Anda di halaman 1dari 2

Pupuh Kinanti

Budak leutik bisa ngapung


Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Neangan nu amis-amis
Sarupaning bubuahan
Naon wae nu kapanggih
Ari beurang ngagarantung
Euntep dina tangkal kai
Disada kokoreakan
Cing hempek kuhideup pikir
Nu kitu naon ngarana
Lolong lamun teu kapanggih
Pupuh Sinom
Harta pada nareangan
Harti pada nyararunsi
Sabab duanana guna
Harti bisa mere bukti
Harta poh kitu deui
Bisa ngabul nu dimaksud
Neuduna sakahayang
Tapi harta gancang leungit
Mungguh harti manfaat dunia akherat
Pupuh Asmarandana
Aya nu limpuh musafir
Bari sila sisi jalan
Kadupak ku anu lolong
Bari eukeur balangsiar
Neangan sandan pangan
Anu lolong gebut labuh
Nu kadupak katindihan
Pupuh Dangdanggula
Mega beurem surupna geus burit
Ngalanglayu panas pipikiran
Cikur jangkung jahe koneng
Naha teu palay tepung
Sim abdmah sabeunying leutik
Ari ras cimata'an
Gedong tengah laut
Ulah kapalang nyabela paripaos
Gunting pameulahan gambir kacipta
Salamina...

Anda mungkin juga menyukai