Anda di halaman 1dari 1

SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET

Dini hiji poe sakadang kuya keur neangan kadaharan, tapi ti isuk mula tacan manggih
nanaon. Ngahaeut ka tengah poe, manehna manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi
kumaha da manehna teu bisa naek. Kulantaran kitu, tuluy manehna bebeja ka sakadang
monyet, menta tulung. Omongna “sakadang monyet uing manggih tangkal cau nu buahna
geus asak, tapi hanjakal teu bisa naek, cing tlungan pangalakeun, engke paparon “
“ Hade “ tembal sakadang monyet. “ Di mana? “ tuluy maranehna arindt babarengan ka
tempat tangkal cau tea. Sakadang monyet, tuluy naek, metikan cau hiji – hiji bari ditungtut
dihakanan. Sakadang kuya mah teu dibere sapotong – potong acan, atuh bari cumeplak we
neureuyan ciduh. “ sakadang monyet, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon “ceuk
Sakadang kuya ngagorowok. Tapi Sakadang monyet teu malira, jongjon bari metikan jeung
ngadaharan, kalahkah maledogan ku cangkangna. Sakadang kuya ohara nyerieunana,
ngunek – ngunek hayang males.

Dina hiji poe Sakadang kuya indit ka kebon Juru tani, ngala cabe nu geus arasak, warnana
bareureum. Ngala genep nu garede, ketembongna bangun aramis piasan. Manehna indit
nepungan Sakadang monyet. Biwirna di pulas ku daun jati supaya beureum, tuluy cupak
capek, cuplak ceplak, cara nu geus barang dahar ngeunah. Ditanya ku Sadang monyet, “
Sakadang kuya, maneh teh keur ngadahar naon? Cik uing menta! “. “ ah, ulah ngaganggu,
uing teh keur ngeunah ngadahar buah loa paparin ti Dewata. Kakara uing barang dahar
ni’mat kieu.” Tembal Sakadang kuya. “Cing ngasaan saeutik, uing lapar pisan.” Sakadang
monyetlumah lameh menta ngarah dipikarunya. “Keur naon make mere ka maneh, kapan
bareto ge maneh teu mere cau ka kami, padahal eta teh milik kami?”
“Hampura atuh nu eunggeus eunggeus mah!, sing karunya ka uing ku hayang ngasaan buah
loa paparin Dewata!” omongna deui lengas lengis.“Nya ari maksa maksa teuing mah sok
bae, tuh cokot deukeuttangkal caringan itu!” tapi ulah dibeakeun kabeh, sesakeun keur kami
sapora.”

Sakadang monyet pihara atoheunna, gancang lumpat rek nyokot buah loa paparin Dewata
tea. Lantaran tabeatna hawek jeung sarakah manehna embung nyesakeun. Kabeh dibawa
lumpat, di tengah jalan raus raus bae didahar, nepi ka beak. Ari beak ......Adug lajer, jejeritan
awahig lada jeung panas. Sakadang kuya kacida sugemanana, lantaran geus bisa males
kanyeri hatena bareto.

Anda mungkin juga menyukai