Mangsa katukang di Kampung Cilegok aya hiji kajadian aheng. Carita leungitna
orok anu digelong ku lauk lubang. Anu kieu babaran caritana.
Disisi walungan Cilegok aya kulawarga patani, mang Galuh jeung bi Siur
katelahna. Dina hiji peuting bi Siur ngimpi aya anu mere orok, atuh kacida
bungahna kusabab manehna geus lila rarabi can wae boga katurunan. Gep
wae eta orok ditangkeup bari bungah anu taya papadana. Wanci janari hideung
bi Siur lilir tina sarena, gebeg reuwas cupu capa neangan orok, manehna sadar
geuning ukur ngimpi. Geus kitumah jig bi Siur indit kawalungan rek ngala cai,
clung kendi kana jero sedong walungan, geus kendi pinuh bi Siur buburu balik
rek naheur cai. Gur mirun seuneu, teu ditingali heula cur cai kendi dikucurkeun
kana seeng, naaaaa....... atuh clengteh aya anak lubang ngacleng tina kendi
meneran kana catang hawu anu panas. “aduuuuuh gening aya anak lubang
sagala dina jero kenditeh, karunya teuing........, ah tapi lumayan keur deungeun
sangu sanajan lauk leutik”. Ceuk bi Siur bari dekul ngadahar beuleum eta lauk,
ponyo pisan.
Kacaritakeun telila tiharita bi Siur kakandungan, atuh puguh wae bi Siur mang
Galuh kacida atohna. Salapan bulan teu kacarita, bral orokteh lahir, orok lalaki
anu sehat tur kasep dingaranan Raden Satangkal. Dua bulan tiharita datang
mangsa tatanen, sakabeh patani ceuyah ku pagawean kasawah jeung
kakebon. Kitu deui bi Siur, waktu rek tandur bingung kudu kasaha mihapekeun
orokna, antukna eta orok digayor kusamping kebat nu dicangreudkeun kana
tihang saung. Tiisuk teupi kapeucat sawed orok ditingalkeun, geus rengse
tandur bi Siur buburanjat balik kusabab inget ka Raden Satangkal. Teupi
kasaung manena kacida reuwas, jajantungna asa coplok, orokteh teu
kasampak, ngeun ukur gayoranna wungkul. Bi Siur jeung mang Galuh rawah
riwih neangan kaluar kajero sawung, kapipir, kasakurilingna malah teupi kasisi
walungan. Tapi lapur, disisi leuwi maranehna manggih tapak leueur siga
leugeut bau hanyir parat teupi kajero saung, teg we hatena boga curiga goreng
yeh mahluk eta anu nyulik anakna, sato naon atuh tapakna sagede-gede kitu
jeung muruna ka jero leuwi.
Disaksian hujan anu ngagebret, bi Siur tapak deku nyanghareupan leuwi, ceurik
ngajeurit ngaluarjan sagala kuciwa hatena siga anu nyumpah kana eta
kajadian. “Gustiiiiiiiiiiiiii......., saha wae jeung sato naon wae anu geus nyokot
anak kuring Raden Satangkal, ayeuna keneh sing dibentar ku gugur” kitu
ucapna bi Siur, sapada harita hujan ngadadak raat, sakedet netra kilat
ngabaranyai, Jjjjjjeellleguuuuuuuuuurrrrrrrrrrr aya gugur anu kacida tarikna lir
meulah alam dunya, sorana nojo katengah leuwi. Geus kitu cai leuwiteh
ngadadak beureum ku geutih.
Tiharita bi Siur kaleleban, gering pikir poho dahar poho sare tepi ka maotna.
Saminggu tiharita sakabeh pangeusi lembur Cilegok geunjleuh kusabab cai
wahangan hinyai bau hanyir, malah loba daging lauk paralid. Kabeh nyangka
pasti gugur nuharita tarikna tariknateh ngambentar eta lauk anu maok orok bi
Siur tea. Geuning teu jalma teu sato dimana migawe dosa pasti bakal meunang
wawales ti anu Kawasa.
Harita cai leuwi ditawu kusakabeh jalma, tapi geus sakitu tujuh poe tujuh
peuting cai leuwi teu saat-saat. Mang Galuh salaku pupuhu lembur muka
parukuyan menyan, haseupna ditiup-tiup kana eta leuwi sabari gegeranyeman
kieu “lun alun sing lulun, lulun kuring lulun samak, lulun banyu lulun batu, sing
saat sing adat, luuuun alun”. Cacap mantra dibaca cai leuwi ngadadak saat,
benerwe gening dijero leuwi teh aya lauk lubang anu kacida gedena jeung
panjang. Teu anta parah deui eta lubang dicacag diwalang-walang, gorehelteh
aya orok dina beuteungna, nyaeta Raden Satangkal, tapi hanjakal geus maot
orok teh.
Ti saprak kajadian eta, sakabeh pangeusi lembur pindah padumukan teu jauh ti
wahangan Cilegok. Kampung anyar eta ayena katelahna Kampung Ciraden
jeung Kampung Kalapasatangkal, anu dicandakna tina wasta putra bi Siur,
Raden Satangkal. Kitu deui eta leuwi anu aya di Cilegok teh ayeuna disebutna
Leuwigugur.
ASAL MULA LEUWIGUGUR