Anda di halaman 1dari 4

Laporan Hasil Baca Novel

“Geus Surup Bulan Purnama”

Disusun oleh :

- Adinda Dhiya
- Avilla Khairunisa
- Inatsan Fauzan N
- Yemima Leonita Gloria N

Kelas : XII IPA 1

SMA NEGERI 5 CIMAHI

TAHUN AJARAN 2018-2019


 Bab 1 “Geus Surup Bulan Purnama”
Basa layon dikurebkeu, meh bae manehna ngagoak. Bari tipepereket nahan
rewu rupa rasa nu ngagolak. Panangan rosul nu ranggem kaheman, tos ngangkat jeung
nuntun Bilal ti jungkrang nu peteng medem. Bilal meunang kahormatan, kaselir jadi
muazin Rosul. Manehna deuih nu meunang kapercayaan nyekel al-khumus. Cintana
ka Rosul moal beunang disisilihan. Rosul baris terus jumeneng sapanjang mangsa.
Tapak lacakna nu gemebyar ku akhlak jeung bebeneran, ngajadi obor hidayah nu
nyinaran umat. Basa waktu adan geus manjing, sora Bilal ngalanglaung ti munara
masjid Nabawi. Tapi basa dititah adan ku Abu Bakar, Bilal teu daekeun Bilal moal
adan pikeun sing saha bae, salian ti Rosulullah. Bawirasa ngan ku jalan eta manehna
bisa nembangkeun bela bakti jeung kasatia ka Rosulullah.

 Bab 2 “Layung di Sukawening”


Basa manehna ngahuleng nangkeup harigu, bari nyarande kana tangkal
dalima, sisi bulong gigireun imah bibina. Kahanjakal hiji manusa nu rumasa
kahutangan kadeudeuh, kanyaah bibina nu geus dibeuweungkeun kumanehna.
Bebedaan paham anutan geus megatkeun tali babarayaan antara kolotna jeung bibina.
Akibatna, manehna nu jadi anak ti kolotna jadi anak ti bibina. Manehna ngan bisa
manghanjakalkeun. Teuteupna beuki lila beuki remeuk, kasaput rembesna cimata
ngembeng. Manehna ngararuh deui, nahan rasa nu nyelek jero dadana. Ceurik batin
dina ati balilihan. Bari cengkat manehna ngomong sorangan "aing rek ihtiar". Aya
layung di Sukawening.

 Bab 3 “Juragan Mantri”


Ripuhna jadi juragan mantri. Guru kelas 1 mimiti cuti hamil. Gugu kelas 4,
bisul lebah kakaweng pisan. Guru kelas 6 ka Rancabadak mapagkeun mitohana rek
balik tos diopname. Mimiti diasupan teh kelas 4. Can ge beres nerangkeun, geus
pancengis budak kelas 6 da dikelasna garandeng. Meni loba tingkah pisan budak-
budak ieu teh loba nu kaditu kadieu. Tuluy we maranehna ku aing teu meunang
permisi kaluar kelas. Eh pek teh aya nu busiat. Salah keneh aing, barudak teu
meunang permisi. Eta kelas teh meuni bau pisan kaambeuna. Tuluy barudak teh
dititah kaluar ku abdi kabeh. Barudak ngaburusut kaluar bari surak rame pisan.

 Bab 4 “Bedug”
Sasarina mun bah asik datang teh,mang ohin pasti geus nyampak di bale-bale
masjid. Tangtu we leungeunna nyenyekel panakol bedug,jeung tangtu we deuih nu
sabeulah deui ngeungeupeul erloji saku nu angkana angka romawi. Geus magrib tapi
eweuh nu nakol bedug.da duka kamana merebot bohim teh.dina bulan puasa
deuih.baheula mah karasa pisan suasana bulan puasa teh.tapi ayeuna silaing oge
nyaksian sorangan.da parada embungeun narakol bedug ge da ceunah parentahna oge
ku adan ngabejaan waktu solat teh, lain ku bedug.
 Bab 5 “Culik”
Aya budak nu diculik, ngarana Edag, budqk eta leungit ti maghrib. Akhirna
pak RT dongkap ka imah budak eta. Di kampung ieu teh nuju usum aya culik. Tos
seueur kejantenan barudak awewe dicarulik, diarah sumperna jeung perhiasanana.
Ahirna warga setempat indit ka lio ngeunaan neangan eta budak, tapi teu oge manggih
nanaonan.

