Anda di halaman 1dari 9

A.

NGEUNAAN BUKU
Judul Buku : Laleur Bodas
Pangarang : SAMSU
Panerbit : PT Kiblat Buku Utama, Jl. Gumuruh No. 38, Bandung 40275
Citakan : Citakan ka-1, Bale Pustaka, 1940: Citakan ka-2, 1952; Citakan ka-23,
Yayasan Bakti Haruma, 1967; Citakan ka-4, Girimukti Pasaka, 1992.
Edisi Kiblat Buku Utama
Citakan ka-1, Dzulqaidah 1422 H./Februaru 2002
Citakan ka-2, Dzulhijjah 1430 H./Desember 2009
Citakan ka-2, Dzulhijjah 1435 H./September 2014

ISBN : 978-979-8003-26-4

Kandel : 92 Kaca

B. BIOGRAFI PANGARANG

SAMSU

SAMSU teh sandiasana tina dua ngaran: Sambas jeung Susangka. Bet kabeneran,
duanana lahir sapoe reujeung: tanggal 23 September 1917, katurug-turug deuih pada-
pada terah Kuningan. Lain ti eta, dina urusan pangeresep oge aya sasaruanana, nyaeta
maca jeung nulis. Anu beda teh dina milih pacabakan; Sambas jadi tentara, ari
Susangka mah guru.

Tepungna Sambas jeung Susangka teh dina taun 1938. Nya terus bae babarengan
ngarang Laleur Bodas; diterbitkeun ku Bale Pustaka, taun 1940.

Munggaranana Sambas sok nulis naskah drama. Dina jaman Jepang, Sambas kungsi
jadi pamaen filem Nippon Eigha Sha. Ti keur jaman perang kamerdekaan keneh
ancrubna Sambas di katentaraan teh. Diantarana kungsi dines di Resimen Infanteri IX
Gunungjati jeung RTP 01 Siliwangi di Tapanuli Utara. Lian ti nulis dina basa Sunda,
karyana dina basa Indonesia oge aya deuih, utamana anu winangun naskah drama.

Susangka mimiti nulis ti taun 1932; karanganna anu munggaran dimuat dina
Pustakamangsa Parahiangan. Satamatna ti Sakola Guru taun 1935, Suasangka ngajar
di Kebayoran, Jakarta. Sanggeus bog ijazah SGA (1955), terus jadi guru SMP, sarta
kungsi jeneng kapala. Kungsi nyusun buku pangajaran sakola, diantarana Ilmu Hayat
jeung Sari Ilmu Berhitung.

Page 1 of 9
C. SINOPSIS
Novel laleur bodas nyaritakeun Basri hahadean jeung Lili.. Saha atuh Lili jeung Basri
teh? Lili, ari ngaran saenyana mah Yulipah anak Haji Abu Bakar anu boga pabrik
tinun panggedena di Kuningan. Kaasup jalma jugala, beunghar rea takajarna. Ari
Basri anak Haji Arsad, kasebut jelema jegud, loba sawahna ngaplak bubulakna, kebon
sababaraha luwuk. Waktu keur niis di Haur Duni, maranehanana bet merego Didi
nyieun lampah teu hade jeung Sumarni. Ti dinya Didi terus usaha nyilakakeun Basri
ku rupa-rupa cara, paniatana meunang rojongan ti Subita lanceukna, ku Gapur jeung
ku Gani.
Salian ti eta Basri remen narima surat pondok nu dikirim ku Laleur Bodas. Surat
kahiji datang dina hiji peuting waktu Basri rek mareuman lampu, katenjoeun aya
kertas sacewir dina mejana. Top dicokot, pek dibaca ;”Ulah sok bijil ti peuting, bisi
Cilaka!”
Laleur Bodas? Naon ari Laleur Bodas teh? Saha nu boga ngaran kitu, beda ti jalma
biasa? Eta kitu nu tadi ngelemeng tea? Atawa eta mah picilakaeun anu disebut dina
surat? Poek teu kaharti ku akal. Surat ti Laleur Bodas lain datang ka Basri wungkul
tapi datang ka Sobari di, Lili, nepi ka Subita.
Didi teu kapokeun sanajan geus meunang akibat nu teu merenah tina kalakuanan oge,
malaha kahayangna pikeun bales dendam ka Basri teh beuki gede. Ditambah
paniatanan meunang rojongan ti Subita lanceukna, Gani jeung Gopur.
Hahadean antara Lili jeung Basri mimiti teu bener, dimimitian kasalahpahaman
ngeunaan Ali nu di pake ku Nyimas Yutiah pamajikan Subita nu disangka ku Yulipah
eta teh Ali ti Basri, atuh kaayanana beuki nambah teu bener sanggeusna Lili
dikomporan ku Gapur jeung ku Gani. Lili nyangka Basri cidra kitu deui sabalikna.
Teu lila tidinya breg muncul kajadian-kajadian nu ngabulakarkeun Basri indit ti
Kuningan ka Jakarta nepi ka Sumatera. Sabab lakuna nu hade, di Sumatera Basri
dijadikeun anak kukut ku Haji Anang Garib kalayan dianggap anak kandungna
sorangan. Meunang dua taun manehna cicing di Sumatera, salila eta manehna teu
nyuratan-nyuratan acan kanu di lembur jadi teu puguh kabarna.
Hiji mangsa Basri menta idin ka Bapa kukutna yen hayang balik, nya tungtuna mah
dijurungkeun oge. Gancang carita geus datang ka Jakarta, satadina Basri di Jakarta teu
niat lila-lila hayang buru-biru nepungan kolotna rek sujud ngarawu suku menta
panghampura. Tapi abong geus takdir, di Jakarta tepatna di Pasar Gambir manehna
tepung jeung Lili, tidinya maranehanana loba nyarita kaayaan salila dua taun
katukang. Tuluy Basri jeung Lili nepungan Sobari di Kabayuran, sapoe eta ngan
wungkul dipake sosonoan bae. Peutiingna Sobari omat ka Basri yen kudu leuwih ati-

