti katurunan puun, nu hartina aya kénéh
pakuat pakait tatali getih antara pingpinan pamaréntahan jeung puun
(duduluran kénéh ). Dina konteks ieu, ciri penting dina pamarentahan
Baduy, aya dina diferensiasi peran jeung pembagian jabatan nu
dipisahkeun ngaliwatan struktur sosial, tapi sakabéhna kaiket ku hiji
hubungan kerabat. Ayana bebeda peran antara pamingpin nu disebut puun
jeung pamingping nu disebut jaro, nyaéta tanggung jawab jeung
kagiatanana, sabab puun mah miboga tanggung jawab atawa urusan jeung
dunia gaib sedengkeun jaro mah tugasna pikeun ngarengsekeun pasualan
duniawi. Ku kituna, puun narima tanggung jawab nu leuwih luhur dina
hal-hal nu aya pakuat-pakaitna jeung nguruskeun kahirupan sosial jeung
religius.
Masarakat Kanekes mikawanoh dua sistim pamaréntahan, nyaéta
sistim nasional nu ngilu kana aturan nagara Indonesia, jeung sistim adat nu
ngilu kana adat istiadat nu dipercaya ku masarakat. Dua sistim éta téh
dihijikeun atawa diakulturasikeun sangkan eweuh pacogregan antara dua
sistim éta. Sacara nasional, masarakat Kanekes dipingpin ku kepala desa
nu disebut jaro pamaréntah (sahandapeun camat) sedengkeun sacara adat
masarakat kudu tuhu ka pingpinan adat Kanekes nyaéta Puun.

9
2.6.2. Struktur Pamaréntahan Kanekes

Pingpinan adat nu pangluhurna dina masarakat Kanekes nyaéta


“Pu’un” nu aya di tilu kampung tangtu. Éta jabatan téh sipatna turun-
tumurun, tapi teu otomatis ti bapa ka anak, bisa ogé ti dulur nu séjénna.
Lilana jabatan Pu’un teu ditangtukeun, ditangtukeunna dumasar kana
kamapuh ngalakonan éta jabatan. dina sapopoéna mah pamaréntahan
kapu’unan dilaksanakeun ku jaro. Jaro dibagi kana opat , nyaéta jaro
tangtu, jaro dangka, jaro tanggungan, jeung jaro pamaréntah.

Jaro tangtu miboga tanggung jawab dina ngalaksanakeun hukum adat


warga tangtu jeung urusan séjénna. Jaro dangka miboga tugas pikeun
ngajaga, ngurus, jeung miara taneuh titipan ti karuhun boh éta nu dijero
jeung nu diluar Kanekes. Jaro dangka jumlahna aya 9 urang, lamun
ditambahan deui ku 3 urang jaro tangtu disebut jaro duabelas. Pingpinan
tina jaro duabelas disebut jaro tanggungan.

3. a

10
BAB III

PANUTUP

3.1. Kacindekan

Sistem Organisasi kamasarakatan nyaéta usaha antropologi pikeun maham


kumaha manusa ngawangun masarakat ngaliwatan rupa-rupa kelompok sosial.
Unggal kelompok masarakat diatur ku adat istiadat jeung aturan-aturan ngeunaan
rupa-rupa aturan dina lingkungan dimana manéhna hirup jeung sosialisasi jeung
manusa séjénna. Salila manusa hirup, manéhna moal bisa leupas ti pangaruh
masarakat, di imah, di sakola, jeung lingkungan nu leuwih gedé, manusa moal
bisa leupas ti manusa séjén. Ku kituna manusa bisa disebut manusa sosial, nya éta
mahluk nu hirupna teu bisa leupas ti pangaruh manusa sején.

Kamasarakatan atawa kulawarga aya pakaitna jeung kawin atawa perkawinan


dina hiji masarakat sabab perkawinana nyaéta inti atawa dasar pikeun ngawangun
hiji komunitas atawa organisasi sosial. Jenis-jenis nikah diantarana : monogami,
poligami, poliandri, poligini, jrrd.

3.2. Saran

Ieu tulisan miboga maksud pikeun ngajelaskeun naon nu dimaksud sistim


organisasi kamasarakatan téh. Dipiharep pamaca tiasa nyangking eusi jeung
maham kana unsur budaya hususna ngeunaan organisasi kamasarakatanna.
Pamungkas, ngiget yén sagala hal euweuh anu sampurna, upami pamaca aya nu
nepungan kasalahan dina ieu tulisan, asupan pikiran, jeung saran ti pamaca
mangrupa élmu pikeun panyusun. Mugia pamaca sugema ku ayana ieu makalah.

11
DAPTAR PUSTAKA
Setiadi, Elly. (2007). Ilmu Sosial dan Budaya Dasar. Jakarta: Kencana
Prenada Media Group.

Catur, Atik. L, Siany. (2009). Khasanah Antropologi 1. Jakarta: Pusat


Perbukuan Departemen Pendidikan Nasional.

Z, Muhsin Mumuh, dkk. 2011. “ identifikasi kebudayaan sunda”. Jurnal: dinus.ac.id

Machsun, Ali. “7 Unsur Kebudayaan Suku Sunda” Jurnal:


www.Academia.com

12

Anda mungkin juga menyukai