Anda di halaman 1dari 8

TUGAS MAKALAH BASA SUNDA

“Novel Gogoda Ka Nu Ngarora”

Di susun ku:

-Detia Agustina

-Karmila

-M. Aef Syaifudin

-Nisa Soliha

-Roviana Silvi

-Zulia Faridhotul Ilmi

Kelas XI IPS 1

SMA NEGERI 1 WALED


Jl. Dewi Sartika 03 Kec. Waled Kab. Cirebon

Telp.(0231) 8303280
DAFTAR EUSI
 PANGJAJAP………………………………………………… I
 DAFTAR EUSI……………………………………………… II

BAB 1

1.1 KASANG TUKANG………………………………


1.2 TUJUAN……………………………………………
BAB 2

2.1IDENTITAS NOVEL…………………………………………

2.2 RINGKESAN NOVEL……………………………………….

2.3 ANALISIS UNSUR………………………………………….

2.3.1 INTRINSIK…………………………………………………

2.3.2 EKSTRINSIK……………………………………………….

BAB 3

3.1 KACINDEKAN…………………………………………………

3.2 SARAN………………………………………………………….
PANGJAJAP
Puja sinareng syukur sumangga urang ronjatkeun ka Allah, gusti nu miboga
kaagungan. Nu parantos masihan rahmat sareng karunia ka urang sadaya, oge waktos
panyusunan pikeun nyelesaikeun susunan makalah Basa Sunda nu miboga judul “Gogoda
Kanu Ngarora”. Teu hilap, panyusunan oge ngucapkeun hatur nuhun ka sadaya pihak anu
parantos ngarojong jeung ngabantosan dina panyusunan ieu makalah.

Makalah Basa Sunda “Gogoda Kanu Ngarora” ieu teh ditujukeun pikeun ngahontal
kompetensi dasar pangajaran Basa Sunda nu parantos di dugikeun ku Guru pangajaran
Basa Sunda SMA NEGERI 1 WALED.

Panyusunan oge yen ieu makalah tiasa masihan sumbangsih elmu pangaweruh dina
pangajaran Basa Sunda, boh pikeun siswa, Guru, oge ka nu maos ieu makalah.

Tangtos, dina susunan jeung eusi ieu makalah aya kakirangan jeung kalepatan. Ku
kitu na, kritik oge talatah nu sipat na tiasa ngalereskeun ieu makalah, panyusun piharep
sangkan nyusun tiasa ngembangkeun leuwih alus tur sae deui elmu pangaweruh, utami na
dina widang pangajaran Basa Sunda.
BAB 1
1.1 KASANG TUKANG
Novel teh salah saiji wangun karya sastra anu di tulisna dina basa lancaran.
Novel oge kaasupwangun karya sastra anu miboga wangun carita anu panjang
bukti novel munggaran dina sastra sunda nyaeta novel “Gogoda Ka Nu Ngarora”
karangan M.A. Salmun taun 1966.
Novel sunda teh sok tara di baca ku kalangan remaja kusabab novel sunda
teh teu menarik ku kituna novel nu rek di analisis nyaeta novel “Gogoda Ka Nu
Ngarora” karangan M.A. Salmun novel ieu kaasup novel silih asih nu nyaritakeun
percintaan, perselingkuhan,jeun penghianatan. Novel ieu oge boga maksud anu
hade nyaeta mere conto yen jalma anu sok ngalajur napsu teh matak cilaka.

1.2 TUJUAN
Dumasar kana kasang tukang di luhur, ieu makalah miboga tujuan:
1. Sangkan nambahan pangaweruh ngeunaan novel sunda
2. Sangkan apal eusi dina novel “Gogoda Ka Nu Ngarora”
3. Sangkan masyarakat menangkeun nilai-nilai dina carita novel

BAB 2

2.1 IDENTITAS NOVEL

Gogoda Ka Nu Ngarora teh novel karangan M.A. Salmun anu di terbitkeun


ku pusaka sunda taun 1966, kandel novel na 224 kaca, di digitalkeun tanggal
24 Februari 2009.

