Anda di halaman 1dari 3

Bedah Novel Si Lamsijan Kaèdanan

Wasta: Muhammad Deni Yusuf

Kelas: XI IPS 2
1. Identitas Novel
Judul : Si Lamsijan Ka edanan
Pangarang : Ki Umbara
Penerbit : Kiblat Buku Utama
Taun Terbit : 2003
Jumlah Kaca : 66 Kaca

2. Sinopsis

Carita novel Si Lamsijan Kaedanan ieu teh disaruakeun jeung si kabayan dina dongeng-dogeng
urang sunda, atawa jeung si cepot nu aya dina wayang golek. Si Lamsijan manehna asa
pangpiterna tapi bodo katotoloyoh. Hiji waktu manehna hayang kawin ka budak anu ngaranna Si
Amoy, tapi ema na teu satuju.

Tapi Si Lamsijan terus ngomong ka indungna piraku ema teu genah bogah minantu geulis, teras
engke mah mun uing galongging panas tiris ogo deui hayang dikerok ku ema, apanan engke mah
bakalan boga si Amoy kuring teh ema. Lamsijan hayang ngabenangkeun Si Amoy make menta
asihan ka dukun sagala, tapi eta asihan teh benangna lain ka Si Amoy kalahkah ka Si cepleu.

Ku sabab dukun gagal, Si Lamsijan ngumbara ka mama yai, kiai anu daekeun nulungan, Si
Lamsijan manehna lain ku lantaran bogoh ku kageulisan si Amoy hungkul tapi hayang Si Amoy teh
asup muslimah. Tapi Si Lamsijan kalah kawin ka Si Cepleu eta lantaran salah sasaran nu sarua
goreng patutna.Indungna Si amsijan hatena kabeuli lantaran Si Cepleu rajin mantuan gawe
sapopoe.

Saprak kawin jeung Si Cepleu ahirna Si Lamsijan jadi juragan peda di kampungna padahal sarerea
terangeun modalna ngan kongkorong emas genep gram ti Si Cepleu. Terus manehna papendak
jeung “Babah Tan A Sien” nu jadi bapana neng Amoy, da bapana Neng Amoy boga hutang budi ka
Si Lamsijan lantaran geus nulungan neng Amoy dina pangancam para pamuda, tapi neng amoy
dibawa ku Si Opsir (walanda) anu geus mere imah jeung modal ka bapana Neng Amoy.

3. Kalewieuhan Novel

Kaunggulan dina novel ieu caritana alus, gampang di pikaharti ku urang, bahasana teu pati hese
upami dina kaunggulan caritana mah nyaeta urang bisa nyaho kumaha kahirupan jaman baheula nu
beda jeung nyaman kiwari, teras niat alus Si Lamsijan anu ngabogaan niat hayang kawin ka Si Neng
Amoy.
4. Kakurangan Novel
Dina carita novel ieu Si Lamsijan nu hayang ngamenangkeun Si Amoy teh kalah make ngadukun
sagala, padahal manehna kudu nyaho yen ngadukun dina agama islam mah apanan teu meunang,
eta saruwa wae jeung musyrik teu percayakanu agugan allah SWT.

Amanat:

Sagala niat kudu dilakukeun ku kalawan usaha nu hade tur bener, ulah make cara-cara anu licik
atawa anu teu bener nu bisa ngarugikeun ka urang jeung jeung ka batur.

Anda mungkin juga menyukai