Anda di halaman 1dari 2

AUTOBIOGRAFI

RASYA PADANTYA R

X-MIPA 4

Dina taun 2000, dinten Rebo kaping 04 Oktober salah saurang istri anu nuju ngandung
salapan bulan saparantos anjeunna masak patuanganna musial hante raraos, tos kitu anjeunna
wawartos ka mitohana. Teu lami tos kitu mitohana langsung nyauran paraji. Teras paraji
dongkap, paraji nyaur yen istri eta bade ngalahirkeun. Tabuh 19.01 WIB di Bandung wanci pecat
istri eta ahirna ngababarkeun saurang anak istri anu ku carogena dinamian Rasya Padantya
Ratnaduhita.
Anak istri anu namina Rasya Padantya nyaeta abdi. Abdi nyaeta putri sulung ti pasangan
laki rabi anu namina Sudaryono jeung Lia Ekawati. Kalahiran abdi mangrupakeun kalahiran anu
pang diantos-antosna kusabab abdi anak kahiji, ti taun 2006 abdi boga adi nu namina Revallina
Andharly Megantara.
Saparantos abdi lahir, pun ibu masihan ASI sareng tuangeun anu ngandung gizi. Mangsa
abdi umur 3 bulan abdi diajar ngorondang ku pun ibu, pun bapa, sareng wargi-wargi anu caket.
Umur 12 bulan abdi diajar mapah, diajar nyaur nyebat sasauran anu saderhana sapartos “Ibu,
Ayah” jeung salainna.
Ti mulai umur sataun abdi sering ameng sareng rerencangan. Amengna sok
bobonekaan, dadagangan ku teneh, babajuan, susumputan, jeung anu sanesna.
Umur 6 taun abdi disakolakeun di SDN 1 Kayuambon ti taun 2006-2012. Mangsa abdi
nuju SD abdi kalebet anak aktif-aktif cicingan sareng isinan pisan tapi kadang wantun. Salami
sataun di kelas hiji abdi sadidintenna sok dianterkeun ku pun ibu atanapi ku pun bapa.

Saparantos lulus SD, abdi ngalajeungkeun dina taun 2013 sakola ka SMP Baktinusantara
666 dina taun 2014-2015 abdi di SMP Negeri 2 Lembang. Salami SMP abdi mulai aya kanaikan
tina hal prestasi ti mulai kelas VIIIH semester II abdi pernah  juara ka 10 lumayan, kelas IXE
semester II teu aya juara di kelas tapi Alhamdulillah nilai rapot abdi nyugemakeun pisan. Mangsa
kelas IX nyaeta mangsa-mangsa anu paling deg-degan kusabab kelas IX mangrupakeun
panentuan lulus hanteuna. Dina mangsa eta abdi giat diajar kangge nyiapkeun Ujian Nasional.
Mangsa dibagikeun amplop kelulusan, abdi narima amplop, bari hate deg-degan abdi muka eusi
amplop eta. Alhamdulilah pas dibuka eusi amplop eta nerangkeun yen abdi lulus. Abdi langsung
sujud syukur ka Allah SWT sareng ngagabrug ka rerencangan.
Lulus SMP abdi daftar janten siswa anyar di SMAN 1 Lembang, tanggal 11 Mei 2015 abdi
narima surat yen abdi ditarima di SMAN 1 Lembang. Tanggal 13 Juli 2015 abdi ngiringan MOS
(Masa Orientasi Sekolah) anu kedah ngangge acuk seragam SMP, make pita nu sasuai gugusna
anu diteundeun dina kapala, benten nu beusina dibere tulisan SM1LE.
Di SMA abdi lebet di kelas X-MIPA 4, anu kasebatna mah insyaallah kelas unggulan
Aamiin.
Di SMA abdi ngiluan kaorganisasian Ikhrisma jeung Pholisment tapi Pholisment mah
ayeuna geus eweuh info kempeul deui da karek sakali kumpul. Alasan  abdi ngiring Ikhrisma
nyaeta kusabab abdi hoyong hoyong lewih neleuman agama Islam, salain ti eta seur elmu-elmu
agama islam anu parantos abdi terang ti para ustadz sareng Teteh-teteh atawa Akang-akang
Ikhrisma. Sedengkeun alasan abdi ngringan Pholisment abi hoyong jadi Photografer nu
professional.
Ti keur alit abdi resep maen boneka-bonekaan anu boneka na Barbie. Pun bapa sering
mangmeserkeun boneka Barbie sareng alat-alat bumina. Biasa na abdi maen bobonekaan bisa
dugi kasapopoe sareng rerencangan. Karesep abdi maen boneka-bonekaan dugi ka kelas 6 SD.
Abdi mangrupakeun tipe anak anu rada sesah caket sareng jalmi-jalmi anu anyar.

Pangajen (penghargaan) anu kungsi ditarima ku abdi nyaeta:

1. Juara I (umum) Anggota Paskibra tingkat Kota


2. Juara II maca Al-Qur’an tingkat RT
3. Juara IV Nyanyi Qasidah tingkat Kecamatan

Anda mungkin juga menyukai