2.2 RINGKESAN NOVEL


Novel ieu teh nyaritakeun kahirupan dimana masalah ekonomi, rumah tangga
jeung kalakuan jalma dimana geus kalajur ku napsu, eta sabab na novel ieu lolobana di
baca na ku kalangan jalma anu dewasa . sabab nyaritakeun kahirupan anu umum na sok
aya di kahirupan sapopoe .
Novel “Gogoda Ka Nu Ngarora” boga maksud anu hade nyaeta mere conto yen jalma nu
sok ngalajur napsu teh matak cilaka jang manehna tur ka kaluargana . ieu novel teh
nyaritakeun dua lingkungan bangsawan jeung lingkungan rakyat biasa .
Novel “Gogoda Ka Nu Ngarora” nyaritakeun atawa ngalalakonkeun Ujang Kusen,
Nyi Rapiah, jeung Aom Usman . Dina jaman menak sok sewang-sewangan, Aom Usman
hayangeun pisan ka Nyi ge ngarasa teu betah hirup di gunung Nyi Rapiah ge Ngilu ka
Agan Ali .
Timimiti kawin Ujang Kusen jeung Nyi Rapiah geus silih bogoh pisan, tapi kaayaan
Ujang Kusen anu ngan saukur rakyat biasa teu bisa mere leuwih ka Nyi Rapiah, nepika
Nyi Rapiah pirak jeung Ujang Kusen, Ujang Kusen sabar ningali pamajikan na di goda
ku Aom Usman .
Aom Usman anu eunggeus megatkeun Nyi Rapiah jeung Ujang Kusen, tuluy Nyi Rapiah
di wayuh, Aom Usman kawin deui jeung anu sadarajat jeung manehna nyaeta Agan
Suriningrat, lantaran kolot Aom Usman teu satuju lamun Aom Usman teu kawin jeung
Anu Sadarajat . ari siujang kusen mah prustasi lantaran ninggali nyirapiah dikawin ku
aom usman, ujang kusen tidinya sok gunta ganti pamajikan, lantaran ngarasa eweuh nu
leuwih ti nyirapiah, ujang kusen sok judi, mabok, pokonama beda jeung ujang kusen basa
jadi pamajikan nyi rapiah, akhirna ujang kusen dibuang ka Surabaya kusabab dituding
maling duit, duit eta teh di pake jang judi deui.

2.3 ANALISIS UNSUR

2.3.1 UNSUR INTRINSIK

a. Tema

Tema dina Novel ieu nyaeta masalah-masalah dina kahirupan

b. Latar

 Latar Tempat:

Di hiji daerah di Surabaya, Dirompok Haji Abdul Rauf, Dirompok


Aom Usman, Dirompok Nyi Rapiah sareng Udjang Kusen,
Ditempat pernikahan.

 Latar Waktu:
Sadaya latar waktu nyaeta isuk, beurang, sore, jeung peuting.
 Latar Suasana:
Tegang, resep, sedih, bahagia, ngamuk, reueus, hariwang.
c. Galur
Novel ieu ngagunakeun galur maju, anu tiasa ku urang tingal tina
runtuyan bab anu aya dina buku ieu
d. Watek
Watek tokoh tina Novel ieu nyaeta:
1. Nyi Rapiah, Mimitina bageur tapi akhirna jadi jalmi anu
ngahianatan
2. Udjang Kusen, Mimitina sabar tapi akhirna jadi jalmi anu carana
ngendalikeun
3. Aom Usman, Gede ambisi, teu konsisten, jeung kuat pamadegan
4. Nyi Dampi,Bageur
e. Palaku
Dina novel ieu, palakuna nyaeta:
 Nyi Rupiah (Tokoh utama awewe)
 Udjang Kusen (Tokoh utama lalaki)
 AomUsman (Pameran sampingan)
 Haji Abdul Rauf (Pameran sampingan)
 Nyi Dampi (Pameran sampingan)
 Nyi Hadji (Pameran sampingan)
 Abdullah (Pameran sampingan)
f. Amanat
 Urang dilarang ingkar atawa khianat ka kapercayaan atawa amanat
ti batur, jeung jadi manusia teh kudu sabar.
 Urang teu meunang maksakeun kahayang urang lamun kaayaan
urang teu ngijinkeun.
 Suami istri kudu saling percaya jeung ngahargaan.

