Anda di halaman 1dari 3

PAPASINGAN NOVEL

Novel mangrupakeun salah sahiji genre sastra sunda nu datangna tina sastra bangsa
deungeun, lain asli pituin sastra Sunda. Novel nya éta carita rékaan anu rélatif panjang dina
wangun prosa sarta miboga alur, carita, jeung karakter nu kompéks.

Ku lantaran panjang, novel biasana mah sok mangrupa buku. Novel Sunda nu mimiti medal
nya éta Baruang Kanu Ngarora nu ditulis ku D.K. adiwinata dina taun 1914, dipedalkeun ku
Bale Pustaka.

Novel Sunda ogé lain di pangaruhan tina sastra Indonesia, sabab novel dina basa Indonesia
mah kakara aya dina taun 1920 dina judul novel Azab dan sengsara, karya Merari siregar.

Dihandap ieu aya sababaraha conto judul novel bahasa sunda jeung pangarangna nu
pernah ditulis dina karya sastra novel basa sunda

JENIS JENIS NOVEL


Dumasar Kana Golongan :

1. Novel Barudak
nyaeta novel anu eusina carita barudak, boh tokoh boh galur carita.
Judul - Judul Novel Barudak :
a. Budak Motekar, Karya Juniarso Ridwan.
b. Nyi Bungsu Rarang, Karya Ajip Rosidi.
c. Si Pucuk Kalumpang, Karya Ajip Rosidi.
d. Si Bedog Panjang, Karya Ki Umbara.
e. Budak Minggat, Karya Samsoedi.

2. Novel Rumaja
nyaéta novél nu eusi sarta pamacana para rumaja.
Judul - Judul Novel Rumaja :
a. Catetan Poean Rere, Karya Ai Koraliati.
b. Baruang Ka Nu Ngarora, Karya D.K. Ardiwinata.
c. Pusaka Ratu Teluh, Karya Moh. Ambri.
d. Ngawadalkeun Nyawa, Karya Moh. Ambri.
e. Numbuk di Sue, Karya Moh. Ambri.

3. Novel Dewasa
nya éta novel anu eusina carita déwasa.
Judul - Judul Novel Dewasa :
a. Oray Bedul Macok Mang Konod, Karya Usep Romli.
b. Dirawu Kelong, Karya Ahmad Bakri.
c. Siti Rayati, Karya Moh. Sanoesi.
d. Perang Bubat, Karya Yoseph Iskandar.
e. Si Sekar Panggung, Karya Tatang Sumarsono.

Dumasar Kana Temana Jeung Masalah Nu Dicaritakeun :


1. Novel Silih Asih
Novel silih asih nyaeta novel nu nyaritakeun cinta asmara palaku utama.
Judul - Judul Novel Silih Asih :
a. Arjuna Mencari Cinta, Karya Yudhistira ANM Massardi.
b. Baruang Kanu Ngarora, Karya D.K Ardiwinata.
c. Rasiah Nu Goreng Patut, Karya Soekria & Joehana.
d. Nadran, Karya Ahmad Bakri.
e. Lain Eta, Karya Moh. Ambri.

2. Novel Kulawarga
Novel kulawarga nyaeta novel nu nyaritakeun masalah kulawarga palaku utama.
Judul - Judul Novel Kulawarga :
a. Patepung di Bandung, Karya Taufik Faturohman.
b. Budak Teuneung, Karya Samsoedi.
c. Niskala, Karya Hermawan Aksan.
d. Pipisahan, Karya R.A.F.
e. Nyi Bungsu Rarang, Karya Ajip Rosidi.

3. Novel Sosial
Novel sosial : Nyaeta novel nu nyaritakeun atawa nyoko kana masalah sosial masarakat.
Judul - Judul Novel Sosial :
a. Teu Pegat Asih, Karya Farida Fajrin.
b. Lembur Kuring, Karya Abdullah Mustappa.
c. Urang Desa, Karya Moh. Ambri.
d. Mayit Dina Dahan Jengkol, Karya Ahmad Bakri.
e. Numbuk di Sue, Karya Moh. Ambri.

4. Novel Misteri
Novel misteri nyaeta novel nyaritakeun hal-hal nu ngandung rusiah.
Judul - Judul Novel Misteri :
a. Laleur Bodas, Karya Samsu.
b. Haur Geulis, Karya Dadan Sutisna.
c. Kedok Tangkorek, Karya Aan Merdeka Permana.
d. Dirawu Kelong, Karya Ahmad Bakri.
e. Sasakala Maribaya, Karya Akub Sumarna.

5. Novel Sejarah
Nyaeta novel nu nyaritakeun kajadian sajarah.
Judul - Judul Novel Sejarah :
a. Wastu Kancana, Karya Yoseph Iskandar.
b. Prabu Wangisutah, Karya Yoseph Iskandar.
c. Perang Bubat, Karya Yoseph Iskandar.
d. Ajar Kutamangu, Karya Yoseph Iskandar.
e. Pamanahrasa, Karya Yoseph Iskandar.

6. Novel Jiwa
Nyaeta novel nu nyaritakeun kaayaan kejiwaan.
Judul - Judul Novel Jiwa :
a. Ngawadalkeun Nyawa, Karya Moh. Ambri.
b. Pasung Jiwa, Karya Okky Madasari.
c. Babalik Pikir, Karya Samsoedi.
d. Jiwa Manusia, Karya Anais Andrieu.
e. Raga Kayu, Karya Anais Andrieu.

CIRI - CIRI NOVEL SECARA UMUM


Ciri - Ciri Novel Nyaeta :
1. Carita dina novel biasana ngabogaan eusi anu mangrupa carita khayal atawa carita
nyata.
2. Anu nulis novel biasana jelas.
3. Novel kaasupna kana carita prosa anyar.
4. Carita dina novel biasana mangrupa carita anu rakyat sentris, realistis, bahan
caritana dicokot tina kahirupan nu aya di rakyat sakitar, sarta biasana dipangaruhan
ku sastra barat.
5. Eusi carita dina novel, temana biasana bebas, sarta sifatna dinamis.
6. Palaku anu aya dina novel biasana ngan jelema wungkul (beda jeung dongeng anu
palakuna bisa jalam, sato atawa tutuwuhan).
7. Cerita khayal anu aya dina novel logis sarta realistis, henteu siga carita nu aya dina
dongeng.

Anda mungkin juga menyukai