Anda di halaman 1dari 13

Rangkuman Bahasa Sunda

Kisi-kisi
3.5 Menganalisis isi, pola penyajian, dan unsur kebahasaan teks warta dari media
massa cetak/elektronik
● Membaca dan memahami isi warta (ngajawab patalekan dumasar kana teks warta
anu dipidangkeun)
● Membaca dan menganalisis isi warta
● Menganalisis unsur warta (Naon, saha, dimana, iraha, kunaon, kumaha)
● Menyebutkan fungsi warta (dumasar kana teks warta anu dipidangkeun)
● Memahami pengaruh warta (boga sikap kritis narima informasi)
● Memahami jenis-jenis warta

3.6 Menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan novel


● Menjelaskan apa yang dimaksud novel
● Menjelaskan bedanya novel dengan karya sastra yang lain
● Menjelaskan unsur novel
● Memahami isi sempalan teks novel dengan teliti
● Menyebutkan pengarang sunda jeung karyana
● Menyusun kalimat berdasarkan kosa kata yang ada pada sempalan teks yang ada

3.7 Menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan teks biografi


● Membaca dan memahami isi biografi (ngajawab patalekan dumasar kana sempalan
teks biografi anu dipidangkeun)
● Menjelaskan biografi
● Menjelaskan otobiografi
● Menganalisis unsur biografi
● Menjelaskan fungsi biografi dan otobiografi
● Menyebutkan istilah basa sehari-hari (nama jenis penyakit)
● Menyebutkan istilah bangunan (suhunan)
● Menganalisis kalimat rakitan lantip (nyebutkeun maksud saenyana tina kalimah
rakitan lantip
Warta

● Kecap warta teh ngandung harti beja, bewara, atawa informasi.

● Kecap warta asalna tina basa sansekerta, nyaeta beja atawa kabar barita

● Unsur warta (5W + 1H)


A. Who (Saha)
Saha anu ngarasa kahibur ku pesta kembang api teh?
Saha anu boga alpukah ngayakeun pesta kembang api teh
B. What (Naon)
Naon maksudna diayakeun pesta kembang api teh?
Naon bae acarana dina Milangkala ka 204 Kota Bandung teh
C. Why (ku naon, naha)
Naha make diayakeun pesta kembang api?
Ku naon loba warga anu datang kana pesta kembang api?
D. Where (Di mana)
Di mana diayakeunana pesta kembang api teh?
Di mana bae anu aya hiburan dina raraga Milangkala ka 204 Kota Bandung teh
E. When (Iraha)
Iraha diayakeunana pesta kembang api teh?
Iraha Milangkala ka 204 Kota Bandung teh?
F. How (Kumaha)
Kumaha prak-prakanana pesta kembang api teh?
Kumaha tanggapan warga kana pesta kembang api teh?

● Fungsi lain warta


○ Mere katerangan atawa beja ngeunaan hiji kajadian atawa hal ka balarea
ngaliwatan media massa, boh media citak saperti koran jeung majalah, boh
media elektronik saperti radio, televisi, jeung internet.
○ Mangrupa kontrol sosial, maksudna sangkan aya tarekah pikeun ngomean
kaayaan anu teu regeujeung tea. Tujuanana sangkan kaayaan di masarakat jadi
leuwih hade.