Page 2 of 9
ati mun rek balik deui ka Kuningan mah sabab teu mustahil musuh masih keneh
ngarah-ngarah, malahan leuwih hade api-api acan papanggih wae.
Basri datang ka Kuningan, ku kolotna babakuna ku indungna mani diceungceurikan
bawaning ku atoh sasat anu paeh hirup deui. Hiji mangsa wanci pecat sawed Basri
narima surat deui ti Laleur Bodas nu teu saperti biasa ieu mah datangna ti kantor
POS.Eusi suratna beuki ngabingungkeun Basri, tapi manehna percaya yen Laleur
Bodas mah tara ngabohong, atuh ku manehna diturutkeun parentah nu aya dina surat
eta teh. Tidinya aya rajapati di Subita tea, nu jadi korbanna nyaeta Subita, Sopandi,
jeung Gani. Sapuluh poe sanggeus kajadian rajapati, Basri kauntun tipung katambang
beas, laksana ka Yulipah.
Akhirna, waktu di rumah sakit keur ngalongok Gani. Lili jeung Basri dipasrahkeun
ku Gani catetan poeanana anu eusina muka rasiah Laleur Bodas.

D. UNSUR-UNSUR CARITA
1. Tema
2. Setting/Latar
2.1. Latar Tempat
a) Kuningan
Buktina : “Kuningan kota pagunungan. Di kuloneun kota aya pasir leutik
tapi resik, dijieun tia kalangenan..”
b) Bangku handapeun tangkal campaka
Buktina : “......dina bangku handapeun tangkal campaka, aya nu keur
dariuk duaan”
c) Gedong Husada
Buktina : “Kabeneran di gedong Husada Honeng aya pesta pangeling-
ngeling pancawarsa ngadegna paguyuban “Panggugah
Pusaka”. Basri oge jueng Lili diondan, kawantu jaradi
anggota”
d) Haur Duni
e) Kamer Basri
Buktina : “...Sanajan harita geus pukul dua, Basri mah acan
sare........Ngaheneg bari ngajepat dina korsi panjang gigireun
ranjang, panonna beunta tapi teu puguh anu katenjo”
f) Imah Sobari
Buktina : “Diimah Sobari tiis jempling, rehe jempe, malah tepas oge nu
sasarina ngebrak caang teh...”
g) Setatsion otobeus
Buktina :”Pasosore di warung anu pahareup-hareup jeung setatsion
otobeus di Kuningan...”
h) Kontrak enteh Pasir Batang