2.3.2 UNSUR EKSTRINSIK


1. KASANG TUKANG PANGARANG
M.A. Salmun lahir tanggal 23 April 1903 di Rangkasbitung. Ngaran
lengkap na nyaeta Mas Atje Salmun Raksadikaria. Anjeunna mangrupikeun
putra ti sababaraha pasangan Mas Abusa Raksadikaria sareng Nyi Mas
Samayi. Bapana salaku pejabat nyaeta Asisten Wedana Pabyosongan,
Kabupaten Serang, Banten.
Sababaraha karya M.A. Salmun anu narik perhatian umum:

-Ciung Wanara(1939);

-Munding Laya(1940)

-Ekalaya Palastra(1940)

-Asamarandhana(1942)

-Goda Rancana(1942)

-Gogoda Ka Nu Ngarora(1951)

Sareng seueur deui karya sanes M.A. Salmun

2. KONDISI JEUNG SITUASI


Kondisi M.A. Salmun nyieun novel Gogoa Ka Nu Ngarora nyaeta
awal na Salmun ngagunakeun BN atau anu disebut Baruang Kanu
Ngarora pikeun repertoar sakaligus back round jeung nyiptakeun
Gogoda Ka Nu Ngarora. Salmun ngagunakeun sajumlah perubahan
watak jeung penambahan tokoh dina novel Gogoda Ka Nu Ngarora
saterusna ngatransformasikeun babarengan jeung reportoar-reportoar
sejen jeung nyajikeun perspektif anyar ngeunaan kelas sosial
Salmun ngagunakeun babaraha referensi novel baheula sapertos
(Baruang Kanu Ngarora), Norma sosial (Menak jeung cacah) sareng
historis (Kolonial), sarta latar budaya (sunda) dina ngolah karya na
kaitanna jeun referensi eta bisa di lacak ti babaraha perspektif:
narator,tokoh,dll.

3. Nilai-Nilai
a. Moral
-Urang teu meunang maksakeun kahayang urang lamun kaayan
urang teu ngijinkeun
-Suami istri kudu saling percaya jeung ngahargaan
b. Sosial
c. Pendidikan
d. Budaya
e. Estetik

BAB 3
3.1 KACINDEKAN

“Gogoda Ka Nu Ngarora” novel anu di karang ku M.A. Salmun mangrupakeun


salah sahiji novel anu ngandung pirang-pirang makna, ku sabab unggal bab dina novel
ieu loba unsur pangajaran ngeunaan kahirupan anu kudu dijalankeun ku pinuh rasa sabar,
percaya jeung cinta. Novel “Gogoda Ka Nu Ngarora” oge boga maksud anu hade nyaeta
mere conto yen jalma nu sok ngalajur napsu teh matak cilaka jang manehna tur ka
kaluargana. Ieu novel teh nyaritakeun dua lingkungan bangsawan jeung lingkungan
rakyat biasa.

3.2 SARAN

Novel ieu cukup hade sareng masihan seueur pangajaran pikeun pamiarsa, mugia
pangajaran nu sae’ anu aya dina novel ieu tiasa mere mangpaat pikeun para pamiarsa
sareng tiasa diterapkeun dina kahirupan sapopoe.

Anda mungkin juga menyukai