Anda di halaman 1dari 8

LAPORAN DONGENG

“Putri Ayu Punianjung”


Diajukeun kanggo salah sahiji tugas mata pelajaran Basa Sunda

Lulan Mahmudah Aulianti Putri


X-3 MIPA
SMAN 2 CIREBON
DAPTAR EUSI
1) Kasang Tukang………………………………………….. 2
2) Identitas Buku…………………………………………… 3
a) Judul Dongeng
b) Pangarang Dongeng
c) Panerbit Dongeng
d) Ringkesan Dongeng

3) Unsur unsur Dongeng……………………………….. 5


a) Tema
b) Tokoh
c) Latar (setting)
d) Galur/ alur
e) Amanat
1) Kasang Tukang

Indonesia boga rupa – rupa budaya, salah sahijina


dongeng nu asalna tina tanah pasundan. Ngiringan
perkembangan jaman, minat masyarakat ngalawan dongeng
sunda parantos menurun. Kusabab eta penulis nulis makalah
ieu supaya dongeng sunda salaku salah sahiji kekayaan
budaya Indonesia tiasa ngahudang jeung dilestarikeun ku
masarakat Indonesia hususna masarakat tanah pasundan
salaku asal dongeng itu.
2) Judul, Pangarang, Panerbit jeung Ringkasan Dongeng

a) Judul Dongeng : Putri Ayu Punianjung


b) Pangarang : Dakman Mudyadi
c) Penerbit : PT. Kiblat Buku Utama
d) Ringkesan Carita :

Jaman baheula pisan, aya nagara Ukurcatur


beunang disebutna nagara subur ma’mur gemah
ripah loh jinawi, raweuy beuweugeun, rambay
alaeun, murah sandang murah pangan. Kaayaan
rahayatna estu ayem tengtrem, sepi towong
romping.

Ari anu jadi raja ti nagara Ukurcatur kakasihna


Prabu Rajadiraja. Kaceluk raja adil palamarta, tara
cueut ka nu hideung tara ponteng ka nu koneng.
Prabu Rajadiraja ti prameswari kagungan hiji-
hijina, putra istri keur sumedeng rumaja putri
jenenganana Putri Ayu Punianjung.

Putri Ayu Punianjung teh awewe geulis, geulisna


kawanti-wanti endahna kabina-bina, ku lantaran
Putri Ayu Punianjung kawentar kageulisanana anu
lain bae jadi kacapangan rahayat nagara Ukurcatur
tapi nyebar ka mancanagara.

Nagara Ukurcatur keseundeuhan ku semah,


kaimpungan ku tamu ti dekeutna ti jauhna. Raja-
raja, pangeran-pangeran, putra-putra makuta,
saudagar-saudagar anu beurat beugarti mana mendi
jul-jol daratang ka nagara Ukurcatur seja ngalamar
Putri Ayu Punianjung.

Putri Ayu Punianjung mimitan mah asa reueus


asa agul rea anu ngalamar anu mikahayang anu
tangtuna rea piliheun tapi akhirna kapikir lamun
milih si A kumaha si B kumaha si C? Bisa-bisa jadi
bahan riributan jadi bahan papaseaan.
Akhirna Putri Ayu Punianjung ngadamel sarat
kanggo rek saha wae nu ngalamar putri, saratna
nyaeta Putri Ayu Punianjung ngamenta disadiaken
atawa di pangmawakeun: “peujit reungit sapariuk”
jeung “uteuk tongo sapaso”. Sakitu, sakikituna, teu
kurang teu leuwih. Anu teu bias jeung sarat ieu
moal aya basa nampik atawa nolak.

Raja-raja, pangeran-pangeran jeung putra


makuta banyak nu teu bisa memenuhi sarat nu
diajukeun Putri Ayu Punianjung walaupun sarat na
ditambahkeun hiji nyaeta ngadamel perahu emas
nganggo lalayaran lau geus tiwaktosan tilu dinten
tilu wengi, dugi ka dinten juma’ah kaliwon kaping
12 Rayagung. Sekabeh sarat Putri Ayu Punianjung,
Ki Mandahong bisa memenuhinya, jadi Putri Ayu
Punianjung jadi permaisuri Ki Mandahong.
Pernikanana dilaksanakeun mariah pisan aya acara
arak-arakan seserahanana wani banyak pisan
pokokna mariah pisan.

Nyatana Putri Ayu Punianjung jeung Ki


Mandahong teu salamana berama soalnya ti perahu
emas Ki Mandahong jeung Putri Ayu Punianjung
naek diatasna tiba-tiba Ki Mandahong mumbul ti
jero talaga tapi geus sakitu lilana Ki Mandahong
mumbul ngan cai talaga bae beberekbekan
ngaburial.

Tapi geuning sakieu lilana Ki Mandahong teu


mumbul-mumbul. Moal salah deui Ki Mandahong
geus jadi bangke, tilelep kana leutak di dasar talaga.
Parahu emas lila-lila kaanginkeun anjog ka sisi
talaga biru. Putri Ayu Punianjung dipapag ku
rahayat nagara Ukurcatur tuluy diarak mulang
kakaraton nagara Ukurcatur.

Di karaton negara Ukurcatur di ayakeun pesta


rongkah mestakeun Putri Ayu Punianjung anu geus
selamat, leupas tina genggaman Ki Mandahong,
raja wanara anu paeh tilelep ti Talaga Biru. Putri
Ayu Punianjung teu tulus jadi prameswari Ki
Mandahong, teu tulus diboyong ku nagara
Leuweungkeung.

3) Unsur-unsur Dongeng

a) Tema

Hiji Putri dari karajaan tanah pasundan mencari jodoh.

b) Tokoh

1. Prabu Rajadiraja

Sipatna adil palamarta, tara cueut ka nu hideung tara


ponteng ka nu koneng.

2. Putri Ayu Punianjung

Sipatna bijaksana

3. Ki Mandahong

Sipatna kagurnita atawa kamashur gagah sakti


mandraguna sarta beunghar taya papadana

4. Ki Aduh

Sipatna nurut ka Ki Mandahong


c) Latar (setting)

1. Nagara Ukurcatur
2. Kapunten Putri
3. Kerajaan Leuweungkeueung

d) Galur atau alur

Carita ieu galurna maju soalna ieu carita nyaritakeun


putri nu acan nikah jeung raja Leuweungkeueung.

e) Amanat

Entong bohong kusabab bohong teh ngarugikeun


sorangan jeung lain jalma.

Anda mungkin juga menyukai