● Jenis warta
1. Straight News / Warta Langsung
Warta anu dipidangkeun dumasar kajadiannu sabenerna, teu ditambahan atawa
dikurangan kalawan ngagunakeun bahasa nu lugas, ngarah babari kahartina ku
nu narima.
2. Depth News
Warta anu dipidangkeun langsung sajaba ti nepikeun peristiwa nu sabenerna
oge sok ditambahan ku informasi sejenna nu mangrupa kata nu aya patalinna
jeung paristiwa nu keur kajadian
3. Soft News / Warta Hampang
Teu ngutamakeun pentingna kajadian atawa ramena warta tapi leuwih
mentingkeun kana aspek kamunasannana (human interest). Ari nu disebut
human interest nyaeta warta anu ngajak mikir, nalar, ngarasa, atawa empati
masyarakat kana hiji peristiwa
4. Feature Story / Investigation News / Warta Kisah
Warta anu dilengkapan ku kosong tukang hiji kajadian tur dipidangkeunana
ngagunakeun gaya basa anu matak nimbulkeun rupa rupa rasa nu narima eta
warta
5. Reportase / Interpretive News
Ngalaporkeun warta nu ditambahkeun ku pamanggih panalungtik/pangamat
jeung sumber ti nulis sangkan nu narima warta ngarasa sugema sabab meunang
data/pakta, atawa informasi nu leuwih munel tur lengkap

● Latihan kaca 75

1. Naon anu dimaksud warta teh?


Beja, bewara, atawa informasi
2. Naon fungsi warta anu utama teh?
Mere katerangan atawa beja ngenaan hiji kajadian atawa hal ku balarea, ngaliwatan
media massa, boh media citak saperti koran jeung majalah, boh media elektronik
saperti radio, televisi, jeung internet.
3. Kumaha tarekahna sangkan warta leuwih loba mangpaatna pikeun balarea?
Warta nu hade teh nyaeta warta anu informasina bisa jadi bahan pangaweruh keur nu
macana atawa nu ngadenge keunana
4. Warta oge miboga fungsi kontrol sosial. Cik, terangkeun naon maksudna
kontrol sosial didinya teh?
Maksud kontrol sosial teh nyaeta sangkan aya tarekah pikeun ngomean kaayaan anu
teu regeujeug
5. Nyieun warta teu meunang pisan “dipelintir”. Nurutkeun hidep, naon maksudna
“dipelintir” di dinya teh?
Diawang-awang, dikira-kira, dipapantas
6. Nyieun warta henteu bisa sakadaek. Naon sababna?
Sabab warta teh kudu salawasna obyektif. Kudu netral, henteu mihak ka salasahiji
pihak atawa golongan, henteu kacampuran ku opini atawa sawangan jeung pamadegan
pribadi nu nulisna.
7. Unsur-unsur naon anu sok aya dina warta teh? Tataan jeung terangkeun hiji-
hijina
Who (saha anu terlibat di kajadianna), What (Naon nu terjadi_, Why (Naha peristiwana
terjadi_, Where (Dimana kajadianna terjadi), When (Iraha paristiwana terjadi), How
(Kumaha kajadianna terjadi).
8. Upamana urang nyaho eusi warta, cukup baca bae bagian puhu wartana. Naon
sababna?
Sabab puhu warta teh ngebrahkeun inti tina sagemblangan eusi warta
9. Naon anu disebut “piramida terbalik teh?
Alasan anu dimimitian ku bagian penting, beuki handap beuki teu penting
10. Nurutkeun hidep, anu kumaha warta anu hade tur aya mangpaatna keur
balarea teh?
Wartana kudu aya animasi mun lewat media elektronik jeung eusina anu ngeunaan
saran anu ngaringankeun kagiatan sapopoe

Novel

● Novel teh karya rekaan (fiksi) dina wangun prosa


● Ciri-ciri novel nu pangpentingna :
1. Wangunna prosa (fiksi) panjang, jauh leuwih panjang batan carpon. Keur
ngagampangkeun, upama dicitak cukup keur sabukueun. Upama dibaca nepi ka
tamat, moal cukup satengah jam
2. Ku sabab panjang, tokohna loba sarta kajadian nu dicaritakeunana bisa rupa-
rupa (ngarancabang)
3. Jejer jeung eusina nyaritakeun kahirupan sapopoe

