Anda di halaman 1dari 4

IDENTITAS BUKU :

Judul : Laleur Bodas

Pangarang : Samsu

Pamedal : PT Kiblat Buku Utama

Citakan :

 Citakan ka-1 taun 1940


 Citakan ka-2 taun 1952
 Citakan ka-3 taun 1992
 Citakan ka-4 taun 1992
 Citakan ka-5 taun 2002
 Citakan ka-6 taun 2009

Kandelna : 188 Kaca

RINGKESAN CARITA :

Kuningan Kota pagunungan. Dikuloneun kota aya pasir leutik tapi resik, dijieun taman
kalangenan. Di tengahna aya empang, pancuranna dirupakeun nanagaan. Caina nyebrot lir
naga ngudag mamangsaan. Rupa-rupa kekembangan diatur selang-surupna, matak lucu
katinggalna. Dina hiji peuting meneran bulan purnama ngebrak caang lir ti beurang, dina
bangku handapeun tangkal campaka, aya nu keur diuk duaan “LILI jeung BASRI”.
Saha atuh Lili jeung Basri teh? Lili ari ngaran saenyana mah Yulipah anak Haji Abu Bakar
anu boga pabrik tinun panggedena di Kuningan. Kaasup jalma jugala, beunghar rea takajarna.
Ari Basri anak Haji Arsad, kasebut jekema jegud, loba sawahna ngaplak bubulakna, kebon
sababaraha luwuk.
Pukul dua janari, dayeuh Kuningan anu memengna teu rame, pohara jemplingna, tiiseun
nepi ka matak kareueung. Sanajan harita geus pukul dua, Basri mah acan sare, hatena
marungkawut, cuscos sarta kumalayang. Ngaheneng bari ngajepat dina korsi panjang
gigireun ranjang, panonna beunta tapi teu puguh anu katenjona bari jung nangtung
nyampeurkeun meja tulisna, tret nulis rurusuhn, nulisna teh bari semu ambek, tuluy ditilep-
tilep, ngajugjug ka imah Didi. Teu sakumaha lilana kurunyung datang deui, barang Didi rek
mendetkeun panto katenjoeun aya kertas sacewir dina mejana. Top dicokot pek dibaca. Ulah
sok bijil I peuting, bisi cilaka! Laleur bodas.
Laleur Bodas? Naon Laleur Bodas teh? Saha nu boga ngaran kitu, beda ti jelema biasa?
Eta kitu nu tadi ngelemeng tea? Atawa eta mah picilakaeun anu disebut dina surat? Poek teu
kaharti ku akal. Mani rieut mikiran eta kajadian.tungtungna bus bae ka enggon, ngarimbunan
maneh ku simbut.
Poe minggu isuk-isuk , barang sobari bijil ka tepas , ngalange bari mikiran surat tea. Saboy
kitu jol basri sobat dalit na, rek pamitan ,dume’h baris indit masantren. Sanggeus rada lila
ngawangkongna ,tuluy sobari mikun surat ti laleur bodas tea .Ditembongkeun soteh awahing
ku geus teu asa-asa, kawantu geus saraiah .
Basri nampanan surat teh make rada ngadégdég sagala , semu gugup jeung haying geura
nyaho eusina .
Laleur bodas ?
Lakeur bodas neundeun surat dua sapeting reujeung ? bisa jadi sajanm reujeung . Saha
atuh laleur bodas the ? sobat atawa satru ?weléh teu kapikir .
Surat di baca rurusuhan .
Mani olohok bawaning heran, bet aya nu nyahoeun kana rahasia Sumarni jeung Didi . Pok
Basri ngomong “ Akang mah asa-asa , ari arek percaya da kakrak beja . Ari teu percaya bisi
enya , sabab moal aya haseup mun euweuh seneu”.
Cunduk waktu dating mangsa, sapu nyere pegat simpai! Basri nu sapeuting jeput teu sare
balas diriung-riung ku sobat-sobatna, geus ngajanteng hareupeun setasion otobeus. Harita oge
ges rea babaturannana anu daratang, rek mileuleuyankeun dina jungna, sapulih menit deui
kana datangna otobeus, jol Yulipah pasemonna alum, panonna carindul, sigana bae sapeuting
jeput ceurik. Jol otobeus datang, Basri sasalaman ka kabeh sobat-sobatna. Leungeunna
dicekel ku Lili bari ngomong dumareuda bari ngasupkeun ali mata berlian kana jariji Basri,
geus beres gerung otobeus indit. Panonna teu lesot ti bebenena, tinggal jeung hiji jelema
jangkung gede nangtung di gigireun Lili, bulu pundukna murinding, angenna ngadadak
tegtegan.
Basri geus aya di Pasantren Jamanis. Bubuhan anyar pinanggih, jabat ti tumamu teh hate
teu weleh wae nyoreang ka lemburna, babakuna teu kendat inget ka Lili tunangannana. Hiji
mangsa keur ngadaweung ngabangbang areuy, aya baturna masantren balik ti halteu mawa
surat ti sep halteu keur ka Basri. Eta surat dina tandana sidik Yulipah. Lila pisan
ngahulengna, bari rembes cipanonna, teu kuat nandang prihatin, sakapeung jol sangkaan yen
pangna ali dipenta the dumeh Lili rek kawin ka nu sejen, tapi jol deui pikiran, bisa jadi enya
