Anda di halaman 1dari 3

RESENSI NOVEL SI LAMSIJIN KAÉDAMAN

Disusu Untuk Memenuhi Mata Pelajaran Bahasa Sunda

Disusu oleh :
Nama :
Kelas :

SMAN 1 LEMAHABANG KARAWANG


2019-2020
1.Identitas Novel
 Judul : Si Lamsijan Ka edanan
 Pangarang : Ki Umbara
 Penerbit : Kiblat Buku Utama
 Taun Terbit : 2003
 Jumlah Kaca : 66 Kaca

2.Sinopsis
Carita novel Si Lamsijan Kaedanan ieu teh disaruakeun jeung si kabayan dina
dongeng-dogeng urang sunda, atawa jeung si cepot nu aya dina wayang golek. Si
Lamsijan manehna asa pangpiterna tapi bodo katotoloyoh. Hiji waktu manehna hayang
kawin ka budak anu ngaranna Si Amoy, tapi ema na teu satuju.

Tapi Si Lamsijan terus ngomong ka indungna piraku ema teu genah bogah minantu
geulis, teras engke mah mun uing galongging panas tiris ogo deui hayang dikerok ku
ema, apanan engke mah bakalan boga si Amoy kuring teh ema. Lamsijan hayang
ngabenangkeun Si Amoy make menta asihan ka dukun sagala, tapi eta asihan teh
benangna lain ka Si Amoy kalahkah ka Si cepleu.
Ku sabab dukun gagal, Si Lamsijan ngumbara ka mama yai, kiai anu daekeun
nulungan, Si Lamsijan manehna lain kulantaran bogoh ku kageulisan si Amoy
hungkul tapi hayang Si Amoy teh asup muslimah. Tapi Si Lamsijan kalah kawin ka Si
Cepleu eta lantaran salah sasaran nu sarua goreng patutna.Indungna Si amsijan
hatena kabeuli lantaran Si Cepleu rajin mantuan gawe sapopoe.
Saprak kawin jeung Si Cepleu ahirna Si Lamsijan jadi juragan peda di kampungna
padahal sarerea terangeun modalna ngan kongkorong emas genep gram ti Si Cepleu.
Terus manehna papendak jeung “Babah Tan A Sien” nu jadi bapana neng Amoy, da
bapana Neng Amoy boga hutang budi ka Si Lamsijan lantaran geus nulungan neng
Amoy dina pangancam para pamuda, tapi neng amoy dibawa ku Si Opsir (walanda)
anu geus mere imah jeung modal ka bapana Neng Amoy.

3.Kaleuwihan Novel:
Kaunggulan dina novel ieu caritana alus, gampang di pikaharti ku urang, bahasana teu
pati hese upami dina kaunggulan caritana mah nyaeta urang bisa nyaho kumaha
kahirupan jaman baheula nu beda jeung nyaman kiwari, teras niat alus Si Lamsijan anu
ngabogaan niat hayang kawin ka Si Neng Amoy.

4.Kakurangan Novel:
Dina carita novel ieu Si Lamsijan nu hayang ngamenangkeun Si Amoy teh kalah make
ngadukun sagala, padahal manehna kudu nyaho yen ngadukun dina agama islam mah
apanan teu meunang, eta saruwa wae jeung musyrik teu percayakanu agugan allah
SWT.

5.Amanat:
Sagala niat kudu dilakukeun ku kalawan usaha nu hade tur bener, ulah make cara-cara
anu licik atawa anu teu bener nu bisa ngarugikeun ka urang jeung jeung ka batur.

Anda mungkin juga menyukai