● Pangarang sunda jeung novel karyana


1. D.K. Ardiwinata: Baruang ka nu Ngarora
2. Joehana: Mugiri, Agan Permas, Carlos Eulis Acih, Kalepatan Putra Dosana Ibu
Rama, Rusiah nu Goreng Patut (Karnadi Anemer Bangkong).
3. Moh. Ambri: Lain Eta, Numbuk di Sue, Pusaka Ratu Teluh (saduran),
Pependeman Nabi Sulaeman (saduran), Urang Desa, Ngawadalkeun Nyawa
(saduran).
4. R. Memed Sastrahadiprawira: Pangeran Kornel, Mantri Jero.
5. M.A. Salmun: Gogda ka nu Ngarora, Vila Bati Nyeri, Randa Jegud
6. Caraka: Sripanggung
7. Candrahayat: Carmad
8. Yus rusamsi: Dedeh, Wilujeng Enjing.
9. Aam Amilia: Puputon, Buron, Lalangse, Kalajengking, Sanggeus Halimun
Peuray.
10. Ahmad Bakti: Juragan Batik, Srangenge Surup Manten, Nu Sengit Dipulang
Asih, Rajapati di Pananjung, Asmaramuka, Mayit dina Dahan Jengkol, Dina
Kalangkung Panjara, Portret, Sanghiang Lutung Kasarung
11. RAF : Pipisahan, Nu Kaul Lagu Kaleon, Bentang Lapang.
12. AdangS: Ngepung Kahar Muzakar, Neangan Bapa, Budak Calakan, Juragan
Kabayan, Malati Dipager Bedil.
13. Ningrum Julaeha: Arca
14. Abdullah Mustappa: Mikung, Lembur Singkur, Tareh Rosululloh
15. Yoseph Iskandar: Perang Bubat, Putri Subanglarang, Pamanahrasa,
Dewawarman, Siliwangi Maharaja Pajajaran, Rini
16. Eddy D. Iskandar: Cinta Pabaliut
17. Tatang Sumarsono: Demung Janggala, Miang jeung Kaludeung, Jaro Bentahan,
Kolebat Kuwung-kuwungan Kinasi Katumbirian, Si Paser, Galuring Gending.
18. Taufik Faturohman: Patepung di Bandung
19. Hidayat Soesanto: Guha Karang Legok Pari, Bima Rengkung, Kurawa Pandawa
20. Deden Abdul Azis: Panganten.
21. Ki Umbara: Si Lamsijan Kaedanan, Bedog Si Rajapati
22. Samsu (Sambas & Susangka): Laleur Bodas.
23. Margasulaksana: Diarah Pati
24. Nanie Sudarma: Rasiah Geulang Rantay
25. Min Resmana: Napsu nu Matak Kaduhung, Neangan Bapa, Imah nu Rea
Kamarna
26. Godi Suwarna: Sandekala, Deng
27. Syarif Amin: Nyi Haji Saonah, Manehna
28. Aan Merdeka Permana: Muru Tanah Harepan, Kedok Tangkorek, Andar-andar
Pangandaran

● Unsur-unsur novel
1. Jejer
Jejer atawa tema nya eta inti pikiran atawa puseur implengan pangarang anu
aya dinta eta novel.Contona : cinta, kapahlawanan, kulawarga, atikan,
lingkungan hirup, mikanyaah sasatoan teh ulang ngaganggu kabiasaan hirupna
jeung lingkunganana, harta jeung kalungguhan henteu jadi jaminan hirup serang.
2. Palaku
Palaku nya eta ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalakon dina
carita. Palaku mibanda pasipatan (karakter) anu beda-beda, aya nu disebutkeun
langsung, aya nu diagambarkeun sacara henteu langsung. Palaku bisa dibagi tilu
rupa:
a. Palaku utama
b. Palaku kadua
c. Palaku tambahan
3. Latar / Kasang tukang
Latar tempat jeung latar waktu. Latar tempat nuduhkeun di mana kajadiananana,
ari latar waktu nuduhkeun iraha kajadianana.
4. Alur
Alur atawa plot teh nya eta runtuyan kajadian anu ngawangun hiji cerita. Cara
midangkeunana diluyukeun jeung tujuan anu hayang dihontal ku pangarangna.
Alur umumna diwangun ku:
a. Bubuka
b. Mimiti muncul masalah
c. Masalah muncer
d. Ngarengsekeun masalah
e. Pungkasan carita

Dumasar kana wandana, aya nu disebut:


a. Alur marele (maju)
b. Alur bobok tengah (campuran)
c. Alur mundur
5. Amanat
Amanat teh nya eta pesen pengarang anu hayang ditepikeun ku pangarang ka
nu maca.

