Anda di halaman 1dari 2

NAMA : PUTRI DWINA S (26)

KELAS : XI MIPA 3

LEMBAR KERJA SISWA


Resensi film basa Sunda anu diangkat tina Novel Jangji Asih karya Aam Amilia, diperankeun
ku siswa- siswi kelas XI SMA Negeri 24 Bandung taun ajaran 2018/2019.
Film pondok anu judulna Jangji Asih, mangrupa wangun visualisasi tina Novel kalayan judul
anu sarua meunang ibu Aam Amilia. Ayeuna pek ku hidep resensi eta film jeung bere
komentar kana eta film dumasar unsur-unsur ieu di handap (teu meunang dikurangan)!
Judul : Jangji Asih
Panulis Novel : Aam Amilia
Pemeran : Teh Hana, Teh Arsy, Kang Wahyu, Kang Hilmy, Kang Alfito, Kang Dihya, Teh
Annastasya, The Firda, Teh Dafa, Kang Rizki, Teh Shafa, Teh Tiara, Kang Nabil, Kang Betara
Sinopsis / Ringkesan eusi carita :
Aya tokoh anu ngarana Asih, rupana goreng ngan boga sora nu alus. Sakola Asih rek ngayaan
pintonan drama Sangkuriang. Anu jadi Dayang Sumbi teh Lasmini, mojang panggeulisna di
sakola, anu jadi Sangkuriang nyaeta Tresna. Kusabab sora lasmini teh goreng, Asih dititah ngisi
sora Dayang sumbi na. Ngan ngaran Asih teh teu disebutkeun dina salebaran drama eta,
dramana hampir batal lantaran asih teh embungeun mun kitu mah. Tapi akhirna mah drama
na teu batal, Asih ngisi sora dina eta drama lantaran Asih the nyaah ka Tresna.

Unsur Intrinsik :
- Tema : Kahirupan budak sakola
- Galur : Galur campuran (sacara urut ngan di sababaraha titik aya nu nyaritaan masa
baheula)
- Puseur sawangan : Jelema kahiji (Asih)
- Latar (waktu, tempat, suasana) :
Waktu -> sore, enjing, poe, siang
Tempat -> sakola, bumi Pak Sastra, bumi Asih, ruang guru, ruang seni, kantin, jamban
Suasana -> sedih
- Palaku & watekna
Asih : tulus, teu percaya diri
Tresna : ramah, paduli
Lasmini : centil
Pak Wira : bijaksana
Sakri : resep heureuy
Dadang : paduli
Emak : nyaah
Budak leutik : jail
Adik Asih : jail
Pak Sastra : bageur, kreatif
Resmi :-
Pihak ti Institut kesenian : -
Wakasek kesiswaan :-

- Amanat
Kudu bisa ngahargaan nu sejen.
Komentaran eta film (sinematografi, pemeran, pengisi suara jeung sagala hal anu patalina
jeung eta film) nurutkeun hidep pribadi :
Sinematografina geus sae, akting pemeran na oge teu kaku. Jalan carita ti novel bisa
diringkes tapi tetep kasampean carita aslina jeung amanatna. Latar na atawa tempat anu
dipake syuting oge beragam jadi teu bosen. Editing na geus totalitas karasa suasana na teh ti
pilihan efek-efek warna anu dipake.
Ngan di sabaraha bagian aya nu audio na leutik pisan jadi kirang kadangu si tokoh na
nyarios naon. Jeung paling make up na, lamun ditingkatkeun deui, kumaha carana anu
merankeun Asih teh jadi katingali jiga tokoh na nyaeta gadis anu rupana goreng.

Saupama situasi normal (teu aya covid 19 jeung diajar tatap muka), tuluy ibu ngabagi sakelas
jadi 3 kelompok pikeun nyieun film anu diangkat tina salahsahiji novel basa Sunda kalayan
waktu nyieun filmana diwatesanan sabulan, hidep bakal sanggup henteu? Bere alesan!
Sanggup, lantaran nulis skrip jeung mikiran konsep na 1 minggu an, syuting 2 minggu
an, jeung editing na 1 minggu oge. Lamun direncanakeun mah kitu, tapi bisa oge robah
lantaran mun kaayaan normal mah kasibukan anggota na teh beda-beda jadi susah di
nyesuaikeun jadwalna.

Anda mungkin juga menyukai