Anda di halaman 1dari 2

RESENSI

I. IDENTITAS

Judul Buku : Carita Si Dirun

Pangarang : Samsoedi

Penerbit : Kiblat

Harga : 18.000

Halaman : 68 Kaca

II. SINOPSIS

Hiji mangsa si dirun ngarasa dosa jeung hanjakal kanu jadi kolot lantaran manehna sok
ngabohongan wae kanu jadi kolot, pas manehna kanyahoan judi ku kolotna sabab arloji anu
pamere bapana di jual jeung duitna di pake judi, tah ku bapana ka nyahoan yen si dirun beuki
judi, tidinya si dirun dicarekan bebeakan, terus manehna janji ka kolotna yen manehna moal
bangor-bangor deui.

Ti harita si dirun jadi budak bageur tur soleh nu nurut ka kolot jeung jadi budak pinter. Hiji
mangsa si dirun indit arek ngala manuk ka sawah, bapana nitah ka si dirun ulah balik sore
teuing, da maneh mah sok kamalinaan. Enya wae si dirun mah ka-malinaan geus wanci magrib
manehna can balik wae kaimah. Indungna neneangan, bapana neneangan.

Padahal si dirun teh pingsan lantaran ka tubruk ku munding di sawah. Sebat indungna
neangan, indungna pohoeun yen manehna teh keur nyangu di hau, atuh ku sabab poho kitu
imah si dirun kadurukan. Indungna buru-buru lumpat kaimah lantaran hayang nyokot duit,
lah tungtungna duit teu kacokot indung si dirun maot.

Terus bapana datang ka imah, ari pas nepi imahna geus kaduruk, bapana sedih pisan nepika
kagegeringan ku eta kajadian nepika maotna eta bapa si dirun, karunya si dirun jadi yatim
piatu. Si dirun diurus ku ua-na, anu kasebut beunghar tapi medit pisan, si dirun teu
disakolakeun tapi si dirun malah di titah ngangon munding karunya pisan si dirun.
Terus-terus unggal poe manehna ngurus. Saban poe manehna kasarean keur ngangon
munding, ari pas hudang manehna rewaseun yen aya banjir gede pisan manehna indit
neneangan munding tapi da teu bisa cai na badag, manehna nyobaan ngojay eh manehna
malah langsung kabawa ku eta cai, untungna aya gebog cau anu nyalametkeun si dirun nepika
manehna nepi ka hiji laut, manehna katirisan kalaparan.

Nepi ka aya bapak dihun anu manggihan manehanana, manehna di bawa ka imahna di urus
nepika manehna di angkat jadi anak ku lantaran pak dihun teu boga anak, si dirun sukses jadi
nalayan nu segala bisa.

III. KALEUWIHAN & KAKURANGAN

a. Kaleuwihan

 Novel ieu sae pisan kanggo urang sadaya, utamina kanggo murangkalih

 Novel ieu mani eces jentrena ngajeulaskeun yen urang hirup kudu kumaha

 Novel ieu ngajarkeun ka urang sadaya ngarah jadi jalma anu bageur tur tara
ngabohong

b. Kakurangan

 Jilid buku kurang menarik

 Cangkupan caritana kurang luas

 Loba istilah-istilah nu teu kaharti

IV. AMANAT

Amanat tina novel ieu nyaeta ngajarkeun ka urang sadaya jadi jalma anu hade, heunteu
jadi jalma anu badéur, jeung heunteu jadi jalma anu resep ngabohong. Sabab, upami sapertos
kitu bakal ngarugikeun diri anjeun sorangan.

Rahma Febrianti

( XII IPS 3 )

Anda mungkin juga menyukai