Page 3 of 9
Buktina :”Kacariakeun di lamping Gunung Geger Halang beulah ti
Kidul, aya Kontrak enteh Pasir Batang. Di tengah-tengah
kebon, dina tempat nu plung-plong ka mana-mendi,.......”
i) Tasikmalaya, toko emas
Buktina :”Barang geus datang ka Tasikma;aya, hareupeun toko emas,
Basri itah euereun ka kusir. Sanggeus sewaana dibayar. Bus
manehna asup ka toko.”
j) Pasantren Jamanis
Buktina :”Basri geus aya di Pasantren Jamanis......”
k) Handapeun tangkal tanjung
Buktina :”.....niis bari mopoek handapeun tangkal tanjung sisi empang
gigireun imahna...”
l) Pabrik Tinun
Buktina :”.....Lili nu kakara bisa lumantung deui tas muriang, keur
ngajanteng di pabrik tinunna....”
m) Imah pamajikan Subita nu kolot
Buktina :”Rebun-rebun keneh subita geus hudang, rek ngaronda ka
kontrakan. Harita di imah pamajikanan anu kolot...”
n) Buruan handapeun tangkal jeruk bali
Buktina :”.....Basri lalangkarakan di buruan handapeun tangkal jeruk
bali dina korsi panjang bari ngageberan awakna ku buku...”
o) Imah Subita
Buktina :”Palebah imah Subita anu dicingan ku Lili, rek ngarandeg
luak-lieuk cungas-cingeus, bisi aya jelema..”
p) Hareupeun Hotel Kanton di Cirebon
Buktina :”Nepi ka pukul tujuh saparapat \ Basri kurulang-kuriling
keneh, luak lieuk di hareupeun Hotel kanton di Cirebon.”
q) Baturaja, sisi walungan Ogan
Buktina :”Hiji mangsa sabot Basri lantrak-lintrik di sisi walungan
Oga, bada neangan pagawean, ngadenge aya nu pating
garero...”
r) Jakarta
Buktina :”......satadina Basri di Jakarta teu niat lila-lila hayang buru-
buru....”
s) Pasar Gambir
Buktina :”Tapi harita kabeneran keur aya di Pasar Gambir......”
t) Restoran
Buktina :”....Ngarah laluasa cacarita tulut diajak ka restoran nu
pangdeukeutna.”
u) Kabayuran

Page 4 of 9
Buktina :”........dina mobil nu keur nyuruwuk nanjak di Jambatan
Tinggi, Jati Petamburan,....Palmerah, teu lila jol ka
Kabayuran”
v) Rumah sakit
Buktina :“Di rumah sakit, sanajan.....”
w) Jsb

2.2. Latar Waktu


a) Peuting
Buktina : - “Dina hiji peuting meneran bulan purnama ngebrak caang
lir ti beurang..”
- “Pukul duabelas peuting eta dua budak ngora kaluar ti
gedong....”
- “Pukul duabelas jep nu sesegruk ceurik teh repeh...”
- “Langit poek ngingkleng teu ketempo bentang hiji-hiji
acam
b) Janari
Buktina :”Pukul dua janari.....”
c) Isuk isuk
Buktina :”Poe minggu isuk-isuk, barang Sobari bijil ka tepas...”
“Isukna kira-kira pukul dalapan ....”
d) Pasosore
Buktina ;”Pasosore di warung anu pahareup-hareup jeung setatsion
otobeus di Kuningan...”
e) Poe Senen
Buktina :”Dina poe Senen Gapur ti pukul opat keneh...”
f) Wanci pecat sawed
Buktina :”Hiiji mangsa kira wani pecat saed, Basri dicalukan ku
bapana”
g) Jsb

2.3. Latar Suasana


a) Jempling
Buktina :”Di imah Sobari tiis jempling, rehe jempe, malah tepas oge nu
sasarina ngebrak caang teh, ayeuna mah poek meredong”-
Kacaa 25
b) Sedih, watir
Buktina :”Cunduk waktu datang mangsa, sapu nyere pegat simpay!
Basri nu sapeuting jeput teu sare balas diriung-riung ku sobat-
sobatna, geus ngajanteung hareupeun setatsion otobeus”-Kaca
27
“....jol Yulipah, pasemonna alum, panonna carindul, sigana
bae sapeuting jeputt ceurik...”