Biografi
● Biografi teh tulisan atawa lalakon kahirupan pribadi hiji jelema. Bisa sagemblengna,
ti mimiti lahir nepi ka maotna, bisa oge medar sabagian tina kahirupanana anu
dianggap penting

● Biografi nu ditulis ku sorangan, disebutna otobiografi.

● Hal-hal anu dianggep penting dina nulis biografi


a. Tempat jeung tanggal lahirna
b. Indung bapa jeung kulawargana
c. Riwayat pendidikanana
d. Lalakon hirupna nepi ka bisa sukses dina widangna
e. Prestasina anu kacangking dina widangna
f. Jalna-jalma anu dianggep gede jasana dina milampah karirna
g. Sikepna dina nyanghareupan kahirupan
h. Karesepna, katut hal-hal anu dianggep penting dina lalakon hirupna

● Hal-hal anu dianggep penting dina nulis otobiografi


a. Tanggal jeung tempat hidep dilahirkeun
b. Indung bapa jeung kulawarga hidep
c. Riwayat sakola hidep
d. Prestasi hidep di sakola atawa dina widang sejenna
e. Karesep hidep
f. Jalma-jalma anu gede pangaruhna kana kahirupan hidep
g. Bisa oge diwuwuhan ku cita-cita hidep, sikap hidep dina nyanghareupan
kahirupan, sarta hal-hal anu dianggap penting dina kahirupan hidep.
Suhunan

● Suhunan Jolopong

Nyaéta rupa wangunan anu suhunanna manjang, sering disebat ogé suhunan panjang atau
gagajahan. Suhunan Jolopong dianggo / digunakeun ogé di Kampung Pulo – Garut.
● Badak Heuay

Nyaéta rupa wangunan sapertos saung, teu nganggo wuwung sambungan suhunan /hateup
payun sareng pengker. Upami ditingal sapertos badak nuju heuay.
● Tagog Anjing
Nyaéta rupa wangunan anu percis sareng rupa badak heuay, mung aya sambungan ka
payun tur turun sakedik. Janten wangunanna ngeluk siga anjing cingogo / nagog.
● Julang Ngapak

Nyaéta rupa wangunan imah anu suhunan bagéan kénca tur katuhuna rada rubak ka gigir. Aya
ogé anu nyebutkeun maké sorondoy. Upami ditingal ti palih payun sapertos manuk julang anu
nuju hiber tur mébérkeun jangjangna.
● Parahu Kumereb

Nyaéta rupa wangunan anu suhunan siga parahu anu nagkub. Suhunan parahu kumureb,
kiwari mah disebatna ATAP PERISAI.
● Capit Gunting

Nyaéta rupa wangunan imah anu dina tungtung payun tur pengker suhunan nganggo kai atanai
awi anu dipasangkeunna na nyilang dibagéan luhurna sapertos gunting.
Suhunan capit gunting sami sareng atap pelana mung ditambihan rarangkén lisplang yang
nyogok ka luhur tur nyilang.

