Anda di halaman 1dari 3

Analisis Kawih

Sisi Laut Pangandaran – Doel Sumbang

Harita basa usum halodo panjang


Calik paduduaan
Dina samak salambar
Hmm.. saksina bulan anu sapotong
Hmm.. saksina bentang anu baranang

Aya kasono aya katresna


Aya kadeudeuh aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Aya kasono aya katresna
Aya kadeudeuh aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Sisi laut Pangandaran..

Tina ati pada pada kedal jangji


Urang silih asuh silih asih silih jagi
Deg ngadegkeun arti asih saenyana
Deug ngadegkeun arti deudeuh saenyana

Ulah dugika rasa katresna


Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nuntun kana jalan salah
Ulah dugika rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nuntun kana jalan salah
Sisi laut Pangandaran..
Reup dicangreud hate geus pageh kabengkeut
Sisi laut pangandaran..
Reup dicangkem beuki rapet beuki deudeuh
Sisi laut pangandaran..

Analisis
1. Rasa : Ngagambarkeun kasono hiji lalaki ka hiji wanoja ku hiji tempat.
2. Nada : Pinuh ku panghareupan.
3. Tema : Percintaan.
4. Amanat : Mere pepeling kanu keur papada miasih supaya rasa nyaah,
deudeuh, jeung rasa tresna teh henteu nungtun kana jalan
salah.

Analisis Kata
1. Harita : Basa eta
2. Halodo : Musim kemarau/hawa anu baseuh ka hawa anu garing
3. Samak : Tikar
4. Bentang : Bintang
5. Baranang : Bersinar/kacahayaan
6. Kasono : kangen/rindu
7. Katresna : Sayang/cinta/bogoh
8. Kadeudeuh : Sangat sayang
9. Kanyaah : Kasih sayang
10.Bungah : Gumbira/atoh
11. Bagja : Bahagia
12. Kedal : ucapan/omongan
13. Asuh : Ngajaga
14. Asih : Sayang/kasih
15. Ngadegkeun: ngadirikeun/negakkeun
16. Kerep : Tetep
17. Ngagedur : Sumanget
18. Balukarna : Akibatna
19. Reup : Mulai
20. Dicangreud : Pageuh
21. Dicangkem : Di cakeul ku omongan

Anda mungkin juga menyukai