Page 5 of 9
”Dimana Basri teh atuh? Hirup keneh? Kumaha cintana ka
manehna? Daekeun ngawin randa? Eta pertanyaan teu daek
leungit tins pikirsn Lili. Mun ras kana pananya nu pandeuri,
dok blug wae Lili meubeutkeun maneh ka enggona, sesegruk
ceurik teu kawawa ku nalangasa”-Kaca 63
c) Bagia, suka bungah
Buktina :”Teu dicatur nu hajatna jeung sukana anu jadi panganten
anyar....”-Kaca 77

3. Plot
Plot atawa alur nu digeunakeun ku pangarang dina ieu carita teh nyaeta Plot maju
jeung plot mundur atawa kasebut oge plot campuran. Ayana plot maju bisa
dibuktikeun tina awal carita waktu Basri jeung Lili diuk duaan sabari ngobrol
“Dina hiji peuting meneran bulan purnama gebrai caang lir ti beurang , dina
bangku handapeun tangkal campaka, aya nu keur dariuk duaan. “Lili”, ceul
Basri nu harita keur diuk tea, kanu gigireunanan. “Ku naon Eulis ngahuleng bae,
teu berag cara sasari?”. Jawab Lili bari neuteup, “Abdi teh heran, dumeh wanci
kieu diajak ka temat anu sakieuu singkurna, abdi mah inggis.....”
Saterusna carita ngalir, mimiti datangna surat ti laleur bodas, muncul konflik, nepi
ka akhir carita.
“.....Dina jero dua taun Lili teu lesot tina kaprihatinanan dipukpruk ku wuwyung,
kaseundeuhan kasedihan...”- Kaca 63
Sedengken plot mundur nu digunakeun dina ieu carita aya dina sababaraha bagian
saperti dina bagian anu nyaritakeun saha nu menta ali teh, jeung waktu Basri
jeung Lili maca catetan poean Gani (Eusi catetan poeanana ngandung plot
mundur)
“Naha diiwat kitu?
Lain, kieu caritana.
Diluhur geus dicaritakeun yen Didi jeung Subita teh ngandung hate ka
Basri.............Meh tilu bulan ti harita lilana Subita mikir-mikirna........Dina hiji
poe manehna diharewosan ku Gapur yn dununganana mumusuhan jeung Basri,
anu ayeuna keur masantren tea....”

4. Palaku
Palaku utama dina ieu carita nyaeta : Basri, Yulipah,Sobari, Subita, Sopandi, Gani,
Gapur
Sedengken palaku tambahanana nyaeta :Yutiah, Sobari, Sumarni, Haji Arsad, Haji
Abu Bakar, Juragan Panghulu, Haji Anang Garib, jsb

5. Karakter Palaku/Panokohan
Page 6 of 9
a) Basri, mangrupa tokoh utama, anak Haji Arsad. Basri mangrupa jalma bageur
nu nurut ka kolotna sarta satia ka sobatna, jeung sabar.
“Ari Basri saenyana mah budak bageur. Kana omongan kolot, rea nurutna
batan mungpangna. Ngan di manehna teh aya bakat sok nyawalaan kahayang
indung-bapaa, kitu ge lamun ceuk pikirna teu merenah. Tapi najan kitu ari
dipaksa mah tara teu nurut, tara mungpang nengterewelang, leah kumah cek
kolot” –Kaca 13
b) Yulipah, Istri nu mikacinta ka Basri. Miboga watak nu bageuer jeung sabar
c) Sobari, nyaeta sobat dalit Basri. Miboga lampah nu bageur sabar, jeung
nyaahan ka sobat
“Peutingna Sobari ngagelendut bae ngomongan Basri yen datngan ka lembur
kudu leuwoh iatna, sabab teu mustahil musuhna masih keneh ngarah-
ngarah”- kaca 67
d) Sopandi, adi Subita. Boga lampah nu goreng, manehna nyieun lampah nu teu
bener jeung Sumarni nu geus boga salaki nyaeta Sobari. Manehna terus usaha
nyilakakeun Basri sabab sieuneun rasiah na kabongkar.
“Asa teu pupuguh ceuk urang mah Didi ngahina ka Basri nepi ka beak
bereesih teh, padahal teu boga dosa. Saumurna tacan pacental basa jeung
manehna teh. Mun papanggih anggah-ungguh teu katingal kahormatan, da
terang yen nu jugala. Jaba ti eta teh geus apal ongkoh kana adatna, Didi teh
Resep dihormat-hormat” –Kaca 18
e) Subita, lanceuk Didi. Saruana jeung adina, Subita oge miboga lampah nu teu
bener, manehna terus ngadukung Didi pikeun nyilakakeun Basri.
“Adi lanceuk teu kendat neangan akal nu rikip, geusan mulangkeun kanyeri,
malah lamun teu beunang ku akal lemes rek ditargal...”-kaca 38
“Nepi ka kitu Subita teh, pamajikan dijieun pakarang, geusan anaur kanyeri
dulur”
f) Gani, anak buah Subita. Sobat Basri oge, jelemana miboga watak nu hade,
bageur, nyaah kana kahadean.
g) Gapur, anak buah Subita , mandor kontrak enteh Pasir Batang, di lamping
Geger Halang boga na Subita. Gapur miboga kalakuan nu kurang hade, nurut
ka dununganana tapi dina hal-hal nu kurang bener.
“.....Ari tadina mah geus meunang ngagit pisan, Basri baris ditewk ku Gapur
ing nepi ka misanna mayitna rek dikeupeulkeun sekinu nu geus pinuh ku
getih.”- Kaca 54
“Nyucud kajahatanna si Gapur teh,” gerentes Basri bari ngarandag kaluar ti
kolong ranjang...”