eta ali ditanyakeun ku indungna lantaran teu nyahoeun keur mikeunna, bisa jadi indungna
goreng sangka.
Dina hiji peuting Subuta niis bari ,mopoek handapeun tangkal tanjung sisi empang
gigireun imahna. Sabot Subita niis di tukangeun aya anu dedeheman, dilieuk horeng anu
dedeheman the Gapur dituturkeun ku Gani. Gapur bari sarangah serengeh nyokot bungkusan
leutik tina sakuna, Subita cengkat bari nampanan, berewek eta amplop the disoehkeun, clik
aya nu ragrag ngagurilap kana meja top dicokot diilikan diileng ileng. Sanggeus surat dibaca,
ali teh diilikan deui disorot ku batre.
Dilihur dicaritakeun yen Didi jeung Subita teh ngandung hate ka Basri, nyungkelit ati,
ambek teu aya bandingna,reh dina hatena keukeuh nerka yen Basri nu ngadoni ka Sobari.
Basri nu jadi pupucuk ribut galagat wiwirang the. Ku Gapur tanda Lili ditiru enya-enya, dina
dua poe geus nyeples pisan. Sanggeus kitu mah tuluy ngarang surat, anu unina menta ali,
sakumaha nu katampa ku Basri tea.
Dina wanci nu mustari Lili ngagebeg, lantaran ku manehna kareret yen Nyimas Yutiah
make ali dina jarijina anu sakarupa pisan jeung ali manehna nu di pake tanda mata ka Basri.
Sareret mah sieun samar mani ngagisik panon sagala, tapi barang haben ditengetan, dilingling
dideuleu maling, tetela teu samar deui, yen ali manehna. Tati siga nu pohara reuwaseunnana,
nenjo Lili ngadadak geuring the teu nyahoeun lantaran yen ali nu dipake ku
sadjwdawdmanehna.
Tengah poe keur mejeuhna hareudang bayeungyang, jol badegan nyodorkeun surat.
Barang di buka sihoreng surat ti Subita ngangkir, lepasna amarah saurna mawur kalangsu,
kedal lisan teu merenah.
Pukul sapuluh Basri geus ngageuleuyeung ninggalkeun Kuningan. Basri indit the sobari
mah teu kabejaan .Kersaning pangeran arek ngaganjar ka nu sabar , mere ka bungahan ka nu
prihatin , poe eta sobari teh nampa bisluit, di benumkana Mantri Guru Kabayuran bawahan
Jakarta.Minangka sosonoanana , Sobari beuki mindeng bae pulang-anting na ka haji Asrad.
Teu mangkung saminggu ti tas yutiah nikah ka Sobari,Lili d beresan lu subita.Geus dua
taun basri leungit na,dua taun lilidi tinggal keun ku basri ,teu aya beja-beja na acan.
Pabeubeurang basri geus datang ka kunungan , ku kolot na , babakuna ku indung na meuni
di ceung ceurikan bawaning atoh , sast anu paeh hirup deui.
Barang aya rajapati di subita tea,basri geus teg bae aya sangka , yen ka jadian kitu the
gara-gara surat maneh na nu niron-niron surat gapur tur di ulasan ku angsi beureum katut
sakiknna.
Sanggeus pok deui pok deui menta di hampura sarta ku basri jeung lili d hapura pisan,
Gani maksakeun imut bari ngomong “Jang Basri, kuring the boga rahasia . ari panjang n
amah ku kuring ditukiskeun dina buku notes kandel .tadi na mah rek sabisa-bisa di karang di
jieun buku, tapi buktina bet kieu, duka bisa hirup tuluy duka moal! Bukuna ieu dina
handapeun angel.buku ku basri di cokot,maneh na jangji tangtu baris di jieun buku.
Teu lila nu ngelemeng teh ngadeukeutan ka jandela bari nyalukan Lili lalaunan.Basri bijil
ti panto hareup rurusuhan ,neupi ka pohoeun ngoncikeun deui.Kuing kaluar deuipura-pura teu
terang naon-naon.Ari asup deui rek nyapih Gaur gelut jeung Didi , Kuring pribadi
tatu.ajadian satuluy na ah sarerea oge tarerang , da lain rasiah deui. Lili lain ngajawab kana
omongan salakina , kalah ngaheuruk kawas keur aya nu di pikiran. Ari cengkat neuteup kana
beungeut salakina bari nyangkrung cipanon.Maneh na pada nandang kasedihan.

KALEUWIHAN SARTA KAKURANGAN BUKU :

Kaleuwihan :

 Bahasa novelna merenah, gampang dipiharti.


 Caritana matak panasaran jeung pinunjul.
 Caritana pakait rapih, caritana hese ditebak.
 Pangarangna pinter nyamunikeun saha eta laleur bodas.
 Carita cintana rame. Teu kawas carita bobogohan budak ngora nu biasa.

Kakurangan :
 Alur caritana teu pati cocok kanggo budak anom. Kusabab caritana nyaritakeun hiji
kulawarga.
 Kalobaan dibeberkeun idetitas laleur bodasna.
Kelompok 6

Nama Anggota:

•Amritza Sastya Kirana


• Annisa Pramesti Anjani
•Demi Finami
•Reiner Dwi Novrizki
• Rifqi Ramadan

Anda mungkin juga menyukai