Anda di halaman 1dari 2

Resensi Novel Sunda

Identitas buku
Judul : Saeni

Penerbit : Kiblat

Pangarang : Hadi Aks

Jumlah kaca : 151 kaca

Citakan ka : 1, Grafindo Media Pratama, 2007

Edisi Kiblat Buku Utama

1, Rabiul Akhir 1435 H. / Maret 2014

Rarancang jilid : Esti Lestarini

Panjang buku : 20,8 cm

Lebar buku : 14,5 cm

Tebel buku : 0,8 cm

Sinopsis/ringkasan isi novel


Teluk Kamuning, teluk anu wargana seueur anu pagaweanna nalayan. DI teluk eta,
aya 2 jenis warga, warga pribumi sareung Bugis. Ijan, pamuda ti teluk Kamuning, bapana teh
Bugis, pagawean bapana nalayan. DI teluk Kamuning, osok aya hiburan Ubrug Benhur.
Acarana mangrupa panampilan pamaen drama, musik jeung sajabina. Ubrug Benhur nyaeta
rombongan ubrug ti gunung Keneng, di pimpin ku Ki Cindul. Dina rombongan eta, aya
awewe anu geulis pisan, namina Nyi Saeni. Hiji mangsa bapana Ijan bogoheun, ahirna mah,
bapa Ijan nikah jeung Nyi Saeni. Nyi Saeni teh, jadi indung terena Ijan, ku Ijan osok di
panggil teteh. Ijan oge osok ngabantuan bapana, boh ngilu ka laut atawa ngajieun jaring. Hiji
mangsa, bapa Ijan ngantunkeun. Hirup Ijan jeung Nyi Saeni jadi teu pararuguh. Nyi Saeni
ahirna di ajak ku Ki Cindul supados balik deui ka rombongan ubrug, ahirna mah Nyi Saeni
satuju. Ari Ijan anu geus teu bisa sasaha deui bingung, ahirna mah ngilu gabung ka
rombongan ubrug. Sabenernamah, Ijan teh resep ka Nyi Saeni, ngan lantaran Nyi Saeni
pernah janten indung terena, janten Ijan teu tiasa, sabab ngalanggar aturan. Salamai Ijan ngilu
rombongan Ubrug, Ijan teh teu tiasa nyampekeun parasaan na ka Nyi Saeni, malahan Nyi
Saeni nikah jeung jelema anu beunghar. Ahirna mah Ijan teh balik deui ka teluk Kamuning.
Resensi
1. Kaunggulan/kaleuwihan
Caritana menarik, sanajan mirip carita sangkuriang, ngan aya bedana, di novel ieu
mah, unsur misteri na leuwih seueur, sanajan seueur, teu ngajieun caritana janten
carita misteri. Novel ieu oge janten novel piunggul pasanggiri ngarang novel Majalah
Mangle taun 2000

2. Kakurangan/kalemahan
Novel na ngagunakeun bahasa Sunda anu teu umum sareng hese di pikahartos, janten
maca novel na rada lieur.

Kacindekan/kasimpulan
Novel Saeni, novel Sunda anu nyaritakeun kahirupan Ijan. Di novel ieu, Ijan janten tokoh
utama na. Sanajan eta, tokoh anu sanes oge angger kacaritakeun. Caritana menarik, latarna
sae, di teluk sareng di gunung, hanjakal bahasana hese kanggo di pikahartos.

Anda mungkin juga menyukai