Page 7 of 9
h) Sumarni, miboga lampah nu teu hade. Awewe nu kurang bener, sangkilang
boga salaki tapi tetep milampah laku goreng jeun lalaki sejen
“Sumarni ditundung ku Sobari. Nyucudna nurustunjung, cacapna kagorenan,
boro-boro susah tea, ieu mah jiga teu era-eraeun acan, malah bangun bungah
nu aya.....”
i) Haji Arsad, bapana Basri. Jelema na bageur, teges ngawarah anak, jeung
nyaahan.
“Haji Arsad leuwih ti ratus tilu dipake ongkos neangan, tapi lapu teu kapapay
tapak-tapakna acan” –Kaca 64
“Buktina Haji Arsad, Bapana Basri ngadadak robah pikiran, hayangeun
ngajeujeuhkeun heula anak kana bagbagan agama. Maksudna mah alus, ku
tina doa-doana ka Lili...”-Kaca 13
j) Haji Abu Bakar , bapana Yulipah atawa Lili. Jelema na bageur tapi aya hiji
wanci manehna bis rusuh ku hiji hal atawa kabawa ku nafsu na
“..........komo indungna mah, tampolanana sok ngagambreng ka salikna
bongan atah sasar, rusuh kabawa ku nafsu ngawinkeun budak teu tatanya
heula- Ceuk indung Lili ka Bapa Lili
k) Yutiah, jeleman bageur jeug teu
l) Haji Anang Garib , Jelema na bageur kacida, nyaahan
“Awahing ku tumarima, Basri teh lain ngan dinuhunkeun bae, tap bari kacida
diakuna. Komo barang ngadenge lalakonna anu sakitu pinyeurieunana......”
“Ayeuna mah Ujang enggeus bae matuh di dieu. Bapa minangka gaganti Ama
di Kuningan. Beak-beak Bapa tumarima, dumeh Paridah ditulungan.....” –
Haji Anang Garib ka Basri
6. Amanat
Amanat dina novel ieu teh kurang leuwih nyaeta urang teu bisa nganilai jalma
ukur ti sabeulah sisi, teu salilana jelema nu dianggap musuh saenya na musuh,
jeung teu salilana jelema nu dianggap sobat saenya na sobat. Novel ieu oge
ngajarkeun yen laku lampah nu dilakukeun ku urang boh hade atawa goreng pasti
meunang wawales anu satimpal.
“Basri ngarasa kaduhung pedah geus nyangka goreng, malah niat rek ngabasmi
sagala ka jalma nu sakitu belana”- Hal 92
7. Sudut Pandang
Didieu pagarang ngagunakeun sudut pandang jelema katilu, cirina nyaeta
pangarang ngagunakeun kata sebutan/ngaran dina caritana.
“Lili” Ceu Basri nu harita keur diuk tea, ka nu gigireunanan...”-Kaca 1

E. KOMENTAR
Laleur bodas teh caritana alus, alur na teu pabeulit saperti carita misteri sejenna, tapi
sanajan kitu oge tetep bisa ngahudang rasa panasaran kanu maracana. Rasiah saha eta

Page 8 of 9
Laleur Bodas sabenerna bener-bener teu katebak jeung teu disangka sangka. Gaya
basa nu digunakeun ku pangarang dina ieu carita teh cukup alus jeung komunikatif,
sanajan loba kecap-kecap nu rasana kurang cocok jeung bacaeun rumaja jaman
ayeuna. Amanat nu aya dina carita ieu oge pohara alusna pikeun urang salaku
makhluk sosial nu teu weleh miboga hubungan jeung jalma lian, sangkan teu nganilai
jelema ti sabeulah sisi.

***

Page 9 of 9

Anda mungkin juga menyukai