Anda di halaman 1dari 1

Assalamualaikum wr.wb....

Sampurasun
Girang pangajen anu ku sim kuring dipihormat, sim kuring bade ngadongeng anu
judulna “Entog Emas”
Kacaritakeun di hiji lembur aya saurang patani, ngarana teh Mang Julin.
Mang Julin hirupna kacida malaratna, hirupna nyorangan, ukur aya entog nu
ngabaturana. Dina hiji poe Mang Julin indit gawe ka sawah. Balik ti sawah Mang
Julin lapar, tuluy weh dahar ukur jeung puruluk uyah. Bari dahar ngagerentes dina
jero hatena “Duh Gusti paparin abdi beunghar, meureun dahar jeung nanaon ge
bisa”.
Isukna Mang Julin kahudangkeun ku kikilaban ti juru imahna. Ari diteang
teh sing horeng entog Mang Julin ngendog emas. Tuluy wae endog emas teh
dijual ka pasar unggal poe. Atuh...Mang Julin jadi beunghar.
Tapi dina hiji poe Mang Julin teu sabar, manehna ngarasa cape lamun
saban poe kudu neang eta entog. Dipeuncit wae eta entog teh, meh bisa dibawa
kabeh endog emas nu aya di beuteung entog. Ari pek teh teu kaciri emas-emasna
acan, nu aya mah entogna kalah ka paeh.
Ahirna Mang Julin sangsara deui, hartana beak dipake kabutuhan sapopoe.
Mung sakitu anu kapihatur hapunten sadaya kakirangana. Hatur nuhun.
Wassalamualaikum wr.wb

Anda mungkin juga menyukai