Anda di halaman 1dari 3

Nama:Muhammad Hilmi

Kelas:XI-Keramik

RESENSI NOVEL BAHASA SUNDA


"Laleur Bodas"

A. Identitas Buku

Judul : Laleur Bodas

Pangarang : Samsu

Wedalan : PT Kiblat Buku Utama

Citakan : Citakan ka-5, Kiblat Buku Utama, 2002;

Kandelna : 188 kaca

Harga : -

B. Sinopsis

Basri hahadéan jeung Lili. Dina hiji peuting waktu keur nariis di Haur Duni, maranéhna bet
merego Didi nyieun lampah teu uni jeung Sumarni. Didi terus ngunek-ngunek, hayang
nyilakakeun Basri. Basri haben diganggu maké rupa-rupa jalan. Sa¬je¬roning kitu, Basri sok
remen narima surat pondok ti “Laleur Bodas”, tepi ka manéhna remen salamet tina laku
jahat panggawé deungeun. Saha ari “La¬leur Bodas” téh?

“Laleur Bodas téh caritana basajan, henteu pa¬beu¬lit cara ilaharna carita mistéri, tapi
henteu weléh ngahudang kapanasaran anu maracana. Pangarangna tapis pisan dina
ngarasiahkeun saha saenyana “Laleur Bodas” téh”.

C. Tokoh jeung Panokohan

Basri
Tokoh nu utami. Watakna sabar, teu taliti, wanian, nyaah pisan ka nu jadi kabogoh.

Lili

Istri anu mikacinta ka basri. Watakna sabar,

Didi

Nu jadi tokoh anu jahat. Watakna sombong, adigung, heuras.

Ghani

Anak Buah subita. Nu jadi Laleur Bodas. Watakna hade, bageur, nyaah kana kahadean

Gapur

Anak Buah Subita. Watakna Jahat, nurut ka Subita

Subita

Tokoh jahat. Watakna goreng.jeung sajabana.

D. Unsur Carita

1. Alur

Pangenalan. Konflik. Klimaks. Jeung panutup carita.

2. Tema

Carita Detektip atawa Crita Misteri.

3. Katerangan
Tempatna di Kuningan.

E. Kaunggulan jeung kalemahan

Numutkeun simkuring. dina novel ieu aya sababaraha kaunggulan jeung kalemahan
sapertos kieu :

1) Kaunggulan

* Bahasa novelna merenah, gampang dipiharti.

* Caritana matak panasaran jeung pinunjul.

* Caritana pakait rapih, caritana hese ditebak.

* Pangarangna pinter nyamunikeun saha eta laleur bodas.

* Carita cintana rame. Teu kawas carita bobogohan budak ngora nu biasa.

2) Kalemahan

* Alur caritana teu pati cocok kanggo budak anom. Kusabab caritana nyaritakeun hiji
kulawarga.

* Kalobaan dibeberkeun idetitas laleur bodasna.

Anda mungkin juga menyukai