 Bab 6 ”Abah”
Geus sabulan manehna cicing didinya, ngahaja di ala ti lembur kuanakna.
Enya, ti satilarna Si Nini we. Sapoe-dua poe mah, enya karasa senengna. Tapi lila-lila
bet karasa kesel jeung kaluman. Tuman di lembur tara cicing. Ka sawah tea, ka kebon
tea. Inget baheula, basa manehna jeung si Nini nyaba ka dieu. Poho deui harita teh, da
puguh geus heubeul teu ka dayeuh. Ahirna kapanggih imahna. Si Abah ngarasa teu
ngeunah didinya tuluy menta anakna nganteurkeun ka lembur. Batin Abah ngarasa
kaleungitan. Aya aci-acining kahuripan Abah nu tinggaleun jeung ngancik di lembur.
Abah ngarasa lelembutan Abah ngancik di lembur. Di dinya umur medal, didinya
deuih rek sina surup.

 Bab 7 “Lir Bumi jeung Langit”


Peuting ieu sandewara teu maen, taya nu lalajo saurang surang acan sabab
hujan ngecrek ti dur magrib keneh. Tos solat isya, Dadang dititah diuk ku indungna.
Indungna naros hubungan Dadang jeung ronggeng sandewara nyaeta Emi. Indungna
Dadang teu resep Dadang bobogohan jeung Emi sabab Emi teh kerjaanna ronggeng
sandewara. Indung jeung bapana Emi teh tos cerai, indungna Emi bade masukeun Emi
ka sakola SPG supaya Emi teu di sirikan ronggeng wae. Tapi indungna malah
ninggalkeun Emi di tengah jalan, jadi we Emi kudu neruskeun jadi ronggeng.

 Bab 8 “Modin”
Aya modin anu katewak maling hayam pelung bogana Mamah Ajeng ku
tukang elang. Hayam anu dipaling teh dijual deui ku si modin teh. Teras dibawa lah
ka polsek manehna. Manehna carita duluna manehna teh modin atanapi ayeuna geus
berhenti sabab teu dihargaan jadi modin teh, uang na ge kirang. Teu aja kerjaan anu
ku manehna di pikaresep. Jadi we manehna maling hayam pelung uang na sae. Teras
manehna menta hampura ka Mamah Ajeng. Mamah Ajeng ngahampura atanapi
Mamah Ajeng hoyong manehna jadi modin deui.
 Bab 9 “Simpe di Makam”
Bah Dirja jalma pangkolotna salembur atanapi keneh jagjag , bubuhan jawara
manten. Sababaraha kali geuring atanapi cageur deui cager deui. Unggal poe Abah
Dirja ngider mapay-mapay anak-incuna. Bah Dirja teh resep ngadu hayam jeung
babaturanna. Ku Haji Somad Bah Dirja dicarekan sabab tos sepuh, teu pantes
kekituan, harusna mah Bah Dirja teh leuwih ngedeketan diri ka Allah SWT. Der Bah
Dirja teh ambek dinasehatan kitu ku Haji Somad. Sababaraha poe satelah eta, salah
satu baturan Bah Dirja aya nu meninggal. Jadi we Bah Dirja teh hoyong tobat, menta
tulung ka Haji Somad.

 Bab 10 “Rangkai Madrasah”

 Bab 11 “Dilingkung Nyiruan Tugur”

 Bab 12 “Pileuleuyan Tangkal Cangkring”

Anda mungkin juga menyukai