Rakitan Lantip

1. Isuk-isuk geus seungit nu meuleum sate


● Logika : Isuk-isuk geus seungit ku nu meuleum sate
● Hartina: Isuk-isuk geus seungit sate bakar
2. Kang Dodi keur meuleum hayam, huluna tutung
● Logika : kang dodi keur meuleum hayam, hulu kang dodi tutung
● Hartina: kang dodi meuleum hayam, hulu hayamana tutung
3. Pak, punten pangmagatkeun mobil
● Logika : Pak, punten putuskeum mobil
● Hartina: Pak, punten berhentikeun mobil
4. Yadi keur dahar jeung lauk
● Logika : Lauk jeung Yodi keur dahar babareungan
● Hartina: Yodi keur dahar lauk
5. Siti hayang asup ka TV
● Logika : Tubuhna Siti asup kadalam TV
● Hartina: Siti hayang tampil di TV
6. Jang, leutikan radio teh, gandeng!
● Logika : Wujud fisik radiona teh dileutikan
● Hartina: Jang leutikan sora radio teh, gandeng!
7. Hen panghurungkeun listrik!
● Logika : Listrik dihurungkeun
● Hartina: Lampu dinyalakeun
8. Palingan ngeunah masak teh, da neng Yati mah masakna pake hate
● Logika : Hatena neng yeti dimasak
● Hartina: Neng yati masak make perasaan
9. Jang, pangmenerkeun cari
● Logika : Jang pangmenerkeun cai
● Hartina: Jang, pangmenerkeun keran/pompa cai
10. Dayat geus heubeul teu dahar jeung domba
● Logika : Dayat geus heubeul teu dahar sareung domba
● Hartina: Dayat geus hebel teu dahar daging domba
Kosakata Tambahan

● Mamandaluan : Pura-pura, api-api teu nyaho


● Surup : cocog, aduna, tinglem (panonpoe)
● Somah : Rayat biasa, lain pagawe atawa alat pamarentah, pajabat
● Direremokeun : Dikawinkeun nurutkeun kahayang kolot lalaki jeung kolot awewena, lain
kahayang sorangan
● Pamohalan : Mustahil, henteu kaharti ku akal, teu logis
● Salieuk beh : Sagala aya, sagala nyampak, taya kakurang, loba harta bendana
● Pepegatan : Pipisahan, rumah tanggana papisah
● Ngancrud : Ngalajur napsu, terus milampah pagawean nirca
● Mapaes : Ngahias
● Papaes : Hiasan
● Emprak : Keprok
● Sapiri umpi : sakulawarga, saeusi imah
● Umpi : kulawarga saimah
● Istigosah : Naneda pitulung (ngadunga) ka Gusti Alloh sangkan dijauhkeun tina
saniskara marabahaya
● Meredih : Menta kalawan daria
● Pancabaya : Rupa-rupa bahaya
● Pancaraken : Rupa-rupa parabot dapur
● Pancalongok : BANGSAT
● Kateureugeujeugan: Kateuberesan
● Teu reugeujeug : Teu beres
● Dominan : Kuat atawa gede pangaruhna
● Balantik : Usaha ku jalan jual beuli
● Mahabu : Pohara ngagalaksakna (merajalela
● Diteureuy buleud : Langsung ditarima bari teu dipikir heula
● Tampolong : Wadah ciduh atawa cikahampangan tina logam
● Surti : Ngarti bari teu kudu diterangkeun
● Dileler : Lemesna tina “dibere”
● Kabaud : Kalibet, kababawa kana hiji perkara
● Gerakan separatis: Gerakan pikeun misahkeun daerah ti nagara atawa hiji kakawasaan
● Pro jeung kontra : Satuju jeung teu satuju
● Biluk : Milih salasahiji pihak
● Mulang ka asal : Maot
● Bisluit : Surat putusan
● Titimangsa : Tanggal
● Sabrang : peuntas
● Otentik : Asli
● Pipirakan : Lemesna tina pipisahan atawa pepegatan
● Bibit buit : Asal muasalna
● Dirangkepkeunana: Dihijikeunana, geus waktuna
● Puseur : Pusat
● Sacangkewok : Saeutik
● Jembar : Lega, loba
● Wincikan : Perelean, runtuyan bagian-bagian sarupaning perkara
● Jengglengan : Katenjo jungkringna (wujudna) anu alus
● Gegek : Loba, padet (penduduk, imah)

Anda mungkin juga menyukai