Anda di halaman 1dari 2

Resensi Ngeunaan Hiji Buku

B.Sunda

Muhammad Arvi Tri


12 MIPA 2
a. Judul Buku : TRI TANGTU DIBUMI
b. Panulis : Yoseph Iskandar
c. Kandelna : 88 kaca
d. Penerbit. : Pusat Studi Sunda
e. Citakan : ka- 2, bulan Agustus taun 2011
f. Pedaran Resensi :
- Medar ngeunaan eusi buku
Ringkesan buku :
Putusan sawala para pangagung Nagri Galuh jeung Nagri Sunda di nagri
Batulayang, kalawan di setujuan ku Purohita ngara masing masing. Namung kadaton
karasa kosong sabab Prabu Dewa Niskala mindeng ngajentul nangkep tuur tuluy
ambek ambekan wae nepi ka prameswari jeung selir selir nyalalingkir. Tinggal
Rahadiyan Baribin minantuna anu maturan manehna. Prabu Dewa Niskala nananyaan
tuluy ka minantuna ngeunaan Nagri Galuh jeung Nagri Sunda namung Rahadiyan
Baribin teu nyaho nanaon. Nepi ka kanyahoan aya lalayang nu can nepi ka Prabu
Dewa Niskala, ngajieun manehna beuki amuk amukan.
Kadaton Sri Bima-Punta-Narayana-Madura-Suradipati, lima kadaton nu aya di
dayeuh pakuan, Prabu anom Jaya dewata datang kaditu rek nepungan mitohana.
Namung basa keur ngobrol, Paman Lengser datang tuluy ngabejaan yen aya 4 urang
lalaki nu maksa haying nepungan Prabu Anom Jayadewata. Opatan eta the adi adina
ti Nagri lian boga niatan rek nepikeun pesan ti kolotna ngeunaag Nagri sunda.
Prabu Anom Jayadewata mikiran ngeunaan Nagri Sunda di imah pamajikana nu
kadua Nyai Kentring Manik Mayang Sunda, namung sabab ku anteng ngobrol, tuluy
teu kahaja Nyai Kentring Manik Mayang Sunda kasinggung ngeunaan hese wae boga
anak, ari pamajikan Prabu Anom Jayadewata nu kahiji nyaeta Nyai Subanglarang
ayeuna teh  keur eusian 7 bulan.
Geus sababaraha lila, ngarundingkeun sagala rupa akhirna diutuskeun Tri Tangtu
di Bumi, Sang Resi Batara Lengser, Sang Rama Prabu Anom Jayadewata, jeung Sang
Prabu Susuk Tunggal. 3 urang eta boga peran anu beda beda mung sarua pentingna.
Saatos 9 bulan, Nyai Subanglarang ngalahirkeun orok lalaki nu dibere ngaran
Walangsungsang. Pas manehna 13 taun, manehna geus dijadikeun calon pamingpin
keur engke ngagantikeun pamingpin saacana nu rek lengser.
Didieu aya panyumaran nyaeta Dewa Niskala, ngaran aslina Hyang
Mahapraburesi Niskala Wastu Kancana dimana manehna nyaeta rama na Prabu
Anom Jayadewata.

- Medar ngeunaan kaunggulan jeung kakurangan eusi buku


 Kaunggulan : Cover novel na sae nganggo karton art janten sae sareng
berwarna,ngandung sajarah tur alus dina ngagambarkeun tokoh tokohna.
 Kakurangan : Bahasa nu digunakeun seueurna kirang dipikaharti sareng
seueur pisan tokoh nu disebatkeun dina ieu novel.

- Medar ngeunaan mangpaat buku keur bacaeun masarakat.


Dina novel ieu teh aya sababaraha hal nu dikaitkeun sareng agama islam, watak
tokohna nu bijaksana tiasa dijantenkeun conto pikeun kahirupan urang sadaya.

Anda mungkin juga menyukai